
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
(1)
Panon poé geus tatan-tatan rék nyumput na tonggong gunung. Hibarna layung anu konéng semu beureum, mapaésan wiati anu geus mimiti rada reup-reupan.
Geleber..., geleber....
Hiji-dua, lalay narungtutan barijil tina panyumputanana. Siga anu barungah pisan patingcaricit patingkalayang, ngambah legana awang-awang.
Kalayang....
Sababaraha lalay kakalayangan bari teu eureun ngiplikkeun jangjang, di luhureun hiji karaton anu kacida badag tur pohara agréngna.
Geleber....
Éta lalay haliber ka belah wétan, muru pating patingarenclona suhunan imah anu rada narenggang ancal-ancalan.
Ciricit..., ciricit...!
Lalay patingciricit bari gegeleberan muteran tangkal kupa anu keur meujeuhna meuhpeuy ku buah. Anu éta tangkal kupa téh persis pisan aya di pipireun hiji imah panggung anu geus rada réyod alatan kahakan umur. Suhunanana anu ngan ukur dijieun tina éntépan kalari jeung injuk kawung, geus semu héjo lalukutan.
Embé..., embé...!
Domba anu kandangna kaiuhan ku gomplokna daun kupa, bébérélean siga nu bungah pisan, mangsa disampeurkeun ku saurang budak lalaki, anu tina dedegna mah, umurna éta budak téh kurang-leuwih limalas taunan.
"Kop, nyatu sing seubeuh!" ceuk éta budak, kituna téh bari nambrukeun daun kiara dina wadah parab anu keur disanghareupan ku éta domba.
Ngan ukur hiji-hijina domba téh, domba jalu anu dedegna gagah kacida. Buluna anu camakplak bodas, satengah awakna dijabrigkeun miyuni singa. Tandukna anu muringkel, katempona leucir siga anu diolésan minyak keletik. Domba adu tayohna mah.
Rampus pisan éta domba nyatuna téh. Matak, teu héran lamun pangawakanana lintuh sarta ngareusi ogé. Kalayan pinuh ku kanyaah, sirah domba anu keur nyatu diusapan ku éta budak.
"Aji..., tong ditumanan nyatu wayah kieu domba téh, bisi telih meutingeun!" Saurang lalaki anu ngurunyung ngagelendeng éta budak anu disebut Aji.
"Hehee..., da sanés hayam atuh, Pa, domba mah teu aya telihan!" Jang Aji surangah-séréngéh ka éta lalaku, anu tétéla geuning bapana.
"Angger ari sok némbal ka kolot téh!"
"Da karunya atuh, Pa. Hilap, tadi can diparaban."
"Matak ogé tong ampleng-amplengan teuing ari nguseup téh!"
"Pan kapegat hujan, janten Ajina ngiuhan heula."
Bapa Jang Aji teu némbal deui ari geus diasodoran alesan sarupa kitu mah.
"Eu..., saur Téh Munah ngagentosan kupa cenah, Pa," ceuk Jang Aji deui, kituna téh ari leungeun mah teu eureun ngusapan hulu domba.
"Nya béré wé, karunya bisi ngelay, pan keur nyiram Nyi Munah mah. Tapi tong loba teuing, mangkukna aya titahan karaton ka dieu, cenah mah rék ngaborong kupa urang. Can diala soténan, pédah wé sina loba anu arasakna heula."
"Oh. Nya énjing wé ngalana, Pa. Ayeuna mah tos paroék."
Teu ngomong deui, geus kitu mah bapana Jang Aji ngoloyor ninggalkeun anakna.
"Utih..., isukan urang mandi di wahangan, nya. Ambéh tambah kasép!" Jang Aji neuteup dombana.
Siga nu ngarti, domba anu dingaranan Si Utih, malik neuteup mangsa diajak nyarita ku Jang Aji téh.
__ADS_1
Geus kitu mah Jang Aji ngoloyor ninggalkeun dombana. Sup, ka jero imah, kasampak bapana keur diuk jeung saurang waéwé di patengahan. Indung Jang Aji tayohna mah. Teu kungsi ngaganggu kana wangkongan kolotna, Jang Aji mah kebat baé asup ka kamarna, sarta teu kungsi lila ogé geus ngurunyung deui. Gék, di hareupeun indung bapana.
"Ma..., ieu kanggo Ema." Jang Aji ngasongkeun welasan duit kencring anu bahanna tina tambaga.
"Boga duit ti mana? Atuh hengkop wé éta mah paké ku manéh, da Ema ogé boga kénéh ari duit mah!" Indung Jang Aji kéképéhan embung narima.
"Ladang ngical suluh, Ma."
"Lah, hengkop wé paké ku manéh!"
"Enya, angguran mah beulikeun kana susu jeung kana madu. Loloh Si Utih téh, ngarah hadé. Endog éntog aya di kolong. Jahé loba di kebon!" Bapana Jang Aji milu nyarita.
"Ah, da sanés adukeuneun Si Utih mah, Pa, teu kedah diloloh. Karunya deuih diadu-adu mah!"
"Atuh baé lain adukuneun ogé. Ari dombana hadé mah susuganan wé hargana ogé mahal!"
"Dih, moal diical masing aya babé aya anu mésér sabaraha ogé, Aji mah tos nyaah pisan ka Si Utih téh!" Jang Aji rada nyureng.
"Nya kumaha dinya wé éta mah, da dombana ogé anu manéh. Ngan ari diloloh mah sok leuwih alus. Awakna jagjag jeung teu babari katerap ku panyakit."
"Mmm, nya atuh, ieu artos badé dipésérkeun kana madu sareng susu, nya, Ma?" Jang Aji ngarérét indungna.
Indung Jang Aji ukur unggeuk. Geus kitu mah Jang Aji ngoloyor deui ka kamarna. Sanggeus leuwih tiheula amitan, anu bébéjana mah rék solat berjamaah sarta rék ngaji di tajug, kebat baé Jang Aji mah ninggalkeun indung bapana.
Saréngséna ngalakonan kawajiban saréat anu tilu rokaat, indung jeung bapana Jang Aji mah ngadon ngawarangkong deui di patengahan. Seupan cau bubuyan anu haraneut kénéh, jadi lalawuh marengan wangkongan.
"Sok nalangsa sakapeung mah, Akang mah teu bisa ngabagjakeun budak. Éta wé geuning, Si Aji mah sakalieun hayangeun meuli pakén ogé bélaan ngajualan suluh." Bapa Jang Aji neuteup pamajikanna.
"Nya kumaha deui, da kaayaan urang mah batan sakieu. Sukuran wé, Kang, urang mah dititipan budak téh teu olo-olo, teu seueur paménta, matak kitu ogé ngartoseun kana kaayaan urang."
"Enya ari kitu téa mah, tapi dina haté mah keukeuh wé Akang téh hayang bisa ngabagjakeun nu jadi anak. Jeung hampura deuih, Nyai..., salila ngarumah tangga, Akang ogé teu bisa ngabagjakeun Nyai." Teuteup bapana Jang Aji pinuh ku karumasa.
"Atang..., Nyi Yati...!"
Indungna Jang Aji teu parat nyaritana, alatan kaburu aya nu keukeuleuwuhan nyalukan dirina. Anu tétéla geuning indung bapana Jang Aji téh ngaranna Kang Atang jeung Nyi Yati.
"Asup wé, da teu ditulakan!" Jorowokna Kang Atang, tayohna mah geus apaleun pisan kana sora anu cikénéh nyalukan dirina.
Teu lila antarana, panto ngukutrak aya nu muka, disusul ku nyurunyungna saurang lalaki anu saentragan pisan jeung Kang Atang. Rekétna palupuh awi mirig léngkah nu anyar datang.
"Sisinarieun ulin wayah kieu," ceuk Kang Atang, sanggeusna éta lalaki ngajanteng di hareupeunana.
"Ieu, rék nganteurkeun jagong kulubeun, bisi hayang ngasaan," témbal éta lalaki siga anu geus conggah pisan, kituna téh bari ngasongkun jingjingan ka Nyi Yati.
"Kang Diman, panén?" tanya Nyi Yati sajeroning nampanan jingjingan ti éta lalaki, anu tétéla ngaranna Diman.
"Kapaksa buru-buru diala. Diantep mah bisi kaburu béak ku caladi," témbal Kang Diman, kituna téh bari gék, di hareupeun nu boga imah.
"Ah, tos rada kolot sakieu mah, Kang!"
"Nya lumayan wé lah!"
Geus kitu mah Nyi Yati gura-giru ngoloyor ka rohangan dapur, kalayan teu kungsi lila ogé geus ngurunyung deui bari ngajingjing téko jeung cangkirna. Sok, ditunda di hareupeun sémah.
"Amis cau téh. Ti kebon?" Kang Diman semu ngosom bari rut-rét ka anu boga imah.
"Enya. Bisi rék mawa mah aya kénéh sasikat-sasikat waé mah," témbal Kang Atang.
__ADS_1
"Enya, ménta lah sasikat mah. Eu..., ari Si Aji ka mana?"
"Keur ngaji wayah kieu mah."
"Oh. Éh, kieu, Tang.... Tadi, basa kuring mulang ti kebon, pasanggrok jeung Radén Angkara. Enya, anakna Ki Patih. Inyana nananyakeun ka kuring, pajar téh susuganan aya anu bogaeun domba adu, anu bulu jeung tandukna bodas kabéh. Jadi inget kana dombana Si Aji kuring téh."
"Ah, moal daékeun ngajual Si Sarji mah, geus nyaaeun pisan! Ari kitu, ku manéh dibéjakeun kumaha ka Radén Angkara?"
"Kuring mah némbalan teu nyaho wé, da geus apal ari Si Aji mah moal daékeun ngajual. Lamun ku kuring dibéjskeun yén Si Aji bogaeun domba anu keur dipikahayangna, pasti Radén Angkara mah nyusul ka dieu. Lamun nepi ka Si Aji teu daék ngajual dombana, sieun aya balukarna ari kuring mah. Éta pisan anu jadi kahariwang kuring téh, da saréréa ogé geus pada apal kana pasipatan jeung tabéat Radén Angkara mah, lamun keur aya kahayang, kumaha waé carana sok keukeuh kudu laksana."
"Nya sukur ari kitu mah, Man. Jeung éta deuih, nya..., ngan ngadu hayam jeung ngadu domba wé Radén Angkara mah karesepna téh, lain kadua nyontoan ku kalakuan anu hadé ka rahayat téh, pan dilain-lain ogé anak gegedén atuh!"
"Lah, uyah mah moal téés ka luhur, Tang. Teu béda wé jeung bapana!"
"Ssst..., tong tarik teuing, bisi aya cakcak bodas!" Nyi Yati anu ti tatadi ngan ukur ngaregepkeun, gancang ngingetan.
Pohara uplekna Kang Diman ngawangkong di imahna Kang Atang téh, nepi ka antukna mah amitan, pajar téh karunya ka anak jeung ka pamajikanana bisi kareueungeun alatan lila teuing ditinggalkeun.
*****
Jangjang peuting geus nyéngléd ngabuntel popoékna, bagéan panon poé anu kagiliran ngalaksanakeun pancénna, anu diantara pancén utamana nyaéta nyaangan tur nebarkeun hahaneutna ka sakuliahing alam dunya.
Dina wanci panon poé keur meujeuhna genah dipaké moyan, Jang Aji mah harita téh geus tétérékélan dina tangkal kupa. Kantong lawon anu kelirna hideung, geus ampir pinuh kaeusian.
"Aji..., Ema rék ka Ceu Piyah heula. Panto tong blung-blong, hayam sok arasup!" Nyi Yati ngurunyung, ngajorowok sarta tatanggahan.
"Tong lami teuing, Ma. Aji badé nganteurkeun kupa ka Téh Munah. Teras badé ka wahangan, ngamandian Si Utih!" témbal Jang Aji semu ngosom bari peupeurudeuyan, alatan keur ngagayem haseumna buah kupa.
"Lah, isukan deui wé ngamandian domba mah!"
"Énjing mah badé ngala suluh. Mang Ukin pesen!"
Teu ngomong deui, geus kitu mah Nyi Yati ngoloyor ti éta patempatan. Ari Jang Aji, sanggeusna kantong pinuh mah gancang baé turun tina tangkal kupa. Saturunna téh koloyor, nyampeurkeun dombana.
"Tih..., urang ngadagoan Ema heula, nya!" ceuk Jang Aji, kituna téh dibarengan ku ngusapan sirah domba.
Si Utih ngabérélé siga nu ngarti. Koloyor, geus kitu mah Jang Aji muru ka tepas imah. Gék, dina golodog anu geus koropokan.
Sanggeus lumayan lila Jang Aji ngadagoan indungna, antukna mah Nyi Yati ngurunyung bari ngajingjing nangka sabeulah.
"Mani lami-lami teuing, Ma!" Jang Aji siga nu keuheul.
"Lah, sakeudeung ogé! Hayang nangka?"
"Engké wé ah uih ti wahangan!"
Teu kungsi némbal deui, geus kitu mah Nyi Yati ngoloyor ka jero imah.
Saasupna indungna ka jero imah, Jang Aji mah gura-giru ka pipir, nyampeurkeun kandang domba. Panto kandang dibukakeun. Si Utih bijil bari bébéréléan siga anu bungaheun pisan. Geus kitu mah Jang Aji mimiti ngaléngkahkeun sukuna, dituturkeun ku dombana. Nurut tur apét pisan domba téh, sok sanajan henteu ditalian.
"Ma..., Aji ka wahangan heula!" jorowokna Jang Aji, sanggeusna ngarawél kantong wadah kupa.
"Enya..., ati-ati bisi caah!" témbal Nyi Yati ti jero imah.
Geus kitu mah Jang Aji ngagedig semu gagancangan, dituturkeun ku dombana. Ari Nyi Yati mah anteng baé misah-misahkeun daging nangka. Sikina diwadahan kana rantang.
Kira-kira saparapat jam ti sainditna Jang Aji, kadéngé ku Nyi Yati, patingkotoplak jeung jéréhémna sora kuda, anu persis pisan areureun di buruan imahna
__ADS_1
Hanca.