BANJIR GETIH DI DARMAPATIH

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH, episode 04


__ADS_3

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH


(4)


Sanepina deui ka imah, kasampak kolotna Jang Aji keur ngawarangkong di tepas jeung Kang Diman. Jang Aji mah kebat baé ka jero, kalayan ngajak Jang Imron nu jadi sobatna. Sanggeusna solat Lohor heula sakeudeung, Jang Aji ngoloyor ka rohangan dapur, sarta anu saterusna mah nyelebek dahar siga nu ni'mat pisan. Teu kungsi mandi deui da pajar téh enggeus basa di wahangan. Jang Imron anu cenah mah geus warareg, jadi pipilueun milu dahar deui ari nempo deungeuna jeung acar nila mah. Kabitaeun meureun.


"Omat, perkara tadi jeung Si Dodo, tong diwangkongkeun ka kolot urang, nya!" Jang Aji haharéwosan semu ngosom.


"Enya, mani bawél!" témbal Jang Imron sarua ngosomna.


"Nya bisi wé."


Sabot Jang Aji jeung Jang Imron keur dalahar, kadéngé reketna sora palupuh anu mingkin ngadeukeutan. Tétéla geuning anu ngurunyung téh Nyi Yati, anu sadatangna ka dapur téh kebat baé nyician bekong ku cai entéh.


"Hengkop, Jang Imron, tong asa-asa daharna. Béakeun wé acar nilana, da geus nyésakeun ari keur bapana Si Aji mah!" Nyi Yati neuteup Jang Imron.


"Muhun, Ceu. Mani raos. Tos lami abdi mah tara emam sareng nu kieu. Sok saaya-aya wé ari di rorompok mah."


"Nya sarua wé di dieu ogé, Jang Imron. Éta mah pédah wé keur aya milik, aya ladang ngajual kupa."


"Oh. Kupana séép sadayana, Ceu?"


"Nya aya wé ari anu rada haréjona kénéh mah."


"Badé nyuhunkeun sakedik mah, Ceu. Kanggo ngarujak."


"Nya sok wé ayeuna mah dahar heula sing wareg. Engké jeung Si Aji ngala kupana mah! Oh enya, ari Ema cageur?"


"Nya kitu wé, Ceu, rada nyerieun kénéh mapah. Tilas geubis téa."


"Nya sing gancang jagjag deui wé, karunya. Ari bapa mah cageur?"


"Alhamdulillah ari Bapa mah."


"Nya sukur ari kitu mah. Sok dalahar heula. Ceuceu mah rék nganteurkeun cai entéh keur bapana Si Aji!"


Jang Imron ukur unggeuk. Geus kitu mah Nyi Yati ngoloyor deui ninggalkeun dua sobat anu keur dalahar.


"Hensok tambahan deui sanguna!" ceuk Jang Aji, mangsa nempo sangu dina alas Jang Imron kari sahuapeun deui.


"Enggeus ah, wareg teuing!" témbal Jang Imron, kituna téh bari ngumpulkeun sangu dina alasna, pikeun huap nu panungtungan.


"Mana Si Aji? Tempo tah, anak aing mani ka eungapeun kitu, ditonjok ku anak manéh!"


"Naon ieu téh, aya naon? Tenang atuh tenang!"


"Anak aing diteunggeulan ku anak manéh!"


Kadéngé ku Jang Aji jeung ku Jang Imron, aya sora anu raribut di tepas imah. Jang Aji jeung Jang Imron pohara pisan rareuwaseuanna. Teu kungsi kukumbah leungeun-leungeun acan, gancang duanana naroong tina liang bilik.


"Waduh..., bapana Si Dodo, ngontrog!" Jang Imron neuteup Jang Aji kalayan siga nu pohara sieuneunana.


"Waduh..., kumaha atuh?" Jang Aji siga anu sarua sieunna.


"Sarji...!" Kadéngé jorowokna Kang Atang, kalayan siga anu keur pohara pisan keuheulna.


Batan gancang némbalan, Jang Aji mah malah ngayehyek siga anu pohara pisan sieuneunana.


"Sarji..., ka dieu siah, kéhéd...!" jorowokna Kang Atang deui mingkin tarik.

__ADS_1


Siga saméméhna, Jang Aji mah malah ngayehyek henteu némbalan.


Geblig, geblig!


Kadéngé sora léngkah anu semu gegejlig, sarta mingkin lila mingkin ngadeukeutan ka roangan dapur. Teu kungsi lila, ngurunyung Kang Atang dina kaayaan jamotrot.


"Ka dieu siah, kéhéd!" Sanepina ka hareupeun Jang Aji téh, langsung baé Kang Atang ngajiwir ceuli anakna.


"Ampun, Pa..., ampun!" Jang Aji ampun-mapunan bari pupuringisan.


Durugdug....!


Satengah digusur, Jang Aji dibawa ka tepas imah.


"Rék jadi naon ari sia. Sok diajar harak ka batur téh. Tuh tempo, Jang Dodo mani ka eungapeun kitu!" Kang Atang nunjuk Jang Dodo anu masih kénéh inghak-ingahakan, kituna téh ari sabeulah leungeunna mah mingkin tarik ngajiwir ceuli Jang Aji.


"Akang!" Nyi Yati siga nu reuwas.


"Tang..., tong kitu-kitu teuing ka budak téh, karunya!" Kang Diman nyelengkeung, siga anu karunyaeun pisan mangsa nempo Jang Aji anu pupuringisan semu jéjéngkéan téh.


"Lah, tuman harak batur mah, kudu diwarah!" Kang Atang siga anu pohara napsuna.


"Ubaran siah anak aing, Sarji!" Bapa Jang Dodo tutunjuk bari morongos.


"Gancang siah ubaran ku sia, kéhéd!" sentakna Kang Atang, dibarengan ku ngajongklokkeun anakna.


Brug!


Jang Aji nepi ka nyuuh di hareupeun Jang Dodo jeung nu jadi bapana.


"Da Si Dodona anu salah éta mah, Mang!" Jang Imron nyelengkeung tina lawang panto.


"Ngajedog sia mah, teu kudu pipileun!" Kang Atang jadi ngabarérang ka Jang Imron.


"Sabar-sabar.... Aing mah bélaan riripuhan maraban anak téh, lain sina harak ka batur!" Amarah Kang Atang siga nu hésé pisan rerepna.


"Sabar.... Dariuk heula angguran mah. Sok, dariuk!" Kang Diman rut-rét ka saréréa, kituna téh dibarengan ku pepeta sagala.


Kalayan paroman anu masih kénéh pinuh ku amarah, antukna mah Kang Atang daékeun nurut kana omongan Kang Diman. Saréréa guk-gék ngariung di éta tepas. Jang Aji mah nepi ka tungkul, siga anu sieuneun pisan mangsa bapana keur ngambek mah.


"Jang Imron nyaho kajadianana? Sok , ari nyaho mah nyarita!" Kang Diman ngarérét ka Jang Imron.


Sanggeus dimimitian ku unggeuk, barabat wéh Jang Imron nyaritakeun kajadian di jalan, mangsa Jang Aji jeung dirina marulang ti imahna Pupuhu lembur, sarta pasanggrok jeung Jang Dodo katut Jang Jamal. Atra pisan kasieun dina proman Jang Dodo, mangsa Jang Imron nyaritakeun kajadian anu sabenerna téh.


"Bener éta téh?" Bapana Jang Dodo ngageubig-geubig anakna, saréngséna Jang Imron cacarita.


Batan langsung némbalan, Jang Dodo mah malah tungkul siga anu pohara sieuneunana.


"Jawab, koplok!" Bapana Jang Dodo ngadegungkeun sirah anakna.


Antukna mah Jang Dodo némbalan ku unggeuk.


"Si goblog.... Koplok siah, kawas anu tara dibéré duit waé ku aing téh! Rék jadi naon ari sia, bebel? Ngérakeun kolot hirup téh!" Bagéan bapana Jang Dodo ayeuna mah anu ngadat ka anakna.


Séak..., jeplok...!


"Akh...!"


Bapa Jang Dodo nyabok anakna. Jang Dodo nepi ka ngajungkel.

__ADS_1


"Ampun, Pa...,ampun...!" Jang Dodo ampun-ampunan bari pupuringisan dina sela-sela ceurikna.


"Mang Iip..., atos, Mang... ,karunya!" Kang Atang gancang néwak pigeulangan Bapana Jang Dodo anu tétéla ngaranna Iip, mangsa geus sahabek-habekeun rék nyabok deui pipi anakna.


"Tuman budak kieu mah. Kolot Si Jamal deuih, kudu dibéjaan ieu mah!" Panon Mang Iip nepi ka beureum, balukar tina amarah anu keur meujeuhna ngabebela.


"Atos , Mang.... Saéna mah badantenkeun wé sacara leuleuy!" Kang Atang, ari ka anak batur mah siga anu teu téga.


"Ngérakeun pisan atuh da boga budak téh, Jang Atang!"


"Atos, Mang..., atos!"


"Jang Aji, Jang Imron..., ogé ka saréréa, hampura kasalahan Si Dodo, nya!" Antukna mah Mang Iip rada leuleuy nyaritana.


Jang Aji, Jang Imron jeung anu séjénna ukur arunggeuk.


Sanggeus amitan mah, Mang Iip ngagedig bari satengah ngagugusur Jang Dodo, kituna téh bari teu eureun ngagelendeng sarta ngadegung-degungkeun sirah anakna.


"Hampura Bapa, nya, Kasép," Kang Atang gancang ngarangkul sarta ngagaléntoran pipi Jang Aji, kalayan siga anu pohara pisan hanjakaleunana.


"Matak ogé tong gurung gusuh ari nanaon téh!" Nyi Yati nyelengkeung siga nu keuheul.


"Enya hampura, da ari sugan téh...."


"Éra nyah, manéh!" Kang Diman juba-jebi ka Kang Atang.


Kang Atang mah ngan ukur kulamas-kélémés mangsa dikitukeun ku sobatna téh.


"Untung aya Jang Imron!" Nyi Yati ngarérét ka sobat anakna.


Jang Imron mah nepi ka beukah liang irung mangsa Nyi Yati ngomong kitu téh.


Ari Mang Iip, saninggalkeun kulawargana Kang Atang téh, dina kaayaan satengah ngagugusur Jang Dodo, leumpangna gagancangan muru ka imahna.


Mangsa sakeudeung deui rék nepi ka tempat anu dijugjugna, Mang Iip pasanggrok jeung dua prajurit anu tarumpak kuda. Mang Iip jeung Jang Dodo gancang rarengkuh méré panghurmat. Henteu nepi ka dareku ari ngan ukur ka prajurit mah.


"Kunaon, éta budak nepi sisimeukeun kitu, Mang?" tanya salah saurang parajurit, sanggeus ngeureunkeun heula kudana.


"Biasa wé, Dén, bangor. Mulih ti marana Adén duaan téh?" Mang Iip malik tumanya.


"Oh. Geus udar-ider wé, dititah néangan domba adu. Sugan Mamang apal atuh, saha anu bogaeun domba adu, anu bulu jeung tandukna barodas kabéh?"


Sakedapan mah Mang Iip ngan ukur ngahuleng siga anu keur nginget-nginget.


"Mmm, upami teu lepat mah putrana Jang Atang anu gaduheun domba sarupi kitu mah."


"Nu mana téa Atang-Atang téh, di mana imahna?"


"Tuh, ka palih ditu! Mamang ogé nembé téh tos ti bumina Jang Atang." Mang Iip tutunjuk.


"Bener, bogaeun domba adu nu bodas, Mang?"


"Duka ari aya kénéh atanapi henteu tapina mah, Dén. Taroskeun wé heula!"


"Hmmm, nya atuh. Mun kitu mah kuring rék nepungan heula Kang..., éh, saha tadi ngaranna téh? Poho deui!"


"Jang Atang."


"Oh enya, Kang Atang! Kuring rék nepungan heula Kang Atang, nya, Mang?"

__ADS_1


Mang Iip ukur unggeuk. Geus kitu mah kalayan rada gagancangan dua prajurit muru imahna Kang Atang. Mang Iip ogé ngagedig deui satengah ngagugusur nu jadi anakna.


Hanca.


__ADS_2