BANJIR GETIH DI DARMAPATIH

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH, episode 14


__ADS_3

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH


(14)


Sanggeus yakin yén anu diincerna geus palastra, langsung baé Prabu Raksapada nitah narik deui paraabdi dalem jeung paraprajuritna, anu disebar pikeun maluruh sarta ngabinasakeun Kang Atang jeung anak pamajikanna.


Siga harita di Lembur Cisugri, enya pilemburan anu kungsi jadi panganjrekan Jang Aji jeung indung bapana, abringan pajurit anu aya kana welasan urangna, marulang deui muru ka raraton, sanggeusna aya sababaraha prajurit titahana karaton, anu kapapancénan pikeun nepikeun paréntah raja.


Sakur warga anu pasanggrok jeung abringan prajurit, rarengkuh méré panghurmat, kaasup saurang budak lalaki anu harita keur nananggung suluh, anu tétéla geuning Jang Imron sobat dalitna Jang Aji. Mangsa pasanggrok jeung abringan prajurit téh gura-giru baé Jang Imron ngécagkeun tanggungan suluhna, sarta anu saterusna mah gancang rengkuh méré panghurmat, sok sanajan ari welasan prajuritna mah haré-haré baé, méh-méhan teu ngarérét-rérét acan.


Saraliwatna abringan prajurit, Jang Imron mah teu langsung indit deui, malah gék, ngadon nangkeup tuur di gigigireun tanggungan suluhna. Teuteupna kosong melong ka jauhna.


"Sing bagja di alam kalanggengan, Ji. Sok sanajan geus euweuh, tapi manéh mah bakal salawasna hirup dina haté kuring. Salila ieu, ngan ukur manéh sobat kuring anu pangbageurna," gerendengna Jang Imron, anu tayohna mah warta ngeunaan maotna Jang Aji jeung kulawargana téh gancang pisan sumebarna ka jalma réa.


Berebey, siga anu geus teu bisa ditahan-tahan deui, cipanon Jang Imron merebey maseuhan pipina. Luk, Jang Imron tungkul, anu saterusna mah nyegruk nepi ka inghak-inghakan.


"Ari manéh kunaon, Im?" Kadéngé ku Jang Imron, aya anu nalék di gigireunana.


Dina kaayaan masih kénéh murubutkeun cimata, Jang Imron ngarérét kana datangna sora. Tétéla geuning anu cikénéh nalék dirina téh taya lian Kang Diman, sobat dalitna Kang Atang.


"Inget ka Si Aji, Mang." Jang Imron sisimeukeun.


Teu langsung nyarita deui. Gék, Kang Diman di gigireun Jang Imron.


"Heueuh do'akeun wé, Jang Aji jeung indung bapana sing bragja di kalanggengan. Mamang ogé sarua nalangsana, Im. Ayeuna mah ngan ukur kari waasna. Geus asa ka dulur Mamang mah ka Kang Atang téh, malah mah ka Jang Aji ogé geus asa ka anak sorangan." Kang Diman cumalimba. Sok sanajan teu ngagukguk siga Jang Imron, tapi atra pisan aya anu ngembeng hérang, ngalintung dina kongkolak matana.


"Jahat-jahat teuing atuh Radén Angkara sareng pamingpin karajaan téh, nya, Mang!"


"Ssst.... Tong ngomong kitu, bisi aya nu ngadéngéeun. Nu enggeus mah enggeus wé, matak kitu ogé geus jadi papastén Jang Aji jeung indung bapana! Eu..., ari éta suluh keur saha?" ceuk Kang Diman, kituna téh bari gura-giru méngkolkeun wangkongan.


"Kanggo ka Bah Amad, Mang," témbal Jang Imron dibarengan ku nyusutan cipanonna.


"Oh. Mani alus, gararing. Suluh kiara ieu mah, nya?"


"Muhun, Mang."


Sabot Kang Diman keur ngawarangkong jeung Jang Imron, rentang-rentang katémbong aya saurang lalaki anu keur leumpang, sarta mingkin ngadeukeutan ka palebah dinya. Teu pati sidik beugeutna mah, da kahalangan ku cetok awi.

__ADS_1


"Aya ku kabeneran pisan panggih téh. Keur naraon?" tanya éta lalaki, mangsa geus aya di hareupeun Jang Imron jeung Kang Diman.


"Nuju ngasoh wé, Kang. Dupi Akang téh saha téa?" Kang Diman nelek-nelek beungeut éta lalaki, sok sanajan weléh teu bisa sidik.


"Teu kudu nyaho saha kuring. Nu jelas mah kuring ka dieu, ngahaja rék nepungan maranéh duaan. Dititah mikeun ieu!" ceuk éta lalaki anu embung ngabéjakeun jati dirina, kituna téh bari song, mikeun dua kanjut kundang kelir hideung ka Jang Imron jeung ka Kang Diman.


Sok sanajan bari jeung kurang-kerung, tapi antukna mah Jang Imron jeung Kang Diman teu burung nampanan éta kanjut kundang.


Gebeg!


Jang Imron jeung Kang Diman pohara ngagebegna mangsa nempo eusi éta kanjut kundang téh, anu tétéla geuning eusina duit emas jeung pérak, anu kacida pisan gedé ajénna.


"Ti ti ti..., ti saha ieu téh, Kang?" Kang Diman molohok neuteup lalaki anu keur ngajanteng di hareupeunana.


"Ti Radén Aji jeung Ti Radén Atang."


Gebeg!


Jang Imron jeung Kang Diman mingkin molohok deui waé mangsa ngadédéngé kekepan éta lalaki téh, komo nepi ka éta lalaki ngabasakeun Radén ka Jang Aji jeung ka Kang Atang mah.


"Teu kudu loba tatanya. Tarimakeun wé, éta wujud kanyaah ti sobat-sobat maranéh. Saenyana, ari sobat-sobat maranéh mah masih kénéh aya sarta jaragjag. Tapi omat, perkara ieu kudu dirusiahkeun. Cukup maranéh duaan anu nyaho, kulawarga ogé ulah dibéjaan, demi kasalametan sobat-sobat maranéh duaan!" ceuk éta lalaki pohara tandesna.


"Tapi pan...."


"Meunggeus, teu kudu loba omong! Oh enya, Jang...., ceuk Radén Aji, usapkeun ieu cai kana suku indung hidep. Mudah-mudahan sing gancang cageur." ceuk éta lalaki, kituna téh ditungtungan ku nyarita sarta ngasongkeun haur konéng sagedé curuk, anu panjangna kira-kira ngan ukur sajengkal, kalayan palebah tungtungna dicocokan ku sarupaning dangdaunan.


Dina kaayaan masih kénéh pulahak-polohok, Jang Imron nampanan anu dibikeun ku éta lalaki.


"Omat, sing bisa ngajaga rusiah. Sing nyaah ka sobat maranéh anu geus hadé haté nulungan kahirupan maranéh duaan!" ceuk éta lalaki deui, bari rut-ret ka nu keur diomat-omatanana.


Jang Imron jeung Kang Diman ukur unggeuk teu puguh.


Geus kitu mah kebat baé éta lalaki ninggalkeun Jang Imron jeung Kang Diman, anu masih kénéh patingpolohok lir anu poho pikeun ngiceupkeun panon-panon acan. Reg, éta lalaki ngeureunkeun léngkhna di palebah péngkolan. Luak-lieuk heula sakeudeung, siga anu keur niténan kaayaan.


Burinyay..., jleg. Geleber...!


Éta lalaki anu dumadakan robah wujud jadi manuk piit, ngageleber ninggalkeun éta patempatan.

__ADS_1


Manuk piit lumayan lila gegeleberan di awang-awang, nepi ka antukna mah nyirorot sanggeusna persis pisan aya di luhureun tengah-tengah leuweung, anu tétéla geuning patempatan anu salila ieu dipaké panyumputan ku Ki Cakra jeung ku paraprajuritna.


Jleg!


Éta manuk piit ngajénggélék deui jadi wujud lalaki anu keker tur jangkung badag. Ari geus dilaan cetokna mah sidik, tétéla geuning éta lalaki téh taya lian Si Tangkar. Reup, Si Tangkar meureumkeun panonna, dibarengan ku biwir nu kunyam-kunyem.


Teu lila antarana, bréh, katémbong aya gapura. Gura-giru Si Tangkar asup, sarta anu saterusna mah gagancangan nyampeurkeun ka riungan jalma anu keur ngawarangkong di tepas hiji wangunan. Anu tétéla geuning, anu keur ngawarangkong téh taya lian Kang Atang, Nyi Yati, jeung sababaraha urang aki-aki, anu salah saurang di antara aki-akina mah, taya lian aki-aki anu kungsi ngawaskeun gurak-gerikna Ki Patih Puwasésa, Radén Angkara jeung balad-baladna.


"Ari Radén Aji ka mana?" Si Tangkar rut-rét ka saéréréa, anu tangtuna ogé sanggeusna diuk heula.


"Ka talaga. Keur digembléng ku Ki Patih," témbal salah saurang aki-aki.


Si Tangkar unggut-unggutan.


"Kumaha, Kang..., parantos didugikeun titipan téh?" Kang Atang nyelengkeung.


"Enggeus. Kabeneran duanana ogé keur dariuk di sisi jalan tadi téh."


"Hatur nuhun pisan, Kang." Kang Atang siga nu bungah pisan.


Si Tangkar ukur némbalan ku unggeuk


"Hmm, jadi kumaha kira-kirana.... Naha Si Raksapada téh baris percayaeun yén Radén Aji sareng ibu ramana parantos palastra?" tanya saurang aki-aki ka nu kungsi ngawaskeun gurak-gerik Ki Patih Purwasesa saparakanca. Enya, balik deui kana wangkongan anu saméméhna sigana mah.


"Hehehe.... Yakin pisan kuring mah, pasti percayaaeun da getihna mah mémang asli, getih Radén Aji anu dikaluarkeun kokotorna ku Ki Patih, sarta dibebeskeun kana awak tilu kelenci, anu leuwih tiheula geus dirobah wujudna jadi Radén Aji sareng ibu ramana."


"Hahahaa.... Barodo pisan éta mah jelema jeung jin téh!"


"Heueuh. Hahaha.... Lebok siah beunang ditipu!"


"Hahaha.... Wajar rék katipu ogé, da anu ngagawéanana ogé Ki Patih. Ari kuring mah ngan saukur nunda kelenci di tempat éta."


"Ehehehe.... Tapi keukeuh wé kuring mah hayang seuri."


Kaayaan di éta tempat jadi haneuteun ku nu saleuseurian, nyeungseurikeun perkara katipuna pihak-pihak Darmapatih anu keur kumawasa, anu tétéla geunig, ari anu binasa dihakan ku buhaya mah, sabenerna ngan uku kelenci anu dirobah wujudna ku Ki Cakra, dina wujud Jang Aji jeung indung bapana.


Hanca.

__ADS_1


__ADS_2