
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
(43)
Waktu terus ngarayap, marengan uplekna wangkongan antara kulawarga Parabu Ungkara jeung indung bapana Jang Aji, saréngséna dalahar balakécrakan. Rupaning inumeun, sabangsaning kukuéhan jeung bungbuahan anu ngarareunah, jadi lalawuh enggoning marengan éta wangkongan.
"Leuh..., nista, nya Radén Anjana téh!" ceuk Nyi Yati, mangsa indung Nyimas Wening nyaritakeun perkara Radén Anjana anu maksa rék nyokot anakna, pikeun dijadikeun praméswari ku Radén Anjana.
"Muhun. Sireum ogé ari katincak-tincak teuing mah ngégél. Matak, sok sanaos kasebatna nékad, margi moal sanggem enggoning ngayonan kakiatan pasukan Darmapatih, nya atos wé abdi téh langkung milih ngabangkang ari Radén Anjana kaleuleuwihi teuing mah. Nanging untung kénging bantosan ti Radén Aji. Upami teu kitu mah, tangtosna ieu karajaan téh parantos karebut ku pihak Darmapatih." Prabu Ungkara némbongkeun katugenah dina paroman beungeutna.
"Sajabi ti éta, pun anak mah parantos kénging pituduh ti Jenat Abahna. Muhun, ramana Kakang Prabu anu dimaksad téh. Saurna, aw...! Nanaonan ari manéh, Wening?" Saméméh cacap nyaritana, indung Nyimas Wening malah ngagurubug alatan pingpingna diciwit ku nu jadi anakna.
Nyimas Wening anu biasana mah sok capétang, harita mah gancang baé tungkul, siga anu hayang nyumputkeun bengeutna anu dumadakan ngembang wéra. Prabu Ungkara surangah-séréngéh neuteup anakna. Nempo kitu, ari Nyi Yati jeung Kang Atang mah bati kurang-kerung alatan teu ngarti.
Siga anu teu maliré kana kaéra anakna, barabat wéh Prabu Ungkara nyaritakeun deui pangalaman Nyimas Wening anu ngimpi kadatangan akina, kalayan dibarengan ku saurang jajaka, anu pajar téh ari keureutan beungeutna mah sarimbag pisan jeung Jang Aji. Ngan pédah, ari jajaka anu kaimpikeun ku Nyimas Wening mah, mamaké kangkalung anu gagantélna teu béda jeung duit kencring emas, anu aya gambar rajaan. Nyi Yati jeung Kang Atang unggut-unggutan ngaregepkeun. Ari Nyimas Weningna mah mingkin tungkul baé siga nu tambah éra.
"Kitu pisan, Nyimas. Malih mah basa Radén Aji mungagaran tuang di dieu, pun anak mah mani sering pisan maling rérét ka Radén Aji téh!" ceuk indung Nyimas Wening, satutas salakina réngsé cacarita. Kituna téh dibarengan ku sura-seuri, siga anu hayang ngagonjak anakna.
Plak!
Geus taki-taki tayohna mah, leungeun Nyimas Wening anu rék nyiwit deui, gancang baé ditepak ku indungna.
Ceuleukeuteuk..., barakatak...!
Prabu Ungkara ngagakgak siga nu ngeunah pisan, méh bareng nyeuleukeuteukna anu jadi pamajikanna. Nu séjén ogé jadi kabawakeun seuseurian, kaasup Nyimas Wening, sok sanajan seurina siga anu semu ditahan-tahan.
Keur kitu, panto éta rohangan ngulutrak aya muka. Méh bareng saréréa ngalieuk.
"Aji?" Nyi Yati pohara curinghkna, sabab tétéla anu datang téh geuning anakna.
Deregdeg..., gabrug...!
Teu nolih ka Prabu Ungkara anu nepi ka noggéng alatan kadupak, Nyi Yati gancang baé ngaderegdeg sarta ngarangkul anakna.
"Geus ti mana atuh hidep téh, Ji? Sono pisan Ema mah!" Nyi Yati rada tipepereket ngarangkul anakna.
Abong kangaranan jiwa awéwé sok babari ragrag cimata, harita ogé sajeroning ngarangkul anakna téh Nyi Yati mah nepi ka ceurik sagala, sok sanajan henteu nepi ka ngagukguk ogé.
"Hidep geus dahar?" ceuk Nyi Yati dina mangsa geus ngaleupaskeun rangkulanana, kituna téh dibarengan ku nyusutan cimata anu masih kénéh patinggarantung dina bulu matana.
Enya, geus kabiasaan meureun. Sigana, ari Nyi Yati mah teu weléh ingeteun baé kana eusi beuteung nu jadi anakna téh. Boa-boa sakur anu ngalaman jadi indung ogé teu jauh béda, kaasup sakur awéwé anu keur ngaderes ieu carita. Ari ingetan nu jadi anak sok kitu ka nu jadi kolot? Can puguh! Matak, bener pisan ceuk anu sok malikirna rada jero mah, pajar téh kanyaah indung mah leuwih lega jeung leuwih jero batan amparan sagara. Ku sabab kitu, geus sakuduna nu jadi anak mulang tarima, dina mangsa geus cumarita. Kilangbara nepi ka bisa nyugamakeun mah, atuh ulah jolédar teuing ka nu jadi indung téh, sok sanajan keur paanggang ogé. Tapi kétang, ari dina mangsa keur aya sasalad samodél kieu mah, sigana téh ari anu keur jarauh jeung kolot mah, leuwih alus nahan kasono heula, cukup wé longokan kolot ku duitna, demi kahadéan saréréa.
"Atos, Ma. Warareg."
__ADS_1
"Nya sukur ari kitu mah. Tuh, Si Bapa ogé sonoeun pisan!" Nyi Yati nunjuk ka salakina.
Sanggeusna rengkuh heula ka Prabu Ungkara mah gancang baé Jang Aji ngadeukeutan Kang Atang, anu saterusna nyolongkrong ngajak sasalaman, sarta nyiuman tonggong leungeun nu jadi bapana. Henteu nepi ka ngeclakeun cimata ari Kang Atang mah. Biasa baé, ngan pédah, ari kabungahna mah atra pisan kagambar dina paroman beungeutna. Gék, Jang Aji di gigireun bapana, Nyi Yati ogé gagancangan diuk deui dina tempat asalna.
"Parantos ti mana, Radén?" Prabu Ungkara ngalungkeun pananya anu sarua jueng Nyi Yati, anu saméméhna can kungsi meunang jawaban.
"Tos milarian konyal, Kangjeng Prabu. Nanging aratah kénéh geuning," témbal Jang Aji, siga anu keur ngaréka carita.
"Atuh padahal mah kantun miwarang wé palay konyal-palay mah!"
"Abdi mah sok resep bari ucang anggé dina tangkalna neda konyalna téh, Kangjeng Prabu."
"Euh, sok aya-aya waé. Kadé bijil buntut!" Kang Atang nyelengkeung, ditungtungan ku nyéréngéh.
"Hahahahaha...!"
Parabu Ungkara ngabarakatak siga nu ngeunah pisan. Asa kagugu tayohna mah. Jang Aji jeung anu séjénna ogé jadi kabawakeun seuri.
"Teuh, nya..., sok angger Si Wening mah ari geus kulat-kelét ka Radén Aji téh!" ceuk Indungna Nyimas Wening dina sela-sela seurina.
"Ih..., angger ari tos kitu téh!" Nyimas Wening dulak-delék semu ogo.
Nempo pamolah anakna anu samodél kitu téh, Prabu Ungkara mah jadi ngabarakatak deui.
"Perkawis naon, Radén?" Prabu Ungkara kurang-kerung.
"Ki Patih Sampala nampi serat anu disanggakeun ku dua utusan ti Batununggal."
"Serat ti Batununggal?"
Gancang Jang Aji némbalan ku unggeuk.
"Naon eusi seratna?"
"Saurna, éta serat téh eusina mangrupi paréntah anu sakaligus mangrupi ancaman."
"Paréntah sareng ancaman kumaha?" Teuteup Prabu Ungkara éstuning pinuh ku kapanasaran.
Lain Prabu Ungkara wungkul anu kitu téh, dalah Kang Atang, Nyi Yati jeung anu séjénna ogé, kabéh museurkeun paneuteupna ka Jang Aji, kalayan siga anu sarua panasaraneunana.
"Saurna, pihak Trisula Emas téh parantos ngarempak aturan, nyatana kagungan pasukan prajurit ti golongan jin. Saupamina Kangjeng Prabu atanapi Karajaan Trisula Emas teu saénggalna ngabubarkeun pasukan jin, mangka pihak Batununggal baris ngayakeun tindakan."
Gebeg!
__ADS_1
Prabu Ungkara jeung anak pamajikanana siga anu pohara ngagebegna mangsa ngadéngé katerangan ti Jang Aji anu samodél kitu téh. Iwal Kang Atang jeung Nyi Yati anu katémbongna rada kurang-kerung téh, tayohna mah teu nyahoeun yén Karajaan Trisula Emas mah teu meunang ngabogaan pasukan prajurit ti golongan jin.
"Dupi utusan Batununggalna aya kénéh?" tanyana Prabu Ungkara.
"Parantos marulih."
"Teras, ku Ki Patih atanapi ku Ki Cakra, diwaler kumaha?"
"Ku Ki Cakra mah langsung ditolak kalayan tandes éta paréntah ti pihak Batununggal téh."
"Waduh, bahaya ana kieu mah. Antosan wé Radén mah di dieu. Sok, sing jongjon barangtuang. Nyimas, Radén Atang..., dikantun heula, nya!" Prabu Ungkara siga anu pohara tagiwurna.
Kalayan teu kungsi ngadagoan heula jawaban ti Jang Aji jeung ti nu séjénna, geus kitu mah kalayan siga anu gura-giru pisan Prabu Ungkara ningalkeun éta rohangan.
"Na kumaha ieu téh, asa rada lieur Bapa mah, Ji?" Kang Atang kurang-kerung.
"Karajaan alit sapertos Trisula Emas mah teu kénging ngagaduhan prajurit ti golongan jin, Pa." Jang Aji siga nu langsung surti kana perkara anu jieun kabingung ku nu jadi bapana.
"Oh...." Ukur kecap éta anu kedal tina létah Kang Atang, sanggeusna meunang jawaban ti Jang Aji mah.
Ari Nyi Yati jeung anu séjénna mah ngan ukur arunggut-unggutan.
Dina mangsa Jang Aji keur aruplek di rohangan pribadi raja, Prabu Ungkara mah harita téh keur gura-giru muru rohangan utama karaton. Sanepina ka nu dijugjug, kasampak Ki Kacakra jeung nu séjénna keur ngawarangkong kalayan siga anu pohara pisan dariana.
"Sok gagabah ari ngadamel kaputusan téh. Upami pihak Batununggal dugi ka ngayakeun tindakan, badé naon ketak urang, da Batununggal mah langkung kuat ti Darmapatih!" Sadatangna ka hareupeun anu keur ngariung téh, Prabu Ungkara langsung némbongkeun kakuciwana ka Ki Cakra.
Jep!
Saréréa jarempé mangsa nempo nu jadi rajana siga anu keur gedé pisan kakeuheulna mah. Jung, Ki Cakra nangtung. Teuteupna seukeut pisan mencrong ka Prabu Ungkara.
"Terus rék kumaha, rék salilana turut tumut kana aturan licikna pihak Batununggal, rék bumetah dina jajahan karajaan séjén, rék salilana ngantep rahayat katalangsara? Mikir sia téh, rék iraha merdékana ieu karajaan téh ari siana leuleus meuyeu waé mah. Dasar euweuh boolan, siah!" Ki Cakra nepi ka sisia sarta tutunjuk sagala ka Prabu Ungkara téh.
Ari Prabu Ungkara, nepi ka sepa ari disentak sengor ku Ki Cakra samodél kitu mah. Ki Patih Samapala jeung nu séjénna ogé nepi ka patingpolohok mangsa nempo rajana nepi ka ngadégdég alatan dicarékan ku Ki Cakra téh.
"Eu..., kedah kumaha saéna atuh, Ki Patih Agung?" Prabu Ungkara siga nu sieun.
"Lawan!"
"Na badé kiat kinten-kintenna, Ki Patih Agung?"
"Atuh mikir. Lamun ngarasa teu mampuh ngayonan ku sorangan, ajak ngahiji unggal karajaan leutik anu sarua katindesna ku Darmapatih jeung ku Batununggal!"
Mangsa ngadéngé kekecapan Ki Cakra anu samodél kitu mah, boh Prabu Ungkara, Ki Patih Sampala, pon kitu deui jeung anu séjénna, pikeun sajongjongan mah ngan ukur kurang-kerung bari silihrérét jeung sakur-sakur anu keur araya di dinya.
__ADS_1
Hanca.