BANJIR GETIH DI DARMAPATIH

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH, episode 47


__ADS_3

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH


(47)


Galungan antara Nyi Manik jeung Bah Goncrang anu diraponan ku puluhan abdi dalem, lumangsung kalayan pohara pisan ragotna. Trong-trangna pakarang jeung patingburicakna kembang seuneu, mapaésan campuhna galungan anu dilalajoanan ku Prabu Purwasesa jeung ku Radén Angakara, katut ku paraprajurit anu patingkurunyung ka éta patempatan.


Nyi Manik anu sok sanajan pantar nini-nini, tapi ari dina ulin gerakna mah pohara pisan gesitna, panarajang welasan abdi dalem anu keur ngepung dirina, hiji ogé can aya anu bisa keuna kana sasaran. Di séjén pihak, Bah Goncrang ogé teu éléh gesit enggoning nyanghareupan welasan lawan-lawanna téh, kalayan dina gerakan jeung juru-jurus anu sarua pisan jeung Nyi Manik. Jebolan ti paguron anu sarua sigana mah.


"Hyakh...!"


"Héath...!"


"Modar siah, Goncrang!"


Welasan abdi dalem nyebrut ngaplus panarajang balad-baladna, anu kapaksa mundur heula pikeun nyingkahan seuseukeut pedang tina panarajangna Bah Goncrang.


Swuk..., set set set...!


Tujuh seuseukeut pedang méh bareng suat-siet rék ngarecah awak Bah Goncrang.


Trang trang trang trang...!


Dina kaayaan muterkeun awakna, pedang dina cekelan Bah Goncrang ogé milu muter ngawujud papayung, anu ngabénténg dirina tina cehceran panarajang welasan lawanna.


Lep..., séak...!


Dina kaayaan pedangna anu masih kénéh muter dina luhureun sirah, gancang Bah Goncrang dongko, sarta sakilat mabadkeun sukuna kana bincurang lawan-lawanna.


Séak..., des des des...!


Pananarajang Bah Goncrang éstuning narenggel pisan kana sasaran. Sora diaduna bincurang nepi ka patingbeletuk matak linu pikeun anu ngadéngéna.


"Huakh...!"


"Hwadaw...!"


Tujuh abdi dalem rampak patinggaroak, disususul ku awakna anu patinggedebut kana lemah, sarta anu saterusna mah pépéréngkélan nyekelan bincurangna séwang-séwangan.


"Kurang ajar. Gancang podaran!" Prabu Purwasesa ngajorowok siga keuheul pisan.


Dalapan abdi dalem anu pikeun sajongjongan mah ngan ukur barengong, gancang baé nyokot deui ancer-ancer pikeun narajang Bah Goncrang. Mangsa aya kasempetan sakeudeung, Bah Goncrang mah gancang baé meuereumkeun matana.


"Hyakh...!"


"Héath...!"


Dina kaayaan kitu, méh bareng dalapan abdi dalem patinggarajleng sarta ngaheumbatkeun pakarangna séwang-séwangan.


Séak..., jleg jleg jleg!


Méh bareng jeung patinggarajlengna dalapan abdi dalem, di sakurilingeun Bah Goncrang ujug-ujug patingjarega lima jin anu jarangkung badag, dina wujud anu kabéh ogé pohara pikasieuneunana. Nempo kitu, dalapan abdi dalem gancang baé ngarengkog, anu saterusna mah undur-unduran.


Jleg jleg jleg jleg jleg...!


Mingkin lila mingkin loba jin anu patingjelegedeg ngabénténg Bah Goncrang.


"Sanghareupan musuh-musuh Nyi Manik, sarta salametkeun Nyi Manikna, bawa kabur ti ieu patempatan!" Bah Goncrang méré paréntah.


Méh bareng, harita kénéh puluhan jin patinggarajleng muru ka palebah Nyi Manik.


Séak..., buk buk buk buk...!


Puluhan jin langsung ngamuk ngababukan welasan abdi dalem, anu harita keur ngarempug Nyi Manik.


"Akh...!"


"Hwaduh...!"


"Huakh...!"


Welasan abdi dalem méh bareng patinggaroak, disusul ku awakna anu ngaracleng sarta patinggarebut ninggang lemah.


"Kurang ajar!" Nempo kitu, Prabu Purwasesa mah nepi ka jejebris sagala.


Reup, Prabu Purwasesa meureumkun matana, dibarengan ku biwirna anu kunyam-kunyem siga anu keur mapatkeun jangjawokan.


Burinyay..., burinyay...!


Di awang-awang dumadakan loba cahya beureum anu patingburinyay, sarta anu saterusna mah patingsirorot ka éta patempatan.

__ADS_1


"Gancang kabur...!" Bah Goncrang ngajorowok ka Nyi Manik.


Jleng jelng...!


Bah Goncrang jeung Nyi Manik méh bareng laluncatan kana tonggong jin anu keur dina wujud heulang, anu ti tadi geus depa siga keur ngadagoan.


Belesat...!


Méh bareng pisan jeung jlug-jlegna puluhan cahya beureum anu patingjénggélék jadi puluhan parajurit jin, dua heulang anu ditumpakan ku Nyi Manik jeung Bah Goncrang, patinggeleber sarta patingbelsat ninggalkeun éta patempatan.


"Gancang udag. Podaran duanana!" Prabu Ungkara maréntah puluhan prajurit jinna.


Tapi, karék mah éta puluhan prajurit jin rék patingbelesat, di hareupeunana geus kaburu jleg-jleg puluhan jin anu turut tumut kana paréntahna Bah Goncrang.


"Si koplok. Podaran wé kabéhanana, euy!" Prabu Purwasesa siga anu pohara jéngkéleunana.


Sebrut..., burinyay..., beledag..., jelegér...!


Antukna mah pihak jin silihserang silihtarajang, nepi ka ngabalukarkeun patingbeledag jeung patingjelegérna sora anu matak katorékan. Kaayaan di éta patempatan dumadakan inggeung, dibarung ku gelebugna angin éstuning pikakeueungeun. Prabu Purwasesa jeung nu séjénna, undur-unduran rada ngajauhan pakalangan.


Ari Nyi Manik jeung Bah Goncrang, harita téh geus pohara jauhna ninggalkeun karaton, malah mah geus kaluar ti wewengkon Darmapatih, da bubuhan dibawa hiber ku bangsa jin kalayan surawak-suruwuk apeng-apengan.


"Untung bisa kabur, Nyai!" ceuk Bah Goncrang, mangsa hiberna jin anu keur tumpakanana geus rada ngalaunan.


"Enya. Tapi saha sabenerna anu geus mitenah urang duaan téh?"


"Teuing, Nyai."


"Aing.... iihihihihi...!"


Gebeg!


Bah Goncrang jeung Nyi Manik lain deui ngagarebegna, mangsa ngadéngé hiji sora anu persis pisan aya di tukangunana. Mingkin ngagebeg deui waé Nyi Manik jeung Bah Goncrang, sabab tétéla di tukangeunana téh geus aya Nyimas Pandani anu keur nyebrut ngudag dirina.


"Nyimas Pandani?" Bah Goncrang pohara ngajenghokna.


"Ihiihi.... Heueuh. Sia duaan kudu malodar, sabab aing mah teu hayang aya nu séjén, anu jadi juru sihir di karajaan!"


"Turun!" Bah Goncrang nepak tonggong heulang anu keur ditumpakanana.


Séot...!


Éta heulang anu pohara badagna téh nyirorot kalayan pohara tarikna, dituturkeun ku Nyi Manik jeung ku Nyimas Pandani.


Kira-kira dua méter deui kana lemah, Bah Goncrang jeung Nyi Manik patinggarajleng tina tutumpakanana, sarta anu saterusna mah nincakeun sukuna kalayan dina gerakan siga anu hampang pisan.


"Ihihihi..., Iihihihi...!" Nyimas Pandani anu tétéla geus pahareup-hareup jeung Nyi Manik sarta jeung Bah Goncrang, cicirihilan dina kaayaan awakna anu ngalayang.


Jleg jleg!


Sanggeusna napak kana lemah mah, dua manuk ogé robah wujud jadi jirim prajurit anu jangkung badag tur pohara garagahna.


"Oh, jadi sia anu mitenah téh. Terus, naon anu jadi maksud utama sia pangna hayang nyingkahkeun aing jeung Nyi Manik téh?" Amarah Bah Goncrang siga anu langsung ngabebela.


"Sangkan aing laluasa pikeun ngawasa Darmapatih. Iihihihi...!"


"Oh..., Jadi tujuan sia ngajedog di Darmapatih téh, tujuan utamana mah hayang ngawasa karajaan? Boa palastrana Prabu Raksapada ogé aya sangkut pautna jeung sia!" Nyi Manik tutunjuk ka wanoja geulis anu keur ngalayang di hareupeunana.


"Cerdas.... Iihihii.... Bener pisan. Tapi lain Si Raksapada wungkul, Si Anjana jeung kulawargana ogé, kabéh dipaéhan ku aing. Ngan wayahna wé sia duaan anu kateumbleuhanana mah. Ihihihi...!"


"Dasar awéwé jahanam!" Beungeut Bah Goncrang nepi ka burahay lir beusi atah beuleum.


"Podaran!" Bah Goncrang ngarérét ka dua jin.


Gajleng..., sebrut...!


Méh bareng dua jin narajang Nyimas Pandani. Nu hiji nyabetkeun kukuna anu ranggoas rék ngarah beuheung, ari nu hiji deui mah nyuruwuk rék ngarah beuteung.


Ari Nyimas Pandani teu langsung gerak, malah surangah-séréngéh neuteup dua jin anu keur patingsalebrut narajang dirina


Suruwuk..., les...!


Mangsa kira-kira sasénti deui panarajang dua jin rék keuna kana sasaran, jirim Nyimas Pandani dumadakan ilang teuing ka mana, nepi ka ngabalukarkeun patingrarénjag jeung rungah-ringeuhna dua jin anu patingsolontod alatan kabawa ku tanagana sorangan. Lain dua jin wungkul anu rungah-ringeuh téh, dalah Nyi Manik jeung Bah Goncrang ogé pohara ngajarenghokna.


"Aing mah di dideu."


Gebeg!


Nyi Manik jeung Bah Goncrang pohara ngagebegna, sabab halon tapi atra, kadéngé sora Nyimas Pandani di tukangeun dirina.

__ADS_1


Peletak..., peletak...!


Dina kaayaan surangah-séréngéh Nyimas Pandani néké tarang Nyi Manik jeung Bah Goncrang, mangsa karék ngalieukkeun sirahna. Gancang Nyi Manik jeung Bah Goncrang alundur-unduran kalayan siga anu rareuwaseun pisan. Teu nyeri ari kitu téa mah tékéanana Nyimas Pandani téh, da mémang teu ditarikeun. Ngan, mun seug téa mah boga niat pikeun sagancangna maragatkeun nyawa Nyi Manik jeung Bah Goncrang, geus pasti bakal pohara gampangeunana pikeun Nyimas Pandani mah. Ari dua jin anu saméméhna narajang Nyimas Pandani, ngan bati patingpolohok mangsa nempo kitu mah.


"Kalem..., sabar..., engké ogé moal burung dipodaran. Ayeuna mah kaula hayang nyoo heula nyawa maranéh duaan. Iiihihihi...!" Nyimas Pandani cicirihilan deui.


Set.., wus..., belesat...!


Kalayan ngan ukur nyintreukkeun dua curukna, dua tungtung karémbong Nyimas Pandani ujug-ujug ngabelesat ku sorangan, kalayan dina kacepetan anu pohara gancangna. Nyi Manik jeung Bah Goncrang siga anu kasima, malah ngajarengjen teu kungsi incah tina tempatna.


Belesat..., séok...!


Kira-kira sajengkal deui tungtung karémbong tina sirah Nyi Manik jeung Bah Goncrang, siga anu aya mataan, dua tungtung karémbong téh bet méngkol heula, sarta anu saterusna mah ngabelesat deui muru ka dua jin anu masih kénéh dina kaayaan patingpolohok. Anéh, éta karémbong téh bet siga anu manjangan. Sok padahal, jarak antara Nyimas Pandani jeung dua jin téh aya kana tujuh méterna.


Belesat..., jelegér...!


Geus teu bisa disingkahan deui, dua tungtung karémbong nenggel pisan kana awak dua jin anu keur patingjaranteng, nepi ngabalukarkeun sora anu pohara tarikna.


Geretek..., gedur...!


Dua jin anu kabeunangan ku panarajangna Nyimas Pandani, teu kungsi ngagoak-goak acan, awakna langsung ngagedur sakeudeung, anu saterusna mah ngiles tandaning musnah.


Set!


Nyimas Pandani narik deui karémbongna.


"Iihihihi..., iihihihi.... Naha maranéh bet barengong kitu?" Nyimas Pandani neuteup Nyi Manik jeung Bah Goncrang.


Ari anu diajak nyaritana mah malah silihrérét ditungtungan ku unggeuk.


Set!


Nyi Manik jeung Bah Goncrang marasang kuda-kuda anu sarua. Nempo kitu téh ri Nyimas Pandani mah malah surangah-séréngéh deui.


Gajleng..., séak...!


Méh bareng Nyi Manik jeung Bah Goncrang narajang Nyimas Pandani.


Swuk...!


Peureup Bah Goncrang ngahiuk nepi ka bangbaraan, rék ngarah sirah nu jadi lawan. Ari Nyi Manik mah peureupna nyuruwuk rék ngarah kekemplong Nyimas Pandani.


Swuk..., buk buk...!


Méh-méhan henteu katempo gerakanana, dua dampal leungeun Nyimas Pandani ujug-ujug patingjaredak kana kada dua lawanna.


"Huakh...!"


"Hwadaw...!"


Cleng..., kalayang..., gebut...!


Nyi Manik jeung Bah Goncrang méh bareng patinggaroak, disusul ku awakna anu ngaracleng sarta patinggarebut ninggang lemah.


Pelengking..., pelengking.. !


Nyi Manik jeung Bah Goncrang patingpuringis bari pepelengkingan nyekelan dada jeung tonggongna.


"Iihihihi.... Nam..., ayeuna mah ku kaula dianteurkeun ka naraka!" Teuteup Nyimas Pandani pohara seukeutna.


Gap, Nyimas Pandani kana karémbongna, anu saterusna mah diputer-puter dina luhureun sirahna.


Wer..., wer..., wrukh...!


Karémbong anu diputer-puter nepi ka ngagaruh pohara tarikna. Ari Nyi Manik jeung Bah Goncrang mah siga anu geus pasrah kana naon-naon anu bakal tumiba ka dirina.


"Héakh...!"


Bareng jeung ngajorowokna, Nyimas Pandani ngebutkeun karémbong ka dua lawanna anu geus teu walakaya.


Belesat..., jelegur...!


Taneuh anu kabeunangan ku karémbongna Nyimas Pandani, nepi ka mancawura kalayan deklok pohara badagna.


Gebeg!


Nyimas Pandani pohara ngagebegna, sabab tétéla ari Nyi Manik jeung Bah Goncrangna mah geus euweuh dina tempatna.


"Nuhun pisan, Radén!" Kadéngé sora Nyi Manik anu nunuhunan.

__ADS_1


Sanggeus ngrérét kana datangna sora, Nyimas Pandani mah nepi ka pohara ngajenghokna mangsa nempo Nyi Manik jeung Bah Goncrang, anu teu sirikna nepi ka tisujud-sujud nunuhunan ka budak setepak anu keur ngajanteng di hareupeunana.


Hanca.


__ADS_2