
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
(11)
Paroman Jang Aji siga nu bungah pisan mangsa dibawa ngapung ku Si Kumbay téh. Amparan héjona tatangkalan anu ngawujud jadi wewengkon pileuweungan, tétéla pohara éndahna ari ditempona ti luhur mah. Tapi lain deui ari pikeun Kang Atang jeung pamajikanna anu dibawa ku Si Tangkar mah, beungeutna nepi ka sarepa, awakna ogé nepi ka ngadégég alatan ngarasa sawan.
Soloyong..., clé!
Antukna mah Si Kumbay jeung Si Tangkar narapak kana lemah, sanggeusna persis pisan aya di tengah-tengah hiji pileuweungan.
"Turun, Dén, geus nepi!" Si Kumbay ngalieuk ka Jang Aji.
Sok sanajan teu ngarti alatan di éta patempatan ngan ukur katémbong rajegna tatangkalan, tapi Jang Aji mah teu kungsi tatanya, gancang baé turun tina tonggong lodaya anu keur ditumpakanana.
Blug!
Si Kumbay muragkeun karung wadah béas.
Ari Kang Atang jeung Nyi Yati, dumadakan siga anu pateuh suku mangsa rék turun tina tonggong manuk téh. Awakna ngadarégdég sarta ngaleleper, malah mah késang lembut késang badag ogé ngaragajag saawak-awak. Ari Jang Aji mah ngan ukur nyéréngéh nempo kaayaan kolotna anu samodél kitu téh. Tapi, sanggeusna hésé béléké, antukna mah Kang Atang jeung Nyi Yati bisaeun tarurun.
Burinyay..., jleg!
Geus kitu mah wujud Si Tangkar robah deui jadi jirim lalaki anu pangawakanana keker tur jangkung badag.
"Di dieu?" Kang Atang kurang-kerung, sabab ngan ukur rajegna tatangkalan anu katempo ku dirina mah.
Teu kungsi némbalan, gancang baé Si Tangkar meureumkeun panonna. Biwirna kunyam-kunyem mapatkeu jampé pamaké. Nempo pamolah Si Tangkar anu samodél kitu téh ari Kang Atang jeung Nyi Yati mah ngan ukur silihrérét.
Gebeg!
Kang Atang, Nyi Yati jeung Jang Aji pohara ngagebegna, mangsa di hareupeunana ujug-ujug katémbong aya hiji gapura.
"Hayu!" Si Tangkar mihuelaan ngaléngkahkeun sukuna, sanggeusna manggul karung béas, kalayan siga anu hampangeun pisan.
Siga nu asa-asa, Jang Aji jeung indung bapana nuturkeun léngkah Si Tangkar, disusul ku Si Kumbay anu ngiclik pangtukangna.
Saliwatna tina gapura, Jang Aji jeung indung bapana mingkin patingpolohok deui waé mangsa nempo kayaan éta patempatan anu pohara legsna téh. Komo mangsa nempo ratusan aki-aki jeung ratusan jirim jin anu rupa-rupa wujudna mah, anu harita geus ngajéngjréng siga anu keur ngabagéakeun kadatangan dirina.
"Aki...!" Jang Aji langsung nyelengkeung, mangsa nempo Ki Cakra anu ngajanteng di jajaran panghareupna.
"Hehehe..., bagéa, Kasép!" Ki Cakra sura-seuri bari ngajaplangkeun leungeunna.
Siga anu geus teu asa-asa deui, gancang baé Jang Aji ngaderegdeg nyampeurkeun Ki Cakra.
Brek!
__ADS_1
"Sembah baktos, Radén!"
Sanepina Jang Aji ka hareupeun Ki Cakra teh, méh bareng saréréa dareku sarta acong-acongan nyembah. Jang Aji anu satadina mah rék ngarangkul Ki Cakra, sajongjongan mah jadi bengong nempo kaayaan anu samodél kitu téh.
"Hehehe.... Ieu kabéh prajurit Radén, sabab Radén hiji-hijina terah karajaan anu nyésa, sarta jadi puseur harepan balaréa. Pék, geura ngandika!" ceuk Ki Cakra.
Ari Jang Aji mah malah hulang-huleng deui waé, sabab teu nyaho kana naon-naon anu kudu dilakukeun dina mangsa harita.
"Eu...,mmm, sampurasun, Aki, Mamang...!" Antukna mah Jang Aji kedal ucapan. Kituna téh kalayan sikep awak anu pohara pisan rengkuhna.
"Rampés...!"
Jauh pisan tina sangkaan, kalayan siga anu barungah pisan saréréa haget némbalan. Jang Aji mah bati molohok deui waé.
"Hehehe..., sing ngalarti wé, Radén Ajina bingungeun kénéh ayeuna mah!" Ki Cakra rut-rét ka saréréa.
Ratusan aki-aki jeung ratusan jin anu keur dareku, ngan ukur patingséréngéh mangsa Ki Cakra ngomong kitu téh. Tapi sok sanajan kitu, atra pisan aya kareueus dina paroman séwang-séwangan, mangsa nempo sikep Jang Aji anu pinuh ku tatakrama jeung kasopanan.
"Hayu ka lalebet, Nyimas, Radén...!" Ki Cakra rut-rét ka Nyi Yati jeung ka Kang Atang, anu harita geus ngajaranteng di hareupeunana.
Sanggeus rarengkuh cicirén mihormat ka ratusan prajurit mah, kebat baé Kang Atang jeung Nyi Yati nuturkeun léngkah Ki Cakra, anu kalayan siga nu bungah pisan nungtun jang Aji ka jero wangunan.
"Bener ceuk paribasa, téng maruténg anak merak kukuncungan. Tétéla geuning pirajaeun urang saréréa téh ngawarisan tatakrama jeung kasopanan Prabu Siloka Wicakra," ceuk salah saurang aki-aki, sanggeusna Jang Aji jeung indung bapana arasup ka jero imah.
"Hidup, Radén Aji...!"
"Hidup...!"
"Hidup Darmapatih...!"
"Hidup...!"
Antukna mah kaayaan di éta tempat jadi ramé ku nu patinggorowok bari ngaracungkeun peureupna. Ari Ki Cakra mah ngan ukur unggut-unggutan bari musam-mésem mangsa ngadéngé anu patingkeuleuweuh di luar téh.
"Hensok barangdahar heula. Hampura wé saaya-aya. Ma'lum atuh da anu araya di dieu mah ngan ukur aki-aki wungkul!" ceuk Ki Cakra sanggeus Jang Aji jeung indung bapana dariuk dina amparan karpét.
Ari Jang Aji jeung indung bapana mah malah patingpolohok deui waé mangsa nempo dahareun anu ngabarak sarta pohara rupa-rupana téh.
Tunda heula lalakon Jang Aji jeung indung bapana, anu kiwari geus pindah ka panyumputan Ki Cakra jeung paraprajuritna. Urang sampeur deui kaayaan di Karajaan Darmaptih, anu sawaréh abdi-abdi dalemna keur bur-ber dititah néangan Kang Atang jeung anak pamajikanna.
"Diparéntahkeun néangan ka mana bangsa jin téh?" Prabu Raksapada anu harita keur ngariung dirohangan utama karaton, rut-rét ka Nyi Manik jeung ka Bah Goncrang.
"Abdi mah maréntahkeun ka Lembur Padaasih." Bah Goncrang miheulaan némbalan.
"Abdi mah maréntahkeun maluruh ka Lembur Rancagénjér. Sapalih deui di sebar ka lembur-lembur anu séjénna." Nyi Manik nuturkeun némbalan.
__ADS_1
"Hmm, alus. Kotéktak ka unggal patempatan. Pokona turunan Si Siloka Wicakra ulah nepi ka aya anu nyésa, sabab bakal jadi ancaman ieu karajaan pikeun ka hareupna!"
Bah Goncrang jeung Nyi Manik méh bareng arunggut-unggutan.
"Ampun, Kangjeng Prabu. Mamanawian salira kersa nampi kamandang ti abdi," ceuk salah saurang abdi dalem, semu asa-asa.
"Pék! Rék nepikeun pamanggih naon?" Prabu Raksapada ngarérét ka nu cikénéh nyarita.
"Ampun, Kangjeng Prabu. Ari pamendak abdi mah Si Atang sakulawarga téh sanés nyumput di pilemburan, nanging kalabur ka pileuweungan. Ari lalumpat ka pilemburan mah Si Atang ogé tangtosna mikir heula, margi gampil teuing pikeun nyusudna."
Sakedapan mah Prabu Raksapada, Nyi Manik katut Bah Goncrang ngan ukur patingharuleng, sarta anu saterusna mah arunggut-unggutan.
"Tiasa janten, Kangjeng Prabu!" Bah Goncrang neuteup rajana.
"Heueuh. Lamun kitu mah, gancang paréntahkeun sawaréh jin pikeun maluruh ka pileuweungan!" Prabu Raksapada rut-rét ka Nyi Manik jeung ka Bah Goncrang.
"Unjuk sumangga, Kangjeng Prabu!" Bah Goncrang haget nyanggupan.
Reup, Bah Goncrang meureumkeun matana, bari kunyam-kunyem mapatakeun jangjawokanana. Nyi Manik ogé teu jauh béda.
Jleg jleg jleg!
Teu lila antarana, di hareupeun éta riungan ujug-ujug patingjénggélék tilu jirim anu pikasieuneun, sarta anu saterusna mah gancang dareku bari acong-acongan nyembah ka Prabu Raksapada.
"Maranéh tiluan, ajak babaturan sacukupna, pikeun maluruh Si Atang jeung anak pamajikanna ka pileuweungan. Rék dina kaayaan hirup atawa paéh, bawa ka hareupeun kaula!" paréntahna Prabu Raksapada, kalayan teu kungsi basa-basi heula.
"Heug, Kangjeng Prabu!" témbal hiji jin.
Burinyay..., belesat...!
Geus kitu mah éta tilu jin patingbelesat ninggalkeun Prabu Raksapada jeung nu séjénna.
"Ari sia, nyaho rupana anu ngaranna Si Atang jeung anak pamajikanna téh?" tanya hiji jin anu buukna ngan ukur welasan lambar, mangasa keur nyuruwuk di awang-awang.
"Teuing aing ogé teu nyaho. Kumaha engké wé!" tembal nu hiji deui.
"Dasar sia mah barelegug. Kapanan tina getihna ogé geus kaambeu ari turunan Si Siloka Wicakra mah!" Jin anu hiji deui rada ngajejeléh.
"Bwahahaha.... Heueuh, euy, karék inget ayeuna mah!"
Suruwuk...,belesat...!
Geus kitu mah éta tilu jin mingkin gancang patingsuruwuk sarta patingbelesatna.
Hanca.
__ADS_1