
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
(30)
Paraprajurit jeung parapangagung karaton anu méh paheula-heula nyampeurkeun permaésuri nu jejeritan, saurang ogé taya anu teu ngarasa reuwas. Sabab, di hiji rohangan karaton nu pungahadéna, kawantu rohangan husus pikeun kulawarga raja, kasampak Prabu Raksapada geus ngababatang dina luhur risbang, kalayan dina kaayaan anu pohara pikawatireunana. Buukna anu pasiksak, ngepulkeun haseup ipis . Pakulitan anu mungkus awakna, balolégér sarta tarutung di ditu di dieu, teu béda wé jeung tapak anu kaduruk. Beureumna getih anu pacampur jeung cepelna nanah, ngaley tina tina beuteungna anu bitu, ngabayabah mulas sepré anu pasiksak urut sakarat.
"Kuanon ieu téh, Nyimas?" Salah saurang abdi dalem nalék pamajikan Prabu Raksapada, anu harita keur ngayehyek bari ngadégdég di juru rohangan.
Lenggerek...!
Batan némbalan mah, permaésuri malah ngalenggerek kapiuhan. Gancang baé sabaraha urang abdi dalem ngagotong permaésuri, dibawa rohangan séjén.
"Saha anu geus kumawani migawé kieu ka Kangjeng Prabu téh?" Bah Goncrang rut-rét ka dua prajurit, anu kabagéan jaga di hareupeun panto rohangan paragi reureuh rajana.
"Duka, Bah. Da raraosan mah teu aya deui anu lebet ka ieu rohangan mah. Tadi téh ujug-ujug kakuping aduh-aduhan siga nu eungap wé Kangjeng Prabu téh, teras wéh kakuping Nyimas Permaésuri jejeritan. Abdi sareng rérencangan ogé kapaksa dugi ka ngadobrak panto, da pantona dikoncikeun ti lebet!" Saurang prajurit gancang némbalan, kituna téh bari semu hariweusweus.
"Sumuhun, Juragan. Sakedap pisan kajantenana téh. Barang panto didobrak téh Kangjeng Prabu mah kasampak nuju sakarat." Prajurit anu saurang deui ngabenerkeun caritaan nu jadi baladna.
Sakedapan mah Bah Goncrang ngan ukur hulang-huleng.
'Hmm, geus pasti anu maténi Prabu Raksapada téh tingkatan pangabisana pohara luhungna. Moal bisa leupas tina pangwasan jin anu dititah jaraga ku aing lamun élmuna atah kénéh mah!' gerentesna Bah Goncrang dina sajeroning hulang-hulengna.
"Kangjeng Rama...! Kunaon Kangjeng Rama, Bah?"
"Kangjeng Prabu?"
Keur kitu, ngurunyung Radén Anjana dina kaayaan rawah-riwih, dituturkeun ku Ki Patih Purwasesa.
Ari Bah Goncrang teu langsung némbalan, da Radén Anjanana ogé malah nyegeruk bari ngeukeuweuk leungeun layon bapana. Lumayan lila kituna téh, nepi ka antukna mah Radén Anjana rerep ceurikna, sanggeus terus-terusan dibeberah ku Ki Patih Purwasesa.
"Saha anu ngalakukeunana, Bah Goncrang?" Teuteup Ki Patih pohara seukeutna.
"Duka, Ki Patih. Ngan anu jelas mah tingkatan élmuna pohara luhungna, dugi ka bangsa jin sareng prajurit anu jaraga ogé teu tiasaeun ningal."
"Waduh! Ari Nyimas Permaésuri, ka mana?"
"Kapiuhan, dicandak ka rohangan tabib."
"Ki Patih..., talungtik saha-sahana anu geus maténi Kangjeng Rama. Lamun kapanggih, podaran sarta basmi jeung kulawarga katut turunanana!" Radén Anjana nyelengkeung sarta némbongkeun amarah anu pohara ngabebelana.
"Unjuk sumangga, Radén." Ki Patih haget némbalan.
"Tapi engké wé, lamun geus réngsé mulasara Kangjeng Rama!"
Ki Patih ngan ukur némbalan ku unggeuk.
Geus kitu mah Radén Anjana maréntahkeun saurang abdi dalem pikeun mingpin mulasara layon nu jadi bapana. Teu kungsi dilila-lila, anu dititah gura-giru ngalaksanakeun pancénna, sok sanajan ngan ukur sakadar ngamandian jeung ngaboéhan layon, da ari dikurebkeun mah geus peuting teuing.
"Bener-bener sakti éta Si Pandani téh, Ki Patih," ceuk Radén Anjana, anu malah dariuk jeung Ki Patih di hiji rohangan, dina mangsa batur keur saribuk ngurus layon nu jadi rajana, kituna téh bari rada haharéwosan.
Geus teu katémbong deui nalangsana ari ayeuna mah, malah mah paroman beungutna ogé marahmay siga nu bungah.
"Kantenan, Radén."
"Ayeuna mah kari néangan siasat pikeun malastrakeun Si Pandanina meureunan, Ki Patih."
"Teu kedah dibasmi, Radén. Kasaktian Nyimas Pandani tiasa dimangpaatkeun. Saéna mah jantenkeun juru sihir di karaton baé."
"Har, naha? Teu hayang ari engkéna ménta satengahna tina wewengkon karajaan mah!"
"Tenang, Radén. Saparantosna diolo ku sagalarupi cara, antukna mah Nyimas Pandani téh kersaeun ngalaksanakeun pancénna, kalayan sarat anu kawilang énténg, nyatana mung ukur nyuhunkeun buruhan mangrupi emas, sareng dijantenkeun juru sihir di ieu karaton."
"Bener éta téh, Ki Patih?"
"Leres pisan, Dén. Sagalarupi cara ku abdi mah diupayakeun, supados Radén saénggalna jumeneng janten raja."
__ADS_1
"Hahaha.... Alus, Ki Patih!"
"Ssst...!" Ki Patih gancang ngingetan Radén Anjana, sangkan henteu nepi ka babarakatakan.
"Aéh enya, poho. Alus, Ki Patih. Perkara buruhan pikeun anjeun jeung Si Pandani mah tong hariwang, ku kaula geus disiapkeun!"
"Si Angkara ogé kedah diburuhan, Radén. Margi, jasana kalintang ageungna."
"Heueuh, kaula ogé moal poho. Pokona mah saréngséna ngurebkeun Kangjeng Rama, sagancangna, angkat kaula jadi raja!"
Ki Patih Purwasesa unggeuk tandaning ngaenyakeun.
"Oh enya, hayang panggih jeung jinisna kaula mah jeung anu ngaranna Si Pandani téh," ceuk Radén Anjana deui.
"Teu acan waktosna, Radén. Margi Bah Goncrang sareng anu sanésna bakal curiga. Engké wé saupami Radén parantos diangakat janten raja."
"Hmm, panasaran ku rupana wé ari kaula mah."
"Engké ogé nepangan nyalira, Dén."
Geus dikitukeun mah Radén Anjana unggut-unggutan. Ari Nyimas Pandani anu keur jadi puseur wangkongan antra Ki Patih jeung Radén Anjana mah, harita téh keur hah-héh-hoh meres késang, gulatak-gulitik sarta papuket dina luhur ranjang, ngalayanan birahi Radén Angkra, dina kaayaan teu maké pakéan salambar-lambar acan. Lumayan lila kituna téh, nepi antukna mah duanana ngalempréh, dina sésa-sésa rénghap birahi anu saméméhna ngabebela.
"Kakang mémang gagah," ceuk Nyimas Pandani, sanggeusna ngarawél simbut, sarta anu saterusna mah dipaké nutupan satengah awak Radén Angkara jeung dirina.
"Nyai ogé hébat, asa hui Cilembu. Amis, pulen...."
"Ihihi..., nu kumaha hui Cilembu téh, Kakang?" Nyimas Pandani neuteup ogo, kitun téh bari nyoo bulu dadana Radén Angkara."
"Hahaha..., nu kitu wé pokona mah. Aéh enya, Nyimas. Ari hadiah anu ti Radén Anjana, kumaha, parantos katampi?"
"Acan, Kakang. Mun geus katarima téa mah, kop baé kabéh ogé jang Kakang, da pangabutuh kaula mah cikénéh ogé geus kacumponan."
Radén Angkara surangah-séréngéh bari unggut-unggutan, bari jeung kituna téh, ari leungeunna mah hideng ngusapan buuk jeung tonggong Nyimas Pandani.
Isukna, sa-Darmapatih geunjleung ku nerekabna béja ngeunaan Prabu Raksapada, anu plastra di kamarna. Lain kadua mangkarunyakeun sigana téh, kalolobabaanana warga mah malah siga nu bungah mangsa ngadéngé rajana tilar dunya téh, teu saeutik anu nepi ka mupuas ogé, siga Kang Diman anu harita keur ngawarangkong di tepas imah nyarna, jeung saurang tatanggana.
"Heueuh. Ari kahayang mah malodar kabéh jeung kulawarga sarta turunanana tah Si Raksapada téh!" Tatangga Kang Diman anu isuk-isuk kénéh ngahaja geus ulin pikeun nepikeun béja, siga anu panuju pisan mangsa Kang Diman mupuas rajana anu tilar dunya téh.
"Boa aya karajaan séjén anu keuheuleun ka Prabu Raksapada, nya?" Kang Diman nembrakeun pangrasana.
"Lah, perkara anu keuheuleun ka Prabu Raksapada mah geus lain boa deui, L
loba! Pan kuring jeung manéh ogé ngarasa keuheul."
"Hahaha..., heueuh, euy. Geus neureuy naon ari manéh, sisinarieun rada pinter?"
"Hahaha..., nyao, ah! Éh, tuh tuh tuh..., aya naon Kang Damiri, mani siga anu rurusuhan kitu, nya?" Tatangga Kang Diman nunjuk saurang lalaki anu ngurunyung ngadeukeutan ka tempat ngarobrolna.
Kang Diman mah ngan ukur ngangkatkeun taktakna da mémang teu nyaho.
"Jang Asep, Jang Diman..., geus ngadéngé béja perkara maotna Prabu Raksapada?" tanya nu anyar datang, kituna téh bari semu hah-héh-hoh kenéh.
"Parantos, Mang." Kang Diman anu némbalan.
"Tah, tumali jeung perkara éta, Mamang jeung anu séjénna téh dititah ku Pupuhu, pikeun ngabéjaan sabéh warga. Enya, pangpangna mah lalakina wungkul, sangkan sagancangna karumpul di alun-alun karaton.
"Lah, rék nanahaon, Mang. Mending ogé ka kebon atawa cicing di imah!"
"Heueuh, Mang. Antep wé masing rék modar jeung kulawargana ogé!"
"Éh..., lain kitu, Jang Diman, Jang Asep. Perkara ieu téh lain paréntah langsung ti Pupuhu, tapi paréntah ti pihak karaton. Lamun loba anu teu daratang, geus pasti anu diadatna mah Pupuhu urang. Pan karunya atuh!"
Sakedapan mah Kang Diman jeung Kang Asep ngan ukur silihpelong bari unggut-unggutan.
"Oh, nya heug atuh ari kitu mah, Mang. Sagancangna kuring jeung Si Diman rék ka alun-lun." Antukna mah Mang Asep ngéléhan, ditutunggan ku ngarérét ka Kang Diman.
__ADS_1
Kang Diman mah ngan ukur unggeuk.
"Sukur ari daraék indit mah. Tapi omat, sanepina ka alun-alun, kabéh anu datang kudu careurik. Wajib!"
"Lah, bororaah hayang ceurik, Mang. Hayang seuri wé nu aya!" témbal Kang Asep.
"Lah, manéh mah sok loba némbal. Pokona mah kitu wé, nya. Mamang mah rék ngabéjaan heula warga anu séjénna!"
Mang Diman jeung Mang Asep mah malah surangah-séréngéh sajeroning unggeukna téh. Siga anu teu kabita ku ceungil jagong anu nyelap dina huntuna Kang Asep, kebat baé geus kitu mah éta lalaki ninggalkeun imah Kang Diman.
"Kuring rék salin heula atuh, nya. Engké disampeur ka dieu!" ceuk Kang Asep, kituna téh bari cengkat tina diukna.
Kang Diman mah ngan ukur némbalan ku unggeuk.
Sanggeus Kang Asep ninggalkeun diirina, Kang Diman ogé buru-buru ka ngoloyor ka jero imah, ngadon salin calana, da asalna mah ngan ukur maké calana sontog.
"Badé ka mana, Kang?" Pamajikan Kang Diman rada kerung mangsa nempo salakina maké calana anu paragi indit-inditan téh.
"Rék ka alun-alun karaton, pikeun némbongkeun béla sungkawa ku maotna Kangjeng Raja. Bieu, aya titahan Pupuhu."
"Oh. ku naon maotna téh cenah, Kang?"
"Teuing. Tapi kajeun lah masing rék maot alatan nyeglom siki salak ogé!"
"Hihihi..., ari taeun téh Akang mah!"
Mangsa pamajikanna nyeleukeuteuk téh, Kang Diman ogé milu surangah-séréngéh.
Teu lila antarana, Kang Asep geus ngurunyung deui. Sanggeus amitan ka pamajikanna mah, gura-giru baé Kang Diman nyampeurkeun baladna anu ngadagoan di tepas imah, sarta anu saterusna mah duanana patinggaredig muru ka alun-alun karaton.
Lumayan jauh lalampahan anu disorang ku Kang Diman jeung ku Kang Asep teh, tapi ari antukna mah duanana ogé teu burung nepi ka tempat nu dijugjugna.
Pohara legana alun-alun karaton téh, sisi-sisina dikurilingan ku rajegna tatangkalan. Dina luhur panggung anu persis pisan aya di tengah-tengah palataran alun-alun, dariuk parapangagung karaton, kaasup Ki Patih Purwasesa, Radén Anjana, Radén Angkara jeung nu séjénna. Rahayat jeung rébuan prajurit, hémpak ngurilingan panggung, sarta kabéhanana dareku bari careurik, némbongkeun kanalangsa ku maotna nu jadi raja.
"Yeuh!" Kang Asep ngasongkeun bawang beureum.
Siga anu geus surti, gancang baé bawang beureum ditampanan ku Kang Diman, sarta anu saterusna mah duanana patingkojéngkang, ngahiji jeung pagelek-gelekna jalma, anu patingsalegruk sarta inghak-inghakan, némbongkeun rasa béla sungkawa pikeun rajana nu tilar dunya.
Jalma-jalma anu daratang ka alun-alun karaton, mingkin lila mingkin ngorotan. Sanggeus kira-kira euweuh deui anu datang, jung, Ki Patih Purwasesa cengkat tina tempat diukna. Kojéngkang, ngalengkahkeun sukuna. Gagah pisan katempona téh. Jep, rébuan jalma anu keur careurik dumadakan simpé, mangsa Ki Patih rek ngamimitian nyarita.
"Kaula, salaku Patih di ieu karajaan, nganuhunkeun pisan ka sakabéh rahayat anu geus daratang enggoning némbongkeun rasa bélasungkawa, ku ngantunkeunana raja urang saréréa, nyatana Kangjeng Prabu Raksapada. Dina mangsa anjeunna kumawasa di ieu karajaan, karajaan urang téh jadi pohara majuna, sarta jadi karajaan anu dipikasérab ku karajaan séjén. Kahirupan rahayatna ogé gemah ripah lohjinawi!" Ki Patih ngamimitian biantara.
"Hidup, Prabu Raksapada...!"
"Hidup...!"
"Hidup Darmapatih...!"
"Hidup...!"
Sok sanajan rada patingdarelék, sabab omongan Ki Patih Purwasesa téh patukang tonggong pisan jeung kanyataan, antukna mah rébuan rahayat ogé jadi milu patinggorowok bari ngaracungkeun peureupna, nurutan paraprajurit anu patingjorowok pangheulana. Jep, saréréa jarempé deui, mangsa Ki Patih rék neruskeun deui biantarana.
"Patali jeung ngantunkeunana raja urang saréréa, anu hartina Karajaan Darmapatih téh can aya gaganti rajana, mangka dina kasempetan nu hadé ieu, kuring salaku Patih di ieu karajaan, ayeuna kénéh rék ngangkat Radén Anjana, minangka hiji-hijina putra raja, anu kagungan hak kanggo neraskeun kakawasaan nu janten ramana."
"Hidup Radén Anjana...!"
"Hidup...!"
"Hidup Darmapatih...!"
"Hidup...!"
Kaayaan di éta alun-alun jadi pohara raména, ku rébuan rahayat Darmapatih anu patingjorowok patingkeuleuweuh, sok sanajan ari kalolobaanana mah biwir jeung basa awakna téh patukang tonggong pisan jeung kaayaan haténa.
Hanca.
__ADS_1