BANJIR GETIH DI DARMAPATIH

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH, episode 22


__ADS_3

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH


(22)


Wanci geus tunggang gunung, hawa pileuweungan geus mimiti karasa nyecepna. Dina mangsa éta, Jang Aji jeung Si Kumbay mah geus pohara pisan jauhna ninggalkeun panganjrekan Ki Cakra jeung nu séjénna. Henteu tumpak Si Kumbay siga saméméh ari ayeuna mah, da kaayaan leuweung mingkin rembet ku rurungkunan. Jang Aji gujlang-gujlang tina dahan tangkal nu hiji kana dahan-dahan tangkal anu séjénna, dituturkeun ku Si Kumbay anu dina tonggongna patinggarantung kantong bebekelan. Enya ogé Si Kumbay bisaeun ngapung, harita mah malah kukurubutan dina hieumna pileuweungan, dan mémang keur aya nu ditéangan.


Gajleng..., kalayang..., clé!


Teu jauh beda jeung daun garing anu murag, kalayan dina gerakan siga nu hampang pisan Jang Aji napakkeun sukuna kana lemah, mangsa manggihan palataran anu rada caraang, sarta tatangkalanana kawilang coréngcang. Si Kumbay gancang nuturkeun.


"Urang reureuh heula, lapar!" Jang Aji ngarérét ka Si Kumbay anu geus aya di gigireunana.


"Rada belah hareup, Dén. Éta aya sora walungan!" Si Kumbay ngasongkeun kamandang, kituna téh sapasang ceulina hirup ngadédéngékeun sumberna sora.


Jang Aji ukur unggeuk, anu saterusna mah gancang baé ngaléngkahkeun sukuna, muru walungan anu tina sora caina mah geus deukeut pisan. Teu lila antarana, enya wé aya walungan anu caina ngagulidag sarta ngagenyas hérang.


Sanepina ka sisi walungan, Jang Aji gancang kukumbah leungeun, sarta ngadon sibeungeut jeung maseuhan beuheung, pikeun ngaberesihkeun sésa-sésa késangna.


"Ah, seger...!" Jang Aji ngrérét ka Si Kumbay.


Ari anu diajak nyaritana mah tonggoy baé ngalétakan cai walungan. Sanggeus nurun-nurunkeun bebekelan tina tonggong Si Kumbay, gék, Jang Aji mah dina catang anu malang nepi ka tengah walungan.


"Rék dahar?" ceuk Jang Aji, sanggeusna murak timbel pamahanan indungna.


"Hengkop wé, kuring mah rék néangan sorangan!"


Léos, Si Kumbay ninggalkeun Jang Aji. Sanggeus nginum heula mah Jang Aji nyelebek dahar. Siga nu ni'mat pisan katempona téh, pucuk tangkal rasamala anu meunang ngarawél mangsa gujlang-gajleng dina dahan tatangkalan, jadi lalabna, maturan deungeuna nu dibekelna.


Kucuprak..., kucuprak...!


Sanggeus aya kana sawatara kedapan, kadéngé sora anu kukucuprakan ti hilireun walungan, sarta mingkin lila sorana mingkin ngadeukeutan. Jang Aji mah ngan ukur neuteup kana palebah datangn sora, kituna téh kalayan teu kungsi eureun ngahuapna.


"Iihihihihi...., ihihihii...!"


Teu kungsi lila, katémbong aya dua jirim awéwé anu papakéanana sing sarwa bodas, kalayan tungtung buukna anu cawigwig kaséréd ku cai walungan. Kunti tayohna mah. Jang Aji mah ngan ukur gogodeg mangsa nempo éta dua kunti téh, tapi kituna jongjon baé bari ngahanceng dahareunana. Ari dua kunti, langsung areureun saleuseurianana, sarta langsung patingpurungkut, siga anu sieun pisan mangsa nempo aya Jang Aji téh.


"Kunaon ari maranéh? Hensok wé ari rék ngaliwat mah, da jalan mah lega!" ceuk Jang Aji semu ngosom.


Batan némbalan, éta dua kunti malah mingkin patingpurungkut.


"Éh..., maranéh mah. Rék ngaliwat moal? Lamun moal ngaliwat tong caricing di dinya, tiris. Di dieu tah dariuk!" Jang Aji nepakan catang anu keur dipaké diuk ku dirina.


Dua kunti, sakedapan mah ngan ukur silihréret. Sanggeus anu saurang unggeuk, duanana ngalayang ngadeukeutan, sarta anu saterusna mah guk-gék dina catang anu keur didiukan ku Jang Aji.


"Rék dalahar?" Jang Aji rut-rét ka dua kunti, anu teu pati sidik ari beungeutna mah, da kahalangan ku buukna anu ngarumbay.


Dua kunti garideug, kituna téh bari jeung masih kénéh semu pupurungkutan siga nu sieuneun pisan.


"Dagoan, rék kukumbah heula!" ceuk Jang Aji, saréngséna dahar.


Sanggeus kukumbah leungeun di sisi walungan, Jang Aji ngaléngkahkeun deui sukuna ngadeukeutan kunti. Gék, di gigireunana. Antaré pisan, regot, nginum heula.


"Rék ka marana?" Jang Aji mimiti nalék.


Dua kunti ngan ukur patingpurungkut henteu némbalan.


"Bisi maranéh hayang balik, hayu, ku kuring dianteurkeun! Karunya kuring mah nempo maranéh téh, da kuring ogé nyaho maranéh téh keur katalangsara, kabungkus ku kedok iblis." Teuteup Jang Aji siga nu pinuh ku rasa karunya.


"Nuhun pisan ari daék nyampurnakeun kuring mah, Radén!" Hiji kunti langsung némbalan kalayan siga anu bungaheun pisan, mangsa Jang Aji ngomong kitu mah. Semu ngirung ngomongna téh, teuing keur pilek, atawa teuing kumaha.


"Enya. Ari manéh kumaha, rék balik moal?" Jang Aji ngarérét ka kunti nu hiji deui.


"Hayang pisan, Radén!" témbal éta kunti sarua ngirungna.


"Heug ari aranjeun hayang balik mah, ku kuring rék dijajapkeun!"


"Saméméh balik, kuring mah hayang diislamkeun heula, Radén." Hiji kunti nyelengkeung.


"Hmm, alus! Ari manéh, kumaha?" Jang Aji ngrérét ka kunti nu hiji deui.


"Sarua kaula ogé hayang diislamkeun heula, Radén."


Sakedapan mah Jang Aji unggut-unggutan bari rut-rét neuteup dua kunti anu keur dariuk di gigireunana.


Gaur...!


"Akhh...!"


"Ampun...!"


Dua kunti méh bareng patingjarerit, mangsa datang Si Kumbay anu gagauran.


"Cicing..., da lain ngaganggu ieu mah. Ngahaja dititah dariuk di dieu ku kuring!" Gancang Jang Aji nyentak Si Kumbay, anu gurang-gereng ka dua kunti.


"Rék naon ari maranéh jor-jor ka dieu?" Si Kumbay rut-rét ka dua kunti.


Batan némbalan mah éta dua kunti malah patingpurungkut deui.


"Kumbay..., ieu arwah anu keur kasiksa téh harayangeun mulang, ngan dihalangan ku iblis anu mungkus dirina." Jang Aji neuteup Si Kumbay.

__ADS_1


Geus dijelaskeun kitu mah Si Kumbay ngan ukur unggut-unggutan.


"Kumaha, geus siap?" Jang Aji rut-rét deui ka dua kunti.


Dua kunti langsung arunggeuk.


"Pék, dariuk di ditu. Kumbay, halik heula manéhna. Karunya, sarieuneun!" ceuk Jang Aji, ditungtungan ku maréntah ka Si Kumbay.


Sanggeus Si Kumbay rada ngajauhan, dua kunti arémok dina taneuh. Siga-siga anu teu napak kana lemah bujurna téh. Tapi teuing kétang, da horéam ari kudu nelek-nelek bujur kunti mah. Hiy..., amit-amit! Gék, Geus kitu mah Jang Aji ogé diuk di hareupeun dua kunti.


"Ari ngaran maranéh, saha?" Jang Aji rut-rét ka dua kunti.


"Kuring mah Mala."


"Kuring Rahayu."


"Hmm, aralus ngaranna mah. Kuring mah Aji. Ieu, balad kuring ngaranna Kumbay," ceuk Jang Aji, ditungtungan ku ngusapana sirah Si Kumbay, anu ayeuna mah depa di tukangeunana.


Dua kunti ukur arunggut-unggutan.


"Anjeun duaan, percaya kana ayana Alloh?" Jang Aji rut-rét ka dua kunti.


Dua kunti anu ngakukeun ngaran Mala jeung Rahayu, méh bareng arunggeuk.


"Pecaya, yén Kangjeng Nabi Muhammad utusan Alloh?"


Dua kunti arunggeuk deui.


"Alus. Jadi, sabenerna mah ngan ukur éta saratna asup Islam mah. Sok, ayeuna mah tuturkeun kuring maca dua kalimah sahadat, pikeun nyampurnakeun kayakinan anu aya dina patékadan anjeun duaan!"


Siga saméméhna, kunti ngan ukur arunggeuk.


"Ashadu allaa ilaaha illalloh." Jang Aji ngamimitian nungtun maca kalimah sahadat.


"Ashadu..., alla..., ilaaha illalloh."


Dua kunti méh patutur nurutan kalimah anu diucapkeun ku Jang Aji, sok sanajan bari jeung rada tagégog.


"Waashadu anna Muhammadaa rosuululloh." Jang Aji neruskeun deui nungtunna.


"Waashadu anna..., M..., M..., M...."


Dua kunti siga nu héséeun pisan mangsa ngucapkeun kecap Muhammad téh.


"Muhammadaa rosuululloh." Jang Aji mantuan nungtun deui.


Dua kunti siga nu keseleun pisan, sabab pohara héséna mangsa rék ngucapkeun kecap Muhammad mah, biwirna dumadakan rapet siga dielém atawa dikonci.


"Hmm, deudeuh teuing. Nyingkah, siah..., montong ngahalangan jalan bebeneran!" Jang Aji rut-rét ka dua kunti, anu aya di hareupeunana.


Dua kunti langsung tarungkul sarta patingpurungkut mangsa Jang Aji nyentak kitu téh.


Teuteup Jang Aji mencrong pohara seukeutna. Dua dampal leungeunna lalaunan diarahkeun ka dua kunti anu keur patingpurungkut.


"Akh...!"


"Panas...!"


Dua kunti patingjarerit patingkocéak, méh bareng jeung ngabebelana seuneu anu dumadakan ngabulen awakna.


Les..., jleg!


Sailangna deui seuneu téh, wujud dua kunti geus rarobah jadi jirim dua awéwé anu kawilang gareulis. Si Kumbay mah ngan ukur unggut-unggutan nempo kitu téh.


"Hatur nuhun pisan, Radén!" ceuk nu ngaranna Rahayu, siga nu bungah pisan.


"Enya. Sok, ayeuna mah urang teruskeun deui ngucapkeun dua kalimah sahadatna!"


Dua awéwé ukur arunggeuk.


"Bismilillahirrohmaanirrohiim!"


Jang Aji ngarandeg heula bari rut-rét ka dua awéwé anu keur andiprek di hareupeunana.


"Ashadu allaa ilaaha illalloh." Jang Aji ngamimitian deui nungtun ngucapkeun dua kalimah sahadat.


"Ashadu allaa ilaaha illalloh." Dua awéwé nuturkeun kalayan lancar.


"Waashadu anna Muhammadaa rosuululloh."


"Waashadu anna Muhammadaa rosuululloh."


Segruk, éta dua awéwé careurik bari nyaruuh, sabab teu sakara-kara, ayeuna mah duanana jadi lancar enggoning nurutan dua kalimah sahadat anu dikecapkeun ku Jang Aji.


"Alhamdulillah...!" Jang Aji siga nu bungah pisan.


"Nuhun pisan, Radén. Itu jalan balik téh ayeuna mah dumadakan némbongan!" Nu ngaranna Mala, tutunjuk bari inghak-inghakan.


"Enya. Nuhun pisan, Radén. Geus capé salila ieu aprak-aprakan néangan pitulung téh!" Awéwé nu ngaran Rahayu milu ngéngklokan.

__ADS_1


"Sukur ari geus katempo mah, kuring geus teu kudu ngajajapkeun aranjeun duaan ari kitu mah!"


"Sakali deui, nuhun pisan, Radén!"


"Enya, nuhun pisan, Radén. Mugi sing tinemu jeung kabagjaan!"


"Enya, sami-sami. Jung, ayeuna mah geura marulang!"


Les!


Geus kitu mah éta dua jirim awéwé ngariles teuing ka mana.


"Alhamdulillah...!" Jang Aji ngusap beungeutna.


Geus kitu mah Si Kumbay ngalanggéor, anu saterusna mah nagog di hareupeun Jang Aji.


"Teu nyangka, Dén. Geuning geus luhung kitu élmu téh, geus bisa nurutan Ki Patih ayeuna mah!" Teuteup Si Kumbay siga anu pohara katajina.


"Ah, kersaning Alloh wé éta mah, da kuring mah teu bisa nanaon!"


"Eu..., tulungan kuring atuh, Dén. Kuring téh hayang bisa mancalaputra- mancalaputri siga anu séjénna. Bisa robah jirim téh ngan ukur kana wujud domba wé wungkul. Ménta tulung ka Ki Patih ogé teu bisaeun."


"Ah, piraku?" Jang Aji kurang-kerung.


"Enya, geus kungsi dicobaan baheula ogé."


Sakedapan mah Jang Aji ngan ukur neuteup jirim lodaya anu keur nagog di hareupeunana, anu saterusna mah unggut-unggutan sorangan.


"Hmm, nya engké wé, lamun pigurueun kuring geus kapanggih."


"Bener, nya, Dén?"


Jang Aji ukur unggeuk.


Gaur...!


Si Kumbay ngagaur siga anu bungaheun pisan.


Tunda heula lalampahan Si Kumbay anu keur maturan Jang Aji enggoning maluruh pigurueun anu teuing di mana ayana. Urang sampeur heula kaayaan di Lembur Cisugri, hiji lembur anu masih kénéh kaasup kana wewengkon kakawasaan Darmatih, anu saméméhna mah kungsi jadi panganjrekan Jang Aji sakulawarga.


Dina mangsa anu sarua, dua jalma anu tarumpak kuda, lumampah nyorang jalan di pilemburan. Tétéla éta dua jalma téh taya lian Radén Angkara jeung salah saurang prajuritna.


"Tuh itu, Dén!" Salah saurang prajurit nunjuk wangunan hiji imah anyar anu karék satengah anggeus.


Radén Angkara unggut-unggutan, anu saterusna mah ngagancangkeun laju kudana, kalayan teu kungsi lila ogé duanana geus aya di buruan éta imah. Teu lila antarana, saurang lalaki anu tétéla geuning Kang Diman, gura-giru nyampeurkeun, anu saterusna mah deku di hareupeun kuda anu ditumpakan ku Radén Angkara.


"Boga duit ti mana manéh bisa ngawangun imah?" Teuteup Radén Angkara pohara seukeutna.


"Kapaksa ngical kebon sapelok, Dén. Rorompok abdi tos badé runtuh pisan." Kang Diman mingkin deku.


"Hmm, aya keur mayar pajegna?"


"Kantenan wé, Radén. Abdi ngéstokeun pisan kana aturan karajaan. Abdi teu wantun ari kedah baha mah."


"Hahaha.... Hadé..., hadé. Geuwat, pajegna!" Radén Angkra namprakeun dampal leungeunna.


"Antos sakedap, Radén!"


Geus kitu mah gura-giru Kang Diman asup ka imahna anu karék satengah jadi, kalayan teu kungsi lila ogé geus ngurunyung deui nyampeurkeun ka Radén Angkara.


"Mangga, nyanggakeun artos pajegna, Radén!" Kang Diman rengkuh pisan mangsa ngasongkeun kanjut kundang leutik ka Radén Angkara anu masih kénéh anjeuceleu dina tonggong kudana téh.


Gap, Radén Angkara nampanan paméré Kang Diman. Sanggeus diudar talina, eusi kanjut kundang diilikan, diitung taliti pisan.


"Éta artos, anu salangkungna mah tawis kaajrih sareng panghormat abdi ka Radén, anu janten salah sawios gegedén di ieu karajaan." Kang Diman rada ngalem ngomongna téh.


"Hahaha.... Alus, alus. Pék, teruskeun deui wé ngawangun imahna!" Radén Angkara siga nu bungah.


Kang Diman ukur unggeuk. Geus kitu mah Radén Angkara jeung saurang prajuritna patinglaléos ninggalkeun éta patempatan.


"Hmm, dasar jelema belegug!" Gerendengna Kang Diman, mangsa Radén Angkara jeung saurang prajuritna geus rada jauh ninggalkeun dirina.


Ari Radén Angkara jeung saurang prajuritna mah kebat baé neruskeun lalampahanana, nyorang jalan pilemburan anu lumayan rada lalega. Di satengahing perjalanan, Radén Angkara ngeureunkeun heula kudana, mangsa pasanggrok jeung dua prajurit anu sarua tarumpak kuda.


"Kumaha?" Radén Angkara rut-rét ka nu diajak nyaritana.


"Hasil, Dén. Ladang ngical kebonna saurna téh ari Si Usup mah matak kabedag ngoméan bumina téh," témbal prajurit anu saurang, anu tétéla geuning sarua geus nagih pajeg ngawangun imah.


"Oh. Mana duitna?" Radén Angkara namparakkeun dampal leungeunna.


Teu talangké, kalayan teu kungsi turun heula tina kudana, éta prajurit masrahkein kanjut kundang ka Radén Angkara. Eusi kanjut kundang gancang diilikan. Sakedapan mah Radén Angkara surangah-séréngéh bari unggut-unggutan.


"Alus. Yeuh duit nu ieu mah pasrahkeun ka Radén Anjana. Duit anu ti Si Diman mah urang beulikeun kana arak. Engké deui, lamun aya piduiteun téh teu kudu bébéja ka Radén Anjana. Bébéja ka kaula wé, pan maranéh ogé jadi kabagéan!" ceuk Radén Angkara, kituna téh bari masrahkeun deui kajut kundang anu saméméhna dipasrahkeun ku éta prajurit.


"Siap upami kitu mah, Radén!"


Radén Angkara unggut-unggutan kalayan siga nu bungah pisan, tilu urang prajurit ogé jadi pipilueun patingséréngéh bari silihrérét jeung pada baturna. Geus kitu mah Radén Angkara jeung tilu prajuritna, kalayan mawa paroman anu barungah pisan, gagancangan nyorang jalan anu brasna ka karaton.


Hanca.

__ADS_1


__ADS_2