
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
(38)
Langit lénglang taya tédéng aling-aling. Panon poé, dina mangsa harita mah asa téréh pisan nérékélna, lir anu geus teu sabar sarta ngajurung-ngajurung ka rébuan prajurit Trisula Emas anu dibantu ku rébuan prajurit ti pihak Ki Cakra, pikeun sagancangna miang enggoning nanjeurkeun kaadilan jeung bebeneran.
"Hidup Trisula Emas...!"
"Hidup...!
"Hidup Trisula Emas...!"
"Hidup...!"
Kaayaan di alun-alun éstuning sahéng ku nu patingkeulweuh. Bandéra karajaan patingkélébét di ditu di dieu. Prabu Ungkra jeung Ki Patih Sampala anu harita geus anjeucleu dina kudana, neuteup seukeut ka rébuan prajurit anu geus siap pikeun ngorbankeun nyawa, demi kalumangsungan sarta pikahareupeun karajaan jeung rahayatna. Ari Jang Aji jeung Ki Cakra, sarta ratusan prajurit aki-aki anu satia ka Prabu Siloka Wicakra mah, béda deui tutumpakanana ogé. Jang Aji anjeucleu dina tonggong Si Kumbay. Ki Cakra katémbong gagah dina tonggong gajah. Anu séjénna mah aya nu tumpak badak, aya nu tumpak ajag, jeung sajabana. Sakabéh warga anu hayang jajap, ngajajar ngurilingan palataran alun-alun, kaasup Jang Ukun jeung Mng Tarya, anu patingpolohok mangsa nempo rébuan prajurit ti bangsa jin anu rupa-rupa pisan wujudna, anu ujug-ujug jlug-jleg teuing ti mana daratangna. Pangpangna pisan mah alatan nempo Jang Aji patingpolohokna téh, sabab tétéla Jang Aji mah ngajajarna téh dina barisan pamingpin ti unggal pasukan.
Rébuan prajurit anu geus ngajéngjréng méh minuhan alun-alun karaton, éstuning samakta ku pakarangna séwang-séwangan. Anu marawa tumbak, ngumpul jeung anu marawa tumbak deui. Pasukan panah, pasukan kuda jeung sajabana, siga anu geus teu sabar enggoning ngadagoan paréntah ti nu jadi pamingpinna.
Rét, Ki Cakra ngarérét ka Prabu Ungkara. Anu dirérétna gancang unggeuk. Cung, ngacungkeun trisula kelir emas anu dicekel ku leungeun katuhuna.
Jep!
Sahéngna rébuan prajurit jeung warga anu hayang jajap, dumadakan jempé mangsa nempo pamingmpinna rék nyarita mah.
"Kaula nganuhunkeun pisan ka sakumna prajurit anu sakieu sarumangetna, enggoning ngabéla sarta ngabajoangkeun hak-hak rahayat jeung karajaan, sarta teuneung ludeung sok sanajan kudu korban nyawa, demi ngawujudna kaadilan jeung kajayaan di ieu karajaan. Boh ti paraprajurit Trisula Emas, pon kitu deui paraprajuritna ti pihak Ki Patih Agung anu ngabantu karajaan urang. Sajaba ti éta, kaula ogé nganuhunkeun pisan ka sakumna rahayat Trisula Emas, anu geus béla sarta ngarojong ku do'a, pikeun kasalametan jeung kajayaan karajaan urang saréréa. Hayu..., urang buleudkeun patékadan. Urang bajoang nepi ka keclak getih nu panungtungan, demi pikaheureupeun jeung katengtreman karajaan urang!" Prabu Ungkara jojorowokan, enggoning nyumangetan sarta ngagedékeun haté paraprajurit jeung rahayatna.
"Hidup Kangjeng Prabu...!"
"Hidup...!
"Hidup Ki Patih Agung...!"
"Hidup...!"
"Hidup Trisula Emas...!"
"Hidup...!"
Jeung enyana, sanggeusna Prabu Ungkara ngomong kitu, rébuan prajurit jeung rahayat Trisula Emas, katempona téh siga anu mingkin ngabebela sumangetna. Atra pisan tina cara patingjorowok jeung tina cara ngacung-ngacung pakarang sarta peureupna, anu paselang jeung patingkélébétna bandéra ti unggal pasukan.
"Pikeun kasalametan sakumna pasukan jeung kajayaan Trisula Emas, hayu urang babarengan ngado'a heula ka Dat Anu Maha Gagah, Anu Maha Nyalametkeun tur Maha Masihan Kakuatan ka urang saréréa!" jorowokna Prabu Ungkara deui, dibarengan ku rut-rét ka lautan jalma anu aya dina kapingpinanana.
Luk, saréréa tarungkul. Pangrekés jeung do'a mumbul ka alak paul, marengan cluk-clukna cimata enggoning munajat ka Nu Maha Kawasa.
Tét térétét tét...!
Saréngséna ngado'a, tarompét perang disadakeun.
"Hyakh...!"
Prabu Ungkara miheulaan nyentokkeun tali kuda nu keur ditumpakanana. Kuda ngajéréhém siga nu bungah, sarta anu saterusna mah mimiti ngaléngkahkeun sukuna ninggalkeun palataran alun-alun, dituturkeun ku Ki Cakra jeung ku Jang Aji, sarta ku rébuan parajurit anu séjénna. Ari sabangsaning tutumpkan anu bisa haliber mah, patingselepung sarta patingkalayang di awang-awang.
"Hidup Trisula Emas...!"
"Hidup...!"
"Hidup Trisula Emas...!
"Hidup...!"
Rahayat Trisula Emas siga nu hayang nyumangetan rébuan prajurit anu mariang ka médan perang, anu mingkin lila mingkin ngajauhan.
"Ya Alloh..., salametkeun Dén Aji, Ya Alloh...!" Gerendengna Mang Tarya dibarengan ku keclakna cimata, kituna téh bari ngabasakeun radén ari ayeuna mah, anu tayohna, ari lila ku lila mah Mang Tarya ogé jadi nyahoeun, saha Jang Aji nu sabenerna.
Jang Ukun mah teu eureun murubutkeun cimata mangsa nganteur aleutan rébuan prajurit ku paneuneteupna téh, teu jauh béda jeung kalalolobaanana rahayat Trisula Emas, anu harita masih kenéh patingjarengjen di éta patempatan.
Rébuan prajurit ti pihak pasukan Trisula Emas, mingkin lila mingkin jauh ninggalkeun alun-alun karaton, nepi ka antukna mah reg, rébuan prajurit areureun heula sakeudeung, sanggeusna anjog ka hiji patempatan.
__ADS_1
"Jaga kasalametan, Radén, Ki Patih!" Parabu Ungkara rut-rét ka Jang Aji jeung ka Ki Patih Sampala.
Jang Aji jeung Ki Patih Sampala méh bareng arunggeuk, kalayan pada-pada teu kungsi kedal ucapan.
"Hyahk...!" Geus kitu mah Prabu Ungkara nyentokkeun deui tali kudana.
Pasukan jadi dibagi dua. Lajuna kuda anu ditumpakan ditumpakan ku Prabu Ungkara, dituturkeun ku Ki Cakra jeung ku puluhan abdi dalemna, sarta ku rébuan prajurit anu séjénna. Ari pasukan anu dipingpin ku Jang Aji jeung ku Ki Patih Sampala mah jumlahna ngan ukur ratusan, tayohna mah kabagéan ngahadang pasukan Darmapatih anu rék ngaliwat ka wates karajaan.
Dina mangsa pihak Trisula Emas geus ngerahkeun pasukanana, aleutan rébuan parajurit ti pihak Darmapatih ogé, harita téh geus pohara jauhna ninggalkeun wewengkon karajaanana. Ki Patih Purwasesa anu dibaturan ku Radén Angkara nu jadi anakna, mingpin ratusan prajurit anu kabéh tarumpak kuda, nyorang jalan anu brasna ka tapel wates antara Karajaan Trisula Emas jeung karajaan leutik anu séjénna. Di luhureunana, patingkalayang puluhuan sabangsaning manuk anu pohara baradagna, tayohna mah parajuritna ti anu ti bangsa jin.
"Eureun heula!" ceuk Ki Patih Purwasesa, mangsa manggihan palataran anu lumayan négla.
Reg, ratusan prajurit méh bareng ngeureunkeun kudana.
"Kaluarkeun bebekelan. Teu kuat, kaula mah geus lapar pisan!" ceuk Ki Patih Purwasesa deui, kituna téh bari ngarérét ka salah saurang prajuritna.
Anu diajak nyarita gacang unggeuk, sarta gura-giru nurunkeun bebekelan anu patinggarantél dina tonggong kudana. Geus kitu mah saréréa ogé pipillueun jrat-jrut sarta anu saterusna mah ngadon ngabarak, cacaleuhakan murak bebekelanana séwang-séwangan. Ari puluhan prajurit ti bangsa jin anu kabéhanana sabangsaning jirim anu bisa haliber wungkul mah, mangsa nu séjén keur dalahar téh, maranéhna mah teu eureun patingkalayang, muteran awang-awang.
Siga anu ngareunah pisan ratusan Ki Patih Purwasesa jeung ratusan prajurit mangsa dalaharna téh, da kawantu geus nyorang lalampahan anu pohara jauhna, sok sanajan tarumpak kuda. Iwal Radén Angkara au teu milu dahar téh, manéhna mah malah ngaleguk nohtor arak tina wadahna.
"Dupi pasukan Kangjeng Prabu, kinten-kintenna parantos dugi atanapi teu acan, nya?" Radén Angkara neuteup bapana.
"Acan atuh. Komo jalan ditu mah rada nguriling!" témbal Ki Patih Purwasesa semu ngosom.
"Kacipta wé, kumaha patingpolohkna tah pasukan Trisula Emas téh, mangsa geus apaleun kadéoh ku taktik urang!" Radén Angkara cungar-cengir némbongkeun huntuna.
"Hahaha.... Saha heula atuh anu nyusun siasatna!" témpas Ki Patih Purwasesa semu dangah.
"Hahaha..., pinter pisan, Kangjeng Rama mah!"
"Tapi sing inget, pancén urang mah ngan saukur mancing pasukan Trisula Emas, sangkan jarauh ti karatonna. Saupama geus pahareup-hareup téa mah gancang baé kalabur deui ka Darmapatih, da nyanghareupan pasukan Trisula Emas ogé moal kuat ari jumlah urang ngan ukur sakieu mah!"
"Sumuhun, Kangjeng Rama. Tos ngartos pisan abdi ogé."
"Moal gabung sareng pasukan Kangjeng Prabu, Ki Patih?" tanya salah saurang prajurit anu daharna deukeut jeung Ki Patih Purwasesa.
Prajurit anu cikénéh nyarita, langsung cicing mangsa geus dikitukeun mah. Ari Ki Patih Purwasesa mah ngan ukur unggut-unggutan, tandaning ngabenerkeun kana kekecapan nu jadi anakna.
Saréngséna dalahar, sarta karasana cukup enggoning ngareureuhkeun heula kacapéna, antukna mah Ki Patih Purwasesa jeung ratusan prajuritna nareruskeun deui lalampahanana.
Dina mangsa panon poé geus mingkin ngaluhuran, antukna mah abringan Ki Patih Purwasesa, narepi ka wates karajaan Trisula Emas. Reg, saréréa eureun, sanggeusna Ki Patih Purwasesa méré isarat ku jalan ngacungkeun leungeun katuhuna.
"Hahaha.... Tuh tempo, pasukan belegug geus kapancing!" Ki Patih Puwrasesa siga nu bungah pisan mangsa ti kajauhan, katémbong pasukan Trisula Emas anu geus ngajaranteng di hiji palatarana anu négla.
"Ké ké ké...! Tapi naha mung sakedik geuningan, Ki Patih?" Salah saurang abdi dalem kurang-kerung bari nelek-nelek pasukan prajurit Trisula Emas anu jumlahna éstuning saeutik pisan.
"Heueuh. Naha, nya, euy?" Ki Patih Purwasesa ogé jadi pipilieun kurang-kerung.
"Paling ogé nyarumput sapalih, Kangjeng Rama, supados urang kapancing kanggo nyerang maranéhna." Radén Angkara nepikeun pamanggihna.
"Hmmm, bisa jadi." Ki Patih Purwasesa unggut-unggutan.
"Serang...!" Hawar-hawar, ti pasukan Trisula emas aya anu ngomando.
Gurudug...!
Ratusan prajurit Trisula Emas méh paheula-heula patingsuruntul, muru ka palebah pasukan anu pingpin ku Ki Patih Purwasesa. Katémbong, kekebul taneuh dumadakan mulek sapanjang tempat nu diliwatan.
"Kabur...!" Ki Patih Purwasesa langsung méré paréntah, kituna téh bari gura-giru malikeun kudana.
Gurudug...!
Gancang baé Ki Patih Purwasesa, Radén Angkara jeung ratusan prajuritna, méh heula-heula ninggalkeun éta patempatan.
Séot..., jleg jleg jleg!
Méh bareng pisan jeung kalaburna Ki Patih Purwasesa jeung paraprajuritna, ti awang-awang patingsirorot puluhan prajurit jin, anu sigana mah mémang geus diatur ti anggalna, pikeun nahan pasukan musuh, sangkan Ki Patih laluasa enggoning kalaburna.
__ADS_1
"Serang...!" Hiji jin anu geus robah wujud jadi lalaki anu gagah tur pohara jangkung badagna, langsung baé méré paréntah ka puluhan baladna.
Durugdug...!
Teu ngadagoan diparéntah dua kali, puluhan jin anu geus pada-pada robah jirim jadi dedegan prajurit anu garagah tur jangkung badag, langsung baé patingderegdeg mapag pasukan Trisula Emas.
Tapi, pikeun sakedapan mah puluhan jin ti pihak Darmapatih malah barengong bari gancang ngeureunkeun léngkahna, mangsa nempo ratusan prajurit Trisula Emas anu saméméhna patingderegdeg téh bet baralik deui, sarta diganti ku patingsuruntulna ratusan prajurit jin anu rupa-rupa wujudna.
"Goblog. Geuning Trisula Emas ogé gablegeun pasukan jin, euy!"
"Heueuh. Bahaya kaya kieu mah, euy!"
Jleg jleg jleg jleg jleg!
Ngan ukur dina waktu anu sakeudeung, prajurit jin ti pihak Darmapatih, ujug-ujug geus ditingker ku ratusan prajurit jin ti pihak Trisula Emas.
"Bwahaha.... Rék kumaha ari geus kieu, Bebel?" Hiji jin ti pihak Trisula Emas anu tina dedegna mah pohara jangkung badagna, lelenggakan siga nu ngeunah pisan.
Teu kungsi ngomong, gancang baé kabéhanana taki-taki sarta maresat pakarang ahéngna séwang-séwangan.
Wut..., wut...,wut...!
Hiji jin ti pihak Darmapatih, muter-muter ranté anu ngabebela, dina luhureun sirahna.
"Bwahaha..., musnahkeun, euy!" Hiji jin ti pihak Trisula Emas, langsung baé méré komando.
Séak...!
Siga anu sieun teu kabagéan lawan, ratusan prajurit ti pihak Trisula Emas, méh paheula-heula narajang musuh-musuhna.
Jelebét..., burinyay..., geleger...!
Béntrokan pakarang anu arahéng antara dua pasukan jin, ngabalukarkeun patingburisatna cahya jeung patinggelerna sora anu matak pikakeueungeun.
Séak..., jelebét..., geleger...!
Béntrokna antara dua pasukan jin pohara campuhna. Dua pihak siga nu pada-pada embung ngéléhan.
Dina mangsa dua pasukan jin keur adu hareupan, ari Jang Aji, Ki Patih Sampala jeung ratusan parjuritna mah ngan ukur narempokeun baé ti kaanggangan.
"Huakh...!"
Hiji jin ti pihak Darmapatih ngaoak pohara tarikna, tayohna mah kasabet ku gegendir anu jadi pakarang musuhna.
Gebur..., geretek..., les...!
Antukna mah éta jin anu cikénéh ngagoak téh, ngageretek siga anu dumadkan kaduruk, sarta anu saterusna mah ngiles tandaning musnah.
"Huakh...!"
"Hwadaw...!"
Gebur..., geretek...!
Mingkin lila, mingkin loba pasukan jin ti pihak Darmaptih anu kaduruk sarta lus-les tandaning musnah.
"Saéna, ayeuna mah urang langsung baé ngabantosan Kangjeng Prabu!" ceuk Jang Aji ka Ki Patih Sampala, mangsa geus yakin, yén puluhan jin ti pihak Darmatih téh moal lila deui ogé bakal marusnah.
"Ngiringan baé kumaha saéna ari abdi mah, Radén!" témbal Ki Patih Sampala siga anu teu boga pamadegan.
Sanggeus unggeuk, Jang Aji mah kebat baé maréntah Si Kumbay anu keur ditumpkanana, pikeun sagancangna nyusul Prabu Ungkara jeung rébuan prajuritna.
Gaur...!
Si Kumbay ngagaur, sarta anu saterusna mah kebat baé ngaléngkahkeun sukuna, dituturkeun ku ratusan prajurit anu séjénna.
Hanca.
__ADS_1