BANJIR GETIH DI DARMAPATIH

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH, episode 58


__ADS_3

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH


(58)


Sababaraha poé satutas lumangsungna perang antara dua karajaan, pihak anu unggul nyatana Karajaan Batununggal, langsung baé ngirim-ngirimkeun surat ka unggal karajaan leutik, anu eusina minangka béwara, yén Darmapatih geus jadi wewengkon kakawasaanana, sarta sakaligus nebarkeun béja, yén ngaran Darmapatih ogé anu canah mah dipupus, sabab wewengkonna dijadikeun hiji, nyatana jadi Karajaan Batununggal.


Poe harita dianteuran surat ku Batununggal, poé harita kénéh karajaan-karajaan leutik ngayakeun deui gempungan di Karajaan Trisula Emas.


"Ari kieu carana mah saéna tong dilami-lami, langsung baé urang rebut deui Darmapatih téh!" saurang raja ti karajaan leutik, rut-rét ka puluhan jalma anu keur ngariung di rohangan utama karaton.


"Sumuhun. Keun wé da tos puguh aya Radén Aji nu gaduh hakna!"


"Sapuk pisan abdi ogé! Dikawasa kénéh ku Prabu Dangdang mah moal bérés-bérés masalah urang téh, da tos puguh Prabu Dangdang mah jalmina telenges pisan. Buktosna wé, sadayana kulawargi Si Purwasesa ogé dugi ka digantung di alun-alun."


"Muhun. Rupina tos waktosna mungkas kasawenang-wenangan pamingpin anu nyangsarakeun rahayat téh!"


"Satuju...!"


"Tumpes Batununggal...!"


"Binasakeun Prabu Dangdang...!


Raja-raja ti karajaan leutik patingcelengkeung nepikeun pamadeganana.


Ki Cakra anu kapeto jadi pamingpin dina éta riungan, pikeun sakedapan mah ngan ukur unggut-unggutan bari rut-rét ka nu keur araya di dinya.


"Janten..., sadayan ogé parantos sapamadegan?" Ki Cakra muterkeun paneuteupna.


"Sumuhun, Ki Patih Agung. Urang bongohan serangna, supados Batununggal teu manggapulia!" celengkeungna Prabu Ungakara.


"Sapuk, Ki Patih Agung!"


"Leres..., mending dibongohan tah Batununggal téh!"


"Sapuk...!"


Kaayan di éta rohangan jadi pohara gandéngna.


Ari Jang Aji, patih-patih jeung puluhan abdi dalem anu milu kana dina riungan, ti tadi ogé ngan ukur ngaregepkeun, siga nu sieun pajarkeun hayang ngaluhuran raja-rajana ari kudu milu nepikeun kamandang mah.


"Kumaha, Radén?" Antukna mah Ki Cakra ngarérét ka Jang Aji, anu diukna méh ngaréndéng jeung Nyi Manik katut Bah Goncrang.


"Ari abdi mah ngiringan baé kana kasapukan sadayana. Nanging..., saéna mah kedah ku cara anu satria, teu kénging ngabongohan pihak lawan!" témbal Jang Aji pohara tandesna.


Jempé piken sakedapan mah, Prabu Ungkara ngan ukur silihrérét jeung raja-raja anu séjénna.


"Ageung pisan résikona ari kitu mah, Radén. Margi, pihak Batunggal téh pohara kuatna. Komo ayeuna mah kakuatanana langkung ageung, da tangtosna ogé sésa-sésa prajurit ti Darmapatih téh, sadayana ogé biluk ka Batununggal!" Prabu Ungkara nembrakeun rasa teu satujuna.


"Sumuhun, Radén. Mending ogé bongohan."


"Muhun, da pasukan jin ti pihak Batununggal téh pohara seueurna!"


Raja-raja nu séjén ogé jadi patingcelengkeung, siga anu pohara teu satujuna kana pamadegan Jang Aji dina mangsa harita. Ari Jang Aji mah katempona téh kalem baé, malah mésem bari unggut-ungutan enggoning muterkeun paneuteupna.


"Teu aya ajénna pisan ku jalan ngabongohan mah. Naon nu matak reueusna kanggo turunan urang jaga, mangsa nuju ngarobrolkeun lalakon sareng perjuangan nu janten luluhurna." Jang Aji rut-rét ka saréréa.


Anéh. Sok sanajan éta kekecapan bijilna ti budak satepak, bari jeung ngan ukur sakitu-sakituna, tapi kaayaan di éta rohangan dumadakan simpé. Boh Prabu Ungkara, Ki Cakra, pon kitu deui jeung nu séjénna, siga nu dumadakan heurin létah, turta kabetot kana alam rumasana séwang-séwangan.

__ADS_1


"Eu..., teras..., kumaha cara anu saéna atuh, Radén?" Antukna mah Prabu Ungkara malah ngumaha ka Jang Aji, kituna téh ari ayeuna mah ngomongna ogé jadi leuleuy deui.


Kabéh mata jadi museur ka Jang Aji, kaasup paneuteup Ki Cakra anu nepi ka molohok dibarengan ku gogodeg, mangsa dirina geus sadar, yén aya hiji kakuatan anu marengan kekecapan budak satepak anu harita keur diuk di antara riungan raja, nepi ka kabéh ogé siga anu kasirep sarta dumadakan turut tumut kana sakur-sakur omonganana.


"Nya, ari saéna mah kedah ku cara anu satria. Kintun baé serat ka pihak Batununggal, perkawis pihak urang anu badé nyuhunkeun hak kanggo ngawasa Darmapatih. Anu tangtosna ogé kalayan serat anu disarengan ku buktos sareng tawis kasapukan ti unggal karajaan alit. Sareng saurkeun, saupami pihak Batununggal nolak, mangka pihak karajaan-karajaan alit baris ngarebut Darmapatih ku cara paksa." Jang Aji rut-rét ka nu araya di dinya.


Simpé deui pikeun sakedapan mah, Prabu Ungkara ngan ukur rut-rét jeung pada baturna.


"Upami kitu carana mah, tos pasti bakal nolak atuh Prabu Dangdang téh!" celengkeungna raja Balarampa.


"Nya sawios, kari der wé upami nolak mah!"


Sajongjongan mah sakur anu araya di dinya ngan ukur silihrérét deui baé.


"Kumaha kinten-kintenna?" Ki Cakra rut-rét ka unggal raja.


"Abdi mah ngiringan baé. Sacara satria ogé hayu!" témbal Prabu Ungkara kalayan pohara pisan tandesna.


"Siap, abdi ogé!"


"Sapuk!"


Antukna mah saréréa meunang kasapukan, pikeun ngarebut Darmpatih anu geus dikawasa ku Batununggal, kalayan maké cara anu satria.


Teu diengké-engké deui, harita kénéh Prabu Ungkara maréntahkeun patihna pikeun nyieun surat, sarta anu saterusna mah dicap ku unggal raja ti sakabéh karjaan leutik.


"Ieu serat, disanggakeunana ka pihak Batununggal mah badé langsung ku abdi baé, supados mérélé itu-ieuna!" Ki Cakra rut-rét sarta ngacungkeun gulungan surat anu dikeupeul ku leungeun katuhuna.


"Moal janten matak, Ki Patih Agung?" Prabu Ungkara siga nu melang.


"Insya Alloh, moal nanaon."


Ki Cakra ukur unggeuk ditungtungan ku rut-rét ka balaréa.


Sanggeus réngsé ngabadamikeun itu-ieuna, antukna mah raja-raja ti unggal karajaan leutik marulang deui ka karajaanana séwang-séwangan. Teu tarumpak kuda, tapi dianteurkeun ku prajurit-prajurit jin Ki Cakra. Ngahaja, unggal raja dibaturan ku sababaraha prajurit jin, pajar téh lamun aya nanaon bisa méré iber kalayan sagancangna.


Samarulangna rara-raja, dina mangsa Prabu Ungkara, Ki Cakra jeung sababaraha urang abdi dalem geus mimiti ngawarangkong deui téh, ari Jang Aji mah kebat baé amitan, anu alesanana mah pajar téh teu kuat geus lapar. Taya nu wani nyarék saréréa ogé, tayohna mah karasa ku sorangan ari beuteung geus kukurubukan mah.


"Dén..., antosan sakedap!" jorowokna Ki Cakra, mangsa Jang Aji geus nepi ka lawang utama éta rohangan.


Teu kungsi némbalan, Jang Aji mah ngan ukur ngalieuk bari gancang ngeureunkeun léngakahna. Kalayan gura-giru Ki Cakra nyampeurkeun, pada neuteup ku Prabu Ungkara jeung ku nu séjénna.


"Aya kaperyogian naon deui, Ki?" Jang Aji rada kurang-kerung, mangsa Ki Cakra geus aya di hareupeuana.


"Weléh Aki mah panasaran. Nganggo naon dugi ka sadayana raja peruh ku kekecapan Radén téh?" Ki Cakra ngomongna rada dilaunkeun.


"Hehehe..., pan abdi ogé diwartosan ku Aki."


"Nu mana téa?" Ki Cakra kurang-kerung.


"Anu ucap kula ucap Alloh téa."


Ngan ukur bengong Ki Cakra mah mangsa nadéngé jawaban Jang Aji anu samodél kitu téh.


"Nambut heula inten anu Nyimas Pandani téa, Ki!" Jang Aji namprakeun leungeun katuhuna.


Teuing sadar teuing henteu, da puguh ogé masih kénéh dina kaayaan hulang-huleng, harita kénéh Ki Cakra masrahkeun anu dipénta ku Jang Aji. Jang Aji mah ngan ukur nyéréngéh mangsa nampanan inten kelir héjo téh, sarta anu saterusna mah kebat baé ninggalkeun Ki Cakra.

__ADS_1


"Dén...!" Ki Cakra garo-garo teu ateul, mangsa siga nu karék sadar, yén Jang Aji geus jauh ninggalkeun dirina.


'Hmm, kitu-kitu teuing budak téh. Bet aing ogé anu ngabéjaanana, can bisa ngagunakeunana ari kalimah anu éta mah!' gerentesna Ki Cakra, kituna téh bari hulang-huleng siga anu pohara bingungna.


Ari Jang Aji, anu cenah mah geus lapar, sakaluarna ti rohangan utama karaton téh malah ngoréléng ka patamanan. Gék, dina bangku anu kaiuhan ku ngaroyomna dangdaunan. Paneuteupna nguriling, muteran éndahna patamanan. Siga nu betah pisan diuk di dinya téh, nepi ka aya kana satengah jamna.


"Aa nuju naon?"


Jang Aji mah rada curinghak mangsa ngadéngé sora ti tukangeunana téh. Barang dirérét, tétéla geuning Nyimas wening. Nyéh, Jang Aji ngajak seuri. Gancang baé Nyimas Wening ogé males ku seuri nu pangnyarina.


"Aéh, geuning..., dieu calik!" Jang Aji nepakan bangku.


Siga nu bungah pisan mangsa diaku téh, gancang baé Nyimas Wening ngojéngkang bari runya-renyu. Gék, di gigireun Jang Aji. Nyéh, sura-seuri deui. Jang Aji mah ngan ukur mésem. Gap, ngaranggeum laléncopna ramo-ramo lewanoja geulis, anu teu eureun-eureun malédogkeun imut kareueutna.


"Aa...."


"Hm?"


"Aa palay naon ti abdi?" Gulak-gilek jeung runya-renyuna Nyimas Wening éstu pinuh ku panangtang.


"Aa mah hoyong dianteur ka Darmapatih," témbal Jang Aji pohara kalemna.


"Badé naon ka Darmapatih, A?" Nyimas Wening kurang-kerung.


"Urang nyusulan Nyimas Pandani."


"Ah, goblog.... Sugan téh teu nyaho!" Nyimas Wening nepi ka jejebris.


Jang Aji mah ngan ukur nyéréngéh mangsa nempo pamolah Nyimas Wening anu samodél kitu téh.


Burinyay..., jleg!


Dumadakan Nyimas Wening robah wujud jadi jirim lodaya, anu tétéla geuning Si Kumbay. Jang Aji mah ngan ukur sura-seuri nempo kitu téh.


"Rék naon nyusulan Si Pandani, Dén?" tanya Si Kumbay, rada ngagerem ayeuna mah sorana téh.


"Hayu wé anteur!"


"Rék bari tumpak Nyimas Wening moal, Dén?"


"Kop baé, ngan moal bisa robah deui kana wujud nu séjén."


"His..., tong kitu atuh, Dén!" Si Kumbay siga nu langsung kasieunan.


Brek, Si Kumbay langsung depa di hareupeun Jang Aji. Jang Aji mah ngan ukur nyéréngéh. Clak, kana tonggong éta lodaya.


Selepung...!


Geus kitu mah langsung baé Si Kumbay nyelepung ninggalkeun éta patempatan, sarta mingkin lila mingkin ngajauhan.


Ari anu rék disusulan ku Jang Ajina mah, enya Nyimas Pandani, harita téh keur jojorélatan di antara rembetna kakayon leuweung, kalayan matana anu cingceung ka ditu ka dieu, siga keur aya nu ditéangan.


Reg, sakedapan mah Nyimas Pandani ngeureunkeun heula léngkahna. Sapasang ceulina tirancung-rancung siga anu keur ngadédéngékeun sumber sora.


"Hmm, teu burung kapanggih, siah!" Gerendengna Nyimas Pandani, kalayan sorot mata siga anu dumadakan silalatuan.


Jorélat..., jleng jleng jleng...!

__ADS_1


Geus kitu mah gancang baé Nyimas Pandani jojorélatan deui, muru sumber sora anu cikénéh katangkep ku pangdéngéna.


Hanca.


__ADS_2