BANJIR GETIH DI DARMAPATIH

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH, episode 18


__ADS_3

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH


(18)


Wanci geus nyedek ka peuting. Dina mangsa éta, abringan kuda anu ditumpakan ku Radén Anjana saparakanca, geus narepi ka palataran hareup Karaton Darmapatih. Méh bareng saréréa jrat-jrut tina kudana.


"Ieu, mihapé heula. Engké anteurkeun ka rohangan kaula!" Radén Anjana ngasongkeun kanjut kundang kelir beureum ka salah saurang prajuritna.


Ki Patih ogé teu jauh béda, mihapékeun heula kanjut kundang ka salah saurang prajurit anu marengan dirina. Prajurit-prajurit anu dititah, ngan ukur arunggeuk siga anu geus ngarti pisan. Geus kitu mah kebat baé Radén Anjana muru ka jero karaton, dituturkeun ku Ki Patih anu nananggeuy peti kai.


Sanepina ka rohangan utama karaton, kasampak Prabu Raksapada keur cacalakatakan jeung puluhan abdi dalemna, dibaturan ku puluhan wanoja geulis anu carumentil sarta lunda-léndé pohara ogona. Sababaraha urang abdi dalem geus aya anu patingjaloprak dina amparan karpét, sawaréh ngacapruk diselang ku saleuseurian, kalayan teu puguh anu keur diseungseurikeunana. Puluhan wadah arak katémbong pasoléngkrah, paselang jeung pabalatakna dahareun anu barahé balas katéjéhan. Ari Radén Angkara, Nyai Manik jeung Bah Goncrang mah teu katémbong dina éta riungan.


"Tah, geuning geus marulang!" Prabu Raksapada rada curinghakt mangsa nempo Ki Patih jeung Radén Anjana anu patingkurunyung téh.


"Nyanggakeun upetina, Kangjeng Prabu," Kalayan pohara rengkuhna Ki Patih masrahkeun upeti ti Karajaan Trisula Emas, sanggeusna aya di hareupeun rajana.


Sanggeus ditampanan, tutup peti gancang dibuka.


"Goblog! Piraku ngan sakieu?" Prabu Raksapada siga nu keuheuleun pisan mangsa nempo eusi peti anu kurang ti satenagahna téh.


Sababaraha urang wanoja anu keur léléndéan kana dada Prabu Raksapada, langsung patingkoléséd siga anu sarieueun.


"Mung mampuheun sakitu, Kangjeng Prabu. Saurna téh nuju usum paceklik, margi tatanén rahayatna nuju kaserang hama beurit anu pohara mahabuna." Ki Patih anu pangheulana némbalan.


"Sumuhun, Kangjeng Rama. Abdi sareng Ki Patih ogé tadi téh ningal heula kaayaan tatanén di Trisula Emas, kanggo ngabuktoskeun bilih ngabohong." Radén Anjana gancang ngéngklokan.


"Hmm, nu kamari ku hama wereng, ayeuna ku hama beurit. Hantem wé ku hama. Upeti nu kahareupna mah upayakeun sina leuwih ti ieu!"


"Parantos dikitukeun ku abdi ogé, Kangjeng Rama. Badé maksa téh hawatos, da katingal pisan ku abdi sareng ku Ki Patih ogé, kaayaan di Trisula Emas téh nuju pohara pisan paceklikna," témbal Radén Anjana siga nu enya.



"Hmm, nya geus wé ari kitu mah. Bisi rék nginum, Ki Patih..., nyokot ku sorangan!"


"Hatur nuhun, Kangjeng Prabu. Abdi mah capé, hoyong leleson heula."


"Sami abdi ogé, Kangjeng Rama. Capé, hoyong leleson."


"Nya kumaha dinya wé éta mah!"


Sanggeusna amitan mah Ki Patih jeung Radén Anjana gura-giru ninggalkeun éta rohangan. Sakaluarna ti rohangan utama karaton téh, sakedapan mah duanana silihrérét bari patingséréngéh siga anu barungah pisan. Geus kitu mah Ki Patih jeung Radén Anjana, kebat baé muru ka rohanganana séwang-séwangan.


Dina mangsa anu sarua, di rohangan utama Karaton Trisula Emas ogé harita téh keur ngarariung, tapi lain keur pésta arak siga gegedén Darmapatih. Prabu Ungkara, Ki Patih jeung sakabéh anu keur hadir dina riungan, tina paroman beungeutna mah jelas pisan keur kahuru ku amarah nu ngabebela.


"Lamun cicing waé, mangka pasti karajaan urang téh bakal mingkin diperes, sarta mingkin dinticak!"


"Heueuh ari kitu téa mah, tapi dilawan ogé da lain lawaneun ari Darmapatih mah!"


Kitu diantara récokna wangkongan paraabdi dalem anu harita keur ngariung téh.


"Jarempé...,jempé...!" Ki Patih gancang nyelengkeung, mangsa sora Prabu Ungkara anu ngamimitian nyarita, kasilep ku sahéngna galécok puluhan abdi dalem anu keur araya di dinya.


Jep, saréréa langsung jarempé, paneuteupna museur ka Prabu Ungkara nu jadi rajana.


"Kaula aya tepikeuneun, sok sanajan ari satadina mah perkara ieu téh moal waka ditepikeun ka sasaha, tong mah ka aranjeun kabéh, dalah anak jeung pamajikan kaula ogé can dibéjaan."


Saréréa ngan ukur ngaregepkeun, siga taya nu wani némpas mangsa Prabu Ungkara ngamimitian nyarita téh.


"Sapuluh poé anu geus kaliwat, Panaséhat Karajaan urang nyatana Ki Donggal, noron tilu peuting, ngimpi kasumpingan ku Prabu Siloka Wicakra. Dina éta impian, Prabu Siloka Wicakra téh nguningakeun, yén katurunanana anu boga hak pikeun ngawasa Darmapatih, aya kénéh anu nyésa. Tah, éta impian téh akur pisan jeung impian kaula."


"Waduh..., berarti éta mah sanés mung sakadar impénan, Kangjeng Prabu!"


"Muhun, pasti wangsit éta mah, Kangjeng Prabu!"


"Muhun, tos pasti wangsit éta mah!"


Ki Patih jeung sababaraha urang abdi dalem, patingcelengkeung ngalungkeun panyangka jeung pangira-ngira.

__ADS_1


"Hmm, pamanggih kaula jeung Ki Donggal ogé nya kitu pisan. Terus deui, dina éta impian téh, Prabu Siloka Wicakra meredih, sangkan pihak karajaan urang mantuan éta katuruanana, pikeun ngarebut deui Darmapatih tina cekelan jalma-jalma anu jarahat. Ku sabab kitu, kumaha kira-kirana, naha aranjeun kabéh satuju pikeun mantuan turunan Prabu Siloka Wicakra enggoning ngarebut deui Darmapatih anu jadi hakna?" Prabu Ungkara rut-rét ka saréréa.


"Satuju pisan abdi mah, Kangjeng Prabu!"


"Abdi ogé sapuk pisan, Kangjeng Prabu!"


"Muhun, Kangjeng Prabu. Tuman diantep mah, Darmapatih téh mingkin nincak sarta campelak!"


Kaayaan di éta rohangan jadi ramé deui ku nu patingkeuleuweuh. Jarempé deui sotéh, pédah wé nempo Prabu Ungkara anu rék neruskeun deui omonganana.


"Kauala ogé sapamadegan pisan jeung aranjeun kabéh. Sacara pribadi, kaula geus ngabuleudkeun patékadan pikeun mantuan ngarebut deui Darmapatih. Sabab, karajaan urang nepi ka bisa ngadeg kénéh nepi ka mangsa kiwari téh, kapanan ari satadina mah berkat pitulungna Kangjeng Prabu Siloka Wicakra. Saupama diibaratkeun hutang téa mah, kaula rék sakuat tanaga mayar hutang luluhur urang ka anjeunna. Kaula percaya pisan, ari turunan Prabu Siloka Wicakra mah geus pasti mibanda kanyaah tur budi parangi anu pohara linuhungna!" Prabu Ungkara, ngomongna téh pohara tandesna.


"Hidup, Parabu Ungkara...!"


"Hidup...!"


"Hidup Prabu Siloka Wicakra...!"


"Hidup...!"


"Hidup Trisula Emas...!"


"Hidup...!"


Kaayaan di éta rohangan jadi mingkin sahéng ku nu patingkeuleuweuh sarta ngaracungkeun peureupna, kalayan siga anu sarumanget pisan pada-pada hayang numpes kasawenang-wenangan gegedén Darmapatih, anu ayeuna keur kumawasa.


"Dupi ayeuna, di mana ayana éta turunan Prabu Siloka Wicakra téh, istri atanapi pameget, tos sepuh atanapi anom kénéh?" Ki Patih nyelengkeung, ngahujanan ku pananya.


Nu araya di dinya langsung jarempé deui, alatan pada-pada hayang nyaho kana jawaban ti nu jadi rajana.


"Éta pisan sababna mah matak kaula teu sagancangna ngabéjakeun ieu perkara téh, sabab kaula jeung Ki Donggal ogé can nyaho, di mana ayana éta turunan Prabu Siloka Wicakra téh."


"Urang pilarian wé atuh, Kangjeng Prabu!" Salah saurang abdi dalem nepikeun kamandangna.


"Sumuhun, Kangjeng Prabu. Urang pilarian ka saban pileuweungan!" Nu séjén langsung sapuk.


Ki Patih jeung nu séjénna arunggut-unggutan.


Tunda heula kaayaan di karaton Trisula Emas, anu pamingpin jeung para gegedénna geus sapuk pikeun biluk ka turunan Prabu Siloka Wicakra, anu kaimpikeun ku Ki Donggal jeung ku rajana. Urang sampeur deui kaayaan di panyumputanana Ki Cakra jeung paraprajuritna.


Dina mangsa anu sarua, harita téh Kang Atang jeung Nyi Yati mah geus talibra di kamarna. Kari Ki Cakra anu masih kénéh ngajejentul dina korsi di patengahan. Ukur sorangan, da ari nu séjénna mah ti saprak di éta imah aya Kang Atang jeung Nyi Yati ogé, parindah ka wangunan imah anu séjén. Anu hartina, di éta imah mah ngan ukur dieusian ku Ki Cakra jeung kulawargana Kang Atang.


Teuteup Ki Cakra nu semu tanggah, kosong lir nembus lalangit imah. Sakapeung tarangna ngagurat, cicirén keur mikir meres uteukna.


Gebeg!


Teuing kunaon sababna, Ki Cakra bet ujug-ujug ngagebeg.


"Dén, Aji? Ah piraku, karék mah jejeg sawelas poé!" gerendengn Ki Cakra bari kurang-kerung.


Jung, Ki Cakra cengkat tina tempat diukna. Gancang kaluar ti éta imah.


Jorélat..., jleng jleng jleng...!


Sanggeusna nutupan deui panto imah mah, Ki Cakra jojorélatan, sarta mingkin lila mingkin ngajauhan tempat anu salila ieu jadi panyumputanana.


Sanggeus lumayan lila jojorélatan, antukna mah Ki Cakra nepi ka sisi talaga. Rék nempo Jang Aji tayohna mah. Tapi, saanjogna ka éta tempat téh, sakedapan mah Ki Cakra ngan ukur kurang-kerung, sabab tétéla ari Jang Aji mah geus teu nyampak dina tempat mujasmédina.


"Dén..., Dén Aji...!" Sora Ki Cakra rada ngaweuhan dina jemplingna peuting mah.


"Kulan." Kadéngé sora Jang Aji nu némbalan.


Gebeg!


Ki Cakra pohara ngagebegna, sabab sorana Jang Aji anu cikénéh némbalan téh, persis pisan aya di tukangeunana. Gancang Ki Cakra ngalieuk. Enya wé, kalayan kacaangan ku cahya bulan, katémbong Jang Aji keur sura-seri ka dirina.


"Dén..., naha geus hudang deui?" Ki Cakra siga nu rada kuciwa.

__ADS_1


"Parantos dugi, Ki," témbal Jang Aji pohara kalemna.


"Ah teu mungkin, karék mah sawelas poé!" Ki Cakra siga anu teu percaya.


"Parantos dugi, Ki," témbal Jang Aji, sarua jeung jawaban nu saméméhna.


"Cik cik cik..., jadi panasaran Aki mah. Hayu, urang di ditu ngawangkongna!" Ki Cakra nunjuk batu anu rada ngajémprak.


Sanggeus Jang Aji unggeuk, kebat baé Ki Cakra ngaléngkahkeun sukuna, dituturkeun ku Jang Aji. Gék, Ki Cakra sila dina éta batu, Jang Aji ogé nurutan, diuk di hareupeun guruna.


"Cik, geus nepi ka mana lalampahan téh, geus nepi kana éndahna cahya nu warna-warni atawa acan?" tanya Ki Cakra, kalayan teu kungsi basa-basi deui.


"Parantos kalangkung nu éta mah, Ki."


"Kaliwat..., maksudna kumaha?"


"Muhun parantos kalangkung."


"Jéh, ari Radén. Hensok atuh béjér baskeun, sangkan kaharti. Pan éta cahya anu warna-warni téh nu panungtungan!"


"Hehee..., sanés, Ki."


"Lain kumaha? Pan Aki ogé teu manggih deui nanaon ari geus cahya nu warna-warni éta mah!"


"Mmm, gumilangna cahya nu warna-warni éta mah sanés anu sajati, Ki."


Gebeg!


Katémbong Ki Cakra jadi pohara ngagebegna.


"Jadi, salila ieu téh Aki can nepi?"


"Nya duka. Mémangna, ari Aki parantos dugi ka mana?"


"Nya karék kana cahya nu warna-warni éta!"


"Ah, nu leres, Ki?" Jang Aji jadi siga nu bingung.


"Bener, Dén, Aki mah karék nepi k dinya. Ari kitu, Radén geus nepi ka mana?"


"Ka nu bodas, Ki."


"Masya Alloh..., Allohu Akbar...!"


Berebey...!


Teuing kunaon sababna, cipanon Ki Cakra ujug-ujug ngaberebey, anu saterusna mah ngagukguk di hareupeun Jang Aji nu jadi muridna.


"Ki..., ari Aki kunaon?" Jang Aji kurang-kerung.


Batan langsung némbalan, ari Ki Cakra mah malah mingkin ngagukguk salila-salia. Jang Aji mah ngan ukur bisa nempokeun bari kurang-kerung neuteup guruna.


"Karék guru Aki anu nepi ka dinya mah, Dén!" témbal Ki Cakra, sanggeus rada rerep tina ceurikna.


"Ah piraku, Ki?" Jang Aji siga nu mingkin bingung.


"Enya, Dén. Karék guru Aki anu nepi ka dinya mah. Éta mah panungtunganana."


"Hmm, teu acan tungtungna éta ogé, Ki."


"Maksudna?" tanya Ki Cakra, kituna téh bari ingsreuk-ingsreukan nyusutan cimata.


"Pan saur Aki ogé, Sang Hyang Taya mah teu wanda teu rupa. Tah, upami cahya anu warna-warni, atanapi anu bodas, pan aya warna sareng rupana anu éta mah. Janten, jelas éta mah sanés anu janten jugjugan."


"Masya Alloh..., Allohu Akbar..., Ya Alloh...!"


Ngan segruk wéh, sangédéngéna kekecapan Jang Aji anu samodél kitu téh, Ki Cakra ngagukguk deui, kalayan leuwih rosa batan saméméhna. Ari Jang Aji mah ngan kurang-kerung deui baé, ngarasa teu ngarti ku pamolah nu jadi guruna.

__ADS_1


Hanca.


__ADS_2