
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
(13)
Teu sirikna tibabaranting Jang Aji lalumpatan jeung indung bapana, enggoning nyalametkeun diri tina udagan Ki Patih saparakanca. Ngan orokaya, léngkah Ki Patih jeung balad-baladna, enya pangpangna pisan mah jin anu opatan, leuwih gancang ngudagna, nepi ka dina waktu anu sakeudeung ogé, jin anu opatan geus kari sababaraha méter deui aya di tukangeun Jang Aji jeung nu jadi kolotna.
Gajleng..., siet...!
Si Burik ngagajleng rék néwak awak Jang Aji. Teu béda wé jeung Kang Made Irawan anu keur ngagabrug bal, mangsa nyalametkeun gul Persib tina serangan lawan.
Blug!
Awak Si Burik ngagebut ninggang lemah. Ngan hanjakal ari anu ditéwakna mah teu beunang, alatan Jang Aji kaburu nyinglar. Tapi sok sanajan kitu, ari kuku leungeun Si Burik anu seukeut tur raranggoas mah, aya nu ngoét kana leungeun Jang Aji, nepi ka ngabulakarkeun leungeun Jang Aji ngeclak-ngeclakeun getih.
"Eureun!" Ki Patih anu lumpat pangpandeurina ngajorowok méré komando.
Opat jin, Randén Angkara jeung nu séjénna, sok sanajan rada héran ogé gancang baé ngareureunkeun léngakahna, sarta anu saterusna mah kurang-kerung neuteup Ki Patih.
"Deuleu ku maranéh, itu di hareup aya jurang!" ceuk Ki Patih semu nyérengéh, kituna téh dibarengan ku tutunjuk.
"Hahaha.... Rék lalumpat ka mana, siah!" Radén Angkara anu kuwari mah geus sadar kana kaayaan, lelenggakan siga nu ngeunah pisan.
"Bwahaha....!"
"Huahaha...!"
Si Kemplang jeung nu séjénna, jadi milu seuseurian mangsa nempo Jang Aji jeung indung bapana anu keur undur-unduran sart mingkin ngadeukeutan jurang, kalayan beungeut anu dumakan jadi sarepa.
"Hahaha.... Teu hésé geuning maluruh laratan sia téh!" Kalayan antaré pisan Ki Patih ngagandeuang ngadeueukeutan Jang Aji jeung indung bapana.
Opat jin, Radén Angakara, jeung anu séjénna, méh bareng nuturkeun léngkah Ki Patih, sarta mingkin lila mingkin deukeut ka Jang Aji jeung dua kolotna. Ari Kang Atang jeung Nyi Yati anu pangdeuekeutna kana beungeut jurang, mingkin sarepa deui waé, sabab di handapeun éta jurang téh, tétéla amparan rawa anu pinuh ku buhaya. Kalayn siga anu sieuneun pisan, Nyi Yati tipepereket nyekel leungeun salakina.
"Hahaha.... Rék kumaha ketak sia ari geus kieu?" Radén Angkara lelenggakan deui.
Opat jin jeung nu séjénna ogé jadi milu saleuseurian.
"Gancang cerek!" Ki Patih siga anu geus teu sabar.
Jleng jleng jleng...!
Teu diengkékeun deui, Si Burik jeung balad-baladna langsung baé patinggarajleng, rék nyerek Jang Aji jeung indung bapana.
Jleng jleng jleng..., kalayang...!
Jauh pisan tina sangkaan, méh bareng jeung patinggarajlengna Si Burik jeung balad-baladna, Kang Atang, Nyi Yati katut Jang Aji ogé patinggarajleng kana jurang, tayohna mah leuwih milih jadi parab buaya tibatan kacerek ku pihak Ki Patih mah.
Gujubar..., gerewek...!
__ADS_1
Siga anu geus lalapareun pisan, sangagebrusna Jang Aji jeung indung bapana kana éta rawa téh, puluhan buhaya pahibut sarta patinggerewek ngarecah awak Jang Aji jeung dua kolotna. Ngan ukur dina waktu anu sakeudeung, leutak rawa robah kelir jadi beureum. Nempo kitu, Ki Patih, Radén Angkara jeung nu séjénna, sajongjongan mah ngan bati barengong sarta bibirigidigan.
"Waduh..., kumaha ari geus kieu, Ki Patih?" Si Burik siga nu bingung.
"Kumaha naon ari maksud silaing?"
"Éta Si Atang jeung anak pamajikanna dihakan buhaya!"
"Atuh nya kajeun, pan paréntah utamana ogé modaran kulawarga Si Atang!"
"Enya ari kitu téa mah. Ngan naon anu rék dibawa, pikeun ngabuktikeun yén Si Atang jeug anak pamajikanna geus paraéh?"
Sajongjongan mah Ki Patih ogé jadi ngahuleng. Rét, kana rawa, anu dina waktu anu ngan ukur sakeudeung ogé, awak Jang Aji jeung indung bapana, geus béak dihakan ku puluhan buhaya.
"Wartoskeun saayaana wé, Kangjeng Rama. Kanggo buktosna mah ku itu ogé cekap!" ceuk Radén Angkara, kituna téh bari nunjuk kana dangdaunan.
Saréréa ngan ukur kurang-kerung mangsa nempo getih tina leungeun Jang Aji anu ngareclakan kana éta dangdauan téh.
"Maksud manéh kumaha, Angkara?" Ki Patih neuteup anakna.
"Muhun, éta getih jantenkeun buktos, yén kulawarga Si Atang geus palastra."
"Deuk kumaha ngabuktikeunana ari ngan ukur masrahkeun pecrétan getih mah?"
"Kapanan ari getih kulawargana Si Atang mah bénten, Kangjeng Rama. Bangsa jin ogé tiasa ngabéntenkeun."
"Hahaha.... Mingkin pinter manéh téh, Angkara. Kemplang..., cik ambeuan ku silaing. Naha bener éta téh getihna turunan Si Siloka Wicakra?" ceuk Ki Patih, kituna téh ditungtungan ku maréntah ka Si Kemplang.
Si Kemplang gancang ngagugu, ngadeukeutan sarta ngambeuan getih anu geus mimiti garing, anu patingalacrét dina dangdaunan. Ari Radén Angkara langsung dangah mangsa meunang pamuji ti nu jadi bapana téh.
"Bener pisan, Ki Patih. Ieu getih, asli turunan Si Siloka Wicakra. Murni teu maké pormalin jeung sajabana!" ceuk Si Kemplang, saréngséna ngambeuan getih dina éta dangdaunan.
"Naon pormalin téh?" Ki Patih kurang-kerung.
"Lah, pormalin wé pokona mah!"
"Hmm, Suji..., bungkus éta getih jeung dangdaunanana. Bawa pikeun bukti!" Ki Patih ngarérét ka Si Uji.
Teu diengké-engké deui, gancang Si Uji ngalaksanakeun pancénna. Geus kitu mah kalayan mawa paroman anu pohara marahmayna, Ki Patih saparakanca patinggaredig muru ka tempat panundaan kudana.
Sanggeus Ki Patih saparakanca lumayan jauh ninggalekeun beungeut jurang, saurang aki-aki anu mangsa ti pilemburan mula siga anu keur ngawaskeun gurak-gerik Ki Patih saparakanca, kalayan unggut-unggutan sarta surangah-séréngéh, kaluar tina panyumputanana.
Jorélat..., jleng jleng jleng...!
Kalayan dina gerakan anu pohara cepetna, saterusna mah éta aki-aki gujlang-gajleng jojorélatan, ninggalkeun éta patempatan.
Ari Ki Patih jeung balad-baladna, sanggeus tarumpak kana kuda mah kebat baé muru ka Karaton Darmapatih. Teu kacatur di jalanna mah, sanggeus nyorang lalampahan anu lumayan lilana sok sanajan tarumpak kuda, antukna mah Ki Patih saparakanca narepinka palataran hareup karaton Darmpatih.
__ADS_1
Sajrutna tina kuda téh, ganacang Ki Patih umajak ka saréréa, pikeun ngadeuheus ka Prabu Raksapada. Si Uji jeung baladna anu satadina mah embungeun milu ngadeuheus ka rajana, sanggeus dipaksa ku Ki Patih, anu tujuanana pikeun nguatan saksi mah, antukna duanana daraékeun milu asup ka rohangan utama karaton.
Di rohangan utama karaton, kasampak Prabu Raksapada keur ngariung jeung sababaraha urang abdi dalemna. Ari Nyai Manik jeung Bah Goncrang mah geus puguh tara tinggaleun.
"Sembah baktos, Kangjeng Prabu!" Ki Patih ngawakilan anu marengan dirina, kituna téh rék saha-saha ogé tara leupas tina dareku sarta acong-acongan nyembah heula ari ka Prabu Raksapada mah.
Gék, geus kitu mah Ki Patih jeung Radén Ngkara, dariuk dina korsi. Ari opat jin jeung dua prajurit mah, dariukna dina amparan karpét.
"Naha geus mulang deui, Ki Patih?" Prabu Raksapada mimiti nalék.
"Pancén ti salira parantos réngsé dilaksanakeun, Kangjeng Prabu!" témbal Ki Patih kalayan tatag.
"Mana jelemana atawa bugangna?"
Teu diengké-engké deui, barabat wéh Ki Patih nyaritakeun kajadian anu sabenerna. Radén Angkara, opat jin jeung dua prajurit, sakapeung nyelang milu nyarita, sakadar ngabenerkeun kana katerangan anu ditepikeun ku Ki Patih ka rajana. Sok sanajan katémbong teu langsung percaya, tapi Prabu Raksapada jeung kabéh anu keur araya di dinya, saregep pisan enggoning ngabandungan Ki Patih anu teu sirikna ngabudah enggoning cacaritana.
"Tah kitu kajantenanana mah, Kangjeng Prabu. Minangka buktos hiji-hijina anu tiasa kasanggakeun, tah ieu, getih anakna Si Atang, getihna katururunan Si Sikoka Wicakra." Kalayan rengkuh pisan Ki Patih ngasongkeun buntelan.
Ari Prabu Raksapada, mangsa diasongan buntelan téh malah ngarérét ka Bah Goncrang. Anu direretna geus surti, gancang nampanan buntelan leutik ti Ki Patih. Reup, geus kitu mah Bah Goncrang meureumkeun mata, dibarengan ku kunyam-kunyem mapatkeun jangjawokanana.
Jleg jleg jleg!
Di hareupun Bah Goncrang ujug-ujug ngajénggélék hiji jin, kalayan dina wujud anu pohara pikasieuneunana.
Brek!
Éta jin deku di hareupeun Prabu Raksapada.
"Aya naon, Kangjeng Prabu?" Sora éta jin pohara agemna.
"Pangmariksakeun, naha bener itu getih anu keur dicekelan ku Bah Goncrang téh, getihna katurunan Si Siloka Wicakra?"
Éta jin langsung baé ngarérét ka Bah Goncrang. Song, Bah Goncrang ngasongkeun buntelan ka éta jin.
"Bener pisan, Kangjeng Prabu. Ieu getih, bener-bener murni turunan Si Siloka Wicakra!" ceuk éta jin tatag kacida, sanggeusna ngambeuan getih anu geus garing, anu narapel dina sababaraha lambar dangdaunan.
"Hahahaha.... Hadé, Ki Patih. Ti semet ayeuna, geus moal aya deui anu ngancam kana kakawasaan kaula!" Prabu Raksapada siga anu sugema pisan.
Ki Patih anu satadina mah rada deg-degan, ayeuna mah siga anu pohara ngemplongna. Radén Angkara, Opat jin jeung dua prajurit anu milu bajoang jeung Ki Patih, silihrrérét dibarengan ku ngaracungkeun dua jempolna.
"Jung, bisi rék rareureuh heula. Perkara hadiana mah tong hariwang, dijamin nyugemakeun!" Prabu Raksapada rut-rét ka Ki Patih jeung ka nu séjénna.
"Hatur nuhun pisan, Kangjeng Prabu!" Méh bareng Ki Patih, Radén Angkara jeung nu séjénna, nunuhunan kalayan siga anu barungah pisan.
Sanggeusna amitan mah, kalayan mawa paroman anu kacida marahmayna, Ki Patih jeung anu séjénna, patinglaléos ninggalkeun éta patempatan.
Hanca.
__ADS_1