
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
(24)
Méga hideung patinggarayot di awang-awang. Welasan manuk kapinis patingcaricit patingkalayang, mapaésan wiati dina poéan anu geus anyar deui.
Barasat..., geleger...!
Barasatna kilat dituturkeun ku sora guludug.
Paralak..., paralak....
Cai hujan mimiti cluk-clak maseuhan taneuh jeung dangdaunan, sarta sakur naon baé anu katibanan, kaasup suhunan imah anu rada nenggang di hiji pilemburan, anu wangunganana kawilang basajan.
"Nyai..., hujan...!" jorowokna saurang lalaki tengah tuwuh, anu harita keur ngarautan daun kawung di tepas imah.
Teu lila antarana, ngurunyung saurang awéwé anu ampir saentragan.
"Aya hujan téh malah kulawah-keuleuweuh, lain pangjaitankeun popoéan!" Éta awéwé anu tayohna mah pamajikanna, dulak-delék sarta kukulutus.
"Kagok, keur nganggeuskeun ieu!" témbal éta lalaki, kituna téh bari némbongkeun daun kawung anu keur dirautanana.
Teu némbal deui, dina kaayaan jamedud, satengah gegejlig éta awéwé gura-giru nyaitan pakéan di buruan.
"Kolek waluh geus asak?" tanya lalaki anu harita masih kénéh anteng ngahanca pagawéanana, mangsa pamajikanna geus aya deui di hareupeunana.
"Sakeudeung deui, sina hipu heula. Aéh enya, ceuk Ceu Enoh, mun isukan ka kebon, ngagantian laja jeung surawung cenah!"
"Enya. Isukan wé ingetan deui, bisi poho!"
"Lamun geus karolot mah bari sakalian ngala...." Batan neruskeun caritaanana, éta awéwé malah kurang-kerung bari nelek-nelek saurang jajaka anu keur nunungtun domba, anu leumpangna semu gagancangan muru palebah dinya.
"Saha, nya, Kang?" ceuk nu awéwé deui, kituna téh dibarengan ku ngarérét ka salakina.
Nu dirérét ukur ngangkatkeun taktak tanda teu nyaho. Ari jajaka anu nunungtun domba, anu tétéla geuning Jang Aji, sanepina ka hareupeun tepas téh gancang baé uluk salam.
"Rampés!" témbalna éta sapasang salaki jeung pamajikan, méh bareng pisan.
"Manawi ngawidian, abdi badé ngiring ngiuhan," ceuk Jang Aji kalayan pohara rengkuhna.
"Oh. Hiyap atuh ka dieu, Jang!" tembal nu awéwé, daréhdéh nakeranan.
Batan langsung ngaléngkahkeun sukuna ka tepas imah, sajongjongan mah Jang Aji malah siga nu hulang-huleng.
"Sok ka dieu, Jang. Keun, domba mah urang kandangan ku Mamang!" ceuk nu lalaki bari gancang cengkat tina diukna. Ngarti kana kabingung Jang Aji tayohna mah.
"Waduh, nuhun pisan atuh upami kagungan kandangna mah, Mang!" Paroman Jang Aji siga nu bungah pisan.
Sanggeus éta lalaki nungtun domba ka pipir imahna mah, kalayan teu sirikna dodongkoan Jang Aji unggah ka tepas imah. Solongkrong, ngajak sasalaman ka éta awéwé. Rada hésé béléké éta awéwé mangsa narima dampal leungeunna Jang Aji téh, da bubuhan masih kénéh dina kaayaan nananggeuy popoéan.
"Ké atuh, Ceuceu rék nunda heula pakéan, nya!" ceuk éta awéwé.
"Oh, muhun mangga, Ceu," témbal Jang Jang Aji teu weléh rengkuh.
Geus kitu mah éta awéwé gura-giru ngoloyor ka jero imah. Sok, popoéan dulumbukkeun dina bangku awi anu aya di patengahan. Koloyor, ka rohangan dapur, sarta anu saterusna gusrat-gesrut nyicikeun cai kana dua bekong, teu kaliwat ngawadahan kolek waluh anu harita kabeneran geus asak. Geus kitu mah kebat baé éta awéwé muru deui ka tepas imah. Di tepas imah, kasampak salakina keur sasalaman jeung Jang Aji.
"Kabeneran aya kolek waluh. Hensok, Jang..., ngeunah geura keur hujan kieu mah!" ceuk éta awéwé sanggeusna nunda baki di hareupeun Jang Aji, kituna téh diselang ku ngarérét hujan anu mingkin lila mingkin ngerepan.
"Mending gé di jero, Nyi. di dieu mah carérét!" ceuk nu lalaki, kituna téh bari ised-isedan nyingkahan cai hujan nu malécrétan.
"Nya hayu atuh, Ujang, mending ogé di jero sakalian!" Nu awéwé siga nu langsung sapuk kana kekecapan salakina téh.
Sanggeus Jang Aji unggeuk tandaning sapuk kana pangjakna, nu boga imah gancang miheulaan asup. Jang Aji ngiclik nuturkeun. Gék, saréréa dina amparan samak pandan anu ngagelar di patengahan.
"Hensok, Ujang!" Nu lalaki ngasor-ngasorkeun kolek waluh, kituna téh sanggeus diirina leuwih tiheula ngarongkong kolek waluh bagéanana.
"Hatur nuhun pisan, ditampi atuh." Jang Aji rut-rét ka nu boga imah.
"Enya hensok, Ujang!" Nu awéwé siga nu bungah pisan mangsa susuguhna ditarimakeun téh.
__ADS_1
Celebek, geus kitu mah Jang Aji ngadahar kolek waluh. Siga nu ngeunah pisan katempona téh.
"Duh, raos pisan, Ceu!" Jang Aji semu ngosom.
"Nya hensok béakeun. Bisi kurang mah di dapur ogé aya kénéh! Aéh enya, ari ngaran Ujang téh saha? Asa karék nempoan Ceuceu mah."
"Eu..., wasta abdi mah Aji, Ceu."
"Oh, mani mayus pisan jeung rupa ngaran téh Jang, kasép. Oh enya, ngaran Ceuceu mah Omah, ieu salaki Ceuceu, ngaranna Tarya!" ceuk éta awéwé anu ngakukeun ngran Omah, kituna téh ditungtungan ku ngawanohkeun salakina.
"Geus ti mana jeung rék ka mana, Jang. Siga anu geus nyorang lalampahan anu jauh geuning ari katempona mah?" Mang Tarya milu tumanya.
"Mmm, kawit abdi mah ti Cisugri, Mang. Dugi ka dieu téh éstuning nuturkeun indung suku wé saur paripaosna mah."
"Jadi, ujang téh kabur ti imah. Ari itu domba saha? Kadé meunang maok!" Ceu Omah siga nu reuwas.
"Ari manéh, ngomong téh tara disaring!" Mang Tarya muncereng ka pamajikanna.
"Eu..., kieu, Ceu. Abdi téh tiasa disebatkein kabur ti Cisugri, margi diudag-diudag ku pihak karajaan." Sok sanajan enya kungsi diudag pihak karajaan, tapi ari Jang Aji mah teu nyaritakeun alesan nu sabenerna pangna nepi ka éta lembur téh.
"Beu, diudag ku karajaan mana..., jeung ari Cisugri téh di mana deuih?" Mang Tarya siga nu reuwas.
"Cisugri téh masih kénéh kalebet wewengkon Karajaan Darmapatih."
"Darmapatih? Atuh jauh pisan, Jang!" Mang Tarya pohara ngajenghokna.
"Kunaon bet nepi ka diudag-udag ku pihak ku karajan, Jang?" Ceu Omah tumanya deui.
"Gara-garana mah perkawis domba, Mang, Ceu."
"Masalah domba kumaha?" Mang Tarya siga nu banget panasaran.
"Putrana patih karajaan mikapalay domba abdi. Ari abdi alim ngical da tos nyaah pisan. Nya kabur wé abdi téh."
"Waduh, Sujang..., nepi ka kituna!" Ceu Omah siga nu melang.
"Ari geus nyaah mah kitu masing rék kana sato ogé, Nyi. Jeung enyana deuih, Jang, domba téh alus éta mah, gagah. Pantes matak Si Angkara hayangeun ogé!"
"Nya apal atuh, Jang. Da geus loba béjana, Si Angkara mah resep ngadu hayam jeung ngadu domba. Teu béda wé jeung bapana!"
"Oh, tos kawentar pisan geuning, Mang."
"Enya, kawentar ku talajak goréngna. Pajauh pisan gegedénna ogé, karajaan Darmapatih jeung karajaan di dieu mah."
"Mmm, dupi ieu lembur..., kalebetna kana wewengkon karajaan naon, Mang?"
"Ngaran lembur ieu mah Pasir Dangong, kaasup kana wewengkon Karajaan Trisula Emas."
"Oh, janten ieu wewengkon karajaan Trisula Emas téh? Ka Darmapatih ogé kawentar ku gegedénna anu balageur ari Karajaan Trisula Emas mah, Mang."
"Alhamdulillah, Jang. Oh enya, lamun geus ti dieu rék ka mana?"
"Nya ka mana wé, Mang, namina ogé abur-aburan."
Sakedapan mah Mang Tarya jeung Ceu Omah ngan ukur silihrérét.
"Eu..., lamun daék mah geus wé atuh cicing di dieu, Jang. Kabeneran Mamang mah teu dipercaya boga budak." Mang Tarya pohara dariana.
"Enya, Ujang. Keun wé perkara dahar jeung paké mah teu kudu mikiran!" Ceu Omah haget ngengklokan.
"Eu..., mmm, kumaha atuh, nya?" Jang Aji siga nu bingung.
"Enya. Geus wé cicing di dieu tibatan aprak-aprakan teu puguh mah. Aman ari di dieu mah, moal kasusul ku pihak Darmapatih, da jauh!" ceuk Mang Tarya deui.
'Hmm, keur saheulaanan mah asa euweuh salahna cicing heula di dieu ogé. Saha nu nyaho pigurueun aing téh aya di lembur ieu,' gerentesna haté Jang Aji.
"Nya, Jang Aji..., geus wé cicing jeung Ceuceu, nya?" Ceu Omah siga anu miharep pisan sangkan Jang Aji daékeun nganjrek jeung dirina téh.
"Eu..., mangga atuh upami Mamang sareng Ceuceu teu ngaraos kaabotan mah. Nanging, upami kaayaan parantos aman deui mah, abdi badé saénggalna wangsul ka Cisugri." Antukna mah Jang Aji narima kana kahadéan Ceu Omah jeung salakina.
__ADS_1
Atra pisan kabungah Ceu Omah jeung Kang Tarya mah mangsa Jang Aji daékeun cicing di imahna téh.
Sanggeus seubeuh ngawangkong, pangpangna mah nalékték ngeunaan kasangtukangna Jang Aji, sok sanajan ari jawaban Jang Aji mah sabenerna loba anu dipinding-pinding, harita kénéh Ceu Omah jeung Mang Tarya bébérés kamar anu rék dieusian ku Jang Aji. Jang Aji ogé henteu cicingeun, malah mah pangadaéknana enggoning milu mantuan bébérés kamarna téh.
"Lumayan sakieu ogé ari keur saheulaanan mah. Engké, lamun geus aya milikna mah urang meuli dipan anu weuteuh," ceuk Mang Tarya, saréngséna mérésan kamar.
"Sakieu ogé langkung ti cekap kanggo abdi mah. Hatur nuhun pisan kana sagala kasaénana, Mang, Ceu!"
"Enya, Kasép. Hampura wé teu bisa nyugemakeun, da...."
"Sampurasun...!"
Teu kebat Ceu Omah neruskeun omonganana, sabab kaburu kadéngé aya anu uluk salam bari keketrok kana panto.
"Rampés...!" Mang Tarya nyelengkeung némbalan, sarta gura-giru nyampeurkeun panto.
Sanggeus panto dibukakeun, kasampak di tepas imah geus ngajanteng saurang prajurit.
"Beu..., huhujan?" ceuk Mang Tarya pohara soméahna.
"Ah henteu, Kang, da parantos raat!"
"Oh, muhun geuning. Mangga atuh ka lebet!"
Kalayan rengkuh éta prajurit asup ka imah. Sanggeus éta prajurit sasalaman ka Mang Tarya jeung ka Ceu Omah katut ka Jang Aji mah, gék saréréa ngariung dina ampran samak pandan.
"Asa nembé ningalan, Jang. Kawit ti mana?" Jauh pisan jeung kabiasaan prajurit di Darmapatih, éta prajurit mah pohara sopanna.
"Eu..., wargi ti Cisugri ieu téh, kapialo. Ngahaja wé ka dieu. Sono saurna téh. Mmm, aya kaperyogian naon nepangan abdi?" témbal Mang Tarya, kituna téh bari gura-giru méngkolkeun wangkongan, sangkan éta prajurit teu kateterusan nanyakeun perkara Jang Aji tayohna mah.
"Oh. Eu..., kieu, Kang..., isin-isin ogé abdi téh kapaksa wé kedah ngadugikeun paréntah Kangjeng Raja." Éta prajurit eureun heula nyaritana.
Ari Mang Tarya, Ceu Omah jeung Aji mah ngan ukur nareuteup, siga anu keur ngadagoan kana perkara anu rék ditepikeun ku éta prajurit.
"Kieu, Kang.... Sapertos anu parantos kauninga ku sadayana, réhna karajaan urang mah dibengbeuratan ku kawajiban, nyatana kedah mayar upeti ka Darmapatih. Tah, basa kamari kasumpingan utusan Darmapatih, kadieuna téh bari maksa deui, supados karajaan urang mayar upeti dua tikeleun ti saméméhna. Jantén, upami gaduh..., disuhunkeun rido galihna wé, kanggo nyésakeun hasil tatanén, kanggo kalumangsungan karajaan urang."
"Beu, tos ditaékeun deui éta upeti téh?" Mang Tarya siga nu keuheul.
"Sumuhun, Kang. Kanggo samentawis mah disabaran heula wé, da dilawan ogé sanés lawaneun."
"Duh, kumaha atuh, nya..., da ayeuna mah abdina ogé teu acan panén!" Mang Tarya siga nu bingung.
"Puguh éta pisan, Kang. Ngadongkapan unggal bumi téh, maksadna mah kanggo nyebarkeun hueula béwarana, supados dina waktosna teu kebereg teuing. Lami kénéh da, pan upeti anu kamari ogé nembé disanggakeun."
"Mmm, nya insya Alloh upami kitu mah, abdi ogé badé ngéstokeun pisan kana béwara ti Kangjeng Raja.
Salila éta prajurit jeung Mang Tarya keur ngawangkong téh, Ceu Omah jeung Jang Aji mah ngan ukur ngaregepkeun. Tapi atra pisan ari kajéngkél jeung kakeuheul dina paroman beungeut jeung dina sorot matana mah.
Sanggeus sanduk-sanduk ngeunaan béwara anu geus ditepikeunana, antukna mah éta prajurit gura-giru amitan, pajar téh rék mapayan deui imah-imah anu séjénna.
"Kieu kaayaan di karajaan ieu mah, Jang. Diperes ku Darmapatih. Mun Kangjeng Raja teu mikirkeun kana kasalametan rahayatna mah, pasti geus ngalawan," ceuk Mang Tarya semu rumahuh.
"Tapi saé sakitu mah, Mang, rajana wijaksana."
"Enya. Ngan asa nyeri haté wé ku Darmapatih téh, asa sawenang-wenang pisan!"
Antukna mah wangkongan Jang Aji jeung kulawarga anyarna jadi ngaguar ngeunaan kasawenang-wenangan Karajaan Darmapatih ka Karajaan Trisula Emas. Ari di karaajaan anu keur jadi bahan wangkongan Jang Aji jeung Mang Tarya mah, enya di Karajaan Darmapatih, harita téh méh kabéh abdi dalem, kaasup Ki Patih Purwasesa jeung Radén Anjana, keur ngariung di rohangan utama karaton, mangsa kadatangan dua utusan ti Karajaan Batununggal.
"Hmm, moal mérélé ari ngirim surat wungkul mah. Jung wé ayeuna mah geura marulang. Isukan, kaula rék ka Batununggal, pikeun nyarita langsung ka Prabu Dangdang!"
Mangsa Prabu Raksapada ngomong kitu ka dua utusan Batununggal téh, Radén Anjana mah gura-giru noél Ki Patih Purwasésa. Ki Patih ukur ngarérét dibarengan unggeuk.
"Ampun, Kangjeng Prabu. Wios abdi wé anu ka Batununggal mah. Kangjeng Prabu mah calik wé teu kedah répot!" Ki Patih gura-giru nyelengkeung.
Sakedapan mah Prabu Raksapada ngan ukur hulang-huleng neuteup patihna. Tapi teu lila kituna téh, antukna mah Prabu Raksapada unggut-unggutan.
"Hmm, kitu hadé atuh, Ki Patih. Béjakeun, isukan patih kaula rék datang pikeun nyarita langsung ka Prabu Dangdang!" ceuk Prabu Raksapada, kituna téh ditungtungan ku nyarita ka dua prajurit anu dititah ku Karajaan Batununggal pikeun ngadeuheus ka dirina.
"Unjuk sumangga, Kangjeng Prabu!" témbal saurang utusan, kalayan rengkuh pisan.
__ADS_1
Sanggeus meunang kapastian mah, éta dua utusan Batununggal gura-giru amitan, sarta anu saterusna mah sagancangna marulang deui ka karajaanana. Ari Ki Patih Purwasesa jeung Radén Anjana, meusmeus silihrérét bari satékah polah nyumputkeun seurina.
Hanca.