
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
(46)
"Ki Patih..., sabaraha jumlahna prajurit Trisula Emas téh?" Prabu Dangdang neuteup patihna.
"Perkawis prajurit ti golongan jinna mah teu terang abdi ogé, Kangjeng Prabu. Nanging, ari prajurit ti bangsa manusana mah mung sakedik pisan, moal aya saparapat-saparapatna acan ti pasukan urang."
"Hmm, lamun Trisula Emas keukeuh rék ngabangkang, ancurkeun, tong bibéré ampun. Perkara éta cenah pédah aya Si Cakra jeung balad-baladna, sabodo teuing, tumpes wé sakalian!"
"Muhun, Kangjeng Prabu. Di pihak urang ogé da ngabugbrug prajurit jin sareng jalmi-jalmi anu sarakti mah."
"Hahaha.... Heueuh. Kumayua atuh da barina ogé, bet wawanianan rék ngabangkang kana paréntah aing!"
Belesat..., creb!
"Waduh!
Prabu Dangdang pohara ngarénjagna, sabab sabot kitu, teu kanyahoan teuing ti mana datangna, ujug-ujug aya anu ngabelesat, sarta nanceb dina korsi palebah panyarandéanana, nepi ka méh-méhan nyabet ceuli katuhuna.
Lain Prabu Dangdang wungkul anu ngarénjag téh, dalah Ki Patih jeung puluhan abdi dalem ogé sarua rareuwaseunana. Boh Prabu Dangdang, patihna, pon kitu deui jeung anu séjénna, mingkin ngararénjag deui waé, sanggeusna sidik yén anu nanceb dina korsi raja téh, tétéla ngan ukur pangpung garing sagedé jempol sarta panjangna kira-kira dua jengkaleun kolot. Tina éta kajadian, geus bisa dipastikeun, yén ajén kasaktén jeung kamampuhan anu ngalakukeunana, éstuning teu bisa dianggap lalawora.
"Saha ari sia, goblog?" Prabu Dangdang langsung cengkat bari rungah-ringeuh muterkeun paneuteupna.
Ki Patih jeung nu séjénna ogé teu jauh béda, rungah-ringeuh muterkeun paneuteupna ka sakuliahing éta rohangan, malah mah nepi ka aya anu nempoan kaayaan di luareun rohangan sagala. Tapi da euweuh sasaha, ari lain dua prajurit anu keur jaraga mah.
"Siga aya seratanana, Kangjeng Prabu!" Saurang abdi dalem nunjuk kana pangpung.
Bari jeung dina kaayan kurang-kerung, Prabu dangdang neuteup éta pangpung, anu tétéla bener aya tulisananana. Tapi lain tulisan anu ditulis ku mangsi jeung sajabana, tulisan dina pangpung mah jelas pisan aya tapak kukuna. Kalayan pinuh ku kapanasaran Prabu Dadang miteskeun éta pangpung, da dicabut mah poraha pisan pageuhna.
"Batununggal geus kahakan ku siasat licikna Raja Darmapatih, anu embungeun hésé capé enggonig numpurkeun karajaan Trisula Emas. Tong mah batur, dalah raja-rajana sorangan ogé diala patina ku Si Puwasesa mah," gerendengna Prabu Dangdang, mangsa maca éta tulisan.
Pikeun sajongongan mah Prabu Dangdang jeung kabéh anu keur araya di dinya, ngan ukur hulang-huleng bari silihrérét jeung pada baturna.
"Bisa jadi, karajaan urang téh ngan ukur dimangpaatkeun pikeun numpurkeun Trisula Emas."
"Heueuh. Da maotna Prabu Raksapada jeung Radén Anjana ogé bet patutur-tutur pisan, siga anu ngahaja diala patina, sangkan Si Purwasesa jumeneng jadi raja.
"Sigana mah heueuh, raja Darmapatih anu saméméhna téh mémang diala patina ku Si Purwasesa."
Sababaraha abdi dalem galécok jeung pada baturna.
"Kurang ajar, wawanianan ngagwékeun aing!" Prabu Dangdang siga anu geus sadar kana kayaan.
Beletok..., belewer...!
Pangpung dipotongkeun, anu saterusna mah dibalangkeun ka juru rohangan.
"Kumaha upami éta serat téh mémang leres, Kangjeng Prabu?" Ki Patih neuteup rajana.
"Lain lamun deui, geus pasti bener ieu mah. Kaula yakin pisan, yén karajaan urang téh ngan ukur dimangpaatkeun wungkul ku Si Purwasesa. Jeung kaula ogé yakin pisan, yén Prabu Raksapada jeung anakna ogé, mémang bener ditumpes ku Si Purwasesa, bakat ku hayangeun jadi raja!"
"Teras, kedah kumaha atuh, Kangjeng Prabu?"
__ADS_1
Pikeun sakedapan mah Prabu Dangdang ngan ukur hulang-huleng.
"Basmi wé, Kangjeng Prabu!"
"Heueueh lah, tumpurkeun, tuman!"
"Gempur, Kangjeng Prabu!"
"Warah...!"
Sababaraha urang abdi dalem patingkeuleuweuh némbongkeun kakeuheulna. Tapi teu lila kituna téh, saréréa langsung jarempé, mangsa Prabu Dangdang rék nyarita deui.
"Sagala perkara kudu dibuktikeun heula. Anjeun, Ki Patih..., Ajak Ki Rajam, pikeun nalungtik kaayaan di Darmapatih. Lamun bener, atawa parok jeung eusi tulisan anu bieu, mangka Darmaptih kudu diwarah, atawa sakalian rebut baé karajaanana!" ceuk Prabu Dangdang pohara tandesna.
"Unjuk sumangga, Kangjeng Prabu!"
"Tapi sing inget, nalungtikna kudu rerencepan. Lamun geus ngabukti, urang bongohan, gempur ku kakuatan nu sapinuhna!"
"Dawuh timbalan, Kangjeng Prabu. Ayeuna kénéh abdi seja amit badé nepangan heula Ki Rajam."
Prabu Dangdang ukur némbalan ku unggeuk. Geus kitu mah gura-giru baé Ki Patih ninggalkeun éta rohangan, seja nohonan paréntah ti nu jadi rajana. Slaéosna Ki Patih, Prabu Dangdang mah galécok deui jeung puluhan abdi dalemna. Wangkongan anu asalna mah museur kana nacer-ancer anu rék ngagempur Trisula Emas, ayeuna mah jadi robah, jadi ngawangkongkeun ancer-ancer pikeun ngagempur sarta ngawasa Karajaan Darmaptih.
Di séjén pihak, di Karajaan Darmapatih, tegesna di rohangan utama karaton, harita téh Prabu Purwasesa, Radén Angkara jeung puluhan adbi dalem, keur aruplek kalayan némbongkeun paroman anu marahmay.
"Maké otak mah teu kudu hésé capé enggoning numpes Trisula Emas téh. Kari udud wé bari sidéngdang. Hahaha...!" Prabu Purwasesa lelenggakan siga nu ngeunah pisan.
"Hahaha..., hébat, Kangjeng Prabu. Saurna, ayeuna pihak Batununggal téh nuju tatahar nyiapkeun pasukan, kanggo saénggalna ngagempur Trisula Emas!" ceuk Radén Angakra, teu ngabasakeun kangjeng rama ari keur di hareupeun jalma réa mah.
"Hahahaha...!" Prabu Purwasesa mingkin lelenggakan siga nu ngeunah pisan.
"Hidup...!
"Hidup Darmapatih...!"
"Hidup...!"
Puluhuan abdi dalem patingjorowok patingkeuleuweuh, siga anu hayang némbongkeun kareueusna ka Prabu Puwasesa anu jadi pamingpinna.
"Tulung..., tulung.... Nyimas Praméswari jeung Nyimas Putri aya anu nelasan pati. Tulung...!" Hawar-hawar, kadéngé aya sora anu keukeuleuweuhan.
Prabu Purwasesa jeung nu séjénna rungah-ringeuh siga anu pohara rareuwaseunana, sarta anu saterusna mah méh paheula-heula muru kana datangna sora. Ti rohangan paragi kulawarga raja anu dieusian ku indung jeung ku adina Radén Anjana geuning anu keukeuleuweuhan ménta tulunh téh. Di éta rohangan geus naggimbung puluhan jalma.
"Aya naon?" Prabu Purwasesa neuteup saurang prajurit.
"Aya anu nelasan pati Nyimas Praméswari sareng Nyimas Putri!" témbal éta prajurit semu hariweusweus.
Geus kitu mah gacang baé Prabu Purwasesa jeung Radn Angkara seseledek di antaran anu ngagimbung.
"Nyimas...!"
Prabu Purwasesa siga anu pohara reuwaseunana mangsa nempo dua layon anu masing-masing sirahna geus marisah tina awakna. Beureumna getih ngabayabah maseuhan risbang jeung lanté kamar.
"Saha anu ngalakukeunana?" Prabu Purwasesa rut-rét ka nu keur araya di dinya.
__ADS_1
"Duka, Kangjeng Prabu. Mung, aya dua pakarang anu sigana mah kakantun alatan kabujeng kagareuwahkeun," témbal salah saurang prajurit, kituna téh bari nunjuk kana péso balati jeung kana bedog pétok anu patinggolétak di juru rohangan.
Prabu Purwasesa jeung anu karék daratang ka dinya, kabéh museurkeun paneuteupna kana éta pakarang.
"Éta mah pakarangna Nyimas Manik sareng Bah Goncrang, Kangjeng Prabu!"
"Leres pisan, Kangjeng Prabu. Taya duana pakarang anu sapertos kitu mah!"
"Tos mola lepat deui, Kangjeng Prabu!"
Sababaraha urang abdi dalem patingkeuleuweuh.
"Kurang ajar. Berarti ieu mah kalakuan Si Manik jeung Si Goncrang. Gancang ringkus!" Paroman Prabu Purwasesa siga anu pohara ambekna.
Teu kungsi dititah dua kali, harita kénéh puluhan abdi dalem jeung prajurit, bur-ber naringgalkeun éta rohangan.
"Urus layon Nyimas Praméswari jeung Nyimas Putri. Beresihan kamarna. Kasur jeung sepréna mah piceunan wé!" Prabu Ungkara rut-rét ka nu masih kénéh araya di dinya.
Paréntah raja wajib digugu kasebutna, harita kénéh puluhan prajurit gura-giru nohonan paréntah rajana. Ari Prabu Purwasesa jeung Radén Angkara mah patinglaléos baé muru ka rohangan ka pribadina.
"Sigana, Nyimas Pandani téh geus teu sabareun, hayang geura dijadikeun praméswari," ceuk Prabu Purwasesa, kituna téh kalayan haharéwosan pisan.
"Sapertosna mah kitu, Kangjeng Rama."
"Tapi alus, pinter miceun salasahna mah."
"Pan calon praméswari abdi atuh, Kangjeng Rama!" Radan Angkara surangah-séréngéh.
"Uyuhan siah, daék ka inin-inin!"
"Hahaha..., wios wé da seger kénéh!"
Antukna mah Prabu Purwasesa saleuseurian jeung anakna, sok sanajan rada ditahan-tahan.
"Siga aya anu nuju galungan!" Radén Angkara curinghak ngadédéngékeun sora anu datangna ti palataran tukang karaton.
"Enya." Ukur kecap éta anu kedal.tina létahna Prabu Purwasesa, kituna téh bari ceulina mah tirancung-rancung ngadédangékeun sora anu patingcorowok.
Geus kitu mah gancang baé Prabu Purwasesa jeung anakna patinggaredig muru ka palataran tukang. Dina néglana palataran tukang karaton anu sok dipaké latihan ku para prajurit, kasampak Nyi Manik jeung Bah Goncrang keur suat-siet sarta babalicetan nyingkahan sababaraha urang abdi dalem anu méh babarengan narajang dirina.
"Gancang podaran, tuman!" jorowokna Prabu Purwasesa, mangsa geus nangtung di antara puluhan prajurit, siganu hayang ngalajoanan kana lumangsungna anu galungan.
"Abdi mah henteu nelasan pati Nyimas Praméswari sareng Nyimas Purtri, Kangjeng Prabu!" jorowokn Nyi Manik, dina sajeroning babalacitn nyingkahan panarajang lawan.
"Tong loba bacot. Gancang podaran, euy!"
"Hyakh...!"
"Héakh...!"
Siga nambahan kasumangetna, sanggeus ngadéngé paréntah ti Prabu Purwasesa mah, puluhan abdi dalem méh paheula-heula najarajang deui Nyi Manik jeung Bah Goncrang.
Wut wut wut..., set set set...!
__ADS_1
Patinggurilapna puluhan pakarang, teu eureun-eureun ngahujanan Nyi Manik jeung Banh Goncrang. Tapi, sigana mah mémang kawilang luhung jajaténna, sok sanajan dirempug ku lobaan ogé, can aya hiji-hiji acan panarajang anu bisa keuna ka Nyi Manik jeung Ka Bah Goncrang.
Hanca.