BANJIR GETIH DI DARMAPATIH

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH, episode 53


__ADS_3

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH


(53)


Sok sanajan wanci geus kacida peutingna, tapi mangsa Ki Patih jeung Bah Goncrang narepi ka rohangan utama karaton téh, kasampak Prabu Ungkara masih kénéh aruplek jeung puluhan abdi dalemna. Nyi Manik jeung Ki Ujat ogé teu tinggaleun, naranceb dina tempat diukna. Daria pisan katempona téh, siga keur ngawangkongkeun perkara anu pohara pentingna.


"Sok, dariuk heula!" ceuk Prabu Ungkara, mangsa Ki Patih jeung Bah Goncrang geus rarengkuh méré panghurmat di hareupeunana.


Sanggeus maranggut mah gura-giru baé Ki Patih jeung Bah Goncrang ngadiukan korsi-korsi anu pangdeukeutna jeung Prabu Ungkara.


"Kumaha kaayaan di Batununggal téh?" Prabu Ungkara rut-rét ka Ki Patih jeung ka Bah Goncrang.


"Leres pisan, Kangjeng Prabu. Pihak Batununggal téh parantos nyiapkeun rébuan prajurit kanggo nyerang Darmapatih. Boh prajurit biasa, pon kitu deui rébuan prajurit ti golongan jinna. Rupina mah ngerahkeun kakuatan sapinuhna, da jumlahna ogé pohara seueurna." Ki Patih anu némbalan.


"Hmm, jadi bener kasauran Radén Aji téh?"


"Kitu pisan, Kangjeng Prabu. Malih mah siga anu pohara keuheuleunana pihak Batununggal ka Darmapatih téh."


"Kunaoan sababna atuh, nya?" Prabu Ungkara rada kurang-kerung.


"Sapertosna mah dibalukarkeun ku tindakan ti Radén Aji perkawis ieu téh, mung sacara rerencepan alatan alim katohyan ku sasaha. Éta wé geuning, wayah kieu ogé bet masih kénéh kukulamprengan di alun-alun Radén Aji mah!" Bah Goncrang milu nyarita.


"Kukulamprengan kénéh di alun-alun? Pan tadi mah amitanana téh badé kulem saurna mah!"


"Leres pisan, Kangjeng Prabu. Nembé téh pendak di alun-alun, malih mah silihtaros heula." Ki Patih nguatkeun omongan Bah Gonjrang.


"Sigana mah enya, matak Batununggal nepi ka rék nyerang Darmapatih téh, alatan aya tindakan ti Radén Aji."


"Ah, geus moal salah deui. Pan tiheula ogé, enya basa pasukan urang rék perang jeung Darmapatih, pan Jang Aji mah kalayan rerencepan nalungtik heula siasat musuh, nepi ka pihak urang teu kalejokeun ku siasat licikna!"


"Bener, bener. Mun taya jasa-jasana Jang Aji mah, Trisula Emas téh geus kumaha boa!"


Di éta rohangan jadi récok ku puluhan abdi dalem anu mumuji kana ketakna Jang Aji. Prabu Ungkara jeung Ki Patih, katut Bah Goncrang jeung Nyi Manik mah ngan ukur arunggut-unggutan kalayan paroman kareueus anu jelas pisan kagamabar dina paroman beungeutna.


"Hmm, Radén Aji-Radén Aji kénéh anu gedé jasana mah. Ari kitu, iraha cenah Batununggal rék nyerang ka Darmapatihna téh?" Prabu Ungkara rut-rét deui ka Ki Patih jeung ka Bah Goncrang.


"Miangna mah badé pasusubuh saurna téh, Kangjeng Prabu. Eu..., dupi Ki Patih Agung, ka mana?" témbal Ki Patih ditungtungan ku pananya.


"Geus amitan ti tadi ogé Ki Patih Agung mah. Tunduh saurna téh. Oh enya, nuhun pisan geus daék maturan Ki Patih enggoning nalungtik kaayaan di Batununggal, Bah Goncrang. Hampura deuih, bisi kaula kurang nyugemakeun!"


Anéh, dumadakan beueus katempona téh mata Bah Goncrang mah mangsa Parabu Ungkara ngomong kitu téh.


"Har..., kunaon, Bah Goncrang?" Prabu Ungkara kurang-kerung neuteup Bah Goncrang anu gura-giru tungkul.


Kabéh mata anu araya di dinya jadi nareuteup ka Bah Goncrang.


"Bisi enya kurang nyugemakeun, hampura pisan, Bah Goncrang!" ceuk Prabu Ungkara deui.


"Eu..., sanés kitu, Kangjeng Prabu! Jujur, abdi mah asa kagagas. Salami ngalaksanakeun pancén, nembé ayeuna abdi mah kénging panuhun ti nu janten raja. Nuju di Darmapatih mah bujeng-bujeng nganuhunkeun saparantosna abdi ngalaksanakeun pancén téh." Sora Bah Goncrang jadi semu dareuda.

__ADS_1


"Masya Alloh..., bener éta téh, Nyi Manik?" Prabu Ungkara siga anu teu percaya.


Ari Nyi Manik anu sarua dumadakan tungkul, ngan ukur némbalan ku nggeuk, malah mah jadi pipilueun luwa-lewé sagala.


Parabu Ungkara jeung Ki Patih katut anu séjénna, nyaho kitu mah bati gogodeg sarta silihrérét jeung pada baturna.


*****


Masih kénéh dina wanci anu sarua, dina mangsa Prabu ungkara jeung nu séjénna keur aruplek dirohangan utama karaton, ari Ki Cakra mah harita téh keur apeng-apengan dibawa ngapung ku Si Liuk, anu sakapeung ngapungna silihudag jeung Si Bngkor. Mun seug téa mah dina kaayaan beurang, geus pasti atra pisan paroman kabungah anu kagambar dina beungeut Ki Cakra.


Suruwuk..., siet...!


Si Bangkor nyusul Si Liuk anu nyuruwuk di hareupeunana.


"Pindah kana tonggong kaula, Ki Cakra!" ceuk Si Bangkor, mangsa geus aya di gigireun si liuk anu keur ditumpakan ku Ki Cakra.


Jung, jleng..., clé!


Teu kungsi ngadagoan dititah dua kali, sanggeusna cengkat mah gancang baé Ki Cakra ngagajleng kana punduk Si Bangkor.


"Ngised diukna, nyekelan sing pageuh kana tanduk kaula!" ceuk Si Bangkor, sanggeusna Ki Cakra merenah diukna.


"Rék na...."


Belesat..., suruwuk...!


"Hahaha.... Hahaha... Hahahaha...!"


Ki Cakra babarakatakan siga nu bungah pisan. Dua leungeunna mingkin tipepereket kana tanduk naga anu keur ditumpakan ku dirina.


"Hahahaha...!"


Belesat..., suruwuk...!


Sanggeusna seuseurian mah gancang baé Si Liuk ogé nyusul Si Bangkor, ngabelesat ka awang-awang.


Suruwuk..., séot...!


"Huaaakh!"


sanggeus nyuruwuk pohara luhurna, antukna mah Si Liuk jeung Si Bangkor nyirorot deui, nepi ka Ki Cakra ngagoak sarta dua leungeunna mingkin tipepereket nyekelan tanduk naga.


"Hahaha.... Meunggeus Bangkor..., kaula sieun ngompol dina calana!" Ki Cakra nepakan sirah Si Bangkor.


"Hahahaha.... Hayu jeung kaula deui, Ki Cakra. Sok rada cumenos naga éta mah!" Dibarengan ku cacalakatakan, Si Liuk nitah deui Ki Cakra sangkan pindah deui kana pundukna.


Jleng..., clé!


Kalayan dina gerakan anu kacida hampangna, gancang baé Ki Cakra ngagajleng deui kana punduk Si Liuk. Siga anu pohara ngemplongna Ki Cakra mah sanggeus pindah ti Si Bangkor téh.

__ADS_1


"Hahaha.... Genaheun teu?" Si Bangkor cacalakatakan ngarérét ka Ki Cakra.


"Resep. Tapi keur nutugna teu kuat téh, méh-méhan ngompolan manéh kaula mah!"


Barakatak, Ki Cakra jeung dua naga saleuseuseurian siga nu bungah pisan.


Léok..., suruwuk...!


Si Liuk méngkol ka belah katuhu. Rada hulang-huleng Ki Cakra mah.


"Ké ké ké..., rék ka mana ieu téh? Pan Pan Darmapatih mah ka belah ditu!" Ki Cakra tutunjuk ka belah kénca.


"Ongkoh rék nepungan Si Pandani!" témbal Si Liuk.


"Éh..., pan Si Pandani mah aya di Darmpatih. Ari ka dieu mah rék Batununggal atuh!"


"Hahaha..., Si Bébép mah bisaeun ngambeu di mana ayana Si Pandani, Ki Cakra!" Si Bangkor nyelengkeung.


"Hahaha.... Naon deui éta bébép téh? Sok araranéh basa manéh mah, Bangkor!" Si Liuk ngarérét ka kéncaeunana.


"Nu dipikanyaah gitu loh!"


"Hahaha.... Kumaha dinya wé lah. Kaula ogé nyaho, pasti aya kahanyangna lamun basana geus araranéh kitu téh!"


Barakatak, Si Liuk jeung Si Bangkor saleuseurian. Iwal Ki Cakra anu malah hulang-huleng téh. Tapi teu kungsi tetelepék, jongjon baé neuteup patingkelemengna daun-daun tatangkalan anu patingjarumpluk di handapeunana.


Mingkin lila, ngapungna dua naga mingkin ngadeukeutan ka wewengkon Batununggal, nepi ka antukna mah ngapungna rada laun, mangsa geus mimiti asup, sarta méh nepi di luhureun badagna wangunan karaton.


"Kadé, bisi aya anu nempoeun!" ceuk Cakra, mangsa katempo loba cahya obor nu patingcarilak, teu jauh ti ngadegna wangunan karaton.


Sok sanajan teu pati sidik, jeung karék ngan ukur sangka-sangka, geus teg wéh dina haténa Ki Cakra mah, yén patingcarilakna éta cahya obor téh, geus pasti ti parapajuritna Batununggal anu geus tatan-tatan rék ngayakeun serangan ka Darmapatih.


Séok...!


Si Liuk rada méngkol ngajauhan wangunan karaton, dituturkeun ku Si Bangkor.


Sanggeus rada ngurilingan karaton, antukna mah dua naga patingsirorot, persis pisan sanggeusna aya di luhureun amparan basisir, anu jarakna lumayan jauh ti Karaton Batununggal.


"Hmm, asa kungsi ka dieu téh," gerendengna Ki Cakra mangsa geus turun tina punduk naga, kituna téh bari rut-rét ka sabudeureun éta patempatan.


"Piraku wé teu apal. Pan Ki Cakra mah geus manukna ider-ideran ka unggal wewengkon karajaan mah!" Si Bangkor nyelengkeung.


Teu némbal, Ki Cakra mah anteng baé niténan kaayaan di éta patempatan.


"Tuh!" Si Liuk nunjuk kana ngelemengna gundukan batu karang.


Ki Cakra teu sirikna ngabelél-belélkeun mata mangsa nempo kana panuduhna Si Liuk téh. Sanggeus sawatara kedapan, antukna mah sidik, yén dina gundukan éta batu karang téh, aya kelemeng tagog manusa anu keur diuk dina kaayaan sila.


Hanca.

__ADS_1


__ADS_2