
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
(2)
Sangédéngéna sora kuda anu areureun di buruan imahna, kalayan gura-giru Nyi Yati nepungan ka buruan. Di buruan imah, tétéla geus nyampak tilu kuda anu ditumpakan ku tilu urang jalma anu dangdananana pohara garagahna. Komo nu saurang mah, enya anu jajaka, dina sirahna maké makuta leutik anu dijieun tina emas, disieup ku warna-warnina inten anu patingborélak katojo panon poé, éstuning nambahan kagagahan sarta kakasépanana.
Brek, Nyi Yati deku di hareupeun tilu éta jalma. Mangsa nu duaan jrat-jrut tarurun, ari anu jajaka mah tonggoy baé anjeucleu dina tonggong kudana.
"Kuring dititah nyokot kupa ku kulawarga karaton," ceuk nu saurang, ari nilik tina dangdanana mah geus pasti prajurit karajaan.
"Mangga, nanging teu aya anu naékna. Carogé nuju ka sawah, pun anak nuju ngamandian domba ka wahangan.
"Boga domba naon?" Jajaka anu anjeucleu dina tonggong kuda, rada curinghak mangsa Nyi Yati ngomong kitu téh.
"Eu..., mmm, eu..., domba biasa, Radén Angkara." Nyi Yati rada arapap-eureupeup sarta atra pisan aya paroman kareuwas dina paroman beungeutna.
"Oh. Saha di dieu anu bogaeun domba adu anu bulu jeung tandukna bodas kabéh, nya?" tanya éta jajaka, anu tétéla geuning Radén Angkara.
"Eu..., mmm, sesah milari anu sarupi kitu mah, Dén. Aya ogé anu Kang Oman, tandukna aya hideungan."
"Hmmm, nya keun baé ari teu nyaho mah, rék néangan ti lembur séjén wé. Gancang arala kupana!" ceuk Radén Angkara, ditungtungan ku maréntah dua jalma anu marengan dirina.
Dua jalma anu maturan Radén Angkara, gura-giru patingkoréléng ka pipir imah.
"Tah, duitna!" Radén Angkara ngalungkeun kanjut kundang leutik kelir hideung ka hareupeun Nyi Yati.
"Hatur nuhun pisan, Radén!" Nyi Yati siga nu bungah.
Radén Angkara mah mangsa Nyi Yati nunuhunan téh malah ngarérét ka mana boa. Sanggeus amitan rék neruskeun pagawéanana di dapur, Nyi Yati mah gura-gura asup deui ka imahna.
"Alhamdulillah..., salamet...!" gerendengna Nyi Yati bari ngusapan dada.
Dina mangsa anu sarua, Jang Aji mah harita téh geus nepi ka wahangan. Geunaheun pisan kaayaan di éta patempatan téh, wahangan anu rentul ku batu, caina ngagulidag sarta ngagenyas hérang, ngembat rada rual-réol, lir meulah héjona amparan kebon jeung pasawahan. Mangpuluh-puluh tangkal kalapa anu rajeg di sisi wahangan, daunna patingarulang siga nu ngagupayan. Éndah, maha kawasa Gusti anu nyipta sagalarupina.
Sanggeus manggihan tempat anu sakirana cocog, Jang Aji ngamimitian ngamandian dombana. Si Utih siga nu bungah pisan, bébéréléan bari sakapeung gigibrig mangsa dibanjuran sarta dikosokan awakna maké dangdaunan anu geus meunang ngagesek. Teuing daun naon, da Jang Aji mah siga anu geus apaleun pisan. Mangsa digesek ku leungeunna, éta dangdaunan téh ngaluarkeun budah, sok sanajan budahna teu loba kawas sabun dina jaman ayeuna.
Byur..., byur...!
Sanggeusna saawak-awak Si Utih dikosokan ku dangdaunan mah, Jang Aji manjuran dombana. Sisiukna maké cangkang dawegan anu kabawa palid ku cai wahangan.
"Wah, mingkin kasép ari geus mandi mah, Tih!" Kalayan siga nu bungah pisan Jang Aji nelek-nelek dombana.
Embe...!
Si Utih ngabérélé. Jang Aji sura-seuri bari malangkeun leungeun pikeun ngahalangan beungeutna, alatan cai nyaléprét tina awak Si Utih anu gigibrig.
"Jang...." Kadéngé ku Jang Aji aya sora anu semu harosros.
Gebeg!
Jang Aji pohara ngagebegna sanggeusna nempo saurang aki-aki anu anyar pinanggih, keur dina kaayaan pupuringisan sarta rumanggieung, leumpang sisieun wahangan.
"Ki..., Aki kunaon?" Jang Aji gura-giru hanjat ka darat.
Si Utih siga nu embung tinggaleun, gancang nuturkeun.
"Aki kunaon, Ki?" Jang Aji siga anu mangkuranyakeun pisan mangsa nempo kaayaan éta aki-aki anu beungeut sepa lir taya getihan.
"Aki haus, Jang. Lapar deuih, ti kamari acan dahar."
"Waduh, kumaha atuh, Ki, mangkaning abdi mah teu ngabantun tuangeun? Teu ngabantun cai-cai acan!" Jang Aji rampang-reumpeung.
__ADS_1
Brek!
Éta aki-aki nyuuh dina jukut bari pupuringisan nyekelan beuteungna. Jang Aji siga nu mingkin bingung. Rét, kana tangkal kalapa anu keur meuhpeuy buahna.
"Antosan sakedap atuh nya, Ki, abdi badé ngala dawegan anu Pupuhu Lembur. Wios, engké wé ku abdi dibayar!"
Aki-aki ukur unggeuk bari teu eureun pupuringisan.
Geus kitu mah kalayan gagancangan Jang Aji muru tangkal kalapa. Ari Si Utih, teu siga sasari, mangsa Jang Aji ninggalkeun dirina téh harita mah teu milu nuturkeun, malah ngajengjen di hareupeun éta aki-aki.
"Manéh sing nyaah ka dunungan téh, dunungan manéh mah bageur tur soléh!" Aki-aki nyarita ka Si Utih, kituna téh ari ayeuna mah ngomongna teu haroshos siga saméméhna.
Si Utih unggeuk-unggukan siga nu ngarti. Buntutna nu nunjuk langit, kupat-képot sababaraha kali.
"Ka dieu!" ceuk éta aki-aki dibarengan ku isarat leungeunna.
Anéh, Si Utih anu biasana mah ngan ukur nurut ka Jang Aji, harita mah dumadakan robah, langsung baé ngadeukeutan éta aki-aki, kalayan pohara pisan nurutna. Kusiwel, éta aki-aki ngaluarkeun inten beureum badis siki dalima tina jeroeun baju kucelna. Pel, ditapelkeun kana tarang Si Utih.
Burinyay..., les...!
Sanggeusna ngaburinyay sakeudeung, inten beureum anu ditapelkeun ku éta aki-aki, ngiles siga anu asup kana tarang domba.
Embé...!
Si Utih ngabérélé. Aki-aki ukur mésem bari unggut-unggutan.
Teu lila antarana, éta aki-aki buru-buru nyuuh deui bari pupuringisan nyekelan beuteungna, mangsa nempo Jang Aji anu semu gagancangan nyampeurkeun ka lebah dirina.
Geduk, geduk!
Sanggeusna aya di gigireun éta aki-aki téh, gancang baé Jang Aji mah mékprék dawegan ku batu sagedé peureup, da bubuhan teu mawa bedog-bedog acan.
Siga anu geus hanaang pisan, gancang baé éta aki-aki ngaleklek cai dawegan, kalayan siga nu ni'mat pisan.
"Akh..., seger, Jang. Nuhun pisan, Kasép!"
"Muhun, Ki. Dieu ari tos séép caina mah, urang beulah! Raos sigana mah nuju lumého."
Song, aki-aki ngasongkeun daweganana.
Geduk, geduk!
Jang Aji mékprék deui dawegan nepi ka beulahna. Akur pisan jeung sangkaan Jang Aji, tétéla bener eusi dawegan téh keur meujeuhna lumého. Song, diasongkeun ka aki-aki.
"Antosan sakedap!" ceuk Jang Aji, kituna téh bari gura-giru ancrub ka wahangan, kalayan teu kungsi lila ogé geus hanjat deui nyampeurkeun éta aki-aki.
"Ieu pangerokna, Ki." Jang Aji ngasongkeun batu ipis anu geus meunang ngumbah.
Geus kitu mah kalayan ngalimed pisan éta aki-aki ngadahar dawegan.
"Ujang, hayang?" Aki-aki neuteup Jang Aji anu ti tadi ngan ukur nempokeun.
"Ah, moal. Sok wé séépkeun ku Aki!"
Geus kitu mah éta aki-aki ngalimed deui méakeun sésa daweganana.
"Ari ngaran Ujang téh, saha?"
"Abdi mah Aji, Ki. Dupi jenengan Aki, saha?" Jang Aji malik tumanya.
"Ngaran Aki mah Darsa."
__ADS_1
"Oh. Teras, Ki Darsa téh badé ka mana?"
"Rék ka anak Aki, di Lembur Cimangplang," témbal aki-aki anu ngakukeun ngaran Darsa, dibarengan ku nunjuk ka jauhna.
"Waduh..., janten aki téh mapahna tos dua dinten sareng ayeuna? Tebih kénéh atuh Cimangplang mah, Ki. Upami caket mah ku abdi dijajapkeun!"
"keun baé da ari ayeuna mah Akina ogé geus kuat deui, Jang. Tadi mah beuteung Akina can kaeusian nanaon pisan."
"Eu..., ieu atuh, Ki. Abdi gaduh artos sakedik. Lumayan wé kanggo mésér tuangeun, sakalieun di jalan mendakan warung mah," ceuk Jang Aji, sanggeusna kudak-kodok kana pésak calanana.
"Nuhun pisan, Kasép!"
Jang Aji ukur unggeuk bari seuri, tapi atra pisan kabungah dina paroan beungeutna, mangsa kanyaahna ditarimakeun ku Ki Darsa.
"Mmm, domba téh alus, Jang. Tong dijual, lebar!"
"Ih, moal, Ki. Masing digoléran artos sabaraha ogé Si Utih mah moal diical. Tos nyaah pisan abdi mah!"
"Oh, ngaran ieu domba téh Si Utih? Nya alus ari kitu mah, Jang!" ceuk Ki Darsa, kituna téh bari kudak-kodok kana jeroeun bajuna.
"Muhun, Ki. Pamendak ti leuweung Si Utih téh basa abdi nuju ngala suluh, da ari ngahaja mésér mah teu gaduh artosna, arawis, komo domba adu mah. Basa kapendakna mah rarampéolan kénéh mapahna ogé Si Utih téh. Ditataroskeun ka batur, bilih aya anu kaicalan anak domba, da teu aya nu kaicalan, nya atos wé ku abdi téh dikukut." Jang Aji aléwoh nyaritakeun pangalamanana.
"Hmmm, nya geus milikna wé meureun, Jang. Boa saméméh manggihan Si Utih téh, Jang Aji geus lila hayang boga domba, terus Gusti ngijabah ku carana anu teu disangka-sangka."
"Muhun, leres pisan, Ki. Tos lami pisan abdi mah hoyong gaduh domba téh. Matak, moal diical Si Utih mah, aya sajarahna, hehee...!" témpasna Jang Aji ditungtungan ku seuri.
"Ehehehe..., alus, Jang. Aéh enya, meungpeung can pati panas, Aki téh rék neruskeun deui lalampahan."
"Muhun mangga, Ki. Ati-ati di jalanna. Hapunten moal tiasa ngajajpkeun ari tebih-tebih teuing mah, Ema sareng Bapa bilih milarian."
"Enya, keun baé da geus kuat deui ayeuna mah Akina ogé. Yeuh, Aki boga ieu keur Jang Aji. Itung-itung panginget-nginget wé, nya!" Ki Darsa ngasongkeun geulang anu dijieun tina anyaman tali.
"Wah, mani saé. Hatur nuhun pisan, Ki!" Jang Aji siga anu pohara bungahna.
Ki Darsa ukur unggeuk bari seuri bari nempokun Jang Aji anu keur maké geulang paméré ti dirina. Sanggeusna amitan pikeun anu kadua kalina mah, Ki Darsa ngaléos ningglkeun Jang Aji.
Embe...!
Si Utih ngabérélé sanggeusna sabaraha léngkah Ki Darsa ninggalkeun dirina. Reg, Ki Darsa ngeureunkeun léngkahna, anu saterusna mah ngalieuk ka Si Utih jeung ka Jang Aji, kituna téh dibarengan ku sura-seuri. Si Utih ngabérélé deui. Ari Jang Aji mah males seuri ka Ki Darsa bari ngadadahkeun leungeun katuhuna. Geus kitu mah Ki Darsa neruskeun deui léngkahna, sarta mingkin lila mingkin ngajauhan, nepi ka antukna mah ngiles dina péngkolan.
"Ji..., Aji...!"
Rentang-rentang, katémbong ku Jang Aji aya nu leumpang semu rurusuhan, nyampeurkeun ka palebah dirina. Sajongjongan mah Jang Aji ngan ukur kurang-kerung neuteup lalaki nu anyar datang, anu tétéla guning Kang Diman.
"Aya naon, Mang?" tanya Jang Aji, sanggeus Kang Diman aya di hareupeunana.
"Tong waka balik ka imah, Ji!" Kang Diman semu hariweusweus.
"Naha, Mang?" Jang Aji mingkin kerung.
"Aya Radén Angkara jeung dua prajuritna."
"Oh, badé ngaborong kupa paling ogé, Mang."
"Enya keur ngaborong kupa. Ngan Radén Angkara téh hayangeun domba adu anu manéh."
"Maksadna kumaha ieu téh, Mang?"
Barabat wéh Kang Diman nyaritakeun perkara dirina anu panggih jeung Radén Angkara, mangsa dirina mulang ti kebon. Jang Aji anu sarua geus apaleunana kana tabéat Radén Angkara, teu wudu siga anu dumadakan sieun sarta pohara hariwangna.
Hanca.
__ADS_1