BANJIR GETIH DI DARMAPATIH

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH, episode 29


__ADS_3

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH


(29)


Mangsa Prabu Ungkara jeung paraabdi dalemna keur ngadaro'a di makam Bah Somad, Jang Aji jeung Ceu Omah katut Mang Tarya mah aruplek deui di patengahan. Panto imah ngahaja digeblangkeun, bisi Prabu Ungkara rék nepungan deui dirina.


"Tong gagancangan teuing atuh mulang ka Darmapatih téh, Ji, Ema mah sono kénéh!" Ceu Omah siga nu ngarasa beurat mangsa Jang Aji keukeuh rék mulang deui ka Darmapatih mun geus réngsé nujuhna Bah Somad téh.


"Enya, Ji. Sabulan nepi ka dua bulan mah da moal nanaon meureun cicing heula di dieu ogé!" Mang Tarya siga anu sarasa jeung pamajikanna.


"Hawatos ka Ema sareng ka Bapa Aji anu di lembur atuh upami dikantunkeun lami-lami teuing mah."


"Ah, karék mah sababaraha poé cicing di diimah Emana ogé!"


"Muhun ari kitu téa mah. Nanging, pan lalampahan abdi ti Darmapatih ka dieu téh lumayan lamina."


Jarempé pikeun sajongjongan mah Ceu Omah jeung Mang Tarya ogé ari dikitukeun ku Jang Aji mah. Da saliwat ogé kapikir jeung geus kabayang, cacakan dirina anu kasebutna deungeun-deungeun geus ngarasa beurat mangsa rék ditinggalkeun, komo deui indung bapa tegesna Jang Aji mah, geus pasti ngarasa leungiteun pisan.


"Jadi..., keukeuh rék saréngséna nujuhna waé mulang deui ka Darmapatih téh?" Teuteup Mang Tarya siga anu euweuh kasumangetan pisan.


Jang Aji mah ngan ukur némbalan ku unggeuk.


"Nya, ari hidep geus keukeuh mah Bapa ogé moal bisa ngahalang-halang deui, da geus tangtu kolot hidep ogé ayeuna téh keur kotéténgan. Ngan sing ati-ati wé, bisi kacerek ku pihak karaton. Jeung sakali-sakali mah, enya di mana keur aya waktu anu hadé, tepungan Bapa jeung Ema ka dieu!" Antukna mah Mang Tarya ngéléhan.


"Enya, Ji. Tong mopohokeun Ema, nya!" Teuteup Ceu Omah siga anu pohara nalangsana.


"Kantenan wé, Aji ogé moal dugi ka hilap ka Ema sareng ka Bapa anu sakieu mikanyaahna. Sajabi ti éta, pan lami kénéh miangna ogé, saminggon deui." Jang Aji rut-rét ka nu geus dianggapna indung jeung bapa.


"Ihihi..., enya ari kitu téa mah. Ngan teuing kumaha, asa beurat Ema mah rék ditinggalkeun ku hidep téh, da bet langsung nyaah atuh!"


"Sarua Bapa ogé, Ji."


"Hatur nuhun, kanyaah Ema kalih Bapa katampi pisan ku Aji mah."


Wangkongan antara Jang Aji jeung indung bapa angkatna, lumangsung lumayan lilana. Eureun-eureun sotéh pédah wé ngurunyung Prabu Ungkara jeung nu jadi patihna, mangsa geus réngsé ngado'a di makamna Bah Somad. Sok sanajan di imah anu kawilang geus rada réyod sarta ngan ukur diamparan ku samak pandan, tapi Prabu Ungkara jeung patihna mah siga nu tumaninah, samasakali teu némbongkeun rasa aing pédah geus tuman cicing di karataon anu méwah.


"Parantos réngsé, Kangjeng Prabu?" tanya Mang Tarya kalayan pohara ajrihna, mangsa Prabu Ungkara jeung patihna geus guk-gék, saamparan jeung dirina.


"Alhamdulillah. Eu..., boga cai? Hayang nginum kaula mah."


"Eu..., aduh..., kersa kitu kinten-kintenna, da abdi mah cangkirna ogé mung ukur mangrupi bekong tina awi gombong!" Ceu Omah siga anu cangcaya.


"Lah, sarua waé rék dina bekong atawa dina cangkir pérak ogé ari perkara wadahna mah!"


"Eu..., mangga atuh upami kersa mah, Kangjeng Prabu!"


Geus kitu mah gura-giru baé Ceu Omah ngoloyor ka rohangan dapur.


"Ieu téh budak anjeun?" Prabu Ungkara ngarérét ka Mang Tarya, kituna téh dibarengan ku nunjuk ka Jang Aji.


"Wargi abdi, ti Darmapatih. Kapialo panginten ari kasebatna mah," témbal Mang Tarya, teu weléh dibarengan ku rengkuh.


"Oh. Mani kasép. Saha ngaran téh?"


"Aji," témbal Jang Aji kalayan pohara pisan rengkuhna.


"Oh, Aji. Deukeut ka karaton imah téh, Jang?"


"Rada tebih ari ka karaton mah, Kangjeng Prabu. Abdi mah di pasisianana, di Lembur Cisugri."

__ADS_1


"Oh. Geus lila di dieu?"


"Nembé sababaraha dinten, Kangjeng Prabu."


"Hm.... Oh enya, daék teu kira-kirana lamun gawé di karaton?"


Rada ngajenghok katempona téh Jang Aji jeung Mang Tarya mah mangsa Prabu Ungkara ngomong kitu téh.


"Eu..., mmm, damel naon, Kangjeng Prabu?" tanya Jang Aji semu aga-eugeu.


"Beberesih di taman karaton."


Sajongjongan mah Jang Aji malah hulang-huleng siga anu keur mikir. Sabot kitu, ngurunyung Ceu Omah ti rohangan dapur, anu saterusna mah teu sirikna dodongkoan nyuguhkeun cai ka Prabu Ungkara jeung ka patihna. Teu diengké-éngké deui, gancang baé Prabu Ungkara jeung patihna ngaleguk cai anu nu disuguhkeun keur dirina. Ceu Omah jeung Mang Tarya mah siga anu bungaheun pisan mangsa raja jeung patihna daékeun nginum di imahna téh.


"Mmm, kumaha kira-kirana, daék?" Prabu Ungkara neuteup deui ka Jang Aji.


"Aya naon, Kang?" Ceu Omah haharéwosan neuteup salakina.


Ari Mang Tarya mah ngan ukur ngantelkeun curuk kana biwirna, minangka isarat sangkan Ceu Omah jempé.


"Eu..., kumaha nya, Kangjeng Prabu. Da abdi mah gaduh domba." Jang Aji siga anu teu wasa pikeun nolak tawaran Prabu Ungkara, tapi di sagigireun éta ogé teu poho ka Si Kumbay anu keur ngajirim dina wujud domba.


"Ari ceuk Bap..., éh, ari ceuk Mamang mah tarima wé, Ji. Perkara domba mah keun baé diurus ku Mamang. Hésé ari ngahaja-haja mah hayang gawé di karaton téh!" Mang Tarya nyelengkeung.


"Ké ké ké..., naha jauh-jauh ti Darmapatih mawa domba?" Prabu Ungkara rada kurang-kerung.


"Eu..., kieu, Kangjeng Prabu. Ieu murangkalih téh ku abdi dipasihan domba. Tadina mah badé dibantun ka Darmapatih." Mang Tarya gancang mangnémbalkeun.


"Oh. Perkara domba mah bawa wé sakalian. Di ditu ogé loba kandangna mah!"


Dikitukeun ku Prabu Ungakara téh ari Jang Aji mah malah hulang-huleng deui waé.


"Kumaha, daék?"


galécokna haté Jang Aji kaburu kapegat ku Prabu Ungkara anu nalék deui ka dirina.


"Eu..., upami kitu mah mangga, Kangjeng Parabu. Naging...."


"Naon deui?"


"Abdi téh hoyong di dieu heula dugi ka réngsé tujuhna tahlilan Bah Somad."


"Baruk, keur tahlilan kénéh?"


"Pan ngantunkeunana ohé nembé dinten tadi, Kangjeng Prabu!" Mang Tarya nyelengkeung.


"Oh. Nya hempék ari kitu mah. Tapi omat, lamun geus réngsé nujuhna, buru-buru ka karaton, nya!"


"Unjuk sumangga, Kangjeng Prabu."


Prabu Ungkara unggut-unggutan, kituna téh bari rumpu-rampa kana bajuna. Kusiwel, ngaluarkeun kanjut kundang. Ceu Omah jeung Mang Tarya mah ngan ukur silihrérét.


"Rawatan ieu duit. Paké keur waragad tahlilan. Alus-alus deuih makam Pangersa Abdusomad, jeung sakalian oméan imah anjeun. Sakali-kali, kaula bakal jarah deui ka dieu. Jeung ti semet ayeuna, anjeun gawé ka karajaan, bagéan ngurus makam Pangersa Abdusomad!" Prabu Ungkara tandes kacida.


Sakedapan mah Mang Tarya jeung Ceu Omah ngan ukur patingpolohok, siga anu teu percaya kana dédéngéanana sorangan.


Sanggeus euweuh deui wangkongkeuneun, antukna mah Prabu Ungkara jeung nu jadi patihna aramitan, sarta anu saterusna mah kebat baé ninggalkeun imah Mang Tarya, dituturkeun ku puluhan abdi dalemna.


"Masya Alloh, Aji.... Ah bener, hidep mah mawa mawat cicing di dieu téh!" ceuk Ceu Omah, sanggeusna Prabu Ungakara jeung nu séjénna rada jauh ninggalkeun imahna, kituna téh bari méh teu ngiceup-ngiceup nempo duit dina kanjut kundang anu pohara lobana.

__ADS_1


"Heueuh. Bungah nu aya deuih ari pikeun Bapa mah manéh gawé di karaton téh, sabab sakali-sakali bisa nepungan Bapa ka dieu, da deukeut ieuh!" Mang Tarya némbongkeun kabungah anu pohara.


"Tapi, dititah gawé naon cenah budak urang téh, Kang?" Ceu Omah neuteup salakina.


"Purah beberesih di taman karaton."


"Oh. Moal ripuh teuing ari gawé kitu mah, Ji, da loba baturna."


Jang Aji mah ngan ukur unggut-unggutan bari rut-rét ka indung jeung ka bapa angkatna.


*****


Wanci mingkin nyedek ka tengah peuting. Lénglangna langit katémbong caang alatan dipapaés baranang béntang, sok sanajan ari bulan mah keur teu némbongan. Dina mangsa harita, di langit luhureun Karajaan Batununggal mah, katémbong aya cahya héjo nu hurung ngempur, nyuruwuk lir meulah awang-awang, sarta mingkin lila mingkin ngadeukeutan ka Karajaan Darmapatih.


Séot...!


Éta cahya héjo nyirorot, sanggeusna deukeut ka karaton Darmapatih.


Jleg!


Sanggeusna napak kana lemah mah éta cahya héjo robah wujud jadi saurang awéwé anu pohara geulisna, anu tétéla geuningan Nyimas Pandani. Ipisna pakéan kelir héjo anu mungkus awak lempayna, rada kékélébétan katebak angin. Sorot mata Nyimas Pandani pohara seukeutna mangsa neuteup ngajenggléngna wangunan karaton Darmapatih, anu teu jauh tina tempat nangtungna. Di palebah gerbang karaton, katémbong aya opat prajurit anu keur jaraga, jadi limaan meureun, jeung hiji jin anu pohara jangkung badagna. Reup, pikeun sakedapan mah Nyimas Pandani meureumkeun matana, kalayan teu kungsi lila ogé geus beunta deui. Nyéh, seuri sorangan, sarta anu saterusna mah kalayan siga anu antaré pisan, ngaléngkahkeun sukuna ngadeukeutan gerbang karaton.


"Si Ajo jeung nu séjénna can ngaplusan waé, euy. Teu kuat ieu téh geus tunduh pisan!" ceuk salah saurang prajurit anu keur jaga.


"Heueuh, sarua kuring gé," témbal saurang baturna, kituna téh barengan ku heuay.


"Aéh, siga aya anu dagang putu...,di mana nya, euy? Mani hihiliwiran, seungit pandan!" ceuk prajurit anu séjénna, dibarengan ku ungsa-angseu.


"Heueuh. Nya."


Saréréa sarua ungsa-angseuna, kaasup hiji jin anu tayohna mah teu némbongkeun jirim ka opat prajurit anu keur jaraga. Dina mangsa pajurit anu jaraga keur ungsa-angseu kitu, Nyimas Pandani mah tonggoy baé ngaliwatan gapura karaton. Teu katarempoeun ari sigana mah, da entong mah opat prajurit, dalah panon jin anu méh sagedé bal kasti ogé, panempona mah neuteup ka mana boa. Sok padahal, dina mangsa harita téh ari Nyimas Pandani mah keur ngaliwat, persis pisan ka hareupeun anu jaraga.


"Rada ngajauhan ayeuna mah seungit pandan téh, euy." Saurang prajurit nyarita deui.


"Heueuh. Tapi rék saha anu meulina dagang wayah kieu mah, da waktuna sararé!"


"Sigana mah rék mulang. Tapi asa piraku ari.... Ah, sabodo teuing kétang!" Saurang prajurit siga anu horéam mikiran.


Keur kitu,ngurunyung opat prajurit anu nyalampaeurkeun ka palebah dinya.


"Didadagoan ti tadi karék ngurunyung. Na teu mikir? Kuring ogé hayang saré satéh!" ceuk saurang prajurit anu keur jaga, kituna téh kalayan siga anu pohara keuheulna.


"Hahaha.... Hampura, loba teuing nginum arakna, euy!" témbal saurang di antara nu anyar datang, kituna téh dibarengan ku sura-seuri.


"Hampura-hampura. Yeuh, tumbakna. Geus teu kuat, hayang saré ti tatadi kuring mah!" Kalayan semu dialungkeun, surang prajurit mikeun tumbak anu ti tadi dikeukeuweuk ku dirina.


Geus kitu mah kebat baé éta prajurit ngaléos ninggalkeun éta patempatan, dituturkeun ku opat baladna anu tadi jaraga.


"Tulung..., tulung...!"


Dina mangsa karék meunang sababaraha léngkah éta opat prajurit rék ninggalkeun tempat urut mancénna, kadéngé aya sora awéwé anu jejeritan ménta tulung.


"Sora Nyimas Permaésuri, euy!" saurang prajurit curinghak bari ceulina tirancung-rancung ngadédéngékeun sora.


"Heueuh. Kunaon nya, euy?"


"Teuing. Buru, urang tempo!"


Opat prajurit anu tadi geus kabagéan jaraga, dumadakan siga anu calénghar deui, panonna ogé jadi baruringas ayeuna mah. Saréréa méh bareng lalumpatan, sarta méh paheula-heula asup ka wangunan karaton, anu jadi sumber datangna sora.

__ADS_1


Hanca.


__ADS_2