
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
(17)
Sanggeusna mingkin yakin yén impianana anu noron salila tilu peuting téh lain ngan saukur kembangna saré, enya ti saparak Ki Donggal nyaritakeun pangalamanana anu sarua, ti poé ka poéna téh Prabu Ungkara jadi sok mingkin remen niis di patamanan, anu aya di palataran tukangeun karaton. Siga dina soré harita, Prabu Ungkara ngadon ngajejentul salila-salila, diuk dina korsi taman anu kaiuhan ku gomplokna daun sarupaning tangkal bungbuahan.
Keur kitu, ngurunyung Nyimas Wening jeung saurang awéwé, anu tina keureutan beungeutna mah méh-méhan sarimbag pisan. Indungna sigana mah, da nilik tina umurna ogé éta awéwé anu keur leumpang réréndéngan jeung Nyimas Wening téh, méh saentragan pisan jeung Prabu Ungkara.
"Kunaon, Kakang Prabu, katingalna téh bet asa sering hulang-huleng ayeuna mah?" ceuk éta awéwé, sanggeusna ngajaranteng jeung Nyimas wening di hareupeun Prabu Ungkara.
"Eu..., teu kunanaon, Nyimas!" Prabu Ungkara siga reuwas alatan kagareuwahkeun.
"Teu kedah ngabohong, teu kedah nyumputkeun hiji perkara, da anak urang ogé sok nalingakeun!" ceuk éta awéwé deui, anu tétéla bener geuning indungna Nyimas Wening, anu hartina minanga permaésurina Prabu Ungkara.
"Sumuhun, Kangjeng Rama. Abdi mah melang, bilih Kangjeng Rama kumaonam." Teuteup Nyimas Wening némbongkeun kahariwang.
"Mmm, nuhun pisan, Wening, anaking. Jeung anjeun deuih, Nyimas, bidadari Kakang. Matak aya rasa kamelang ogé, éta téh minangka hiji ciri, yén aranjeun duaan téh bener-bener nyaah ka kaula."
"Hih, ari Kakang Prabu. Nya kantenan wé atuh ari nyaah mah!"
"Muhun, Kangjeng Rama mah sok asal waé ari sasauran téh!"
Nyimas Wening jeung indungna rada bengkenu. Ari Prabu Ungkara mah malah nyéréngéh. Gék, Nyimas wening jeung indungna di gigireun Prabu Ungkara.
"Hensok atuh nyarios, Kakang Prabu. Naon anu janten bangbaluh salira téh?" Indung Nyimas Wening neuteup salakina.
"Hmm, hampura..., pikeun saheulanan mah Kakang moal waka betus, engké wé mun geus waktuna. Ngan anu jelas mah Kakang téh keur mikiran pikahareupeun karajaan, sangkan rahayat sarugih, saruka bungah dina kapamingpinan urang."
Sakedapan mah Nyimas Wening jeung indungna ngan ukur silihrérét mangsa Prabu Ungkara némbalan kitu téh. Tapi atra pisan aya kareueus dina sorot matana séwang-séwangan, sabab tétéla Prabu Ungkara mah hiji pamingpin anu tanggungjawab, sarta mikanyaah ka rahayatna.
"Upami kitu mah abdi teu tiasa maksa, Kakang Prabu."
"Hampura, Kakang ogé moal waka betus. Keun wé da engké ogé bakal nyaho sorangan."
Antukna mah Nyimas Wening jeung indungna ngan ukur arunggut-unggutan.
"Kunaon ari Ki Patih, mani siga anu rurusuhan kitu, geuning?" Prabu Ungkara kurang-kerung mangsa nempo saurang lalaki, anu tina leumpangna mah siga anu rurusuhan pisan.
Nyimas Wening jeung indungna mah ngan ukur garideug, kituna téh bari teu leupas neuteup saurang lalaki anu mingkin ngadeuekeutan.
"Aya naon, Ki Patih?" tanya Prabu Ungkra, sanggeusna éta lalaki anu disebut Ki Patih, rengkuh méré panghurmat ka dirina.
"Ampun, Kangjeng Prabu. Itu, aya utusan ti Darmpatih!"
"Rék nagih upeti?"
"Leres pisan, Kangjeng Prabu."
Teu ngomong deui. Jung, Prabu Ungkara cengkat tina diukna, sarta anu saterusna mah rada gagancangan ngaléngkahkeun sukuna, muru ka karaton. Ki Patih, Nyimas Wening jeung indungna ogé, gura-giru nuturkeun léngkah Prabu Ungkara.
__ADS_1
Sanepina ka rohangan utama karaton, enya wé, kasampak geus aya dua jalma utusan Darmapatih, anu harits keur dihareupan ku puluhan abdi karajaan. Anu tétéla geuning, éta dua jalma utusan Darmapatih téh, taya lian Ki Patih Purwasesa jeung saurang jajaka anu dangdanana pohara gagahna.
"Sembah pangbaktos, Putra Makuta sareng Ki Patih Darmapatih!" Prabu Ungkara gancang baé rengkuh méré panghurmat ka Ki Patih Puwasesa jeung ka jajaka gagah anu disebut Putra Makuta, anu hartina minangka anakna raja Karajaan Darmapatih, nyatana Prabu Raksapada.
Nyimas Wening jeung indungna anu harita geus aya di gigireun Prabu Ungkara ogé, gancang rarengkuh méré panghurmat. Ari Ki Patih mah langsung baé muru korsina, da tayohna mah geus leuwih tiheula ngahurmatna ogé.
Gék, geus kitu mah Prabu Ungkara dina korsi kalunguhanana. Nyimas Wening jeung indungna ogé nurutan diuk dina korsi anu aya di gigireun korsi Prabu Ungkara. Nyimas Wening mindeng miceun beungeut mangsa anakna Prabu Raksapada ngarérétan waé bari sura-seuri ka dirina téh.
"Ku sabab bisi kapeutingan teuing di jalanna, rék langsung baé kana maksud utamana. Kaula jeung Radén Anjana, diutus ku raja Darmapatih, pikeun nyokot upeti." Kalayan teu kungsi basa-basi heula, langsung baé Ki Ptih Purwasesa nepikeun pamaksudanana.
Teu némbalan, Prabu Ungkara malah ngarérét ka saurang abdi dalemna. Siga anu geus surti pisan, éta abdi dalem gancang unggeuk, anu saterusna mah gura-giru ninggalkeun éta riungan.
"Geulis pisan budak téh, Ki Ungkara. Geus sabaraha taun umurna?" tanya Radén Anjana, kalayan teu maké tatakrama pisan.
Sok sanajan siga nu keuheul pédah asa teu dihargaan, antukna mah Prabu Ungkara ogé némbalan, "Némbé badé nincak lima belas taun, Radén."
"Oh, geuning ngora kénéh pisan. Tapi, ari nempo tina pangawakanana mah siga keur meujeuhna rangu," ceuk Radén Anjana deui, kituna téh dibarengan ku sura-seuri neuteup sampulurna pangawakan Nyimas Wening.
"Jaga omongan jeung sikep anjeun, Anjana!" Patih Karajaan Trisula Emas, siga anu langsung kahudang amarahna mangsa Radén Anjana karasana ngalélécé pisan téh.
"Tenang, Ki Patih..., tenang!" Prabu Ungkara langsung nangtung pikeun meper amarah Patihna.
"Hahaha..., sia wani peupeuleukeuk ka Putra Makuta? Kumayua, siah!" Radén Anjana tutunjuk sarta malik muncereng.
"Sabar, Dén, sabar. Hapunten kalepatan Ki Patih, Dén. Ki Patih..., gancang tinggalkeun ieu rohangan!" ceuk Prabu Ungkara deui, kituna téh bari gancang nitah patihna, sangkan kaluar ti éta rohangan.
Teu wanieun ngabangkang ari ka rajana mah, bari katémbong masih kénéh ngagugudag ku amarah ogé, antukna mah Ki Patih ninggalkeun éta rohangan. Dina kaayaan kitu, Nyimas Wening ogé siga anu teu betah pikeun lila-lila cicing di éta rohangan téh, kalayan teu kungsi amitan-amitan acan, kebat baé ninggalkeun éta rohangan, dituturkeun ku nu jadi indungna.
Ari Prabu Ungkara, gancang baé méré isarat ka puluhan abdi dalemna anu harita geus patingkekerot sarta patingdarelék ka Radén Anjana, anu malah surangah-séréngéh némbongkeun ceuhil bakakak anu nyelap dina huntuna.
Teu lila antarana, ngurunyung deui salah saurang abdi dalem anu saméméhna ninggalkeun éta rohangan, datangna téh bari nananggeuy peti kai anu dipapaés ukiran terisula anu pohara hadéna.
"Ieu emasna, Kangjeng Prabu," ceuk éta abdi dalem, kalayan rengkuh pisan di hareupeun rajana.
Prabu Ungkara mah malah méré paréntah ku isaratna, sangkan éta peti dipasrahkeun langsung ka Radén Anjana. Geus kitu mah gancang baé éta abdi dalem nohonan paréntah raja.
"Ki Patih!" Radén Anjana ngarérét ka Ki Patih Purwasesa, mangsa abdi dalem anu dititah masrahkeun upeti, geus aya di hareupeunana.
Ki Patih Purwasesa gancang ngojéngkang, sarta anu saterusna mah nampanan éta peti. Kalayan lalauanan tutup peti dibuka. Sajongjongan mah Ki Patih jeung Radén Anjana silihrérét bari sura-seuri, mangsa nempo patingborélakna perhiasan emas dina éta peti.
"Hahaha.... Alus. Pikeun ka hareupna mah upetina kudu dua tikekeun ti ieu!" celengkeungna Radén Anjana ka Prabu Ungkara.
"Tong sangeunahna teuing, Anjana. Mémangna emas téh kari mulungan!"
"Mani ku teu boga pikiran pisan. Asa ku mindeng-mindeng teuing naékeun upeti téh!"
"Naon, sia..., wani ngalawan?"
"Geus geus geus.... Tenang, tenang...!"
__ADS_1
Prabu Ungkara gancang ngalelempeng deui kaayaan, mangsa amarah puluhan abdidalem geus rék nepi kana puncakna.
"Sing hawatos, Radén. Ngupayakeun upeti sakitu dina salami opat sasih ogé tos kacida abotna kanggo karajaan alit samodél kieu mah!" Prabu Ungkara mulas-melis siga anu hayang dipikarunya.
"Hahaha.... Na bodo-bodo teuing. Atuh kari naékeun pajeg wé!"
"Hawatos, Radén. Pajeg anu tos aya ogé kalintang ageungna."
"Perkara éta mah teu hayang nyaho. Pokona mah upeti pikeun kahareupna, kudu dua tikeleun ti nu ieu!" Radén Anjana keukeuh dina pamadeganana.
"Tenang..., tenang...!" Prabu Ungkara ngeuleuweuh deui, mangsa sababraha urang abdi dalemna pépédéngkréng sarta rék ngojéngkang ka palebah Radén Anjana.
"Hahahaha.... Hayu, Ki Patih!" Tanpa amitan heula ka Prabu Ungkara, langsung baé Radén Anjana ngajak Ki Patih, pikeun sagancangna ninggalkeun éta rohangan.
Kalayan ditarempokeun ku puluhan abdi dalem anu masih kénéh patingkekerot, Radén Anjana jeung Ki Patih Purwasesa naringgalkeun éta rohangan.
Sanepina ka palataran hareup karaton, opat prajurit Darmapatih anu tétéla keur ngadaragoan, gura-giru nyalampeurkeun. Song, Ki Patih masrahkeun peti ka salah saurang prajuritna. Sanggeus cluk-clak kana kudana mah, kebat baé Ki Patih jeung Radén Anjana ninggalkeun éta karaton, dituturkeun ku opat urang prajurit anu marenganana.
Sapanjang jalan anu kaliwatan ku abringan Radén Anjana, mulek ku kekebul taneuh. Patingkotoplak jeung patingjéréhémna sora kuda, mingkin lila mingkin ngajauhan karaton Karajaan Trisula Emas. Dina mangsa alam geus mimiti rada reup-reupan, abringan Radén Anjana geus kaluar ti wewengkon Karajaan Trisula Emas.
"Eureun heula!" ceuk Radén Anjana dibarengan ku ngacungkeun leungeun katuhu, sarta anu saterusna mah turun tina kudana.
Ki Patih Purwasesa jeung nu séjénna, gancang narurutan turun. Gék, Radén Anjana dina amparan jukut, diturutan ku Ki Patih jeung ku opat prajuritna.
"Bawa arak jeung peti emasna ka dieu!" ceuk Radén Anjana deui, kituna téh bari rut-rét ka dua prajuritna.
Dua prajurit anu dititah, sagancangna nohonan paréntah. Song, peti wadah emas di hareupeun Radén Anjana. Song deui sababaraha wadah arak, anu wadahna dijieun tina sabangsaning cangkang waluh. Gap, leguk, Radén Anjan nohtor arak tina wadahna.
"Hempék, ngarinum sawadah séwang!" Radén Anjana rut-rét ka Ki Patih jeung ka opat prajuritna.
Teu talangké, ari geus dihempékeun mah saréréa méh paheula-paheula nohtor arak sawadah séwang. Kituna téh diselang ku galécok sagala diwangkongkeun. Teu lila antarana, pangaruh arak geus mimiti karasa, Radén Anjana jeung nu séjénna patingbarakatak, bari teu puguh anu keur diseungseurikeunana.
Dina sela-sela seuseurianana, Radén Anjana ngarongkong sarta mukakeun tutup peti wadah emas. Sok, sok, Radén Anjana nyomotan sarta misah-misahkeun perhiasan emas di hareupeun saréréa.
"Tah, nu ieu keur kuring. Ieu keur Ki Patih. Nu ieu mah keur maranéh opatan. Sésana, pasrahkeuneun ka Kangjeng Prabu!" Radén Anjana rut-rét k saréréa.
"Hahaha.... Nuhun pisan, Dén!"
"Wah, ngadadak beunghar, euy!"
"Hahaha.... Nu engké mah bakal leuwih mucekil sigana, Dén!"
"Hahaha...., heueuh. Tapi omat sing bisa ngajaga rusiah!"
"Hahaha..., kalem, Dén!"
"Siap!"
Sok sanajan kaayan di éta patempatan éstuning jauh pisan ti mamana, tapi dumadakan ramé ku nu patingbarakatak sarta garalécokna jalma-jalma anu keur marabok.
__ADS_1
Hanca.