
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
(25)
Siga anu sieun kapiheulaan ku panon poé, rebun-rebun kénéh Ki Patih Purwasesa anu ménta dibaturan ku Radén Angkara nu jadi anakna, geus lumayan jauh ninggalkeun Karaton Darmapatih, muru ka Karajaan Batununggal anu rék dijugjugna. Pedang anu paranjang nyalolégréng dina cangkéngna. Siga anu sarumanget pisan katempona téh, duanana silihudag silihsusul, lir anu teu mliré kana nyecepna hawa isuk-isuk dina mangsa harita.
Mingkin lila, lalampahan Ki Patih Purwasesa jeung nu jadi anakna mingkin deukeut ka wewengkon Karajaan Batununggal.
"Reureuh heula, hayang nginum!" ceuk Ki Patih, mangsa geus nepi ka tapel wates antara dua karajaan, dina mangsa cahya panon poé geus mimiti panas karasana.
Reg, Radén Angkara nurutan bapana anu geus leuwih tiheula ngeureunkeun kudana. Duanana méh bareng jrat-jrut tina tonggong kuda. Sanggeus nyarangcang kuda sarta ngarawél wadah cai anu digantélkeun dina tonggong kuda mah, duanana guk-gék dina catang anu ngajelempeng sisieun jalan. Siga nu hanaang pisan, duanana patingnglaleguk nohtor cai tina wadahna.
"Hidep tétéla pinter, Angkara. Cara ieu, saeutik ogé teu kapikir ti saméméhna ku Rama mah." Teuteup Ki Patih pinuh kareueus.
"Calon raja mah kedah pinter, Kangjeng Rama!" témbal Radén Angkara semu dangah.
"Hahahaha.... Bener, bener! Ari dua prajurit Batunggal kumaha, geus dibayar?"
Radén Angkara ngan ukur némbalan ku gideug.
"Waduh...,tong gagabah, Angkara. Gancang bayar, pan duitna mah geus dibéré ku Si Anjana ogé. Lamun nepi ka éta dua prajurit ngabéjakeun siasat urang nu sabenerna, mangka urang saréréa bakal cilaka!" Ki Patih siga anu pohara reuwaseunana.
"Hahaha..., teu dibayar ogé moal tiasaeun laporan éta dua prajurit mah, Kangjeng Rama!"
"Har..., naha?" Ki Patih kurang-kerung neuteup anakna.
"Tos paraéh," témbal Radén Angkara, kalem kacida.
"Jadi...." Ki Patih mingkin kurang-kerung neuteup anakna.
"Muhun. Upami diantep hirup, bilih janten hiji ancaman kanggo ka payunna!" témbal Radén Angkara tandes kacida.
"Hahaha.... Bener-bener pinter manéh, Angkara. Alus..., alus!" Ki Patih unggut-unggutan siga anu sugema pisan.
"Untungna téh Prabu Raksapada teu taliti, Kangjeng Rama. Margi, upami tanda Karajaan Batununggal anu aya dina serat anu dipasrahkeun ku dua prajurit kapendak palsuna mah, pasti bahaya pisan akibatna."
"Enya, matak ku Rama buru-buru diduruk ogé éta surat téh!" Ki Patih surangah-séréngéh.
Radén Angkara ogé jadi pipilueun surangah-séréngéh. Tétéla geuning, Pamiarsa, dua prajurit Batununggal anu nganteurkeun surat ka Prabu Raksapada téh ngan saukur bagéan tina siasat jieunan Radén Angkara, sangkan aya alesan pikeun nepungan Nyimas Pandani anu nganjrek di hiji wewengkon anu masih kénéh kaasup kana kakawasaan Karajaan Batununggal.
"Hayu!" ajakna Ki Patih, mangsa geus ngarasa cukup ngareureuhkeun kacapéna.
Radén Angkara ukur unggeuk. Jung, duanana carengkat tina tempat diukna, anu saterusna mah ngojéngkang ngadeukeutan kudana.
Jorélat..., gajleng..., jleg jleg jleg...!
Teuing ti mana daratangna, di hareupeun Ki Patih jeung Radén Angkara ujug-ujug ngajarega opat jalma jarangkung badag anu samakta ku pakarang. Ki Patih jeung Radén Angkara nepi ka pohara ngararénjagna.
"Saha maranéh?" Ki Patih rut-rét ka opat jalma anu keur patingjarega di hareupeunana.
"Hahaha.... Tong loba bacot. Lamun hayang salamet, gancang pasrahkeun babawaan sia!" témbal nu buukna gondrong, anu tayohna mah dedengkot éta rampog.
Sakedapan mah Ki Patih jeung Radén Angkara ngan ukur silihrérét.
"Cicing wé Kangjeng Rama mah. Keun, éta rampog mah urang warah ku abdi!" ceuk Radén Angkara, kituna téh bari ngusapan gagang pedangna.
Ki Patih ukur némbalan ku unggeuk. Kojéngkang, geus kitu mah Radén Angkara ngojéngkang ka hareupeun opat rampog anu masih kénéh patingjarega.
"Hahaha..., wani ngalawan, sia?" Dedengkot rampog tutunjuk bari lelenggakan.
"Hahaha..., sor, maraju ari hayang dicacag ku aing mah!" Radén Angkara éstuning lébér ku wawanén.
"Koplok. Podaran, euy!" Dedengkot rampog ngarérét ka saurang baladna.
Siet..., jleng..., séak...!
__ADS_1
Teu kungsi ngadagoan paréntah dua kali, saurang rampog langsung baé mesat gobangna, sarta anu saterusna mah ngagajleng bari ngaheumbatkeun pakarangna, persis pisan rék nigas beheung Radén Angkara.
Lep..., plos...!
Seuseukeut gobang rampog ngan ukur ngahakan angin, mangsa Radén Angkara ngelokkeun sirahna. Bareng pisan jeung nyolontodna awak rampog alatan kabawa ku tanagana sorangan, sakilat Radén Angkara ngajejekkeun sukuna kana bujur lawan.
Jebrod...!
"Huakh...!"
Rampog anu narajang Radén Angkara ngagoak pohara tarikna, disusul ku awakna anu nyuksruk sarta saterusna mah gogoréntélan dina lemah. Nempo kitu, Ki Patih mah ngan ukur unggut-unggutan.
"Hahaha.... Kagok saurang-saurang mah. Maju kabéhanana, siah!"Radén Angkara anu tétéla tingkatan ulin béladirina geus kawilang luhung, tutunjuk ka tilu rampog anu masih kénéh ngajengjen dina tempatna.
"Kurang ajar. Raponan, euy!" Dedengkot rampog rut-rét ka dua baladna.
Jleng jleng jeng...!
Sanggeus maresat bedogna mah, tilu rampog patinggarajleng ningker Radén Angkara.
"Hahaha..., sor, siah..., maju!" Radén Angkara nangtang, sanggeus leungeun katuhuna ngeukeuweuk pedang.
"Hiakh...!"
Gajleng..., séak...!
Saurang rampog miheulaan narajang. Seuseukeut gobang anu boborélakan katojo panon poé, lempeng pisan rék nyabet beuheung.
Lep!
Gancang Radén Angkara ngelokkeun sirahna.
Plos..., suruwuk...!
Méh bareng jeung ngeplosna panarajang lawan anu munggaran, congo gobang baladna nyuruwuk rék niruk dada Radén Angkara.
Plos!
Panarajang dua lawan anu méh pasusul-susul, duanana ogé ngan ukur ngahakan tempat kosong.
Sét!
Dina kaayaan awak lawan keur semu dongko, sakilat Radén Angkara nyabetkeun pedangna rék nigas punduk.
Trang...!
Untung dedengkot rampog kaburu nadah seuseukeut pedang Radén Angkra, lamun henteuna mah geus pasti matak ngabalukarkeun leupasna sirah.
Jleng...!
Siga anu bogaeun mata dina pundukna, gancang Radén Angkara ngajaul, mangsa rampog anu saméméhna nyuksruk, ngabogongohan narajang ti tukang.
Suruwuk..., bres...!
"Akh...!"
Saurang rampog ngagoak pohara tarikna. Sabab, mangsa Radén Angkara ngagajeng téh, seuseukeut gobang rampog anu ngabongohan sarta panarajngna lapur tina sasaran, ngagabres kana dada baladna.
Bru! Berebey....
Sarurang rampog anu katiruk dada ku pakarang baladna, langsung nambru dina taneuh. Beureumna getih ngabayabah mulas lemah.
"Hahaha.... Lebok, siah!" Radén Angkara lelenggakan.
"Kurang Ajar. Hyakh...!"
__ADS_1
"Hyat...!
Dina kaayaan nu mingkin napsu, tilu rampog langsung narajang deui Radén Angkara.
Set set set..., trang trang trang...!
Teu loba gulak-gilek pikeun nyingkahan panarajang ayeuna mah, Radén Angkara hut-het nadah seuseukeut gobang tilu lawanna, nepi ka ngabalukarkeun patingburicakna kembang seuneu.
"Hyakh...!"
Radén Angkara ngagorowok lumayan tarikna, bareng jeung awakna nu muter semu dongko, mangsa dihujanan ku panarajang lawan-lawanna.
Siet..., srek srek srek...!
"Hwadaw...!"
"Huakh...!"
"Heuakh...!"
Jaligjeug..., jaligjeug..., bru!
Méh bareng tilu rampog patinggaroak, disusul ku awakna anu patingjaligjeug undur-unduran, alatan kabeunangan ku sabetan pedangna Radén Angkara. Pedang tilu rampog plak-pluk maruragan, sarta anu saterusna mah patingrumpuyuk bari nahan ngaburialna getih tina kekemplong jeung tina dadana nu garudawang.
Kerejet..., kerejet...!
Tilu rampog kekerejetan.
Hos...!
Tilu rampog méh pasusul-susul ngaleupskeun nyawana. Kaayaan di éta patempatan dumadakan beureum ku getih nu ngabayabah.
"Hahaha..., hadé, Angkara!" Ki Patih nyelengkeung bari émprak mumuji anakna.
Radén Angkara bati nyéréngéh bari rut-rét ka Patih Purwasesa jeung ka opat lawanna anu geus ngababatang jadi bugang. Sanggeus ngasupkeun deui pedang kana sarangkana, anu saméméhna dielap-elapkeun heula kana pakéan dedengkot rampog, Radén Angkara ngagandeuang nyampeurkeun Patih Purwasesa.
"Hahaha.... Hadé, Angkra. Teu lapur Rama ngagembléng hidep téh!" Kalayan némbongkeun kareueus anu pohara gedéna, Ki Patih Purwasesa nepakan taktak anakna.
Radén Angkara mah ngan ukur sura-seuri semu dangah.
Geus kitu mah Radén Angkara jeung nu jadi bapana cluk-clak deui kana tonggong kuda, sarta anu saterusna mah kebat baé neruskeun deui lalampahanana anu katunda, ninggalkeun opat rampog anu geus ngababatang taya nyawaan.
Mingkin lila, Ki Patih jeung Radén Angkara mingkin asup ka wewengkon Karaajaan Batununggal. Siga embung aya nu nganyahoankeun katempona téh, Ki Patih jeung nu jadi anakna ngahaja teu ngaliwat ka palebah Karaton Batununggal, malah milih jalan anu rada nguriling.
Sanggeus neruskeun deui lalampahan anu lumayan lilana, antukna mah Ki Patih jeung Radén Angkara narepi ka hiji basisir. Keusik bodas ngampar jadi wawates leuleuweungan jeung ngumplangna cai lautan. Lambak sagara patingsuruwuk patingjelegur neumbragan batu karang, lir anu ngabagéakeun kadatangan Ki Purwasesa jeung nu jadi anakna.
Reg, Ki Patih ngeureunkeun kudana di sisi leuleuweungan. Radén Angkara ogé gancang nurutan. Jrut, duanana tarurun, sarta anu saterusna mah gura-giru nyarangcang kudana.
"Kadieukeun emas keur Nyimas Pandanina!" Ki Patih namprakeun leungeunna.
Song, Radén Angkara ngasongkeun kanjut kundang hideung anu saméméhna digantélkeun dina punduk kuda.
"Lamun geus pahareup-hareup jeung Nyimas Pandani, manéh mah tong loba nyarita!" Ki Patih neuteup anakna.
"Mangga, Kangjeng Rama."
Geus kitu mah Ki Patih ngamimitian ngaléngkahkeun sukuna, asup ka leuleuweungan. Anéh, sok sanajan di éta leuleuweungan teu katémbong aya tangkal pandan, tapi kaambeu pisan melenghirna seungit pandan anu angin-anginan.
Mingkin asup ka leuleuweungan, seungitna pandan mingkin nyambuang. Ki Patih anu dituturkeun ku Radén Angkara siga anu mingkin sumanget, leumpangna mingkin gagancangan.
Reg, Ki Patih ngeureunkeun léngkahna, mangsa nepi ka hareupeun hiji guha. Tétéla ti jero éta guha puseurna seungit pandan anu angin-anginan nepi ka tungtung leuleuweungan téh.
"Nyimas Pandani...!" celengkeungna Ki Patih Purwasesa.
Simpé taya anu némbalan. Kalayan sabar Ki Patih ngadagoan bari ngeukeuweuk kanjut kundangna. Sanggeus lumayan lila antarana, antukna mah kadéngé sora léngkah ti jero guha, anu sorana mingkin lila mingkin ngadeukeutan.
__ADS_1
Hanca.