BANJIR GETIH DI DARMAPATIH

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH, episode 09


__ADS_3

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH


(9)


Sajongjongan mah Kang Atang jeung anak pamajikanna ngan ukur patingkarerung mangsa nempo dedegan lalaki keker tur jangkung badag anu mamanggul karung, kalayan teu kanyahoan datangna, ujug-ujug geus ngajega, teu jauh tina biwir guha. Si Utih anu tayohna mah kahudangkeun, ngadon ngajengjen di gigireun éta jirim.


"Sa sa..., saha ari anjeun?" Kang Atang neuteup éta lalaki.


"Teu kudu sieun. Kaula titahan Ki Patih Cakra. Datang ka dieu, dititah nganteurkeun béas," témbal éta lalaki, siga anu nyahoeun kana kasieun Kang Atang, kituna téh bari nunda karung di gigireunana.


"Duh, hatur nuhun pisan kituh. Mangga atuh ka lebet heula!" Nyi Yati mah malah siga anu bungaheun pisan.


Teu kungsi ngadagoan dititah dua kali, éta lalaki ngoloyor nyampeurkeun Kang Atang sakulawarga. Gék, di gigireun Jang Aji.


"Nyimas Sekaryati, Radén Garantang, ogé Radén Aji Cakrawiguna..., kaula bungah pisan diidinan tepung jeung aranjeun, minangka turunan anu nyésa ti kulawarga Kangjeng Prabu."


"Ké ké ké..., naha geuning salira bet uninga nami lengkep abdi sareng pun bojo kalih pun anak?" Kang Atang rada ngajenghok, sabab ari ceuk pangrasana mah ngaran lengkep dirina jeung anak pamajikanna téh, saurang ogé taya anu dibéré nyaho.


"Hahaha..., kaula ogé dibéjaan ku Ki Patih!"


"Oh. Dupi jenengan salira, saha?" Kang Atang teu kungsi tetelepék deui ngeunaan Ki Patih anu nyahoeun kana ngaran lengkep dirina jeung kulawargna, da geus puguh ari Ki Patih mah jalma linuhung.


"Ngaran kaula Galingging. Kaula salah saurang prajurit anu satia ka Kangjeng Prabu Siloka Wicakra."


"Tapi, naha geuning Mamang mah Anom kénéh?" Jang Aji tikerung-kerung nelek-nelek dedegan éta lalaki anu keur diuk di gigireunana.


"Hahaha.... Prajurit Kangjeng Prabu téh lain ti bangsa manusa wungkul, Dén. Ti bangsa jinna ogé aya."


"Oh, janten Mamang téh...."


"Enya. Kaula mah prajurit ti bangsa jin. Sarua jeung Si Kumbay!" témbal éta lalaki anu tétéla lain bangsa manusa, kituna téh dibarengan ku nuduhkeun Si Utih ku pangrérétna.


"Maksadna?" Jang Aji kurang-kerung.


"Hahaha.... Geura tempokeun wujud manéh nu sabenerna, Kumbay. Geus dididinan ieuh ku Ki Patih ogé!" Si Galingging nyarita ka Si Utih.


"Nu bener..., geus diidinan?"


Gebeg!


Kang Atang, Jang Aji jeung Nyi Yati pohara ngagebegna, mangsa dadak sakala Si Utih jadi bisaeun nyarita.


"Heueuh. Pan pusaka manéhna ogé, cenah mah geus dipasrahkeun deui!" ceuk Si Galingging.


"Enya ari geus dipasrahkeun téa mah. Ngan sieun can diidinan ari némbongkeun wujud nu asli mah."


"Geus diidinan, da ayeuna mah geus jauh tina hirup kumbuhna bangsa manusa."

__ADS_1


Burinyay..., jleg!


"Waduh!"


"Astagfirilloh...!"


Sanggeusna aya cahya nu ngaburinyay mah wujud Si Utih robah jadi maung lodaya anu pohara badagna. Kang Atang jeung anak pamajikanna nepi ka patingrarénjag sarta marolohok mata siemuteun.


Gaur...!


Éta lodaya ngagaur pohara tarikna. Sorana anu ngagereng sarta pinuh ku sima, ngaweuhan ka saantéro rohangan guha. Si Utih anu tétéla ngaran aslina mah Si Kumbay, sanggeusna robah wujud mah gancang baé ngalanggéor ngadeukeutan ka Jang Aji.


"Tenang, da moal nanon! Ari sabenerna mah Si Kumbay téh, sarua diparéntah ku Ki Patih, pikeun mastikeun kasalametan Radén sakulawarga," ceuk Si Galingging, mangsa nempo Jang Aji jeung indung bapana pupurungkutan, alatan sieuneum mangsa éta lodaya ngadeukeutan dirina.


"Enya, Radén. Pan biasana ogé kaula téh sok diajak ulin ku Radén!" ceuk Si Kumbay, sorana semu ngagereng, kituna téh dibarengan ku neuteup ka Jang Aji.


"Eu..., a eu..., atuh da ari kamari mah nuju dina wujud domba atuh!"


"Hahaha...., Heug bisi sieun mah, kaula rék robah deui kana wujud domba!"


"Eu..., teu kudu. Resep kénéh kitu. Bieu mah reuwas kénéh wé!" Jang Aji langsung nyarék.


Gaur...!


Si Kumbay ngagaur siga nu bungah pisan, anu saterusna mah ludat-lédot kana pingping Jang Aji.


"Eu..., dupi salira, wujud aslina samodél kumaha?" Kang Atang neuteup Si Galingging, kalayan némbongkeun kapanasaran.


"Sarupi wujud buta?"


"Bisa disebutkeun kitu."


"Dupi Ki Cakra sareng anu sanésna, ayeuna aya di marana?" Nyi Yati karék wanieun deui milu nyarita, kituna téh bari rut-rét ka Si Kumbay jeung ka Si Galingging.


"Aya, di hiji patempatan anu dipager ku bébénténg goib. Salila ieu, Ki Patih jeung ratusan prajurit anu satia, keur ngumpulkeun kakuatan pikeun ngarebut deui Darmaptih." Si Galingging anu némbalan.


"Ajak Aji nepangan Ki Cakra, Mang. Aji hoyong ngiring ngarebut deui Karajaan Darmapatih!" Jang Aji nyelengkeung sumanget pisan.


"Hahaha.... Geus sakuduna, Dén. Tapi ayeuna mah can waktuna. Radén masih kénéh bau cucunguk. Hahahaha...!" Témbal Si Galingging, ditungtungan ku seuri nepi ka lelenggakan.


"Tong nganggap énténg, Mang. Dua prajurit ogé aréléh ku Aji mah!" Jang Aji siga nu keuheul mangsa diseungseurikeun téh.


"Hahaha..., éta mah prajuritna wé tukang malolor wungkul. Dén..., prajurit-prajurit Darmapatih anu ayeuna, ari anu linuhungna mah arang barijil, komo paratukang sihir anu saraktina mah, narumpi wé di jero karaton."


"Aya tukang sihiran, Mang?"


"Loba. Ti bangsa jinna ogé loba, matak baheula kungsi nepi ka katétér ogé!"

__ADS_1


"Hmm..., Aji ajarkeun kasaktian atuh, Mang!" Jang Aji pohara dariana.


"Hahhaha..., pasti. Ngan lain ku kaula, tapi langsung rék digembléng ku Ki Patih Cakra!"


"Nu leres, Mang?"


"Enya. Dagoan wé dina waktuna!"


"Horséh...!" Jang Aji nepi ka surak awahing ku bungah.


Gaur...!


Si Kumbay ngagaur. Ari Kang Atang jeung Nyi Yati mah ngan ukur silihrérét bari arunggut-unggutan, siga anu pohara reueusna mangsa nempo sumanget nu jadi anak, anu pohara ngabebelana.


"Ayeuna, kaula rék mulang heula, da teu diidinan lila-lila." Si Galingging rut-rét ka saréréa.


Burinyay..., belesat...!


Kalayan teu kungsi ngadagoan heula jawaban, sanggeusna robah kana cahya beureum mah, Si Galingging ngabelesat ninggalkeun Kang Atang jeung nu séjénna.


Urang tunda heula kahirupan Kang Atang sakulawarga, anu dina mangsa harita mindeng patingpolohok alatan nyaksian rupa-rupaning kaahéngan. Urang sampeur heula kaayan di karaton Karajaan Darmapatih.


Masih kenéh dina wanci sarua, di éta karaton, anu tegesna mah di rohangan utamana, saurang raja anu gagah tur gedé pisan wibawana, diuk dina korsi kalungguhanana. Prabu Raksapada-Raksapada téa tayohna mah. Dina puluhan korsi anu méh ngariung tempat diukna éta raja, dariuk jalma-jalma anu tina dangdanana méh kabéh sarua. Malah mah Radén Angkara ogé aya dina éta riungan.


"Jadi..., turunan Si Siloka Wicakra téh aya kénéh nu nyésa?" Raja neuteup seukeut ka saurang nini-nini anu papakénana sing sarwa hideung.


"Yakin pisan abdi mah, Kangjeng Prabu. Pasti éta budak téh turunan Prabu Siloka Wicakra. Malih mah sigana, domba adu nu éta budak téh lain domba samanéa, tapi sarupaning domba mamalihan!" témbal éta nini-nini, kalayan pohara pisan dariana.


"Paningal abdi ogé sami pisan, Kangjeng Prabu. Ngan ari ditoropong di mana-manana mah, poék, sigana mah dihalangan ku bébénténg goib anu pohara kuatna!" Saurang aki-aki, nyelengkeung nepikeun pamanggihna.


"Goblog! Ari ku manéh geus ditéangan?" Prabu Raksapada neuteup ka Radén Angkara.


"Parantos, Kangjeng Prabu. Méh unggal lembur tos dipapayan."


"Téangan deui nepi ka kapanggih. Lamun can kapanggih, manéh tong waka ngadu hayam atawa ngadu domba!"


"Eu..., mmm, unjuk sumangga, Kangjeng Prabu!" Siga nu beurat Radén Angkara téh ari nepi ka kudu ninggalkeun karesepanana mah.


"Maranéh ogé..., kaasup anjeun, Ki Patih, téangan di mana ayana éta jalma anu ngaranna Si Atang jeung anak pamajikanna. Mun geus kapanggih, podaran kabéhanana!" Prabu Raksapada tutunjuk ka sakabéh jalma anu harita keur ngariung dirina.


"Dawuh timbalan, Kangjeng Prabu!" Saréréa, saur manuk nyanggupan paréntah rajana.


"Nyai Manik, Bah Goncrang..., kerahkeun sakabéh jin pikeun néangan éta jelema!" Prabu Raksapada rut-rét ka nini-nini jeung ka aki-aki, anu tayohna mah minangka juru nujumna karajaan.


Anu dibéré paréntah, gancang arunggeuk bari acong-acongan.


Burinyay..., les...!

__ADS_1


Sanggeusna aya cahya beureum anu ngaburinyay mah, éta nini-nini jeung aki-aki anu sebut Nyai Manik jeung Bah Goncrang, ngariles tina riungan.


Hanca.


__ADS_2