BANJIR GETIH DI DARMAPATIH

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH, episode 45


__ADS_3

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH


(45)


Mingkin tarik suku Si Kumbay enggoning nojérkeun sukuna, mingkin ngancang nyeleberna, nepi ka dina waktu anu teu pati lila ogé Si Tangkar geus kasusul deui. Disaimbangkeun ari geus bisa nyusul mah, hiberna Si Kumbay méh réréndéngan Jeung Si Tangkar.


"Ka belah ditu mun teu salah mah Karajaan Balarampa téh, nya?" Si Tangkar tutunjuk ku sukuna, kituna téh dibarengan ku ngarérét ka Ki Cakcra.


"Geuning geus apal?" celengkeungna Prabu Ungkara, saméméh Ki Cakra némbalan pananya Si Tangkar.


"Hahaha.... Nya apal atuh, da umur kaula téh geus ratusan taun!"


"Aéh enya, poho!"


"Urang balap, éuy!" Si Kumbay ngarérét ka Si Tangkar.


"Hahaha.... deuk sanggup kitu ngimbangan aing?" Si Tangkar malah ngagakgak.


"Lah, citék!"


"Montong bari hareureuy..., bisi cilaka!" Ki Cakra gancang ngagebés.


Belesat...!


"Sarkumbay..., ontohod, siah!"


Kalayan teu maliré ka Ki Cakra anu gégéréwékan, Si Kumbay nyuruwuk ninggalkeun Si Tangkar.


"Si bebel..., licik, siah!" Si Tangkar mah nepi ka ngutruk mangsa nempo Si Kumbay anu miheulaan sarta geus jauh ninggalkeun dirina téh.


Suruwuk..., belesat...!


Geus kitu mah Si Tangkar ogé gura-giru ngabelesat ngudag Si Kumbay. Prabu Ungkara nepi ka tipepereket sagala dipuntangan.


"Gancang susul, Tangkar!" Antukna, sok sanajan asalna mah siga nu sieun, tapi ari lila ku lila mah Prabu Ungkara malah siga nu resep mangsa dibawa subrat-sebrut téh.


Si Tangkar ogé siga anu mingkin sumanget mangsa diseuneuan ku Prabu Ungakara téh, hiberna mingkin tarik enggoning nyusul Si Kumabay anu ditumpakan ku Ki Cakra.


Suruwuk..., belesat...!


Si Tangkal ngerahkeun sakabéh tanagana.


"Punten ngiring ngalangkung, Ki Patih Agung!" ceuk Prabu Ungkara dibarengan ku sura-seuri, mangsa Si Tangkar geus bisa nyusul hiberna Si Kumbay.


"Euweuh kahayang sia mah hiber téh. Gancang udag!" Béda pisan ti saméméhna, anu asalna keukeuleuweuhan sangkan teu babalapan, ayeuna mah Ki Cakra malah nitah Si Kumbay pikeun ngudag Si Tangkar anu ditumpakan ku Prabu Ungkara.


Gaur...!


Si Kumbay gaur.


Suruwuk..., belesat...!


Dua jin anu jadi tutumpakan dua manusa, patingsuruwuk, patingbelesat paudag-udag di awang-awang.


Teu karasa bari dibawa ngélég mah, sanggeus lumayan lilana apeng-apengan di awang-awang, antukna mah Si Tangkar jeung Si Kumbay patingsirorot, sanggeusna persis pisan aya di luhureun alun-alun anu ngampar di hareupeun wangunan hiji karaton.

__ADS_1


Séot..., clé, clé!


Siga nu hampang pisan Si Tangkar jeung Si Kumbay mangsa nincakeun sukuna kana lemah téh. Ki Cakra jeung Prabu Ungkara gancang tarurun.


"Maranéh mah dagoan wé di dieu. Tapi omat tong némbongkeun jirim!" Ki Cakra rut-rét ka Si Kumbay jeung ka Si Tangkar.


Nu dirérétna ngan ukur némbalan ku unggeuk. Geus kitu mah kebat baé Ki Cakra jeung Prabu Ungkara patinggaredig muru wangunan karaton.


Sanggeus sababaraha kedapan nalikreuh heula, antukna mah duana narepi ka hareupeun gapura. Aya tulisan Aksara Sunda anu ngajeblag dina éta gapura téh, Karaton Balarampa.


"Kangjeng Prabu Ungkara?" cenah, ceuk salah saurang ti antara opat prajurit anu keur jaga. Geus wawuheun tayohna mah.


"Enya. Kaula hayang tepung jeung Prabu Darmaja."


Teu kungsi tatanya itu-ieu heula, geus kitu mah kebat baé éta prajurit nganteurkeun Prabu Ungkara jeung Ki Cakra, pikeun ngadeuheus ka nu jadi rajana. Sanepina ka horangan utama karaton, kasampak saurang raja keur ngawangkong jeung sababaraha urang abdi dalemna. Nu keur ngariung, nepi ka siga anu pohara ngajarenghokna mangsa kadatangan ku Prabu Ungkara téh.


"Asa teu ngimpén-ngimpén acan, bet kasumpingan salira!" ceuk lalaki anu diuk dina korsi raja, mangsa Prabu Ungkara jeung Ki Cakra geus rarengkuh méré panghurmat ka dirina. Prabu Darmaja-Prabu Darmaja téa ari tayohna mah.


"Puguh ogé kajurung ku kaperyogian anu kalintang pentingna pangna abdi nepangan salira téh." Prabu Ungkara teu weléh rengkuh.


"Oh. Sok atuh, caralik heula!" Prabu Darmaja pohara daréhdéhna.


Dua abdi dalem anu saméméhna ngadiukan korsi anu deukeut jeung raja, gancang baé parindah. Geus kitu mah Parabu Ungkara jeung Ki Cakra guk-gék dina korsi anu karasa haneut kénéh balas geus lila didiukan.


"Saurna, Karajaan Trisula Emas téh unggul enggoning ngungkulan pasukan Darmapatih dina peperangan anu kamari." Prabu Darmaja muka wangkongan.


"Alhamdulillah, aya panangtayungan ti Nu Maha Kawasa." Prabu Ungkara ngahandap.


"Hébat, wantun ngalawan ka karajaan ageung anu nuju kumawasa!"


"Sumuhun, ka abdi ogé parantos dugi iber perkawis musababna, anu aya pakuat-pakaitna sareng tuang putra. Da sareng enyana deuih, asa teu ngajénan pisan ari kitu-kitu teuing mah."


Prabu Ungkara unggut-unggutan. Ari Ki Cakra mah ti tadi ogé ngan ukur ngabandungan teu milu nyarita.


"Teras, pangna salira ngersakeun sumping ka dieu téh, nyandak pamaksadan naon?" tanyana Prabu Darmaja.


"Masih kénéh aya sangkut pautna sareng peperangan anu kamari."


"Maksadna?"


Barabat wéh geus kitu mah Prabu Ungkara nyaritakeun itu-ieuna, nepi ka antukna boga urusan jeung Karajaan Batununggal. Salian ti éta, Prabu Ungkara ogé nepikeun maksud utamana, seja umajak ka sakabéh karajaan leutik, sangkan ngahijikeun kakuatan pikeun ngalawan kana kasawenang-wenangan pihak Darmapatih jeung Batununggal. Sajeroning Prabu Ungkara cacarita téh, Prabu Darmaja jeung welasan abdi dalemna mah mindeng silihrérét dibarengan ku arunggut-unggutan.


"Kumaha kamandang anjeun, Ki Patih?" ceuk Prabu Darmaja ka nu jadi patihna, mangsa Prabu Ungkara geus mungkas caritanana.


"Satuju pisan abdi mah, Kangjeng Prabu. Sapertosna, ayeuna mah parantos waktosna kanggo karajaaan-karajaan alit, ngabébaskeun diri tina kungkungan sareng kasawenang-wenangan éta dua karajaan!" témbal Ki Patih pohara tandesna.


"Sapuk pisan abdi ogé, Kangjeng Prabu!"


"Muhun, Kangjeng Prabu. Tos waktosna diwarah Darmapatih sareng Batununggal téh!"


"Muhun lah, Kangjeng Prabu. Kiat sigana ngalawan ogé ari sadayana karajaan alit ngahijikeun kakuatan mah!


Di éta rohangan jadi gandéng ku sababaraah abdi dalem anu patingkeuleuweuh.


Sakedapan mah Prabu Darmaja ngan ukur hulang-huleng, siga anu keur nimbang-nimbang pipetaeun. Rét, ka Prabu Ungakra. Rét, Ka Ki Cakra jeung ka welasan abdi dalemna. Saterusna mah Prabu Darmaja unggut-unggutan.

__ADS_1


"Sumangga upami kitu mah, abdi siap kanggo ngabantos Trisula Emas!" Antukna mah kalayan pohara tandesna Prabu Darmaja nyanggupan pikeun mantuan kana pangajakna Prabu Ungkara.


"Hatur nuhun. Bingah pisan upami kersa ngabantos mah!" Paroman Prabu Ungkara ngagambarkeun ka bungah anu pohara gedéna.


"Hidup Balarampa...!"


"Hidup...!"


"Hidup Trisula Emas...!"


"Hidup...!"


Kaayaan di éta rohangan gandéng deui ku nu patingkeuleuweuh. Ari Prabu Ungkara jeung Ki Cakra mah ngan ukur silihrérét dibarengan ku unggut-unggutan.


"Janten..., salami ieu téh, salira rerencepan ngempelkeun pasukan ti golongan jin?" ceuk Prabu Darmaja, mangsa geus rerep anu patingkeuleuweuh.


"Sanés pasukan abdi éta mah," témbal Prabu Ungkara.


"Kumaha maksadna? Asa kirang ngartos abdi mah!" Prabu Darmaja kurang-kerung.


"Pasukan prajurit jin mah aya dina kapamingpinan anjeunna anu parantos haat nulungan. Upami teu aya bantosan ti anjeunna mah, tos pasti tumpur kamari ogé Trisula Emas téh." Prabu Ungkara nunjuk Ki Cakra ku jempol katuhuna.


"Ké ké ké.... Dupi salira téh, saha? Ari panyangki mah, panginten téh panaséhat karajaan." Prabu Darmaja ngarérét Ki Cakra, anu saméméhna mah siga anu kurang dianggap.


"Ieu téh kersana Ki Cakra. Patih satiana Parbu Sloka Wicakra anu ngawasa Darmapatih dina jamanna." Prabu Ungkara gancang mangnémbalkeun.


Gebeg!


Boh Prabu Darmaja, pon kitu deui jeung welasan abdi dalem anu keur araya di dinya, siga anu pohara ngagebegna mangsa ngadéngé kekecapan Prabu Ungkara anu samodél kitu téh.


"Janten..., salira téh Ki Patih Agung?" Prabu Darmaja siga anu pohara reuwaseunana.


"Sumuhun," témabal Ki Cakra, singget.


Jung..., brek!


Harita kénéh Prabu Darmaja cengkat, sarta anu saterusna mah sujud di hareupeun Ki Cakra.


"Nyanggakeun sembah pangabaktos, Ki Patih Agung. Hapunten pisan, tadi mah abdi téh leres-leres teu terang saha salira nu saleresna!" Prabu Darmaja némbongkeun kahanjakalna.


Lain Prabu Darmaja wungkul anu kitu peta téh, Ki Patih jeung nu séjénna ogé gancang baé bruk-brek sarta acong-acongan nyembah ka Ki Cakra.


"Teu kedah kikituan, Kangjeng Prabu. Abdi ogé sami jalmi, sami-sami tebih tina kecap sampurna!" Ki Cakra nitah Prabu Darmaja pikeun cangkat.


"Sakali deui, neda dihapunten pisan abdi téh, Ki Patih Agung!" Prabu Darmaja siga anu can seubeuh ménta hampura


Ki Cakra ukur unggeuk dibarengan ku imut. Geus kitu mah Prabu Darmaja jeung anu séjénna guk-gék deui dina korsi. Siga Prabu Ungkara, ari geus nyahoeun saha Ki Cakra nu sabenerna mah, Prabu Darmaja ogé jadi teu wanieun diuk din korsi kalungguhanana.


Tunda heula kaayaan di Karaton Balarampa, anu raja jeung sakabéh abdi dalemna pohara reuwaseunana sanggeus ngayahoankeun saha Ki Cakra nu sabenerna. Ayeuna, urang sampeur heula kaayaan di hiji karaton anu kacida badag tur pohara agréngna, nyatana Karaton Batunungal anu dipingpin ku Prabu Dangdang.


Teu béda jeung anu keur lumangsung di rohangan utama Karaton Balarampa, di rohangan utama Karaton Batununggal ogé, harita téh Prabu Dangdang keur uplek jeung puluhan abdi dalemna.


"Ki Patih..., sina reureuh heula anu ngaréka ieu carita!"


Anu meunang paréntah ti Prabu Dangdang ngan ukur unggeuk siga anu satujeun pisan. Karunyaeun tayohna mah, sanggeusna nempo jempol nu ngotrét semu barareuh.

__ADS_1


Hanca.


__ADS_2