BANJIR GETIH DI DARMAPATIH

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH, episode 50


__ADS_3

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH


(50)


Palataran urut galungan antara Jang Aji jeung Nyimas Pandani katut dua naga anu pohara baradagna, nepi ka ngabalukarkeun laledugna éta patempatan. Taneuh lalegok sarta tarutung di ditu di dieu. Patingjungkiringna tatangkalan anu raruntuh, pasoléngkrah sarta sawaréh masih kénéh harurung, sok sanajan geus henteu ngabebela siga saméméhna, haseup kandelna ngepul sarta mumbul ka alak paul. Layon Nyimas Pandani anu geus jadi ruhak ogé teu jauh béda, masih kénéh ngepulkeun haseup ipis anu luak-léok alatan katebak angin.


Wus....


Dumadakan aya angin anu muter nebak gundukan ruhak layonna Nyimas Pandani. Sarupaning angin puyuh, ngan ieu mah kawilang leutik.


Wus..., wer..., wer..., wer...!


Muterna éta angin mingkin lila mingkin narikan. Lebu jeung ruhak tina layon Nyimas Pandani nepi ka kasedot kabéhanana.


Wer..., wer...., wer.... Burinyay..., jleg!


Sanggeusna aya cahya héjo anu ngaburinyay mah, dumadakan ngajénggélék hiji jirim nini-nini, anu tayohna mah jirim Nyimas Pandani dina wujud anu aslina. Sajongjongan mah Nyimas Pandani rurat-réret muteurkeun paneuteupna ka sabudeureun éta patempatan. Rét deui, niténan kaayan awakna. Siga nu ripuh pisan katempona téh kaayaan Nyimas Pandani dina mangsa harita mah. Gék, geus kitu mah Nyimas Pandani sila sarta meureumkeun sapasang panonna, kalayan dua leungeun dirapetkeun dina hareupeun dada.


Wer..., wer..., wer...!


Teu lila antarana, dumadakan aya cahya héjo anu muter ngabulen awakna. Lumayan lila, nepi ka antukna mah cahya héjo ngiles teuing ka mana. Rada jagjag katempona téh ari geus kitu mah, teu ripuh teuing siga kaayaan nu saméméhna.


"Urusan urang can réngsé, Sarji. Dagoan wawales aing. Iiihihihi.... Iiihihihi...!" ceuk Nyimas Pandani, ditungtungan ku seuseurian siga nu ngeunah pisan.


Jung, geus kitu mah Nyimas Pandani cengkat, sarta anu saterusna mah ngalénghoy ninggalkeun éta patempatan.


Ari Jang Aji, Nyi Manik katut Bah Goncrang, harita téh keur pada ngagugulung di alun-alun karaton. Ratusan prajurit nepi ka patingpolohok mangsa nempo naga anu pohara badagna. Teu jauh béda jeung Ki Cakra anu tayohna mah geus mulang deui ti Karajaan Balarampa, nepi ka pohara bengongna mangsa nempo naga anu keur ditumpakan kénéh ku Jang Aji téh. Jrut, Jang Aji turun tina punduk naga, dituturkeun ku Nyi Manik jeung ku Bah Goncrang.


"Naha bet nyandak musuh, Dén?" Prabu Ungkara tikerung-kerung neuteup Nyi Manik jeung Bah Goncrang.


"Tos aya di pihak urang ayeuna mah, Kangjeng Prabu."


"Kadé sing ati-ati, Dén. Bilih bagéan tina siasat licikna Darmapatih!"


"Sing percanten, Kangjeng Prabu. Abdi nu tanggel walerna!" témbal Jang Aji pohara tandesna.


"Ari ka Radén mah abdi téh percanten pisan. Nanging...."


"Saéna mah saénggalna wé candak heula ka Ki Tabib. Hawatos, Ema sareng Apa téh nuju nandangan tatu dina dadana."


"Ema sareng Apa?" Prabu Ungkara rada kurang-kerung.


"Saéna mah teu kedah képo, Kangjeng Prabu. Énggal wé turutkeun!" Ki Cakra nyelengkeung.


"Naon képo téh, Ki Patih Agung?" Prabu Ungkara kurang-kerung.


"Lah, nu kitu wé pokona mah!"


Siga anu teu wani ari kudu loba némbal ka Ki Cakra mah, harita kénéh Prabu Ungkara maréntahkeun saurang abdi dalemna, sangkan mawa Nyi Manik jeung Bah Goncrang ka rohangan tabib, pikeun sagancangna diubaran.


"Ari Ema sareng Bapa ka mana, Ki?" Jang Aji luak-lieuk néangan indung bapana.


"Aya, nuju di rohangan Kangjeng Prabu. Janten...,éta naga téh parantos tiasa dicalukan, Dén?"


"Hehehe..., tos lami, Ki."


"Uninga ti saha rusiahna?" Ki Cakra kurang-kerung.


"Ti Bah Somad. Engké wé urang di lebet nyariosna."


Geus dikitukeun mah Ki Cakra ngan ukur unggeuk, sarta anu saterusna mah gancang baé ngaléngkahkeun sukuna ka wangunan karaton, dituturkeun ku Prabu Ungkara jeung ku nu séjénna.


"Awas...!"


"Nyingkah...!"


Karék mah meunang sababaraha léngkah, Jang Aji jeung nu séjénna méh bareng ngarandeg, sarta patinglalieuk mangsa ngadéngé sahéngna paraprajurit anu patingburiak sarta patingkeuleuweuh ngajauhan naga.


"Kunaon éta naga téh?" Prabu Ungkara tatanggahan neuteup naga anu keur eueuleugeugan siga anu rék utah.

__ADS_1


Taya anu némbalan, Jang Aji jeung Ki Cakra ogé malah patingkarerung sarta tatanggahan nempokeun pamolah naga.


Hrrrakh..., Hrrrgh...!


Éta naga ngagereng pohara tarikna. Paraprajurit mingkin patingburiak, malah anu sawaréh mah nepi ka narungkup ceulina, tayohna mah asa katorékan. Jang Aji, Ki Cakra jeung anu séjénna ogé méh bareng alundur-uduran, tapi kituna téh ari paneuteup mah angger museur ka naga anu keur calawak sabéakna.


Lod..., lod....


Aya anu kaluar tina baham naga, sarta mingkin lila mingkin manjangan. Tétéla geuning, anu kaluar tina sungut éta naga téh taya lian nagana Nyimas Pandani.


Brug!


Antukna mah naga Nyimas Pandani kaluar jeung hulu-huluna, ngaburusut siga anak domba anu dijurukeun ku indungna.


Hrrrakh...!


Naga Nyimas Pandani ngagereng pohara tarikna, anu saterusna mah rut-rét ka ratusan prajurit anu keur araya di dinya. Boh Ki Cakra, Jang Aji, Prabu Ungkara jeung nu séjénna, kabéh ogé ngan ukur patingpolohok mangsa nyaksian éta kajadian téh. Rét, paneuteup naga Nyimas Pandani eunteup ka Jang Aji.


Hrrrakh...!


Éta naga ngagereng deui, sarta anu saterusna mah ngedeprek siga anu sujud di hareupeun Jang Aji.


"Kumaha ieu téh, Dén?" Prabu Ungkara kurang-kerung neuteup Jang Aji.


Jang Aji mah ngan ukur gideug, bari paneuteupna mah teu leupas mencrong ka éta naga.


"Sembah pangabakti ti kaula, turunan Prabu Siloka Wicakra!" ceuk éta naga, kalayan sora anu semu beurat tur handaruan.


Gebeg!


Ki Cakra jeung nu séjénna mah nepi ka ngagarebeg mangsa nyaksian éta naga bisaeun nyarita téh. Ari Jang Aji mah ngan ukur kurang-kerung.


"Hahahahaha.... Si Liuk lain dihakan, da kaula mah teu beuki. Si Liuk dilegleg sotéh dumasar kana paméntana, alatan hayangeun dibawa, susuganan aya anu bisa ngabébaskeun dirina tina kungkungan Si Pandani!" Naga Jang Aji nyelengekeung, kalayan sorana anu leuwih handaruan.


"Lain geus palastra ari Nyimas Pandani mah?" Jang Aji kurang-kerung.


"Nyimas Pandani, palastra?" Ki Cakra nueteup Jang Aji.


"Si Pandani mah moal palastra ku cara kitu, Radén. Sabab kakuatanana ditunda di kaula," témpasna naga Nyimas Pandani, anu tétéla geuning ngaranna téh Si Liuk.


Jang Aji mah ngan ukur kurang-kerung deui baé.


"Ngan ukur aya hiji cara piekeun malastrakeun Si Pandani mah, nyatana kudu bisa ngancurkeun heula kakuatanana anu aya dina diri kaula. Geus lila pisan kaula nénéangan jalma anu bisa ngaleupaskeun kaula tina kungkungan Si Pandani téh, tapi weléh nepi ka kiwari ogé can manggih kénéh," ceuk Si Liuk deui.


"Maksudna dikungkung kumaha manéh téh?" Ki Cakra milu nyarita.


"Kaula kapaksa kudu satuhu kana paréntahna. Lamun ngabangkang, mangka kakuatan Si Pandani anu aya dina diri kaula, baris nyiksa ku carana."


Sok sanajan can pati ngarti, tapi antukna mah Ki Cakra jeung Jang Aji arunggut-unggutan.


"Tapi, naha geuning ayeuna anjeun teu kasiksa?" Jang Aji rada kerung.


"Sanggeus awakna beleger deui sanggeusna ngalaman ancur heula, moal waka biaseun nyiksa kaula, sabab kaayaanana keur lemah kénéh pisan. Tapi, lamun Si Pandani geus nyedot deui getih parawan dina mangsana keur bulan keur purnama, mangka kakuatanana bakal pulih deui siga bihari."


"Ditunda dina naon éta kakuatan Nyimas Pandani anu aya dina awak anjeun téh?" tanyana Jang Aji deui.


"Teuing, kaula sorangan ogé teu nyaho."


"Hmm, terus..., saupama éta sumber kakuatan Nyimas Pandani geus bisa dipisahkeun, naha bakal aya balukarna ka diri anjeun?"


"Kaula baka paéh. Iwal, saupama aya anu bisa misahkeunana kalayan sampurna."


Dina mangsa Jang Aji keur nyarita jeung Si Liuk, harita téh Ki Cakra mah geus meureumkeun matana siga keur aya anu dipeleng. Teu lila antarana, nyah, beunta deui.


"Dina tandukna, Radén." Ki Cakra ngarérét ka Jang Aji.


"Kapanggih?" Si Liuk siga nu bungah mangsa ngadéngé kekecapan Ki Cakra téh.


"Heueuh. Ngan, ari misahkeun éta kakuatan sacara sampurna mah pohara mustahilna."

__ADS_1


"Sok, gancang pisahkeun. Kajeun kaula mah paéh ogé, dari pada hirup salilana aya dina kungkungan jelema jahat mah. Tapi, saupama bisa misahkeun éta kakuatan kalayan sampurna, mangka kaula jangji baris gumati!" ceuk Si Liuk kalayan pohara tandesna.


Sakedapan mah Jang Aji jeung Ki Cakra ngan ukur silihteuteup.


"Ji..., Aji...!"


Keur kitu, kadéngé aya anu gogorowokan nyalukan Jang Aji, anu tétéla guning Nyi Yati. Di tukangeunana, nuturkeun Kang Atang nu jadi bapana. Jang Aji mah ngan ukur ngalieuk sakeudeung, sarta anu saterusna mah mindahkeun deui paneuteupna ka Si Liuk.


"Jung wé, ayeuna mah anjeun geura mandi heula, mani barau kitu geuning. Keun, ari perkara nu tadi mah urang pikiran heula, susuganan manggih cara nu panghadéna, da masih kénéh aya waktu sababaraha poé deui ka mangsa bulan purnamana ogé!" ceuk Jang Aji ka éta naga.


"Enya, Radén. Kaula ogé teu kuat pisan ku barauna, teuing geus ngahakan naon Si Éta mah!" témbal Si Liuk, kituna téh ditungtungan ku ngadilak ka naga anu Jang Aji.


Ari naga Jang Aji mah malah nyéréngéh bari nyokélan ceunghil dina huntuna.


Selepung...!


Geus kitu mah Si Liuk ngapung ninggalkeun éta patempatan, dituturkeun ku naga anu Jang Aji.


"Janten, Radén téh parantos padungdung Si Pandani?" Prabu Ungkara neuteup Jang Aji.


"Panjang cariosna, Kangjeng Prabu. Saéna mah engké wé di lebet nyariosna."


"Angger manéh mah, ari ider-ideran sok tara bébéja. Melang indung mah, bisi can dahar!" Nyi Yati anu geus nepi ka hareupeun Jang Aji, langsung baé gegelendeng, teu siga-siga kulawarga karaton.


Jang Aji mah siga anu teu wanieun némbal, ngan ukur tungkul mangsa digelendeng ku indungna téh. Ari Ki Cakra jeung Prabu Ungkara mah malah silihrérét bari sura-seuri, malah mah dibarengan ku kucap-kiceup sagala.


*****


Peutingna, di rohangan utama karaton, Jang Aji pada nalék ku Ki Cakra, ku Prabu Ungkara jeung ku nu séjénna, ngeunaan pangalamanana pangna nepi ka adu hareupan jeung Nyimas Pandani. Ari Kang Atang mah tara pipilelueun ngariung, raragab kénéh tayohna mah. Kalayan gemet pisan Jang Aji ngajawab kana sakur-sakur panalék ti saréréa, anu tangtuna ogé enggoning ngajawabna téh sakpeung mah dibantuan ku Nyi Manik jeung ku Bah Goncrang, anu harita keur milu dina éta riungan. Salian ti ngaguar pangalaman Jang Aji mangsa adu hareupan jeung Nyimas Pandani téh, ka Nyi Manik jeung Bah Goncrang ogé jadi loba anu nalék, ngeunaan musababna pangna nepi ka rék diala nyawa ku Nyimas Pandani. Kalayan pohara aléwohna Nyi Manik jeung Bah Goncrang ogé nyaritakeun sagalarupana.


"Hmm, jadi..., Si Pandani téh miceun salasah ka anjeun duaan?" Prabu Ungkara rut-rét ka Nyi Manik jeung ka Bah Goncrang.


"Leres pisan, Kangjeng Prabu. Matak, abdi duaan téh asa kahutangan nyawa ku Radén Aji anu parantos nyalametkeun abdi. Ku margi kitu, mugi salira ngawidian ka abdi duaan, kanggo gumati ka ieu karajaan." Bah Goncrang anu némbalan.


"Bungah nu aya ari pikeun kaula mah. Sabab, ku ayana anjeun duaan, pasukan Trisula Emas jadi leuwih nambahan kakuatan."


"Hatur nuhun pisan, Kangjeng Prabu!" Paroman Nyi Manik siga anu pohara bungaheunana.


Prabu Ungkara mah ngan ukur unggeuk.


"Dupi kitu, badé iraha pasukan karajaan-karajaan alit ngahiji sareng urang téh, Kangjeng Prabu?" tanya Ki Ujat, anu harita milu dina éta riungan.


"Kutan, karajaan-karajaan alit ogé badé ngahiji?" Bah Goncrang pohara ngajengjokna.


Rét, Prabu Ungkara ka patihna. Anu dirérétna ngan ukur unggeuk, sarta anu saterusna mah barabat wéh nyaritakeun itu- ieuna.


"Saé pisan upami kitu mah Kangjeng Prabu, supados pasukan urang langkung tohaga. Abdi ogé badé ngupayakeun kanggo ngempelkeun prajurit jin saseueur-seueurna!" celengkeungna Nyi Manik siga anu sumanget pisan.


"Hmm, mémangna anjeun boga pasukan prajurit jin?"


"Kantenan, Kangjeng Prabu."


"Hmm, alus pisan ari kitu mah."


"Nanging..., teu kedah gurung gusuh, Kangjeng Prabu!" Jang Aji nyelengkeung.


"Teu kedah gurung gusuh kumaha, Radén? Pan sidik pihak Batununggal ogé bakal saénggalna nyerang ka ieu karajaan!" Ki Cakra rada nyureng.


"Batununggal mah moal waka nyerang ka dieu, nanging badé nyerang heula Darmpatih. Urang mah kalem wé!"


"Nyerang Darmapatih?"


"Hehe.... Bilih teu percanten mah kintun utusan wé kanggo nalungtik ka Batununggal."


"Ké ké ké..., kumaha ieu téh, Dén?" Prabu Ungkara siga anu baget pisan panasaraneunana.


"Nya kitu wé pokona mah. Ayeuna mah abdi neda widi pamit heula. Teu kiat tos hoyong modok!"


Sanggeusna ngomong kitu téh Jang Aji mah kebat baé nangtung, sarta anu saterusna mah ngaléos kaluar ti éta rohangan, ninggalkeun Prabu Ungkara jeung Ki Cakra katut anu séjénna, anu bati patingpolohok bari rut-rét jeung pada baturna.

__ADS_1


Hanca.


__ADS_2