BANJIR GETIH DI DARMAPATIH

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH, episode 39


__ADS_3

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH


(39)


Jang Aji, Ki Patih Sampala jeung ratusan prajuritna, mingkin gagancangan muru ka tempat anu dijugjug ku Prabu Ungkra jeung ku Ki Cakra, sarta ku rébuan prajuritna. Tapi teu bisa lulumpatan, sumawona hiber mah, da teu kabéh prajurit tarumpak kuda.


"Naha, ari anu tadi kalabur mah teu diudag, Dén?" tanya Si Kumbay dina sajeroning leumpangna.


"Taya gunana diudag ogé, mending kénéh sagancangna ngabantuan Prabu Ungkara jeung Ki Cakra."


Geus dikitukeun mah Si Kumbay ogé teu ngomong deui, kebat baé ngagancangkeun léngkahna.


"Tong gancang teuing. Karunya prajurit anu teu tarumpak kuda!" ceuk Jang Aji deui, mangsa lodaya anu ditumpakan ku dirina, gancang teuing ngaléngkahkeun sukuna.


"Hampura, Dén, poho!" témbal Si Kumbay, kituna téh bari gancang rada ngalaunkeun deui léngkahna.


Teu lila antarana, di awang-awang, persisna di tukangeun abringan Jang Aji, patingsuruwuk ratusan manuk anu taya lian paraprajurit ti bangsa jin, anu tayohna mah geus réngsé numpes puluhan jin nu jadi musuhna.


Suruwuk..., kalayang...!


Dina waktu anu teu pati lila, ratusan manuk pohara garedéna, geus kakalayangan di luhureun abringan Jang Aji.


"Ah, sia mah beloy leumpang téh, Sarkumbay!" ceuk hiji jin anu ngajirim dina wujud manuk ékék, mangsa kakalayangan dina siraheun Jang Aji.


"Lain kitu, kéhéd. Karunya ka prajurit anu teu tarumpak kuda!" témbal Si Kumbay, siga nu keuheul alalatan asa dilélécé.


Teu némbal deui ari geus dikitukeun mah. Rét, éta ékék ka manuk-manuk anu séjénna. Anu dirérét gancang arunggeuk, siga anu langsung surti baé kana maksudna..


Séot..., siet..., siet..., siet...!


Manuk ékék anu diturutan ku ratusan manuk-manuk séjénna, nyirorot sarta patingsariet nyamber ratusan prajurit anu teu tarumpak kuda.


Lung lung lung..., kalayang..., siet...!


"Huakh...!"


"Waduh...!"


"Hwadaw...!"


Ratusan prajurit anu keur laleumpang, nepi ka patinggaroak alatan pohara rareuwaseuna, mangsa disamberan sarta dialung-alungkeun ka awang-awang ku ratusan manuk, sarta anu saterusna mah dipapag deui ku tonggong-tonggong manuk anu lianna.


Blek blek blek blek!


Dina waktu ngan ukur sakeudeung, ratusan prajurit geus parindah kana tonggong ratusan manuk. Aya nu saurang, aya anu duaan dina unggal tonggong manukna téh, malah mah nepi ka aya anu tiluan sagala.


"Huakh...!"


"Waduh..., halah, ieung...!"


"Adududududuh...!"


"Alalalalah...., Ema..., haduh ingah..., Ema...!"


Ratusan prajurit anu geus aranjeucleu dina tonggong manuk, patinggaroak patingkocéak bari tipepereket sacekel-cekelna, ngarasa paur jeung ngarasa sawan tayohna mah. Tapi teu lila kituna téh, malah, sanggeus ngarasa tumaninah mah nepi ka aya anu nyakakak sagala siga anu bungaheun pisan. Ari Jang Aji jeung Ki Sampala, katut prajurit anu tarumpak kuda, ngan ukur gogodeg bari patingséréngéh mangsa nempo kitu téh.


Siet..., kalayang...!


"Hayu, Kumbay..., tong siga kuya leumpang téh, euy!" Hiji manuk nyuruwuk miheulaan Si Kumbay.


Gaur...!


Si Kumbay ngagaur.


Gajleng...,kalayang...!


Antukna mah Si Kumbay ogé hiber, nyusul manuk ékék anu ti tadi ngaheureuyan waé dirina.


Si Kumbay jeung ratusan manuk anu diatumpakan ku ratusan prajurit, patingsuruwuk patingkalayang, dituturkeun ku patingberetekna kuda anu ditarumpakan ku Ki Patih Sampala jeung ku puluhan prajuritna, kalayaan siga anu pohara sarumangetna.


Sanggeus lumayan lila antarana, antukna mah Jang Aji saparakanca narepi ka tempat anu dijugjugna. Mangrupa amparan jukut anu paselang jeung eurih patempatanana téh, upluk-aplak pohara legana, diriung ku rajegna tatangkalan anu mapaésan suku gunung anu pohara badagna.


Di éta patempatan, perang antara dua karajaan, kasampak geus lumangsung kalayan pohara campuhna. Sora anu patingjororowok dina mangsa keur silihtarajang jeung musuhna, awor jeung patinggaroakna prajurit anu kabeunangan ku sabetan pakarang lawan. Ratusan bugang anu baloboran mandi getih, geus pabalaktak di ditu di dieu. Trong-trangna pedang jeung pakarang séjénna anu nepi ka patingburicak ngaluarkeun kembang seuneu, awor jeung sora anu patingbeledag sarta patingjelegér di awang-awang, anu tayohna mah dibalukarkeun ku béntrokna pasukan jin ti dua karajaan. Nempo kitu, Jang Aji, Ki Patih Sampala jeung ratusan prajuritna nu anyar datang, gancang baé patinggarajleng ka médan perang.


Trang, trang, trang, trang...!


"Hyakh...!"


"Héat...!"


Beledag..., jelegér...!


"Hwakh...!"


"Hwadaw...!"

__ADS_1


Kaayaan di éta patempatan éstuning teu puguh déngéeunana.


Di pihak Darmapatih, Radén Anjana anu cenah mah rék bari nginum arak enggoning ngalalajoanan perangna, buktina mah malah ngaleleper dina kaayaan beungeut anu pohara sepana. Rék teu kitu kumaha, sabab kanyataan anu lumangsung di médan perang, pajauh pisan jeung sangkaan dirina dina mangsa méméh miang. Karajaan Trisula Emas anu disangkana teu bogaeun prajurit tina golongan jin ogé, ari buktina mah tétéla nepi ka mangrébu-rébu prajurit jin lobana ogé. Paraprajurit Darmapatih mingkin loba anu kasoran. Prajurit jinna anu ngan ukur mawa ratusan ogé, jumlahna mingkin ngurangan.


"Hyakh...!"


Sora agem tur handaruan, marengan ngolébatna hiji jin nu pangawakanana jangkung badag, anu harita rék narajang jirim saurang wanoja anu papakénana singsarwa héjo, anu keur hut-het adu hareupan jeung Ki Cakra. Tétéla geuning, jirim wanoja anu keur adu hareupan jeung Ki Cakra téh, taya lian Nyimas Pandani, anu geus diangkat jadi juru sihir di karajaan Darmapatih.


Gilek..., plos..., siet...!


Bareng pisan jeung ngeplosna panarajang jin alatan Nyimas Pandani kaburu ngagiwar, kalayan sakilat Nyimas Pandani ngebutkeun karémbongna.


Wus..., jelegér..., gedur..., geretek...!


"Hwakkkh...!"


Prajurit jin anu cikénéh kabeunangan ku karémbongna Nyimas Pandani, ngagoak pohara tarikna, disusul ku awakna anu dimadakan ngagedur, sarta anu saterusna mah ngiles tandaning musnah.


"Tong pipilueun, bahaya!" Ki Cakra nu tayohna mah geus apal kana kamampuhan saurang wanoja anu keur disanghareupanana, gancang baé nyarék jin jeung paraprajuritna, anu geus rék patinggarajleng pikeun mantuan ngarempug Nyimas Pandani.


"Ihihihi.... Hayoh siah maju deui, Aki-Aki begang!" Teuteup Nyimas Pandani pinuh ku panangtang.


"Hyakh...!"


Wus..., burinyay..., belesat...!


Dumadakan aya cahya bodas anu ngabelesat tina dampal leungeun Ki Cakra, mangsa didorongkeun, lempeng pisan rék ngala dada. Nyimas Pandani anu tayohna mah geus bisa maca kana panarajang lawan, gancang baé mébérkeun karembong kelir héjona.


Belesat..., jelegér...!


Cahya bodas anu béntrok jeung karémbongna Nyimas Pandani, nepi ka ngabalukarkeun sora anu pohara tarikna.


Gebeg!


Nepi ka pohara ngagebegna Ki Cakra mah mangsa nempo Nyimas Pandani anu malah cungar-cengir téh. Padahal, ceuk pangrasan mah, tanaga jero anu dikerahkeun ku dirina téh, geus leuwih ti satengahna.


"Ihihihi.... Rasakeun balesan ti aing, Aki-Aki begang!"


Swuk..., wut..., wut..., wut...!


Dina tungtung kecapna, langsung baé Nyimas Pandani muterkeun karémbongna dina luhureun sirah.


Wer...,wer...,wer...!


Dumadakan aya cahya héjo anu pohara ngempurna, muter marengan gerakan karémbongna Nyimas Pandani.


"Hyakh...!"


Nyimas Pandani ngebutkeun karémbongna ka palebah Ki Cakra.


Belesat...!


Ngempurna cahya héjo anu méh sagedé tampir, lir anu dibalangkeun, ngabelesat muru ka Ki Cakra.


Jleng...!


Ki Cakra ngajaul pohara luhurna.


Wer..., srek srek srek...!


"Huakh...!"


"Hwadaw....!"


Cahya héjo anu ngeplos dina mangsa Ki Cakra ngajaul, antukna mah mabad puluhan prajurit jeung bangsa jin, parat nepi ka nyababkeun patingdorokdokna tatangkalan. Puluhan jin langsung marusnah, awak puluhan prajurit ti dua pihak karajaan ogé, langsung baruntung sarta kaduruk nepi ka ngabebela. Nempo kitu, Ki Cakra anu geus nincakkeun deui sukuna kana lemah, siga anu mingkin tambah reuwaseunana.


"Hyakh...!"


Tacan mah béak kareuwas Ki Cakra, Nyimas Pandani geus najorowok bari ngebutkeun deui karémbongna.


Belesat..., wer..., wer..., wer...!


Panarajng anu sarua, digempurkeun deui ku Nyimas Pandani. Ari Ki Cakra, batan langsung ngejat mah malah ngajengjen siga anu kasima.


Jorélat..., jleng jleng jleng...!


Mangsa panarajang Nyimas Pandani geus deukeut pisan ka awak Ki Cakra, kalayan dina gerakan anu pohara pisan cepetna, hiji jirim ngajorélat mapag panarajang Nyimas Pandani.


Swuk..., geleger...!


Béntrokan cahya héjo jeung cahya bodas anu ngabelesat tina dampal leungeun hiji jirim anu mapag panarajangna Nyimas Pandani, nepi ka ngabalukarkeun sora anu pohara tarikna, sarta nyababkeun inggeungna kaayaan di éta patempatan.


Bagéan Nyimas Pandani ayeuna mah anu katémbongna pohara ngagebegna téh, sabab teu nyangka sacongo buuk, panarajangna anu sakitu rosana, bet sanggup ditadah ku budak satepak anu kiwari geus ngajega di hareupeun Ki Cakra. Anu tétéla geuning, éta budak satepak téh taya lian Jang Aji.


"Kurang ajar! Saha ari sia, koplok?" Nyimas Pandani muncereng ka Jang Aji.

__ADS_1


Batan némbalan, Jang Aji mah malah ngalieuk ka Ki Cakra, anu harita masih kénéh molohok neuteup dirina.


"Mundur heula, Ki. Wios ieu mah bagéan abdi!" Jang Aji neuteup guruna.


Dina kaayan masih kénéh pulahak-polohok, Ki Cakra unggeuk dibarengan ku undur-unduran. Rét, Jang Aji mah ngarérét deui ka wanoja geulis anu kiwari jadi musuhna.


Belesat..., belesat...!


Dina mangsa Nyimas Pandani keur paadu teuteup jeung Jang Aji, sacara ngabongohan, dua prajurit Trisula Emas ngaleupaskeun jamparing tina gondéwana, lempeng pisan ngarah kana tonggong Nyimas Pandani.


Ngan édas, Nyimas Pandani mah siga anu bogaeun mata dina pundukna. Kalayan teu kungsi ngalieuk heula, karémbong Nyimas Pandani siga anu hirup sorangan, néwak sarta meulit dua jamparing anu rék patinggalabres kana tonggongna.


"Ihihi..., sor, siah maju, bebenyit!" Nyimas Pandani cicirihilan nangtang Jang Aji, kituna téh ari dua prajurit anu narajang dirina mah teu kungsi dipiroséa.


"Hyakh...!"


Bareng jeung ngagorowokna, sakilat Jang Aji ngagajleng sarta ngajejekkeun dampal sukuna, rék nyetémpel tarang lawan. Nyimas Pandani anu tayohna geus bisa maca kana gerakan Jang Aji, langsung baé ngelokkeun sirahna.


Plos...!


Panarajang Jang Aji lapur tina sasaran.


Bareng jeung awakna anu rada dongko alatan nyingkahan panarajang lawan, sakilat Nyimas Pandani ngebutkeun tungtung karémbongna, anu saméméhna dipaké meulit dua jamparing anu rék patinggalabres kan tonggongna, lempeng pisan ngarah ka Ki Cakra.


Belesat...!


Dua jamparing nepi ka ngaluarkeun cahya héjo, bakat ku pohara tarik ngabelesatna.


Gilek!


Untung katempo kénéh, dua jamparing anu ngabelesat tina karémbong Nyimas Pandani, beunang kénéh disingkahan ku Ki Cakra.


Suruwuk..., creb, creb...!


Dua jamparing anu ngeplos mangsa disingkahan ku Ku Cakra, patingbelesat sarta malah nanceb dina dada jeung dina tarangna Radén Anjana. Sakedapan mah Jang Aji jeung Ki Cakra malah patingpolohok, sabab sok sanajan enya ngabelesat heula ngarah ka Ki Cakra, tapi tina gerakanana mah Nyimas Pandani téh siga anu ngahaja rék narajang Radén Anjana.


"Eu..., a a a eugh...!"


Kudupruk, blug!


Radén Anjana ragrag tina kuda, sarta harita kénéh kekerejetan ngaleupaskeun nyawana.


"Kanjeng Prabu?"


"Kangjeng Prabu!"


Sababaraha urang abdi dalem anu nyangkana mah Radén Anjana nepi ka kitu téh balukar tina panarajang prajurit lawan, alatan teu bisa mempo kana cepetna gerakan Nyimas Pandani, gura-giru baé nyampeurkeun nu jadi rajana.


"Mundur..., mundur...!" gorowokna saurang abdi dalem, mangsa nempo rajana anu geus ngababatang jadi bugang.


Siga nu bungah pisan mangsa aya anu maréntahkeun pikeun mundur téh, paraprajurit jeung jin ti pihak Darmapatih anu nyarésa, langsung baé patingberetek ninggalkeun pakalangan.


Belesat...!


Kalayan dina gerakan anu pohara cepetna, Nyimas Pandani ogé gura-giru ninggalkeun Jang Aji anu keur disanghareupanana.


"Udag...!"


"Tong dibéré ampun, euy!"


"Podaran kabéh, euy!"


Prajurit ti pihak Trisula Emas patingderengdeng sarta patingjorowok, rék ngudag paraprjuritna Darmapatih.


"Cukup, tong diarudag!" Jorowokna Prabu Ungkara.


Teu wani mungpang ari kana paréntah raja mah. Sok sanajan kawani jeung tanaga keur meujeuhna rongkah, antukna mah rébuan prajurit anu mihak ka Trisula Emas, ngan ukur patingjaranteng neuteup sésa prajurit ti pihak Darmapatih, anu lalumpatan sarta mingkin lila mingkin ngajauhan.


"Hidup Trisula Emas...!"


"Hidup...!"


"Hidup Prabu Ungkara...!"


"Hidup...!"


"Hidup Ki Patih Agung...!"


"Hidup...!"


"Hidup Radén Aji...!"


"Hidup...!"


Antukna mah rébuan prajurit Trisula Emas patingjorowok patingkeuleuweuh, dibarengan ku alajrag-ajragan siga anu barungah pisan.

__ADS_1


Hanca.


__ADS_2