
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
(57)
"Serang...!"
Éstuning geus teu maké taktik deui, langsung baé Prabu Purwasesa maréntahkeun sakabéh prajuritna, pikeun nyerang pasukan lawan.
Swut..., belesat..., belesat...!
Ratusan jamparing patingbelesat mapag ratusan prajurit anu tarumpak gajah.
Belesur..., cleb cleb cleb cleb...!
"Akh...!"
"Eugh...!"
Gubrag..., gedebut...!
Paraprajurit anu kabeunangan ku jamparing musuh patinggaroak, sorana awor jeung sora gajah, sarta anu saterusna mah patinggedebut ninggang lemah.
"Serang...!"
Nempo kitu mah Ki Patih ti pihak Batunggal ogé teu cicingeun, gancang baé ngeprak sakabéh prajuritna pikeun numpurkeun pasukan lawan.
Gurudug...!
Geus teu nolih kana tincakeun, harita kénéh pasukan Batunggal patinggarajleng patingberengbeng, nembus mulekna haseup jeung patingbeledagna sora anu dibalukarkeun ku campuhna dua pasukan prajurit jin anu can eureun silihtarajang. Teu bisa liwat kabéh, aya sababaraha prajurit anu patingjarengkang alatan kabeunangan ku panarajang jin ti pihak lawan.
Rob!
Antukna mah rébuan prajurit ti dua pihak karajaan, silihrangseg silihtarajang. Trong-trangna sora pakarang nu diaradu, awor jeung jéréhémna sora kuda tur sora gajah, sarta sora patinggaroakna prajurit anu kabeunangan ku sabetan pakarang ti pihak lawan. Kaayaan di éta patempatan éstuning jadi teu puguh pisan déngéeunana.
Perang antara dua karajaan lumangsung pohara pisan campuhna, kalayan ti dua pihak ogé siga anu pada-pada embung ngéléhan. Balukarna, mingkin lila mah mingkin loba prajurit nu jadi korban. Bugang-bugang pasoléngkrah, aya anu pegat beuheungna, aya nu buntung leungeunna, aya anu gudawang beuteung nepi ka ngambay peujitna, jeung sajabana. Beureumna getih lir dumadakan ngabanjiran éta patempatan.
Tapi, mingkin lila mah mingkin atra, pasukan ti pihak Darmapatih mingkin kadesek, sarta jumlah prajuritna ogé mingkin ngurangan. Pasukan ti bangsa jinna ogé sarua, mingkin lila mah mingkin loba jin anu marusnah, da bubuhan éléh taktik jeung éléh jumlah.
"Moal balég diteruskeun ogé. Gancang kabur!" ceuk Prabu Purwasesa ka nu jadi anakna.
Ari Radén Angkara anu mémang geus ngarasa sebér ti saméméhna, siga nu bungah pisan mangsa ngadéngé paréntah ti nu jadi bapana samodél kitu téh. Gancang baé Radén Angkara nyentok tali kudana, sarta anu saterusna mah mangprét ninggalkeun pasukanana, dituturkeun ku Prabu Purwasesa, ari anu umajakna ka rébuan prajuritna mah, pajar téh ngayonan pihak musuhna téh rék nepi ka kecklak getih nu panungtungan.
"Keun baé teu kudu diudag. Euweuh ajénna pisan jelema kitu patut mah!" Prabu Dangdang gancang ngahulag, mangsa nempo Ki Patih geus rék nyentokkeun pisan tali kudana, alatan nempo dua pamingngpin Darmapatih anu malangprét ninggalkeun médan perang.
Ki Patih ogé teu wani baha ari meunang panghulag ti nu jadi rajana mah. Rét, ka paraprajuritna anu keur adu hareupan jeung pihak musuh. Gancang baé Ki Patih ngagajleng ka médan perang, sarta anu saterusna mah langsung baé ngabubat-babit pedang, enggoning numpurkeun pasukan lawan. Prabu Dangdang mah ngan ukur unggut-unggutan mangsa nempo kitu téh.
Perang terus lumangsung. Pabalatakna bugang prajurit mingkin nambahan. Loba anu can sadar sigana ti pihak Darmapatih téh, yén dua pamingpinna mah geus jarauh ninggalkeun maranéhna.
Dina mangsa éta, lumayan anggang ti palataran anu keur dipaké médan perang ku dua pihak karajaan, persisna pisan mah di hiji mumunggang anu rada kahalangan ku rajegna tatangkalan, dua jirim anu tayohna mah geus lumayan lila ngawaskeun lumangsungna perangan antara dua karajaan, silihrérét bari arungggut-unggutan. Tététéla geuning, éta dua jirim téh taya lian Nyi Manik jeung Bah Goncrang. Panasaran sigana mah, hayang nyaksian ku mata sorangan, kumaha lumangsungna peperangan antara Darmapatih jeung Batununggal.
__ADS_1
"Pohara kuatna geuning pasukan Batununggal téh." Nyi Manik neuteup salakina.
"Heueuh, ngaranna ogé karajaan gedé. Hayu, ayeuna mah urang laporan ka Kangjeng Prabu!"
"Kélanan atuh, da can réngsé perangna ogé!"
"Lah, da geus puguh piéléheun Darmpatih mah. Buktina, Si Angkara jeung bapana ogé geus malangprét!"
Teu némbal deui ari geus dikitukeun mah. Reup, Nyi Manik meureumkeun matana
Jleg!
Teu lila antarana, ujug-ujug ngajénggélék jirim ékék anu pohara badagna. Sanggeus Nyi Manik jeung Bah Goncrang patingkalacat mah, kebat baé éta ékék ngageleber ka awang-awang, sarta anu saterusna mah kikiplik kakalayangan, ningalkeun éta patempatan.
Lumayan lila lalampahan anu disorang ku Nyi Manik jeung ku Bah Goncrang téh, keur mah jarak Darmapatih jeung Trisula Emas téh kawilang jauh, katambah-tambah hiberna ékék anu tumpakanana ogé teu pati apengan-apengan teuing, malah mah bisa disebutkeun antaré. Sok sanajan kitu, ari lila ku lila mah ékék anu ditumpakan ku Nyi Manik jeung ku Bah Goncrang téh teu burung nepi ka palataran hareup Karaton Trisula Emas. Rada kurang-kerung pikeun sajongjongan mah Nyi Manik jeung Bah Goncrang téh, sabab di éta tempat geus ngajéngjréng puluhan kuda anu pangawakanana sareseg tur pohara haradéna. Rét, Bah Goncrang ka opat prajurit anu keur jaraga. Gancang digupayan. Salah saurang prajurit kalayan gura-giru nyampeurkeun Bah Goncrang.
"Aya nanon ieu téh, geuning asa ramé kieu?" tanya Bah Goncrang, mangsa prajurit anu digupayan geus aya di hareupeunana.
"Kasumpingan raja sareng patih ti unggal karajaan alit," témbal prajurit kalayan rengkuh.
Meunang jawaban anu samodél kitu, Nyi Manik jeung Bah Goncrang mah ngan ukur silihrérét bari arunggut-unggutan. Tapi teu lila kituna téh, kebat baé dunana arasup ka karaton. Ari éta prajurit, sanggeusna Nyi Manik jeung Bah Goncrang patinglaléos mah, kebat baé nyampeurkeun deui ka balad-baladna.
"Béjana, balukar tina tindakan Radén Aji téh, Batununggal jeung Darmapatih téh jadi perang cenah, nya?" Saurang prajurit rut-rét ka nu diajak nyaritana.
"Heueuh. Lamun euweuh tindakan ti Radén Aji mah, karajaan urang anu jadi sasaran Batununggal téh."
"Untung Radén Aji aya di pihak urang. Mun teu kitu mah, basa diserang ku Darmapatih ogé geus ancur Trisula Emas mah."
"His, lain geus jadi gegedén, da asalna ogé turunan gegedén, malah mah hiji-hijina calon raja Darmapatih anu sah!"
"Heueuh kétang, nya. Susuganan wé bisa ngawasa deui Darmapatih. Bakal tengtrem sigana kabéh karajaan ogé ari ari aya dina kapingpinan Radén Aji mah."
"Geus pasti, da tina sikep jeung tabéatna ogé ari Radén Aji mah pohara bageur tur nyaahanana."
"Ssst.... Tuh, aya Radén Ajina!"
Opat prajurit anu keur ngawangkongkeun kahadéan Jang Aji, dumadakan jarempé, mangsa rentang-rentang ngurunyung anu keur diwangkongkeunana, nyatana Jang Aji anu harita keur mamanggul karung, kalayan paroman siga anu marahmay pisan.
"Parantos ti mana, Radén?" tanya saurang prajurit anu keur jaga, mangsa Jang Aji geus aya di hareupeunana, kituna téh kalayan rengkuh pisan siga anu pohara ajrihna.
"Tos ngala konyal, Mang. Resep, arasak," témbaln Jang Aji bari ngécagkeun babawaanana.
"Euh..., padahal mah kantun miwarang wé atuh ari palay konyal-konyal waé mah, Dén!"
"Muhun, Dén. Sareng tadi deuih, pada milarian ku Kangjeng Prabu sareng ku Ki Cakra."
"Lah, wios, paling ogé badé ngajak ngobrol. Mending ogé réncangan nuang konyal, Mang. Sok raos ari parebut mah!" témbal Jang Aji, kituna téh bari gék, sila nyanghareupan karung babawaanana.
Sakedapan opat prajurit ngan ukur silihrérét bari gogodeg. Tapi siga anu teu wani ngaluhuran Jang Aji kituna téh, gancang baé opatanana milu sarila.
__ADS_1
"Sok, Mang. Raos, aramis!" ceuk Jang Aji deui, sanggeusna miheulaan nyokot konyal, anu mémang geus karonéng kabéh.
Antukna mah opat prajurit ogé kup-kop kana konyal, sarta anu saterusna mah patingcelebek siga nu ngeunah pisan.
"Amis, Dén. Seger!"
"Muhun, Mang. Jangkung...téh ieu mah tangkalna ogé. Aji ogé dugi ka nyeri bujur, tibeubeut kana batu!" témbal Jang Aji, bari surangah-séréngéh ka nu keur diajak nyaritana.
"Euleuh..., batuna teu kunanaon, Dén?"
"Hahaha..., sia mah!" saurang prajurit ngadegungkeun sirah baladna anu cikénéh nyarita.
Barakatak, saréréa saleuseurian siga nu bungah pisan, teu siga-siga keur ngariung jeung saurang gegedén anu pada mikaajrih ku jalma réa.
"Pandani...!"
Keur kitu, kadéngé sora Ki Cakra. Jang Aji jeung opat prajurit mah nepi ka pohara caruringhakna. Barang dirérét, enya wé, di palataran hareup karaton, Ki Cakra siga nau keur gura-giru ngudag léngkah Nyimas Pandani.
"Tong pipilueun, Ki Cakra. Pokona mah Si Angkara jeung Si Purwasesa kudu modar dina leungeun kaula!" ceuk Nyimas Pandani pohara pisa tandesna.
"Lain kitu, Pandani. Pék téh teuing perkara éta mah da urusan manéh. Ngan, ari kahayang kaula mah iraha deui wé da lain perkara penting!"
"Keur andika teu penting sotéh. Da kaula mah nu nyeri haténa!" Paroman Nyimas Pandani siga anu pohara napsuna.
Jorélat..., jleng jleng jleng...!"
Dina tungtung kecapna, ngan ukur dina sababaraha gerakan, Nyimas Pandani geus jauh ninggalkeun éta patempatan.
"Hmm, Pandani..., Pandani!" Ki Cakra mah ngan ukur bati gogodeg.
"Aya naon, Ki?" tanya Jang Aji, sanggeusna aya di hareupeun Ki Cakra.
"Éta Si Pandani, keukeuh palay males kanyeri ka Si Purwasesa sareng ka Si Angkara!"
"Sanés nuju mayunan pasukan Batununggal ari Prabu Purwasesa sareng Radén Angkara mah?" Jang Aji rada kerung.
"Kalabur ti médan perang ari saur Nyi Manik sareng Bah Goncrang mah, Dén, mangsa pihak Darmapatih parantos pohara pisan ktétérna téh."
Jang Aji mah ngan ukur unggut-unggutan.
"Ari Radén ti mana atuh? Di pilari ti tadi. Tuh, di lebet seueur nu ngantos!"
"Tos ngala konyal, Ki.
"Euh..., ieu mah. Hayu, énggal ka lebet!"
"Mang..., Si Ukun anteuran konyalna!" Jang Aji mah malah ngajorowok heula prajurit anu keur jaraga.
"Siap, Dén!" Opat prajurit méh bareng némbalan.
__ADS_1
Geus kitu mah gancang baé Ki Cakra asup deui ka karaton, dituturkeun ku Jang Aji anu kungsi meunang panggembléng ti dirina.
Hanca.