
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
(28)
Sok sanajan masih kénéh ngeclakeun cimata, alatan tepungna jeung Bah Somad nu jadi guruna téh minangka tepung anu munggaran sarta sakaligus nu panungtungan, antukna mah Jang Aji mawa layon Bah Somad ka imahna, pikeun dipulasara sakumaha mistina. Anu tangtuna ogé, sanggeusna leuwih tiheula ngabéjaan sarta ménta bantuan ka warga anu kabeneran keur araya di imah.
Béja patatalépa, warta ngeunaan maotna Bah Somad gancang pisan sumebarna, nepi ka dina waktu anu teu pati lila ogé, warga narungtutan jul-jol ka imahna Mang Tarya, kaasup inohong-inohong lembur jeung anu kapeto jadi pupuhuna. Mang Tarya ogé balik da aya nu ngabéjaan.
"Gusti..., untung kanyahoan ku hidep, Jang!" ceuk salah saurang warga anu ngadon nempo, kituna téh dibarengan ku ngarérét ka Jang Aji.
Jang Aji mah ukur unggeuk bari nyusutan sésa-sésa cimatana.
"Teu sangka. Wengi tadi téh kakuping keukeuleuweuhan kénéh. Biasa, sok ider-ideran." Ceu Omah rut-rét ka saréréa.
"Enya, ka imah kuring ogé ngaliwat. Biasa sok tetembangan. Peuting mah naon geuning cenah nembangna téh..., mun teu salah mah 'Nu caang geus némbongan, cenah. Geus sono hayang nepungan', pajar téh!"
"Masya Alloh.... Boa geus dibéré nyaho waktuna maot ari Bah Somad mah!"
"Matak kitu ogé mulya Bah Somad téh ari dina paningal Gusti mah."
"Ari kitu téa mah da keur hirupna ogé tara ngaganggu. Sakalieun aya anu haat barangbéré dahareun ogé teu kabéh ditarima ku Bah Somad mah."
Di imah jeung di buruan Mang Tarya jadi ramé ku galécokna warga. Iwal Jang Aji anu anu teu milu nyarita téh, ari lain sakalieun aya anu nalék mah.
"Kumaha, Jang Tarya..., naha rék dikurebkeun di dieu waé?" Pupuhu lembur ngarérét ka Mang Tarya.
"Wios, di dieu wé, Pupuhu, di pengkereun rorompok abdi."
"Nya sukur ari kitu mah."
Geus kitu mah gancang baé pupuhu lembur ngeprak wargana pikeun mulasara layon Bah Somad sakumaha mistina. Anu kabagéan ngamandian, anu bagéan ngagali taneuh, anu kabagéan nyieun padung jeung sajabana, pada daék katempona téh, kalayan siga anu raridoeun pisan. Ari Jang Aji mah geus puguh pangdaékanana.
Sajeroning mulasara layon Bah Somad, teu saeutik warga anu ngadon tatanya kana kasangtukangna Jang Aji, pangpangna pisan mah parainohong jeung pupuhu lembur nu harita karék panggih. Atuh Jang Aji ogé kalayan sabar ngajawab kana sakur pananya anu dialungkeun ka dirina. Anu tangtuna ogé jawabanana téh sawaréh meunang ngaréka carita, pikeun nutupan jadi diri nu sabenerna. Loba pisan paneuteup warga siga anu ngarasa kataji ku Jang Aji téh, pangpangna mah ku tatakrama jeung sikep handap asorna.
*****
"Boa lain jelema samanéa, Bah Somad téh. Tadi wé, basa keur ngurebkeun, mani hihiliwiran kaambeu minyak seungit. Teuing minyak seungit nanahon, da Akang mah asa karék ngambeuna ogé!" ceuk Mang Tarya mangsa peutingna, basa keur dariuk jeung pamajikanna di patengahan.
"Tadi, ceuk Ma Kokom ogé kitu, Kang!"
"Ari sugan téh aambeuan Akang wungkul."
"Boa enya, sanés jalmi samanéa, nya, Kang? Éta wé geuning, Bah Somad mah nembangna ogé, lamun dilenyepan mah sok bener waé kekecapanana téh. Basa tiheula ogé, enya, basa rék aya lini gedé téa, pan nembangna téh kitu geuning, téréh eundeur..., kadé téréh eundeur..., cenah."
"Hmm, bisa jadi. Do'akeun wé sing bajga di kalanggengan. Aéh, ari Si Aji asa lila-lila teuing solat Isana téh!" Mang Tarya siga anu karék inget ka Jang Aji.
"Paling ogé keur...."
Teu kebat Ceu Omah nyaritana, sabab anu keur diomongkeunana kaburu ngurunyung ti jero pangkéng. Gék, Jang Aji di hareupeun Ceu Omah jeung Mang Tarya.
"Geus dahar, Ji?" Teuteup Mang Tarya pinuh kanyaah.
"Atos, Pa, wawareg kénéh. Oh muhun, Pa, Ma..., abdi téh hoyong ngayakeun tahlilan dina wengi énjing mah, dugi ka tujuhna, kanggo ngado'akeun arwahna Bah Somad." Jang Aji rut-rét ka nu diajak nyaritana.
__ADS_1
"Lain teu hayang Bapa ogé, Ji. Ngan tahlilan tujuh peuting téh butuh waragad anu lumayan gedé. Keur nyayagikeun susuguhna, keur ngeupeulan anu mingpin tahlilan jeung sajabana. Lamun Bapa geus panén onaman!"
"Enya, Ji. Keun wé da di tajug ogé rék tahlilan nepi ka nujuhna, cenah." Ceu Omah milu nyarita.
Teu némbal, gura-giru baé Jang Aji mah ngodok pakéanana. Kusiwel, sok, nunda opat kencring duit emas di hareupeun Ceu Omah jeung Mang Tarya. Ceu Omah jeung Mang Tarya mah nepi ka patingplohok.
"Aji?" Mang Tarya siga anu teu percaya kana tetempoanana.
"Aji..., duit ti mana éta?" Ceu Omah siga anu pohara reuwaseunana.
"Mmm, kieu, Ma, Pa.... Sateuacan ngantunkeunana, Bah Somad téh nitipkeun éta artos, saurna mah kanggo waragad mulasara sareng tahlilanana. Saurna deui, sésana mah kanggo anu ngurusna." Jang Aji ngaréka carita.
"Jadi..., kapanggihna téh lain dina kaayaan geus maot?" Mang Tarya kurang-kerung.
"Nuju ngalempréh di sisi walungan kapendakna mah, Pa." Jang Aji siga anu geus kapalang ngabohong.
"Masya Alloh...! Kumaha atuh ieu, da moal béak dua kencring ogé ari duit emas mah?"
"Pan kanggo anu ngurusna. Anu hartosna, ari sésan mah kanggo Bapa sareng kanggo Ema."
Sakedapan mah Ceu Omah jeung Mang Tarya ngan ukur silihrérét bari rada patingpolohok.
"Nanging, ari perkawis éta artos mah teu kedah aya nu uningeun, bilih gujrud!" pokna Jang Aji deui, siga anu geus nimbang-nimbang kana pibakaleunana.
Mang Tarya jeung Ceu Omah mah ngan ukur patingharuleng. Tapi teu lila kituna téh, anu saterusna mah duanana arunggut-unggutan.
"Nya heug atuh ari kitu mah. Tah, rawatan duitna, Nyi. Isukan balanja. Perkara popolahna mah ménta dibantuan ka saha wé!" Mang Tarya neuteup pamajikanna.
"Eu..., jujur, Ji. Bapa mah asa babari milik ti saprak hidep aya di dieu téh." Mang Tarya ngedalkeun eusi haténa.
"Enya. Geus wé cicing di dieu salilana, nya. Da moal disaha-saha, ku Ema ogé geus dianggap anak sorangan!" Ceu Omah ngabenerkeun pamanggih salakina.
"Aji kalintang bingahna linggih sareng Ema kalih Bapa anu ageung pisan kanyaahna. Nanging hapunten pisan, upami parantos réngsé nujuhna Bah Somad mah abdi téh badé saéngalna wangsul deui ka Darmapatih."
Gebeg!
Siga anu pohara reuwaseunana Mang Tarya jeung Ceu Omah mah mangsa ngadéngé kekecapan Jang Aji anu samodél kitu téh.
"Ari manéh.... Pan can aman ari di Darmapatih mah!" Mang Tarya muncereng.
"Enya. Cicing heula wé di dieu nepi ka bener-bener aman!" Ceu Omah rada nyentak.
"Eu..., kieu, Ma, Pa. Saleresna mah Bah Somad téh sanés jalmi samanéa. Tah, sateuacan ngantunkeunana, anjeunna téh miwarang abdi kanggo saénggalna wangsul deui ka Darmapatih. Abdi percanten pisan kana sasauran Bah Somad, Ma. Malih mah saur anjeunna téh, makam anjeunna mah bakal disarumpingan ku raja sareng ku abdi dalemna." Jang Aji anu pangrasana geus cacap enggoning ngalakonan wangsit anu katarima ku Ki Cakra, kapaksa kudu ngaréka deui carita, pikeun ngayakinkeun Ceu Omah jeung salakina, nepi ka diémbél-émbélan katerangan anu ahéng sagala, sangkan anu diajak nyaritana bisa percaya.
"Ihihi.... Moal mungkin ari Kangjeng Raja jeung abdi dalemna sarumping ka dieu mah. Apaleun ti mana ka Bah Somadna ogé!" Ceu Omah mah malah nyeungseurikeun.
"Heueuh. Geus wé lah cicing di dieu, tong loba alesan!" Mang Tarya siga nu ngambeu, yén omonganana Jang Aji téh ngan sakadar alesan sangkan diidinan mulang.
Keur kitu, kadéngé patingkotoplak jeung patingajéréhémna sora kuda, anu sorana mingkin lila mingkin ngadeukeutan, nepi ka antukna mah sorana areureun, persis pisan di buruan imahna Mang Tarya.
"Nyi?" Mang Tarya molohok neuteup pamajikanna.
Ari Ceu Omah mah kebat baé noong kaayaan di buruan, tina sela-sela jandéla imahna.
__ADS_1
"Aya Kangjeng Prabu Ungkara jeung abdi dalemna!" Ceu Omah semu hariweusweus.
"Masya Alloh...! Boa bener, Ji?" Mang Tarya molohok.
Jang Aji ogé nepi ka sarua molohokna, da ari satadina mah kekecapanana téh ngan saukur jijieunan. Tapi, ku sabab can puguh maksud kadatangan raja jeung paraabdi dalemna, antukna mah Jang Aji gura-giru nyieuhkeun sakur pananya anu pagaliwota dina dirina.
"Sampurasun...!" Kadéngé aya anu uluk salam, dibarengan ku keketrok kana panto.
"Eu..., rampés...!" Mang Tarya mah siga anu kagebah.
Gura-giru Mang Tarya mukakeun panto. Sanggeus panto dibuka, kasampak Prabu Ungkara keur ngajanteng di tepas imahna. Di buruan imahz ngajéngjréng paraabdi dalem anu marawa obor.
"Nyanggakeun sembah pangabaktos, Kangjeng Prabu!" Mang Tarya gura-giru deku bari acong-acongan nyembah.
Ceu Omah Jeung Jang Aji ogé gancang nurutan.
"Harudang, teu kudu kikituan, da kaula ogé sarua manusa, sarua teu daya teu upaya!" ceuk Prabu Ungkara, éstuning pinuh ku wibawa.
Aya rasa kataji ari pikeun Jang Aji mah mangsa Prabu Ungkara ngomong kitu téh.
"Bener, anjeun anu ngaranna Tarya?" Prabu Ungkara neuteup ka Mang Tarya.
"Leres pisan, Kangjeng Prabu."
"Hmmm, kaula datang ka dieu, rék jarah ka makam Wali. Di mana makamna?" ceuk Prabu Ungkara deui, sanggeusna Mang Tarya jeung nu séjénna carengkat tina dekuna.
Gebeg!
Jang Aji mah pohara ngagebegna. Sabab, dina haténa mah geus teg wéh, yén makam Wali anu dimaksud ku Prabu Ungkara téh taya lian makamna Bah Somad nu jadi guruna.
"Eu..., makamna Wali..., sanés kitu ari makamna Bah Somad mah?" Mang Tarya anu geus narima katerangan ti Jang Aji, kalayan pinuh ku kapanasaran satengah tumanya ka Prabu Ungkara.
"Bener pisan, kersana Abdusomad. Tadi, kaula téh kasumpingan ku anjeunna, saurna hoyong dilayad."
Mang Tarya jeung Ceu Omah katut Jang Aji mah mingkin marolohok deui waé mangsa ngadéngé kekecapan Prabu Ungkara anu samodél kitu téh.
"Malah marolohok kitu. Di mana makamna?" tanya Prabu Ungkara deui.
"Eu..., di pipir, Kangjeng Prabu."
"Hmm, tapi sing inget, perkara ieu ulah nepi ka nyarahoeun jalma réa. Sabab, anjeunna ogé ngawanti-wanti pisan ka kaula!"
"Eu..., unjuk sumangga, Kangjeng Prabu!"
Teu kungsi ngomong deui, geus kitu mah gura-giru baé Prabu Ungkara ngoréléng ka pipir imah, di tuturkeun ku paraabdi dalemna. Ngan, saméméh ngaléngkahkeun sukuna téh, Prabu Ungkara mah rada kurang-kerung heula mangsa neuteup ka palebah Jang Aji téh.
"Bener geuning omongan manéh téh, Ji!" Kalayan siga anu masih kénéh can percaya, Mang Tarya neuteup anak angkatna.
Ari anu diajak nyaritana mah malah anteng baé hulang-huleng, siga keur aya nu dipikiran.
Teu lila antarana, kadéngé raéngna sora anu keur ngadaro'a di pipir imahna Mang Tarya.
Hanca.
__ADS_1