
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
(59)
Nyimas Pandani jojorélatan mingkin ngadeukeutan sumber sora anu katangkep ku pangdéngéna. Reg, antukna mah ngeureunkeun léngkahna, teuteupna seukeut mencrong ka dua jirim lalaki anu harita keur ngawangkong bari dariuk dina catang. Tétéla geuning éta dua lalaki téh taya lian Prabu Purwasésa jeung Raden Angkara nu jadi anakna. Teu langsung ngayakeun tindakan, Nyimas Pandani malah neuteup ka dua lalaki anu harita masih kénéh ngawarangkong, tayohna mah can sadar, yén geus aya anu ngajanteng teu jauh ti tempat diukna.
"Rék kumaha deui, da balik ka Darmapatih ogé geus teu aman!" Paroman Prabu Purwasesa siga anu pohara bingungna.
"Teras, urang kedah kukurubutan di leuweung salamina?" Raden Angkara siga anu nganaha-naha.
"Moal salilana, engké mah urang nyiruruk di lembur anu jauh ti wewengkon Darmapatih."
"Janten rahayat biasa?"
"Lah, manéh mah kawas lain lalaki waé!" Prabu Purwasesa siga nu jéngkél.
Teu némbal deui Raden Angkara ogé ari geus disentak samodél kitu mah.
"Mending ogé geura marulang ka naraka!" Nyimas Pandani nyelengkeung.
Gebeg!
Prabu Purwasesa jeung Radén Angkara mah nepi ka pohara ngagebegna mangsa aya anu nyelengkeung kitu téh, sarta méh bareng duanana ngarérét kana datangna sora.
"Saha ari manéh, nini-nini péot?" tanya Prabu Purwasesa dibarengan ku tutunjuk.
Teu wawuheun tayohna mah Prabu Purwasesa jeung Raden Angkara téh ari Nyimas Pandani keur ngawujud dina jirim anu sabenerna mah. Teu langsung némbal, kalayan antaré Nyimas Pandani ngadeukeutan.
"Saha sia, koplok?" Radén Angkara ngalungkeun pananya anu sarua.
"Aing Pandani. Datang ka dieu rék nyabut nyawa maranéh duaan!"
Patinggarebeg deui waé Prabu Purwasesa jeung Radén Angkara mah mangsa ngadéngé jawaban ti nini-nini anu harita geus ngajanteng di hareupeunana téh.
"Bener, tina ambeuna mah ieu nini-nini téh Nyimas Pandani!" harewosna Prabu Purwasesa ka nu jadi anakna.
"Eu..., Punten pisan, Nyimas..., bidadari Kakang.... Kakang téh teu terang ari salira nuju ngajirim sapertos kieu mah!" Radén Angkara semu mamandapan.
"Hihihihi.... Meunggeus, montong ngarayu aing. Pokona, ayeuna mah sia duaan kudu malodar!"
"Ke ke ke...! Naon atuh kalepatan abdi duaan téh, Nyimas? Diantos-antos di médan perang ogé salira mah teu aya sumping." Prabu Purwasesa siga nu bingung.
"Hihihihi.... Ayeuna mah aing geus nyaho kana siasat licik maranéh. Salila ieu, aing ngan ukur dimangpaatkeun pikeun ngahontal kahayang maranéh duaan!"
"Dimangpaatkeun kumaha maksadna, Nyimas? Pan tos puguh kasapukanana ogé, salira téh badé dijantenkeun praméswari ku pun anak, saupami parantos jumeneng janten raja."
"Ihihihihi.... Montong loba bacot, Purwasesa! Aing nyaho, maranéh duaan geus nyiapkeun siasat pikeun anu saterusna, nyatana rék ngaracun aing saupama anak sia geus jadi raja."
Siga anu dumadakan sarepa beungeut Prabu Ungkara jeung Raden Angkara téh mangsa Nyimas Pandani ngomong kitu mah.
"Eu..., Nyimas..., ari saleresna mah sanés...."
"Gandéng, Purwasesa..., angguran mah geura mantog ka naraka. Hyakh...!"
Gajleng..., sebrut...!
Siga geus embung ngadéngé kana omongan Prabu Purwasesa, langsung baé Nyimas Pandani ngagajleng ngayakeun panarajang, kukuna anu raranggoas ngahiuk siga anu hayang ngarecah beungeut aki-aki anu salila ieu ngamangpaatkeun dirina.
Untung Prabu Purwasesa geus bisa maca kana gerakan lawan, harita kénéh langsung ngelok pikeun nyingkahan panarajang.
Lep..., plos...!
Panarajang Nyimas Pandani ngan ukur ngahakan tempat kosong. Tapi teu cukup ku kitu, sangeplosna panarajang anu munggaran téh, gancang baé Nyimas Pandani ngayakeun panarajang susulan, sapasang leungeunna suat-siet éstuning pohara ngabahayakeunana.
Swuk...!
Sareukeut tur paranjangna kuku-kuku Nyimas Pandani, nyuruwuk rék nobros dada. Gancang Prabu Purwasesa ngagiwar ka belah kénca, disusul ku ngasupkeun panonjok kana beungeut lawan.
Gilek!
Sakilat Nyimas Pandani ngagilek, sarta anu saterusna mah sakilat malikeun awakna, bari sakaligus nyamberkeun kukuna kana tonggong lawan anu keur dina kaayaan rada nukangan.
Swuk..., jedak...!
"Hwakh...!"
Goréntél..., goréntél...!
Dumadakan Nyimas Pandani ngocéak, disusul ku awakna anu gogoréntélan. Sabab tétéla, dina mangsa dirina keur ngayakeun panarajang, kalayan teu kanyahoan heula ti anggalna, dampal suku Raden Angkara nu ngabongohan, nenggel pisan kana tonggongna.
"Hahahaha.... Euweuh nanaonan geuning sia téh ari geus ngajirim jadi nini-nini mah, Pandani!" Prabu Purwasesa lelenggakan siga nu ngeunah pisan.
Ari Nyimas Pandani, anu tayohna mah mémang masih kénéh dina kaayaan lemah, gancang undur-unduran heula pikeun ngajauhan lawan.
"Kumahakeun, Kangjeng Rama?" Radén Angkara neuteup bapana.
"Podaran we, da geus puguh euweuh mangpaatna ayeuna mah!" témbal Prabu Purwasesa pohara tandesna.
__ADS_1
Gajleng..., séak...!
Teu kungsi nyarita deui, langsung baé Radén Angkara ngagajleng sarta ngajejekkeun dampal sukuna, rék ngala dada Nyimas Pandani anu harita masih kénéh undur-unduran.
Goréntél...!
Gancang baé Nyimas Pandani ngagoréntél pikeun nyingkahan panarajang lawan.
Jleb!
Dampal suku Radén Angkara nepi ka ngabelesek semet mumuncangan.
"Hyakh...!"
Nyimas Pandani anu harita geus nangtung deui, langsung baé narajang Radén Angkara anu keur dina kaayaan semu nonggongan.
Séak..., jedak...!
"Hwakh...!"
Goréntél..., goréntél...!
Pikeun anu kadua kalina Nyimas Pandani ngagoak sarta gogoréntélan, sabab Prabu Purwasesa anu tétéla ngabongohan, panarajangna nenggel pisan kana punduk lawan.
"Hahaha.... siga budak olol lého ayeuna mah geuning kamampuhan sia téh, Pandani!" Prabu Purwasesa lelenggakan siga nu ngeunah pisan.
"Hahaha.... Jujur, hanas sieun ari satadina mah rék nyanghareupan sia téh, Pandani!" Radén Angkara milu seuseurian.
Ari Nyimas Pandani mah gancang baé undur-unduran. Tapi, kituna téh ari amarah dina beungeutna mah saeutik ogé teu ngurangan.
Set!
Radén Angkara mesat pedangna. Teuteupna seukeut mencrong ka nini-nini anu kungsi ngabagjakeun bubutuh birahina. Gancang Nyimas Pandani cengkat, sok sanajan bari jeung pupuringisan.
"Modar, Pandani.... Héakh...!"
Gajleng...!
Dina tungtung kecapna, langsung baé Radén Angkara ngagajleng sarta nyabetkeun pedangna rek nigas beuheung lawan.
Lep..., Plos...!
Gancang Nyimas Pandani ngelok, nepi ka pedang lawan ngan ukur ngahakan tempat kosong. Bareng pisan jeung ngeplosna panarajang Radén Angkara, sakilat ramo-ramo Nyimas Pandani nyuruwuk rék nobros dada.
Gilek!
Séak..., jedak...!
"Hwakh...!"
Geus teu beunang disingkahan deui, tuur Radén Angkara nenggel pisan kana gado lawan.
Jengkang..., gebut!
Awak Nyimas Pandani nepi ka ngajengkang, sarta anu saterusna mah ngagebut ninggang lemah.
Pelengking...!
Nyimas Pandani melengking bari pupuringisan.
"Hahahaha...!" Radén Angkara lelenggakan siga nu ngeunah pisan.
"Gancang Podaran!" Prabu Purwasesa siga anu geus teu sabar.
Raden Angkara ukur ngarérét bari unggeuk ka bapana.
"Nini...!"
Boh Nyimas Pandani, Prabu Purwasesa, pon kitu deui Radén Angkara, pohara caruringhakna mangsa ngadéngé aya sora anu ngajorowok téh. Sanggeusna dirérét, tétéla geuning, dina jangkungna pucuk-pucuk tatangkalan, kasampak geus aya Jang Aji anu keur anjeucleu Dina tonggong lodaya. Nepi ka molohok mata simeuteun Prabu Purwasesa jeung Radén Angkara mah.
"Dén?" Nyimas Pandani ngonéal hudang.
"Sanggap, Ni!
Lung...!
Jang Aji ngalungkeun inten héjo ka Nyimas Pandani.
"Dén?" Nyimas Pandani siga anu teu percaya, mangsa éta inten geus aya dina keupeulan leungeunna.
"Abdi mah moal pipilueun kana urusan Nini. Sareng abdi moal maksa saupami Nini alim ngabantos abdi. Mangga waé badé angkat ka mana ogé!" jorowokna Jang Aji.
Belesat...!
Geus ngomong kitu mah harita kénéh Jang Aji ngabelesat tumpak lodaya. Gancang pisan ayeuna mah hiberna Si Kumbay téh, kacepetan gerakana méh sapuluh tikeleun batan saméméhna.
Ari Nyimas Pandani, saléosna Jang Aji téh gancang baé nelen inten héjo anu minangka kakuatan dirina.
__ADS_1
"Oh..., jadi sia téh geus biluk jeung Si Sarji?" Prabu Purwasesa tutunjuk.
"Teu kudu loba bacot. Sor, siah..., maju duanana ayeuna mah!" Anéh, ayeuna mah Nyimas Pandani siga anu dumadakan jagjag deui.
Nempo kitu, pikeun sakedapan mah Prabu Purwasesa ngan ukur kurang-kerung bari silihréret jeung Radén Angkara.
"Podaran!" Antukna mah Prabu Purwasesa méré paréntah, kituna téh bari gancang baé mesat pedangna.
Set!
Anéh, teuing ti mana datangna, dina leungeun katuhu Nyimas Pandani ogé bet ujug-ujug nyampai karémbong anu kelirna héjo. Nempo kitu mah Prabu Purwasesa jeung Raden Angkara ogé teu wani gagabah, sabab geus nyaksian sorangan kana kasaktian karémbong anu aya dina cekelan lawanna.
"Rék maraju moal, koplok?" Nyimas Pandani rut-rét ka dua lawanna anu malah siga keur hulang-huleng.
Jleng jleng...!
Teu kungsi ngomong deui, harita kénéh Prabu Purwasesa jeung Radén Angkara patinggarajleng bari ngaheumbatkeun pedangna.
Wus..., swuk...!
Pedang Radén Angkara rék nyabet beuheung. Bareng jeung éta, seuseukeut pedang Prabu Purwasesa ogé ngahiuk rék nyabet suku, kalayan duanana ogé pada-pada dina gerakan anu pohara cepetna. Ngan édas, ayeuna mah Nyimas Pandani ogé siga anu ngadadak boga kakuatan anyar, kacepetan gerakna jadi sababaraha tikeleun leuwih gancang batan saméméhna.
Plos plos plos plos...!
Runtuyan panarajang Prabu Purwasesa jeung Radén Angkara, siga nu gampang pisan beunang disingkahan ku Nyimas Pandani.
Séak...!
Seuseukeut pedang Radén Angkara rék nyabet deui sirah lawan.
Trang...!
Anéh, mangsa dipaké nakis pedang mah karémbong Nyimas Pandani téh bet siga anu dumadakan teuas, nepi ka nimbulkeun sora nu ngabelentrang.
Trang trang trang trang...!
Sababaraha sabetan pedang lawan beunang ditakis ku karémbongna Nyimas Pandani.
Lumayan lila Nyimas Pandani suat-siet babalicetan, sarta sakapeung kapaksa kudu nadah panarajang lawan ku karémbongna, tanpa sama sakali ngayakeun panarajang balesan, siga anu ngahaja hayang ngajajal heula kana kamampuhan dua lawanna.
Jleng...!
Nyimas Pandani ngajaul pohara luhurna, mangsa sabetan pedang Radén Angkara rék nyabet kana bitisna. Mangsa awakna keur dina kaayaan ngalayang, sakilat Nyimas Pandani ngebutkeun karémbongna ka Radén Angkara.
Swuk..., crek..., gelenceng..., gulutuk...!
Tungtung karémbong Nyimas Pandani keuna pisan kana punduk Radén Angkara, anu harita keur semu dongko alatan kabawa ku tanagana sorangan. Balukarna, sirah Radén Angkara nepi ka ngagelenceng, leupas tina awakna.
"Angkara...!" Prabu Purwasesa siga anu pohara reuwaseunana.
Ari Radén Angkara mah bororaah bisa némbalan, matana molotot, bahamna calangap kalayan létah anu nglelél, dibarengan ku getih patingsalebrot tina urat-urat anu paregat. Ari awakna mah sanggeus kekerejetan sakeudeung ogé, langsung teu usik deui.
"ihihihihi.... Bagéan sia ayeuna mah, Purwasesa!" Nyimas Pandani anu geus napakeun deui sukuna, tutunjuk bari seuseurian.
Ngarasa gimir tayohna mah, langsung baé Prabu Purwasesa luak-lieuk siga anu keur néangan panglumpatan.
"Hihihihi.... Rék lumpat ka mana, siah!" Nyimas Pandani siga nu surti, kituna téh dibarengan ku muter-muter karémbong dina luhureun sirahna.
Jorélat..., jleng...!
Prabu Purwasesa ngagajleng rék ninggalkeun éta patempatan.
Swuk..., belesur...!
bareng jeung éta, langsung baé Nyimas Pandani ngebutkeun karémbongna.
Crek!
Siga silet kana ocom anu limaratusan we sugan mah, Pamiarsa. Awak Prabu Purwasesa anu harita keur gujlang-gajleng dina kaayaan ngalayang, nepi ka buntung jadi dua, sapat palebah cangkéngna.
"Hwakh..., eugh...!"
Kerejet..., kerejet..., hos...!
Sanggeusna kekerejetan sakeudeung mah, harita kénéh Prabu Purwasesa ngaleupaskeun nyawa, dina kaayaan awak anu pohara pikawatireunana.
"ihihihihi.... Modar, siah!" Paroman Nyimas Pandani éstuning pinuh ku kasugema.
Rét, Nyimas Pandani kana bugang Radén Angkara. Rét deui kana bugang Prabu Purwasesa, sarta anu saterusna mah muterkeun paneuteupna ka sakurilingeun éta patempatan.
"Hmm, aing geus kahutangan budi, sakaligus kahutangan nyawa ku Radén Aji!" gerendengna Nyimas Pandani, ditungtungan ku unggut-unggutan.
Gajleng..., selepung...!
Geus kitu mah gancang baé Nyimas Pandani ngagajleng, sarta anu saterusna mah ngapung ninggalkeun dua bugang anu pohara pikawatireunana.
Hanca.
__ADS_1