
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
(19)
Mangsa wanci geus asup ka janari, Ki Cakra jeung Jang Aji karék narepi ka tempat panganjrekanana. Enya, balas kajongjonan teuing ngawangkong heula tayohna mah, pangpangna Ki Cakra anu banget pisan gedé kapanasaranana, kana perkara lalampahan batin anu geus karandapan ku Jang Aji sajeroning mujasmédina, kalayan jauh pisan tina panyangka.
"Hayu ka lebet, Dén!" ceuk Ki Cakra mangsa geus mukakeun panto imah, kituna téh ari ayeuna mah tina basana ogé robah jadi maké basa anu hadé, kalayan sikep awak siga anu pohara pisan miajrihna.
Jang Aji unggeuk dibarengan ku rengkuh, teu éléh miajrih ka nu jadi guruna. Sup, duanana ka jero imah.
"Sok wé bilih badé leleson mah. Tong digangu ibu rama mah, hawatos parantos talibra!" Ki Cakra siga nu ngarti, mangsa Jang Aji lunga-lengo siga keur néangan indung bapana.
Jang Aji ukur unggeuk deui. Sanggeusna amitan mah kebat baé ngoloyor ka pangkéngna. Atuh Ki Cakra ogé ari geus kitu mah kebat baé asup ka kamarna. Sanepina ka kamar, Ki Cakra mah lain langsung saré, malah ngajejentul dina tungtung dipan.
"Ya Alloh..., mugi ngahapunten kana lemesna kasombongan anu sok rajeun ngancik dina diri. Geuning buktosna, ari Gusti parantos ngersakeun mah, budak satepak ogé bab kama'fatan sareng kalinuhunganana bet dumadakan ngalangkungan ti abdi anu parantos aki-aki. Abdi nyaksi kana kawasaning Salira, Ya Alloh..., Abdi isin, Ya Alloh...." Kitu gerendengna Ki Cakra, dibarengan ku cumalimba.
Berebey, cimata karumasa ngalémbéréh maseuhan pipina anu geus paréot, nepi ka antukna mah murubut malidkeun lemesna kasombongan anu geus patumpuk-tumpuk. Lumayan lila Ki Cakra kituna téh, malah mah nepi ka ngagukguk, sok sanajan bari jeung ditahan-tahan alatan sieun kanyahoan.
*****
Wanci peuting mimiti nyéngléd ngagulung poék, mangsa beurang saeutik-eutik datang ngamparkeun caang. Dina mangsa srangéngé karék meleték ti belah wétan, harita téh Nyi Yati mah geus kaprak-keprek di rohangan dapur, nyayagikeun dahareun keur mumulukna Ki Cakra jeung nu jadi salakina. Lumayan loba popolah téh, sakalian jeung keur paraprjurit anu saban waktu sok arunggah ka dinya. Goréng peuyeum geus seungit nangtang digayem. Seupan cau nangka geus ngadagoan nu ngdaharna, kitu deui jeung anu séjénna.
"Sisinarieun Ki Cakra kulem kénéh," ceuk Kang Atang anu ngurunyung nyampeureun pamajikanna.
"Wengina tos tahajud panginten, Kang," témbal Nyi Yati, kituna téh bari bari ngasur-ngasur suluh dina hawu.
"Enya meurueun." Kur sakitu témbalna Kang Atang, bari jeung kituna téh ari leungeun katuhuna mah hideng ngarongkong goréng peuyeum.
Am, Kang Atang ngahupkeun goréng peuyeum. Siga nu ni'mat pisan nepi ka cacamuilan. Nyi Yati mah ngan ukur nempokeun.
"Ari éta keur nyangu, Nyi?" Semu ngosom Kang Atang nunjuk kana sééng, anu bahanna dijieun tina tambaga, tumanya kituna téh teu kungsi diuk-diuk acan.
"Muhun, Kang. Aéh hilap, teu acan muka-mukakeun jandéla kamarna Si Aji!"
"Lah, hensok wé ari keur popolah mah. Keun baé muka-mukakeun jandéla kamarna Si Aji mah ku Akang!" témpasna Kang Atang.
Nyi Yati unggeuk siga nu bungah. Geus kitu mah Kang Atang ngoloyor ninggalkeun rohangan dapur, anu saterusna mah kebat baé muru kamarna Jang Aji.
"Nembé, gugah?" ceuk Kang Atang, mangsa di patengahan kasampak aya Ki Cakra.
"Eehehe..., enya, kabeurangan." Ki Cakra siga nu éra.
Kang Atang ukur nyéréngéh, anu saterusna mah kebat baé ngaléngkahkeun deui sukuna.
"Keun baé antep heula. Tong waka dihudangkeun, karunya!" Ki Cakra gancang nyelengkeung, mangsa Kang Atang geus sagep-gepeun rék nyekel gagang panto.
"Ngagugahkeun saha, Ki? Abdi mah badé muka-mukakeun jandéla kamar." Kang Atang rada kerung.
"Tempo wé ku sorangan. Tapi tong waka dihudangkeun, karunya!"
Sok sanajan bari jeung teu pati ngarti kana kekecapan Ki Cakra, antukna mah Kang Atang mukakeun panto kamar. Lol, Kang Atang ngelolkeun sirahna. Sup, ka jero kamar. Euweuh sasaha, kaayaan di éta kamar ogé rarapih siga asalna. Dibarengan ku gogodeg, geus kitu mah gura-giru baé Kang Atang muka-mukakeun jandéla kamar, anu saterusna mah kaluar deui.
"Aya?" tanya Ki Cakra bari surangah-séréngéh némbongkeun huntuna, anu sok sanajan geus kolot ogé, tapi ari huntuna mah can loba nu punglak.
"Aya naon ari Aki?" Kang Atang kurang-kerung deui.
__ADS_1
Bagéan Ki Cakra ayeuna mah anu kurang-kerung. Jung, cengkat tina tempat diukna, anu saterusna mah kalayan siga nu panasaran nyampeukeun Kang Atang anu masih kénéh ngajanteng deukeut lawang kamar. Sakedapan mah Ki Cakra ngan ukur hulang-huleng mangsa geus ngelolkeun sirahna ka kamar anu sok di eusian ku Jang Aji téh, sabab tétéla di éta kamar téh euweuh sasaha.
"Aku mah sok araranéh." Kang Atang neuteup Ki Cakra.
"Eu..., lain kitu, Dén. Kapanan basa peu...."
"Iraha mulih, Dén?"
"Mani seueur kitu, ngala ti mana?"
Acan mah parat Ki Cakra nyaritana, kaburu kadéngé sora anu rarécok di buruan.
"Tah..., jung, tempo!" Ki Cakra neuteup Kang Atang.
"Ji..., Aji...!" Ari Kang Atang anu di sagigireun ngadéngé sorana paraprajurit téh rungah-ringeuh alatan ngadéngé sorana Jang Aji, gura-giru baé muru ka buruan.
Samukakeunana panto imah, katémbong ku Kang Atang, Jang Aji keur diriung ku puluhan prajurit, anu mingkin lila patingkurunyung mingkin nambahan.
"Ji...!" Kang Atang langsung ngaderegdeg muru anakna.
"Pa!"
Deregdeg..., gabrug...!
Siga anu geus teu tepung puluhan taun lilana, Kang Atang jeung Jang Aji silihrangkul pinuh kabagja.
"Sukur hidep geus mulang, Kasép. Bapa mah sono!" Kang Atang tipepereket mageuhan rangkulanana.
Ari Jang Aji mah ngan ukur ngusapan tonggong bapana, dibarengan beueusna cimata. Puluhan prajurit ngan ukur bisa narempokeun taya anu wani ngaharubiru.
Deregdeg..., gabrug...!
Abong kangaranan awéwé, Nyi Yati mah nepi ka murubut cimata mangsa ngarangkul anakna anu geus leupas tina rangkulan bapana téh. Sakur pajurit anu keur narempokeun, ngadon ngajengjen hanteu nyoara, malah mah aya anu nepi ka milu ngeclakeun cimata sagala, bakat ku teu kuat nyaksian kaéndahan tina saeutikna wujud kanyaah, anu diwuwuhkeun ku Pangéran ka sakumna pangeusi alam.
"Ari ieu konyal ti mana, Dén?" tanya salah saurang parajurit, mangsa Jang Aji geus leupas tina rangkulan indungna, bari kituna téh nilik-nilik konyal sakarung metung.
"Kénging milarian wé, Ki. Raos geura ari tos karonéng kitu mah. Sok taruang, lebar!" témbal Jang Aji, dibarengan ku nyusutan sésa-sésa cimatana.
Geus kitu mah Jang Aji jeung Kang Atang dariuk di tepas imah, kalayan konyal anu meunang ngala Jang Aji dijadikeun susuguhna. Ratusan prajurit jul-jol ngariung sarta nalék Jang Aji, pangpangna pisan mah nalék ngeunaan pangalamanana mangsa mujasmédi anu sawelas poé lilana di sisi talaga. Kalayan sabar Jang Aji némbalan kana sakur kapanasaran prajurit anu keur ngariung dirina. Mingkin lila mingkin loba anu datang, rébuan jin anu rupa-rupa wujud jeung rupana ogé, nepi ngagimbung minuhan palataran.
"Muhun kitu wé intina mah, maksadna mujasmédi téh kanggo nenangkeun diri. Ari dina kaayaan jiwa anu rada tenang mah kajantenan anu lumangsung dina diri téh sakedik-sakedik janten kahartos, janten rada tiasa ngabéntenkeun, mana pangharéwos napsu anu awon, anu kaeunteupan sipat-sipat sétan, sareng mana pangharéwos ti nu saé, anu nungtun kana jalan kasaéan," témbal Jang Aji, mangsa némbalan pananya ti salah saurang prajurit anu keur ngariung dirina.
Sajeroning Jang Aji aléwoh némbalan sakur pananya ti prajurit anu keur ngariung dirina téh, ari Ki Cakra mah mindeng unggut-unggutan némbongkeun kareueusna, sabab, bari jeung enya ogé tingkatan pangaweruh jeung pangalaman batin Jang Aji geus pohara luhungna, tapi nyarita téh teu weléh handap asor, sarta ari perkara anu kawilang rusiahna mah éstuning dipinding-pinding, rajeun dicaritakeun ogé ngan ukur ngagunakeun basa siloka, siga nu embung dianggap yén dirina leuwih luhung ti nu araya di dinya. Tapi justru ari dina panempona Ki Cakra mah perkara éta téh minangka hiji kaunggulan. Jeung aya hiji kaahéngan deuih ari katéwakna ku batin Ki Cakra mah, teuing ari pikeun anu séjénna mah, teuing sadar atawa henteu, dina mangsa Jang Aji cacarita, ratusan prajurit jeung rébuan jin anu keur ngagimbung di éta patempatan téh nepi ka jempling taya anu nyoara.
Lumayan pisan lilana Jang Aji pada ngariung pada nalék téh, nepi ka antukna mah kapaksa Ki Cakra ngingetan ka paraprajuritna, pajar téh karunya Jang Aji bisi hayangeun reureuh. Saréréa ogé taya anu wani baha ari kana omongan Ki Cakra mah, nepi ka antukna mah riungan bubar, ninggalkeun pabalatakna cangkang konyal. Kapaksa surang jin katempuhan pikeun beberesih, sok sanajan teu milu ngadahar ari konyalna mah, da mémang lain kadaharanana.
Sabubarna tina riungan, Jang Aji jeung indung bapana katut Ki Cakra mah patingdarekul, dalahar di patengahan. Ki Cakra mah nepi ka ngalimed pisan daharna téh, keur mah geus lapar pisan, katambah deungeuna jeung daging mencek, minangka karesepna. Lain kakara manggih daging mencek ari kitu téa mah, ngan pédah wé ari sasari mah ngan ukur cukup ku dibeuleum da euweuh awéwé nu popolahna.
"Raos, Ki?" Nyi Yati siga nu bungah pisan mangsa nempo Ki Cakra kop deui kop deui kana daging mencek hasil olahan dirina téh.
"Ni'mat pisan, Nyimas. Masakna biasaan. Hensok, Kasép..., dagingna bilih séépeun ku Aki!" tembal Ki Cakra, kituna téh bari ngasor-ngasor wadah daging ka Jang Aji.
Ari Jang Ajina mah ngan ukur unggeuk dibarengan ku seuri. Rada patingharuleng ogé ari Nyi Yati jeung Kang Atang mah, sabab ayeuna mah dina nyaritana ogé Ki Cakra ka anakna téh béda pisan ti biasana, jadi maké basa anu hadé. Tapi teu kungsi kedal pananya, ngan ukur galécok haté anu pinuh ku pangira-ngira jeung ku panyangka.
"Hensok nambih deui atuh, Ki!" Nyi Yati ngasor-ngasor boboko, mangsa katémbong Ki Cakra geus neureuy huap nu panungtungan.
__ADS_1
"Ah enggeus, Nyimas. Teu kuat wareg teuing. Ngeunah pisan atuh da olahanana!" Ki Cakra ngusapan beuteungna.
Nyi Yati mah siga nu bungah pisan mangsa olahanana meunang pamuji anu serupa kitu téh.
Saréngséna dalahar, Nyi Yati jeung Jang Aji mah gura-giru pépérén wadah. Sanggeus kukumbah leungeun, mangsa indungna kukumbah wadah téh, gék, Jang Aji mah di hareupeun Ki Cakra. Ari Kang Atang mah teuing ka mana léosna, da sangurunyungna deui Jang Aji téh geus teu kasampak di teangah imah.
"Aki kabagéan konyal?" Jang Aji muka wangkongan.
"Kabagéan, hiji."
"Euh.... Nya engké atuh urang ngala deui!"
"Lah, iraha deui wé, Dén! Eu..., kieu..., Aki téh aya dugikeuneun, Dén." Paroman Ki Cakra katémbongna daria pisan.
"Aya picarioseun naon, Ki?" Jang Aji rada kurang-kerung.
"Wengi tadi, Aki téh nampi wangsit ti Kangjeng Prabu...."
"Kangjeng Prabu Siloka Wicakra?" Jang Aji motong omongan guruna.
"Sumuhun, Dén. Saur anjeunna, Radén kedah milari deui hiji guru, kanggo nyampurnakeun élmu anu parantos nyampak."
"Milari guru deui? Kanggo abdi mah salira ogé parantos langkung ti cekap, Ki."
"Hmm, Dén..., Radén! Kapanan Radén téh hiji-hijina pirajaeun Darmapatih anu sah, anu hartosna Radén téh calon pamingpin. Tah, ari pamingpin mah tong kapalang ngélmu saur kasarna téa mah, kedah sampurna élmu kapangéranana, élmu kamanusanana, élmu kawijakan tur welas asihna, sareng élmu-élmu anu sanésna. Komo ari ieu mah, sipatna parantos aya wangsit ti nu janten luluhur Radén."
"Mmm, kedah guguru ka saha deui atuh, Ki?'
"Ari saur Kangjeng Prabu mah, Radén téh kedah lumampah ka palih kidul, dugi ka mendakan éta jalmi anu janten pigurueun Radén."
"Ka wewengkon mana, Ki?"
"Duka wewengkon mana ari persisna mah. Nu jelas mah ngidul wé ari ti dieu mah."
Pikeun sakedapan mah Jang Aji ngan ukur hulang-huleng.
"Saha jenenganana pigurueun abdi anu salajengna teh, Ki?" Teuteup Jang Aji pohara seukeutna.
"Duka atuh, Dén, da Aki ogé teu dipasihan terang. Mung sakitu wangsit anu katampina ogé."
"Hmm, kedah nyalira miangna, Ki?"
"Nya, bilih Radén palay aya anu ngaréncangan mah teu nanaon."
Piken sakedapan mah Jang Aji ngadon hulang-huleng deui siga anu keur mikir. Tapi lila kituna téh, pok, nyarita, "Mangga upami kitu mah, Ki. Abdi kersa ngalakonan wangsit anu katampi ku Aki. Nanging upami tiasa mah, abdi nyuhunkeun diréncangan ku Si Kumbay."
"Saé upami kitu mah, Dén."
"Kedah iraha ngawitanana, Ki?"
"Ari perkawis éta mah teu langkung Radén."
Jang Aji unggut-unggutan neuteup Ki Cakra, saurang patih anu pohara satiana ka Prabu Siloka Wicakra, jeung ka nu jadi turunanana.
Hanca.
__ADS_1