BANJIR GETIH DI DARMAPATIH

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH, episode 32


__ADS_3

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH


(32)


"Dupi tadina, ti mana ieu lodaya téh?" Ki Ujat neuteup Ki Patih Sampala, anu masih kénéh pulahak-polohok nempo lodaya anu keur depa dina kandang domba.


"Teuing atuh, Ki. Sigana mah geus lila, tapi karék kanyahoan ayeuna."


"Ah, kamari mah basa Aki ngalangkung ka dieu, teu aya, malih mah kandang anu ieu mah kosong!"


Sakedapan mah Ki Patih ngan ukur hulang-huleng. Ari Si Kumbay mah ti tadi ogé teu cengkat-cengkat tina depana.


"Héy, lodaya! Saha manéh nu sabenerna?" Ki Ujat nalék Si Kumbay, mangsa Ki Patih keur hulang-huleng sorangan.


Batan némbalan mah Si Kumbay malah haré-haré bari ngalétakan sukuna, siga anu api-api teu ngarti kana basa manusa.


"Hmm, saéna mah saénggalna wartosan Kangjeng Prabu," ceuk Ki Ujat, kituna téh bari ngarérét deui ka Ki Patih Sampala.


"Enya, Ki. Dagoan di dieu, kaula rék ngabéjaan heula Kangjeng Prabu!"


Ki Ujat ukur unggeuk. Geus kitu mah kalayan gagancangan Ki Patih muru deui ka wangunan karaton. Mangsa ngaliwat ka tempat anu saméméhna dipaké reureuh ku Jang Ukun jeung ku Jang Aji, harita mah duanana ogé geus teu kasampak, teuing ka mana boa.


Sanggeus lumayan lila antarana, antukna mah Ki Patih ngurunyung deui, leumpangna siga anu gagancangan pisan, nuturkeun léngkah Prabu Ungkara anu leumpang pangheulana.


"Mana, Ki?" tanya Prabu Ungkara, mangsa geus aya di hareupeun Ki Ujat, kituna téh bari tumpa-tempo kana kandang domba.


"Hapunten sateuacanna, Kangjeng Prabu!"


Geus ngomong kitu mah reup, Ki Ujat meureumkeun panonna. Sanggeusna beunta deui, kebat baé Ki Ujat niup panon Prabu Ungkara.


Gebeg!


Teu béda jeung anu saméméhna karandapan ku Ki Patih Sampala mangsa karék bisaeun nempo nu sabenerna, Prabu Ungkara ogé nepi ka pohara ngagebegna mangsa nempo domba anu dumadakan robah wujud jadi maung lodaya anu pohara badagna téh.


"Manawi uninga, ti mana kawitna ieu lodaya téh, Kangjeng Prabu? Da ari diajak nyarios mah haré-haré ti tadi ogé, sigana mah teu ngartoseun kana basa manusa." Ki Ujat neuteup rajana.


"Hmm, mangsa keur dina wujud domba mah, ieu lodaya téh Si Aji anu mawana."


"Si Aji?" Ki Patih siga anu pohara ngajenghokna.


"Saha Si Aji téh, Kangjeng Prabu?" Ki Ujat rada kurang-kerung.


"Pagawé anyar di taman. Karék tadi pisan datangna ka dieu ogé."


"Sanés kitu ari murangkalih anu tadi nuju ngiuhan sareng Jang Ukun mah?" Ki Ujat ngarérét ka Ki Patih Sampala.


"Enya, éta pisan, Ki." Ki Patih ngabenerkeun.


"Hmm, berarti..., titingalian kaula basa tadi téh teu nyalahan. Tadi, kaula téh nepi ka héran, sabab sarérétan, wujud domba anu keur ditungtun ku Si Aji téh bet robah sakiceupan, jadi wujud lodaya."


Ngadéngé kekeapan Prabu Ungkara anu samodél kitu téh, Ki Ujat jeung Ki Patih mah ngan ukur kurang-kerung bari silihpelong.


"Euweuh deui carana ari kaya kieu mah. Ayeuna kénéh, Bawa Si Ajina ka rohangan utama karaton, Ki Patih!" Geus kitu mah langsung baé Prabu Ungkara méré paréntah ka nu jadi patihna.


"Unjuk sumangga, Kangjeng Prabu!" Ki Patih haget pisan nyanggupan.


Sanggeus Ki Patih ngaléos pikeun nohonan paréntah nu jadi rajana, Ki Ujat jeung Prabu Ungkara mah kebat baé muru deui ka wangunan karaton. Ari anu keur ditéanganana ku Ki Patih Sampala mah, enya Jang Aji, harita téh keur ngagarotong runtah dangdaunan anu diwadahan kana karung. Jeung Jang Ukun.


Reg, Jang Ukun anu leumpang tiheula, ngeureunkeun léngkahna mangsa nepi ka jarian pamiceunan runtah, anu perenahna aya di luareun bébénténg karaton. Jang Aji ogé nurutan ngarandeg.


Borolo...!


Runtah dangdaunan dibahékeun tina karungna, anu saterusna mah diduruk sangkan teu numpuk teuing. Bubuhan loba dangdaunan anu garingna, dina waktu anu ngan ukur sakeudeung ogé, langsung baé runtah anu diduruk téh ngageretek, ngepulkeun haseup kandel anu mumbul ka awang-awang. Ari durukan geus ngabebela mah Jang Ukun jeung Jang Aji ogé guk-gék heula pikeun ngareureuhkeun kacapé awakna.


"Geus ieu mah enggeus heula wé da euweuh deui pagawéan. Nyacaran jukut karék kamari. Kamalir patamanan bareresih kénéh," ceuk Jang Ukun, kituna téh bari rada ngabalieur, mangsa haseup durukan anu katebak angin, ngaléok ka tempat diukna.

__ADS_1


"Atuh ngagawéan naon wé tamba cicing teuing mah."


"Ah, ngagawéan naon deui da geus aranggeus! Keun baé da gawéna ogé saaya-aya ari di dieu mah, nu penting mah taman raresik wé. Ari patamanan bareresih kénéh mah teu nanon najan rék saré nepi ka lima poé lima peuting ogé. Bébas, moal aya anu nyarékan!"


"Oh kitu. Genah geuning, nya! Tapi pan, anu deukeut kandang domba geuning, pan rada barala kénéh belah dinya mah."


"Éta mah bagéan batur. Pan saeutik séwang. Urang duaan mah ngurus nu tadi téa wé. Pan geus dibagi-bagi!"


"Oh." Antukna mah Jang Aji unggut-unggutan, tandaning ngarti kana pancén anu jadi tanggung jawabna.


"Engké, lamun durukan geus béak, urang ngadu papanahan jeung kuring. Nu éléh bagéan nyangu, hahaha.... Wani teu?"


"Boga kitu panah jeung gondéwana?"


"Aya, paragi latihan, tamba kesel wé. Paméré ti prajurit."


"Hehee..., hayu lah ari kitu mah!"


Sok sanajan karék wawuh poé harita, tapi katempona téh ari Jang Aji jeung Jang Ukun mah siga anu geus lalayeut pisan, siga anu geus teu asa-asa deui enggoning hareureuy sarta garogonjakan. Sabot kitu, katémbong rentang-rentang aya nu datang, anu tétéla geuning Ki Patih Sampala.


"Aya naon Ki Patih, nya, euy?" Jang Ukun neuteup Jang Aji.


Jang Aji mah ngan ukur ngangkatkeun taktak, tandaning sarua teu nyahona.


"Aji, manéh dititah ngadeuheus ku Kangjeng Prabu!" ceuk Ki Patih, mangsa geus aya di hareupeun Jang Aji, kituna téh kalayan némbongkeun paroman anu pohara dariana.


"Aya kaperyogin naon, Ki Patih?" tanya Jang Aji kalayan kalem, tapi teu leupas tina tatakrama.


"Engké wé di ditu. Hayu, Kangjeng Prabu geus ngadagoan!"


"Eu..., mmm, kuring rék nepungan heula Kangjeng Prabu atuh, nya, Kun!" Jang Aji amitan ka sobat anyarna.


Jang Ukun mah ngan ukur némbalan ku unggeuk. Tapi, kituna téh ari kamelang mah teu bisa sumput-sumput tina paroman beungeutna. Geus kitu mah kebat baé Ki Patih jeung Jang Aji patinggaredig ninggalkeun Jang Ukun sosoranganan.


Sanepina Jang Aji jeung Ki Patih Sampala ka rohangan utama karaton, kasampak Prabu Ungkara geus ngariung jeung puluhan abdi dalemna, kaasup Ki Ujat, salaku juru nujum karajaan. Sanggeus rengkuh tanda mihormat ka saraéa, pangpangna pisan mah ka Prabu Ungkara, gék, Jang Aji diuk dina amparan karpét.


"Teu wawarantun, Kangjeng Prabu. Jaba kalotor kénéh abdi mah."


"Keun baé. Hensok, diukna dina korsi!"


Sanggeus dipapaksa mah antukna Jang Aji ogé daékeun diuk dina korsi.


"Aya tanyakeuneun ka hidep téh." Prabu Ungkara ngamimitian nyarita.


"Perkawis naon téa, Kangjeng Prabu?" tanya Jang Aji. Kalem pisan katempona téh, teu siga-siga keur adu hareupan jeung saurang raja. Tapi sok sanajan kitu, ari tatakrama mah tetep jadi perkara anu utama.


"Perkara domba hidep," témbal Prabu Ungkara.


Pikeun sakedapan mah Jang Aji ngan ukur kurang-kerung neuteup Prabu Ungkara.


"Tadi, sanggeusna katempo nu sabenerna, geuning domba hidep téh maung lodaya."


"Maung lodaya?" Jang Aji ngagebeg api-api teu nyaho.


"Teu kudu api-api. Pék, caritakeun nu sabenerna. Saha hidep, jeung saha sabenerna éta maung lodaya téh?" Prabu Ungkara tandes kacida.


'Hmm, aing kudu kumaha ari geus kieu? Ari balaka, sok sieun Prabu Ungkara siga parapangagung Darmapatih, anu numpes sakur turunan Prabu Siloka Wicakra. Tapi..., ah, teu mungkin, da ari ningali tina tabéat jeung budiparangina mah pohara hadéna! Ngan....'


"Hensok nyarita!" Ki Patih anu diuk di gigireun Jang Aji, motong galécokna haté Jang Aji dina mangsa harita.


Jang Aji mah nepi ka rada ngagebeg siga anu kagareuwahkeun.


"Eu..., hapunten, abdi mah asa reuwas kénéh nalika Kangjeng Prabu sasauran kitu téh, da ari sakaterang mah anu dibantun ku abdi téh domba, sanés maung lodaya."


"Tong ngabohong. Sok wé balaka!"

__ADS_1


"Eu..., abdi mah leres-leres teu terang, Kangjeng Prabu."


"Hmm, ku sabab teu daék balaka, langsung wé toropong, Ki Ujat!" Kangjeng Prabu ngarérét ka Ki Ujat.


"Unjuk sumangga, Kangjeng Prabu!" Ki Ujat haget nyanggupan.


Jung, Ki Ujat cengkat tina tempat diukna. Kojéngkang, ngadeukeutan Jang Aji. Gék, dina amparan karpét, persis pisan di hareupeun Prabu Ungkara.


"Sok, diuk heula di dieu, Jang!" Ki Ujat nepakan amparan karpét.


Sok sanajan bari jeung rada kurang-kerung, antukna mah Jang Aji ogé teu burung nurut kana paméntana Ki Ujat. Gék, Jang Aji sila, pahareup-hareup jeung Ki Ujat.


"kieukeun leungeunna tah!" Ki Ujat méré conto.


Jang Aji gancang ngagugu. Dua dampal leungeunna anu ditangkarakeun disolodorkeun ka hareup. Ari Ki Ujat, anggeusna napelkeun dua dampal leungeunna kana dampal leungeun Jang Aji mah, reup, meureumkeun sapasang matana. Biwirna katémbong gerak saeutik, siga anu keur mapatkeun jampé pamakéna. Puluan pasang mata, jadi museur ka Jang Aji Jeung ka Ku Ujat. Ari Jang Aji mah kalem baé nempokeun paripolah aki-aki anu keur ngajémprak sila di hareupeunana.


Ter..., ter...!


Awak Ki Ujat katémbong ngageter pohara tarikna. Késang lembut késang badag dumadakan rarenung dina tarangna. Puluhan pasang mata jadi kurang-kerung neuetup Ki Ujat.


Ter..., ter..., ter..., jengkang..., blug!


Sanggeusna ngageter mingkin tarik mah, antukna awak Ki Ujat ngajengkang, sarta anu saterusna ngagebut pohara lanté éta rohangan.


"Aki?" Siga anu pohara reuwaseunana, Jang Aji gura-giru ngarangkul sarta nyangkéh awak Ki Ujat.


"Ki Ujat?


"Ki!"


Prabu Ungkara, Ki Patih Sampala jeung pulunan abdi dalem anu keur araya di dinya, siga anu sarua rareuwaseunana mangsa nempo kajadian anu samodél kitu téh.


"Ki Ujat..., kunaon, Ki?" Ki Patih Sampala anu gancang ngojéngkang ngadeukeutan, semu rampang-reumpeung nalék Ki Ujat.


"Eu..., eugh..., teu kunanaon, Ki Patih," témbal Ki Ujat, kituna téh dibarengan ku purangas-puringis nyabakan tonggongna.


Gék, Ki Ujat diuk deui. Jang Aji ogé gagancangan ngised deui kana tempat diuk nu saméméhna. Ki Patih Sampala ogé sarua.


"Kumaha, Ki Ujat?" Prabu Ungkara siga anu geus teu sabar hayang meunang katerangan ti juru nujumna.


"Hapunten, Kangjeng Prabu, poék teu tiasa maca nanaon. Rupina mah ieu murangkalih téh dipipinding ku hiji kakuatan élmu anu pohara pisan luhungna. Jang Aji..., hadéna mah hidep balaka baé, tong aya anu disumput-sumput. Pék, geura balaka, saha hidep jeung maung lodaya nu sabenerna!" témbal Ki Ujat, ditungtungan ku nyarita ka Jang Aji.


Prabu Ungkara jeung anu séjénna mah siga anu pohara ngajarenghokna mangsa ngadéngé kekecapan Ki Ujat anu samodél kitu téh.


'Mmm, kudu balaka baé kitu aing téh? Lah, kari kumaha engké wé lah!' galécokna haté Jang Aji.


"Hensok geura nyarita!" Prabu Ungkara siga anu banget panasaranana.


"Eu..., hapunten sateuacanna, Kangjeng Prabu. Ari saleresna mah éta maung lodaya téh salah sawios prajurit satiana Prabu Siloka Wicakra." Antukna mah Jang Aji balaka.


"Prajuritna Prabu Siloka Wicakra?"


"Hah..., prajuritna Prabu Siloka Wicakra?"


"Prajurit Prabu Siloka Wicakra, cenah!"


Sakabéh pangeusi éta rohangan, taya anu teu ngagebeg mangsa ngadéngé katerangan ti Jang Aji anu samodél kitu téh.


"Terus, ari hidep, saha sabenerna?" Prabu Ungkara siga anu mingkin gedé kapanasaranana.


"Eu..., abdi mah tu...."


Brak..., gurudug...!


Saméméh Jang Aji cacap neruskeun omonganana, saréréa jadi patingrarénjag mangsa panto éta rohangan aya anu nyurungkeun kalayan lumayan tarikna, disusul ku patinggurudugna puluhan prajurit anu samakta ku pakarang.

__ADS_1


Hanca.


__ADS_2