
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
(60)
Lumayan lila Nyimas Pandani ngawang-ngawang sanggeusna ninggalkeun tempat galunganana téh, tapi teu lila siga mangsa indit pikeun néangan Prabu Purwasesa jeung Radén Angkara ka Darmapatih, da puguh ari basa harita mah teu bisaeun ngapung, tayohna mah kapangaruhan ku kakuatanana anu keur pohara lemahna. Lahlahan sigana mah indit sotéh, bané wé kajurung ku amarah anu geus pohara ngabebelana. Atuh Sok sanajan geus dibéré kabébasan ku Jang Aji perkara pamadeganana, tapi tétéla ari Nyimas Pandani mah leuwih milih pikeun mulang deui ka Trisula Emas, sok sanajan kakuatan dirina geus dipasrahkeun deui sapinuhna.
"Radén Aji di mana?" Sanepina ka palataran hareup karaton, mangsa panggih jeung Nyi Manik anu harita kasampak keur ngawangkong jeung Bah Goncrang di éta tempat téh, gancang baé Nyimas Pandani mah nanyakeun Jang Aji.
"Nembé téh ngalabring sareng Prabu Ungkara kalih Ki Patih Sampala, ka rohangan tabib." Bah Goncrang anu némbalan.
"Oh. Nu mana rohanganana?"
"Ti rohangan utama karaton mah ka palih kiwa. Teras wé lempeng. Aya seratanana da dina unggal rohangan ogé."
"Hmm, nuhun pisan, Nyi Manik, Bah Goncrang!" ceuk Nyimas Pandani, kituna téh bari gura-giru baé asup ka karaton.
Ari Nyi Manik jeung Bah Goncrang, pikeun sakedapan mah malah silihréret bari patingpolohok.
"Teu ngimpi ieu téh? Sisinarieun kaluar ucap nuhun ti Nyimas Pandani!" ceuk Bah Goncrang, mangsa Nyi Mas Pandani geus teu katempo jirimna.
"Sukur we, geus robah meureun matak kitu ogé."
Bah Goncrang ukur unggeuk. Ari Nyimas Pandanina mah harita téh gura-giru baé muru rohangan anu rék dijugjugna. Tétéla, teu cukup ku ngandelkeun katerangan anu katampa ti Bah Goncrang, Nyimas Pandani kudu tatanya heula ka sababaraha prajurit anu kabeneran pasanggrok, da bubuhan rohangan-rohangan di karaton téh lumayan loba.
"Muhun, leres pisan. Mangga atuh ka lebet, kaleresan Kangjeng Prabu sareng anu sanésna ogé nuju ngaroris!" ceuk saurang ti antara dua prajurit anu harita keur kabagéan jaga, mangsa Nyimas Pandani nalék ka dirina.
Geus kitu mah langsung baé Nyimas Pandani asup ka éta rohangan. Sanepina ka jero, bener we, di éta rohangan anu kawilang lega, katémbong Prabu Ungkara, Ki Patih Sampala jeung Jang Aji, keur mapayan prajurit anu taratu balukar perang. Para prajurit anu asalna ti Darmapatih lolobana mah. Sababraha urang tabib, kalayan getén ngubaran anu taratu. Pohara legana éta rohangan téh, anu keur diubaran ogé jumlahna nepi ka ngaratusna.
"Aéh, geuning Nyimas Pandani! Geus ti mana waé atuh? Prabu Ungkara mapag ku pananya.
Kabéh mata neuteup ka Nyimas Pandani. Tapi, batan langsung némbalan mah, Nyimas Pandani malah gura-giru nyampeurkeun Jang Aji. Brek, deku di hareupeunana.
"Hatur nuhun pisan kana pitulungna, Radén. Hapunten pisan sagala kalepatan Nini salami ieu!" Nyimas Pandani nepi ka acong-acongan nyembah.
Nempo kitu, Prabu Ungkara jeung nu séjénna mah nepi ka patingpolohok, sabab di sagigireun teu nyaho kana jujutan masalahna téh, tétéla geuning ari sabenerna mah Nyimas Pandani ogé bisaeun maké basa nu hadé. Padahal, ari saméméhna mah ngomongna téh teu weléh teugeug tur semu garihal.
"Sami-sami, Nini. Nanging teu kedah kikituan. Badé nganuhunkeun mah ka Alloh wé," témbal Jang Aji, kituna téh bari gancang ngarawu taktak Nyimas Pandani.
"Nini mah teu kenal ka Alloh, Dén." Nyimas Pandani semu tungkul.
"Palay kenal?" Jang Aji ngusapan taktak nini-nini anu dumadakan lungguh di hareupeunana.
Nyimas Pandani ukur unggeuk. Nempo kitu téh kabéh anu araya anu di dinya mah bati silihréret jeung pada baturna.
"Engké wé perkawis éta mah ka Ki Cakra."
"Mana Ki Cakra na?"
"Nuju nepangan Prabu Dangdang. Ayeuna mah saéna, satiasa-tiasa urang tulungan heula anu taratu, supados pulih deui kalayan saénggalna."
Ukur unggeuk deui waé Nyimas Pandani mah, siga anu dumadakan hésé pikeun nyarita. Teuteup kareueus ka Jang Aji, atra pisan tina sorot mata Prabu Ungkara jeung ti nu séjénna.
"Tuh, Nini mah bantosan Mamang nu itu!" Jang Aji nunjuk ka saurang prajurit anu keur haharegungan alatan nandangan tatu gudawang dina dadana.
__ADS_1
"Unjuk sumangga, Radén."
Geus kitu mah gancang baé Nyimas Pandani ngadeukeutan prajurit anu ditunjukeun ku Jang Aji. Gog, Nyimas Pandani cingogo di hareupeun éta prajurit.
Set!
Sakali ngagerakeun leungeun katuhuna, dumadakan nyampay karémbong kelir héjo dina cekelan Nyimas Pandani.
Set!
Nyimas Pandani ngabatek karémbongna. Reup, matana dipeureumkeun bari kunyam-kunyem mapatkeun jangjawokan.
Gebur...!
Dumadakan karémbong Nyimas Pandani hurung ngempur ngaluarkeun cahya héjo. Boh Prabu Ungkara, Ki Patih Sampala, paratabib jeung anu séjénna, taya anu teu molohok nempo kitu mah. Nyah, Nyimas Pandani beunta. Reup, karémbongna anu ngagebur diturubkeun kana dada parajurit anu gudawang.
Ter..., ter..., ter...!
Pikeun sakedapan mah awak éta prajurit nepi ka ngageter lumayan tarikna.
Set!
Sanggeus ngurangan ngempurna, gancang baé Nyimas Pandani ngadudut karémbongna. kabéh mata patingpolohok, anéh bin ajaib, Pamiarsa, tatu anu gudawang dina dada éta prajurit téh bet dumadakan lita sapada harita.
"Waduh..., hatur nuhun pisan, Nyimas!" Prajurit anu dumadakan jagjag, teu sirikna sujud kana suku Nyimas Pandani.
"Rék nganuhunkeun mah ka Radén Aji. Sabab kaula daék nulungan ogé, pédah we aya paréntah ti anjeunna!"
Éta prajurit teu cacap nyaritana, sabab tétéla Jang Ajina mah geus teu kasampak di éta rohangan. Saréréa jadi rungah-ringeuh néangan Jang Aji.
"Waduh..., abdi ogé damang, Kangjeng Prabu!"
"Abdi ogé!"
"Abdi ogé langsung jagjag!"
Acan mah leungit kahéran Prabu Ungkara jeung nu séjénna, saréréa geus patingjarenghok deui baé mangsa nempo puluhan prajurit anu tatu-tatuna bisa kaitung pangparnana, dumadakan calageur deui sapada harita.
"Masya Alloh...!"
"Allohu Akbar!"
Prabu Ungkara, Ki Patih Sampala, paratabib jeung anu séjénna nepi ka patingpolohok, teu saeutik anu gigisik, siga anu teu percaya kana tetempoanana sewang-sewangan.
"Pasti ku Radén Aji ieu mah!" celengkeungna Ki Patih Sampala.
"Muhun. Da tadi téh katinggal, anjeunna siga niupan prajurit anu taratu!" Saurang tabib milu ngengklokan.
"Muhun, leres!" ceuk nu séjénna.
Mingkin patingpolohok deui baé sakur-sakur anu keur araya di dinya mah.
"Nyimas Pandani.... Lamun daék, ubaran sesa-sesa prajurit anu can cageur. Kaula rék nepungan heula Raden Aji!"
__ADS_1
"Unjuk sumangga, Kangjeng Prabu!"
"Oh enya..., poé ieu kénéh, anjeun diangkat jadi pamingpin tabib di ieu karajaan!"
"Hatur nuhun, Kangjeng Prabu!" Nyimas Pandani siga nu bungah.
Teu kungsi ngomong deui, geus kitu mah kalayan siga nu gura-giru pisan Prabu Ungkara ninggalkeun éta rohangan, sarta anu saterusna mah kebat baé muru ka rohangan pribadi anu sok dieusian ku Jang Aji. Tapi taya sasaha, Jang Aji teuing ka mana léosna. Panasaran tayohna mah, gancang disusul ka tempat reureuhna Jang Ukun, sarua teu kasampak. Ditatanyakeun ka unggal anu pasanggrok ogé, weléh taya anu nyahoeun. Capé tayohna mah, antukna Prabu Ungkara mulang ka rohangan pribadina.
"Kunaon, Kakang Prabu, bet siga anu lalungsé kitu geuning?" tanya Nyi Praméswari, mangsa mukakeun panto keur salakina.
"Geus néangan Radén Aji, teuing ka mana léosna."
"Ihihihi...."
"Naon malah cecengiran kitu?" Prabu Ungkara kurang-kerung.
"Radén Aji mah aya di taman, nuju ngawangkong sareng Si Wening. Mani geugeut katempona téh. Leres, Raden Aji téh kagungan kangkalung anu kaimpénkeun ku Si Wening téa!" Nyimas Praméswari semu hariweusweus.
pikeun sakedapan mah Prabu Ungkara ngan ukur bengong.
"Naha geuning apal, kanyahoan ku saha kangkalung Radén Aji téh?" Teuteup Prabu Ungkara pohara seukeutna.
"Tadi, basa abdi sareng Si Wening nuju ngala kembang di taman, aya oray. Abdi sareng Si Wening téh lumpat. Si Wening teu ngahaja nubruk Radén Aji anu kaleresan nuju ngalangkung ka dinya. Dugi ka gugulitikan bari silihtangkeup sagala. Ari pék téh ngagoréhél kangkalung Radén Aji. Nya kitu we kanggo saterasna mah, anak urang téh janten dumadakan sonagar sareng rada ogo."
"Hahaha.... Tuh nya..., ari geus waktuna mah kumaha we carana téh!" Kalungsé Prabu Ungkara siga anu dumadakan buyar, paroman beungeutna ogé dumadakan pohara marahmayna.
"Nanging anu matak hémengna téh, duka ka mana leosna ari orayna mah."
"Hmm, baé lah. Nu penting mah anak urang geus layeut jeung pijodoeunana! Oh enya, ari sepuhna Radén Aji ka marana?"
"Di pawon. Abdi ogé nuju popolah nembé téh."
Teu ngomong deui, geus kitu mah gancang baé Prabu Ungkara muru ka kamarna. Kabungah, kabagja, Atra pisan mapaésan paroman beungeutna. Tapi, karék mah rék asup pisan ka kamarna, kadéngé aya anu uluk salam, dibarengan ku keketrok kana panto anu karék bieu dipeundeutkeun.
"Jung wé bisi rék neruskeun popolah mah. Keun baé ieu mah urusan Kakang!" Prabu Ungkara gancang ngahulag, mangsa pamajikanna geus malikeun deui awakna pikeun mukakeun panto.
Nyimas Praméswari ngan ukur unggeuk, sarta anu saterusna mah ngoloyor ka hiji rohangan. Ari Prabu Ungkara, sanggeus pamajikanna ngaléos mah kebat baé mangmukakeun panto.
"Aya naon?" tanya Prabu Ungkara, ka saurang abdi dalem anu keur ngajanteng deukeut lawang.
"Saur Ki Patih Agung, ayeuna kénéh diantos di rohangan utama. Saurna téh aya hiji perkara anu kedah dibadantenkeun saénggalna!"
"Hmm, nya, heug!" Prabu Ungkara haget nyanggupan.
"Upami kitu mah permios, abdi badé ngawartosan heula Radén Aji."
"Tong diganggu Radén Aji mah, keur ngarobrol jeung anak kaula!"
"Oh, unjuk sumangga atuh upami kitu mah, Kangjeng Prabu."
Geus kitu mah gura-giru baé Prabu Ungkara ngalengkahkeun sukuna muru ka rohangan utama karaton, dituturkeun ku saurang abdi dalemna.
Hanca.
__ADS_1