BANJIR GETIH DI DARMAPATIH

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH, episode 15


__ADS_3

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH


(15)


Teu bisa dipungkir, teu bisa dibohongan, perkara anu matak mawa tengtrem tur bagja enggoning kumelendang di alam nyata, salah sahijina mah nyatana mibanda haliyah dunya pikeun bekel ngalalakonna. Ari perkara maslahat jeung madoratna mah kari kumaha paniatan jeung kaimanan anu makéna. Buktina wé, karék ngalakonan ibadah saréat ogé teu cukup ku niat jeung ku kaimanan wungkul, keukeuh baé butuh haliyah dunya pikeun ngawujudkeunana. Munggah haji, geus puguh butuh duit anu lumayan gedéna. Zakat, sodakoh, kudu boga keur zakatkeuneun jeung sodakohkeunana. Rék kurban kudu boga duit keur meuli domba atawa sapi jeung sabangsana. Rék puasa, kudu boga keur janari jeung keur bukana. Rék solat, kudu boga pakéan keur nutupan oratna, kudu boga keur meuli sabun keur nyeuseuh pakéanana, da pasti aya kotorna. Acan deui keur bula-beuli dahareun, sangkan aya tanagana. Peun! Nepi ka dinya ogé cukup pikeun bukti leutikna mah. Intina mah perkara haliyah dunya, kari kumaha anu ngamangpaatkeunana.


Perkara anu bieu disabit-disabit, saluyu pisan jeung anu kaalaman ku Jang Imron, anu katempona téh pohara bungah tur marahmayna sanggeusna nampa duit jeung piubareun keur indungna téh, anu cenah mah pamihapéan ti Jang Aji nu jadi sobatna.


Sanggeus nganteurkeun suluh ka nu mesenna, gura-giru baé Jang Imorn mulang ka imahna. Duit jeung piubareun indungna, éstuning pohara dipusti-pustina.


"Ma..., Ema...!" Sanepina ka buruan imahna téh Jang Imron keukeuleuweuhan nyalukan indungna.


"Aya naon, Sujang?" Kalayn siga nu melang, kadéngé aya sora awéwé anu némbalan ti jero imah.


Lung!


Rancatan jeung kampak urut ngala suluh mah satengah dibalangkeun kana paranjé anu geus euweuh pangeusina, sarta anu saterusna mah gura-giru baé Jang Imron asup ka imahna.


Geus réyod pisan éta imah téh, tihang-tihangna ogé geus pinuh ku ukiran rébuan rinyuh. Pipindingna anu dijeun tina billik, geus barolong di ditu di dieu.


"Kunaon ari manéh, Sujang..., katampol?" tanya saurang awéwé anu harita keur diuk dina bangku awi, mangsa Jang Imron geus aya di hareupeunana. Kituna téh bari semu rampang-reumpeung niténan awak nu jadi anakna.


"Teu kunanaon abdi mah, Ma. Abdi ngabantun ieu kanggo Ema!" témbal Jang Imron, kituna téh bari gancang ngasongkeun haur konéng ka indungna.


"Naon ieu téh, Sujang?" Indung Jang Imron kurang-kerung sajeroning nampanan éta haur konéng téh.


"Landong kanggo sampéan Ema. Kadé bahé, jerona cai éta téh!"


"Cai naon.... Ubar ti saha?'


"Eu..., Abdi tos tatamba, Ma." Jang Imron ngaréka carita.


"Ongkoh geus ngala suluh!"


"Muhun, sakantenan wé tadi téh tatamba."


"Oh. Tatamba ti saha?"


"Eu..., mmm. Tadi, basa nuju ngala suluh téh abdi pendak sareng aki-aki, Ma. Ngobrol sakedap, ari pék téh sok nambaan anu teu damang, cenah. Ah, sakantenan wé abdi téh nyuhunkeun tamba knggo Ema." Jang Imron siga anu geus kapalang ngabohong.


"Aki-aki saha, urang mana?" Képo meureun kasebutna lamun ceuk barudak jaman ayeuna mah indungna Jang Imron téh.


"Duh..., hilap teu naroskeun jenengan sareng lemburna, Ma!" Jang Imron masang ékting siga nu enya. Mun seug téa mah diilukeun kana nominasi pilem Hollywood, geus pasti meunang Piala Oscar.


"Euh..., atuh! Kudu dikumahakeun ieu cai téh, diinum?"


"Diusapkeun kana sampéan anu nyeri, Ma."


"Oh." Indung Jang Imron unggut-unggutan.


"Muhun. Abdi badé ibak heula, nya, Ma. Carepel ku késang!"


"Moal dahar heula?" ceuk Indung Jang Imron, kituna téh bari mencétan tuurna anu semu bareuh.


"Engké wé mun tos ibak. Masak naon, Ma?"


"Masak jantung cau bubuyan. Wayahna wé tong olo-olo, nya. Emana can kaduga buburuh di kebon batur ari ayeuna mah." Pamulu Indung Jang Imron dumadakan alum mangsa ngomong kitu téh.

__ADS_1


"Muhun wios, Ma. Da raos jantung cau ogé. Abdi badé ibak heula, nya!"


Indung Jang Imron ukur unggeuk. Geus kitu mah kebat baé Jang Imron ngoloyor ka kamarna, rék nyokot heula sarung basana mah. Sanepina ka kamar, sakedapan mah Jang Imron surangah-séréngéh neuteup kanjut kundang anu keur dikeukeuweukna, anu mangsa keur di hareupeun indungna mah disumputkeun sabisa-bisa. Sok, éta kanjut kundang dibebeskeun kana wadah pakéan. Sanggeusna ngarawél sarung belél mah gura-giru baé Jang Imron muru tampian, anu perenahna aya di pipir imah.


Brus!


Sanepina ka tampian téh, sanggeusna ucul-ucul pakéan mah gura-giru baé Jang Imron ancrub kana kulah, anu jerona ngan ukur semet dada. Siga nu seger pisan katempona téh, sakapeung kokosok sarta teuteuleuman.


"Sujang...!" Kadéngé jeritna indung Jang Imron ti jero imah.


"Ma..., kunaon...?"


Kalayan siga anu pohara reuwaseunana, Jang Imron tibuburanjat tina kulah, sarta sanggeusna ngarawél tur maké sarung mah, gura-gidu baé nyampeurkeun indungna.


"Kunaon, Ma?" tanyana deui Jang Imron, mangsa nempo indungna anu keur lajag-léjég bari ngejet-ngejet sabeulah sukuna di patengahan.


"Ieu tempo, suku Ema langsung cageur, Sujang!" Paroman indung Jang Imron marahmay kacida.


"Masya Alloh..., Ma!" Awahing ku milu bungah, langsung baé Jang Imron ngarangkul indungna.


"Imron bin Usup..., siah!" Indung Jang Imron saharita kénéh langsung ngépés-ngépéskeun leungeun anakna.


"Kunaon ari Ema?"


"Kunaon, kunaon..., éta sarung morosot!"


Gebeg!


Leuwih reuwas batan dicegat béncong mabok sigana mah, Jang Imron gancang baé menerkeun sarungna, anu saterusna mah kalayan beungeut anu bareureum gura-giru lumpat ka kamarna. Indungna mah bati ceuceuleukeuteukan siga nu ngeunah pisan.


"Geura dahar, Sujang!" ceuk indung Jang Imron, mangsa anakna geus kaluar deui, dina kaayaan geus disalin ku pakéan anu beresih.


Sanggeus sawatara kedapan, Jang Imron geus ngurunyung deui bari nananggeuy piring. Gék, di hareupeun indungna anu keur ngécosan calana paragi gawé nu salakina. Celebek, Jang Imron dahar siga nu ngeunah pisan, sok sanajan deungeunana ngan ukur kérécék jantung anu teu dicipatian-cipatian acan.


"Sakeudeung deui mah insya Alloh dahar téh moal jeung sabangsaning nu kitu waé. Isukan, Ema rék nanyakeun pagawéan ka Mang Ohan." Indung Jang Imron neuteup anakna anu keur cacaleuhakan.


"Wios, Ma, saayaana wé emam mah. Abdi mah bingah pis...."


Jang Imron teu kebat nyaritana, sabab kaburu aya anu ngulutrak mukakeun panto, disusul ku asupna saurang lalaki anu mawa jingjingan, kalayan awak anu luat-léét ku késang. Bapana Jang Imron tayohna mah.


"Kabeneran keur dahar. Yeuh, aya pésmol daging hayam, paméré ti Ceu Anah!" Bapa Jang Imron ngasongkeun jingjingan.


"Wah..., énak atuh, Pa!" Kalayan siga nu bungah pisan, Jang Imron gura-giru muka jingjingan.


"Enya, kop. Tapi pangmawakeun heula nginum, Bapa hanaang!" ceuk bapana Jang Imron sanggeusna diuk.


"Hensok wé keur dahar mah. Keun baé mawa cai mah ku Ema!" témpas Indung Jang Imron, kituna téh bari gura-giru cengkat tina diukna.


"Nyi?" Bapa Jang Imron tibengong-bengong neuteup pamajikanna.


"Ihihihi..., geus cageur ayeuna mah, Bapana!" témbal indung Jang Imron, dibarengan ku ngejet-ngejet sukuna sagala.


"Masya Alloh.... Dipencét ku saha, Nyai?" Kalayan siga nu bungah pisan bapana Jang Imron enuteup pamajikanna.


Batan langsung némbalan, indung Jang Imron mah malah gura-giru ngoloyor ka rohangan dapur, siga anu sonoeun pisan enggoning ngawulaan salakina. Teu lila antarana, indung Jang Imron geus ngurunyung deui. Song, mikeun cai ka salakina.


"Diubaran ku saha suku téh, Nyai?" Bapana Jang Imron, sajeroning nampanan cangkir téh dibarengan ku ngalungkeun deui pananya anu acan dijawab ku pamajikanna.

__ADS_1


Indung Jang Imron mah malah nunjuk ka anakna anu keur samutut. Sakedapan mah bapa Jang Imron ngan ukur kurang-kerung. Sanggeusna diuk deui mah, barabat wéh indung Jang Imron nyaritakeun jujutanana, saluyu pisan jeung anu saméméhna dicaritakeun ku Jang Imron ka dirina. Mangsa indungna cacarita téh, Jang Imron mah ukur unggeuk-unggeukan, da bubuhan keur samutut.


"Masya Alloh.... Saha atuh nya éta aki-aki téh?" Bapana Jang Imron satengah tumanya ka dirina sorangan.


Jang Imron jeung indungna mah ngan ukur garideug.


"Alhamdulillah..., ni'mat, Pa!" ceuk Jang Imron, sanggeus neureuy huap nu panungtungan.


"Hensok wé bisi pésmolna rék dibéakeun mah. Atawa nyésakeun wé keur Ema sakeureut mah, da Bapa mah enggeus di ditu!" ceuk bapana Jang Imron, siga nu bungaheun pisan mangsa anakna narimakeun kana kanyaahna téh.


"Wareg, Pa. Kanggo engké deui wé!"


Teu ngomong deui ari geus kitu mah. Kusiwel, bapa Jang Imron ngaluarkeun duit tina pésak calanana. Song, dibikeun ka pamajikanna.


"Yeuh, Nyi, ladang macul tujuh poé!"


"Geuning langkung ieu mah, Kang?" Indung Jang Imron anu tayohna mah geus apal pisan kana panghasilan salakina salila saminggu, rada kurang-kerung mangsa duit anu disetorkeun ku salakina rada leuwih saeutik téh.


"Leuwihna mah ti Nyi Hindun, buruhan nampolan suluh."


Indung Jang Imron unggut-unggutan ari salakina geus némbalan kitu mah.


"Abdi mah hoyong ngoméan ieu bumi, Pa. Sok tiris ari wengi mah, anginna maloncor." Jang Imron nyelengkeung.


Sakedapan mah indung jeung bapana Jang Imron ngan ukur silihteuteup, sabab tara ti sasari anakna nepikeun kahayang, alatan geus ngarti kaayaan nu jadi kolotna.


"Do'akeun wé sing aya milikna. Da lain teu hayang ngoméan imah Bapa ogé. Ngan, ari euweuh waragad keur ngoméanana mah rék kumaha?" Bapana Jang Imron semu nalangsa.


"Enya, Sujang. Sing sabar, nya!" Indung Jang Imron neuteup anakna.


Teu ngomong, malah mah teu unggeuk-unggeuk acan. Jung, Jang Imron cengkat. Koloyor, ka rohangan dapur, ngadon nunda piring urut daharna, kalayan teu kungsi lila ogé geus ngurunyung deui, sarta anu saterusna mah kebat baé muru ka kamarna. Ari indung jeung bapana Jang Imron, siga anu ngadadak lalungsé mangsa nempo sikep anakna anu teu miroséa-miroséa acan kana omonganana téh. Duanana ngan ukur silihteuteup, kalayan paroman beungeut anu dumadakan aralum. Sabot kitu, Jang Imron ngurunyung deui ti kamarna. Gék, di hareupeun indung bapana.


"Ieu, Pa, kanggo ngoméan bumi," ceuk Jang Imron, kituna téh bari nunda dua duit kencring anu bahanna tina emas, di hareupeun indung bapana.


Gebeg!


Indung jeung bapa Jang Imron nepi ka ngagarebeg, sarta sajongjongan mah ngan ukur patingplohok neuteup duit emas anu gogolétakan dina palupuh awi, anu pohara pisan gedé ajénna dina mangsa harita mah.


"Duit ti mana éta téh, Imron?" Antukna mah bapa Jang Imron nalék anakna.


"Pamasihan ti aki-aki anu nambaan Ema téa, Pa." Jang Imron némbalan sakeunana.


"Masya Alloh...!" Indung Jang Imron nepi ka calangap neuteup salakina.


"Saha atuh éta aki-aki téh, nya, asa ku bageur-bageur teuing?"


"Nyaaheun ka urang wé panginten, Pa." celengkeungna Jang Imron.


Dina mangsa indung bapana masih kénéh pulahak-polohok neuteup duit kencring anu bahanna emas, Jang Imron mah kebat baé ngoloyor deui ka kamarna, anu saterusna mah ngadon gogoléran dina dipan anu henteu dikasuran-kasuran acan.


"Nuhun pisan, Ji!" gerendengna Jang Imron, kituna téh ari sawangan mah keur ngabayangkeun nu jadi sobatna.


Ari anu keur aya dina sawanganana Jang Imron mah, enya Jang Aji, harita téh keur sila dina luhur batu anu aya di sisi talaga. Sapasang panon Jang Aji dipeureumkeun, kalayan dua dampal leungeunna dirapetkeun di hareupeun dada. Keur mujasmédi tayohna mah.


Burisat..., burisat...!


Sakedapan mah katémbong aya cahya bodas anu buburisatan dina palebah embun-embunan.

__ADS_1


Hanca.


__ADS_2