BANJIR GETIH DI DARMAPATIH

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH, episode 40


__ADS_3

BANJIR GETIH DI DARMAPTIH


(40)


Kabungah Prabu Ungkara, Jang Aji, Ki Cakra jeung rébuan prajurit, atra pisan sanggeusna pasukan Darmapatih nepi ka tibabaranting ninggalkeun medan perang. Ki Cakra jeung Jang Aji pada ngariung pada ngagugulung, alatan geus gedé pisan jasana.


"Saur abdi ogé, ari badé nganuhunkeun mah ka Radén Aji. Dalah abdi ogé saupamina teu ditulungan ku Radén Aji mah duka kumaha. Da geuning, wanoja anu tadi téh pohara saktina," ceuk Ki Cakra ka Prabu Ungkara anu teu eureun nunuhunan, di antara patingjorowok jeung patingkeuleuweuhna rébuan prajurit anu keur némbongkeun kabungahna.


"Eu..., muhun, Ki Patih Agung. Hatur nuhun pisan, Radén!" témbal Prabu Ungkara ditungtungan ku ngaréret ka Jang Aji.


"Tos sakedahna silihtulungan mah, Kangjeng Prabu. Dupi wanoja anu tadi téh saha jenenganana?" témbal Jang Aji, kituna téh bari gancang méngkolkeun wangkongan, siga anu horéam mangsa pada muji terus-terusan.


"Duka atuh, Radén, da abdi ogé nembé ningalan. Ki Patih, ari anjeun wawuh ka wanoja anu tadi?" Prabu Ungkara malah nanyakeun deui ka nu jadi patihna.


"Sami adi ogé teu terang. Eu..., dupi ayeuna kedah kumaha, Kangjeng Prabu?" témbal Ki Patih Sampala, ditungtungan ku pananya, kituna téh bari rut-rét ka ptinggolépltakna prajurit anu geus taya nyawaan.


"Hmm, nya keun baé ari sarua teu apal mah. Eu..., ayeuna mah bawaan wé sakabéh prajurit Trisula Emas anu gugur di médan perang. Kurebkeun di astana anu husus paragi pahlawan. Catetkeun anak jeung pamajikan anu ditaringgalkeunana, sarta jamin bubutuh hirupna. Pikeun prajurit anu taratu, bawa ka paratabib, pikeun sagancangna diubaran!"


"Unjuk sumangga, Kangjeng Prabu. Dupi layon paraprajurit anu ti pihak Darmapatih, kedah dikumahakeun?"


"Kurebkeun di dieu wé kabéh, kaasup layonna Si Anjana. Anu taratuna mah bawa ka kararton, terus ubaran. Mun geus cageur mah sina marulang deui wé k Darmapatih."


"Lah, antep wé sina jadi parab ajag, Kangjeng Prabu!" celengkeungna salah saurang abdi dalem.


"His..., tong kitu! Sagalarupa ogé ulah didadasaran ku rasa ngéwa. Saha nu nyaho, prajurit Darmapatih téh ari kalolobaanana mah kapaksa matak nepi ka milu merangan karajaan urang téh," témpasna Prabu Ungkara.


Langsung jempé geus dikitukeun mah abdi dalem anu cikénéh milu nyarita téh. Ari Ki Cakra jeung Aji mah ngan ukur unggut-unggutan, siga anu pohara reueusna mangsa ngadéngé sakur kekecapan ti raja Trisula Emas anu sakitu wijaksana tur pinuji téh.


Geus kitu mah gura-giru baé Ki Patih Sampala jeung puluhan abdi dalem, ngeprak parapajurit pikeun ngumpulkeun layon, sarta ngurus prajurit anu ngarandapan tatu anu kawilang parna.


"Kumbay..., Jonggor..., jeung nu séjénna..., gali taneuh keur nguburkeun layon-layon ti pihak Darmapatih. Saliangkeun wé kabéh, sangkan teu loba teuing méakeun tempat!" jorowokna Ki Cakra, kituna téh dibarengan ku rut-rét ka rébuan prajurit jin anu dipingpin ku dirina.


"Siap, Ki Patih!" Méh baréng saréréa némbalan.


Abong ku lobaan, tur carana anu béda ti manusa, dina waktu anu ngan ukur sakeudeung ogé, liang keur ngurebkeun layon rébuan prajurit ti pihak Darmapatih geus ngawujud deui. Teu dimandian-mandian acan, jajauheun ka disolatkeun heula mah, layon paraprajurit ti pihak Darmapatih anu tétéla jumlahna leuwih ti sarébu urang, langsung baé di kurebkeun, dicirian ku hanjuang, anu ngajajar nepi ka ngaratus tangkal.


Ari paraprajurit Trisula Emas anu taratu, jeung paraprajurit anu gugur di médan perang, anu tétéla jumlahna kurang ti tilu ratus urang, sagancangna baé dibawa hiber ka karaton, ku paraprajurit jin anu mémang diparéntah ku Ki Cakra.


Sanggeusna kitu mah kebat baé Prabu Ungkara, Ki Cakra jeung Jang Aji marulang deui ka karaton, dituturkeun ku rébuan prajurit anu geus bajoang di médan perang.


"Hidup Trisula Emas...!"


"Hidup...!"


"Hidup Kangjeng Prabu...!"


"Hidup...!"


Sajajalan, mangsa mingkin deukeut ka karaton, Prabu Ungkara jeung rébuan prajuritna dibagéakeun ku patingjorowokna rahayat Trisula Emas, anu ngarasa bungah pédah pihak Darmapatih geus beunang diperuhkeun ku pihak karajaanana. Sanepina ka hareupeun karaton ogé, tétéla di alun-alun anu perenahna paeunteung-eunteung pisan jeung wangunan karaton, rahayat Trisula emas geus ngagimbung siga anu pada-pada hayang ngabagéakeun, sarta milu bungah ku meunangna pihak Trisula Emas di médan perang. Sok sanajan aya sabagéan rahayat anu nepi ka murubutkeun cimata, alatan kaleungitan nu jadi bapa jeung nu jadi salakina.


Jrut, Prabu Ungkara turun tina kudana. Kojéngkang, ngadeukeutan hiji budak anu keur ngahinghing, sarta diusapan ku indungna anu sarua murubutkeun cimata. Giriwil, budak dipangku Ku Parabu Ungkara, diusapan sarta diciuman siga anu deuduh pisan.


"Sing janglar, Kasép. Bapa hidep nepi ka tilar dunya téh alatan ngabajoangkeun bebeneran. Ridokeun wé, nya. Jaga, lamun hidep geus sawawa, bisi hayang neruskeun kaprajuritan bapa hidep mah, kari nyarita wé!" ceuk Prabu Ungkra, bari jeung ngomong kituna téh dibarung ku rambisak sagala, lir anu ngarasakeun kana kaayaan haté éta budak dina mangsa harita.


Sakur anu nempo kana pamolahna Prabu Ungkara, kabéh ogé jadi kabawakeun rambisak. Kareueus, kabagja, kanalangsa jeung teuing rasa naon deui kasebutna, pagaliwota dina diri sakur jalma anu nempona.

__ADS_1


"Nyai..., hampura, balukar tina ieu peperangan, anjeun jadi kaleungitan nu jadi salaki," ceuk Prabu Ungkara deui, kalayan paneuteup anu pagalo antara kanyaah jeung rasa karunya.


"Sawios, Kangjeng Prabu, abdi mah nampi kalayan iklas, da rupina ari perkawis éta mah parantos janten résiko kanggo prajurit karajaan mah. Sajabi ti éta, kapanan sanés abdi wungkul anu dikantunkeun ku carogé téh," témbal éta awéwé, dibarengan ku murubutna cai mata.


"Sukur ari ngarti mah. Perkara bubutuh hirup jeung waragad keur ngagedékeun budak mah tong hariwang, ku pihak karaton ogé baris diperhatikeun pisan!" Prabu Ungkara siga anu hayang ngabeberah.


"Hatur nuhun pisan sateuacanna ogé, Kangjeng Prabu."


Prabu ungkara ngan ukur unggeuk sababaraha kali.


"Hidup Kangjeng Prabu...!"


"Hidup...!"


"Hidup Trisula Emas...!"


"Hidup...!"


Antukna mah paraprajrit jeung rahayat Trisula Emas patingjorowok deui, alatan ngarasa reueus ngabogaan pamingpin anu sakitu wijaksana tur gedé pisan kanyaah ka nu jadi rahayatna. Ki Cakra jeung Aji mah ngan ukur unggut-unggutan mangsa nempo kitu téh.


*****


Peutingna, sanggeus sapoé jeput meres tanaga di médan perang, sarta diteruskeun deui ku mulasara sakabéh prajurit Trisula Emas anu galugur, Prabu Ungkara, Jang Aji jeung Ki Cakra, katut sababaraha urang aki-aki minangka prajurit anu satia ka Prabu Siloka Wicakra, ngariung di rohangan karaton. Ari Ki Patih sampala jeung paraabdi dalem mah tu katarempo, tayohna mah keur diparéntahkeun pikeun ngadatangan unggal imah warga, anu jadi kulawargana paraprajurit anu perlaya di médan laga. Dina mangsa keur nyanghareupan Ki Cakrana téh, Prabu Ungkara mah keukeuh baé teu wanieun diuk dina korsi kalungguhanana.


"Alhamdulillah, berkat bantosan ti Ki Patih Agung saparakanca, antukna mah Karajaan Trisula Emas téh tiasa ngungkulan pasukan Darmapatih." Prabu Ungakara rut-rét ka saréréa.


"Nanging, rupina ti danget ayeuna mah kedah langkung waspada, Kangjeng Prabu. Margi dina hiji waktos mah, pasti pihak Darmapatih ogé bakal ngayakeun deui balitungan," témpas Ki Cakra.


"Leres, Ki Patih Agung. Ku margi kitu, abdi téh meredih pisan ka salira, supados kersa netep di ieu karajaan."


"Hmm, rupina, ari perkawis éta mah abdi téh kumaha kaputusan ti Radén Aji baé, da anjeunna pisan anu janten pamingpin abdi sadaya mah," témbal Ki Cakra, kituna téh ditungtungan ku ngarérét ka Jang Aji anu diuk di gigireunana.


"Nya, kanggo samentawis mah linggih di dieu heula wé, Ki. Sakantenan deuih, bari nyawalakeun léngkah kanggo kapayunna." Jang Aji Pohara tandesna.


"Aki mah ngiringan baé, Radén."


"Hatur nuhun pisan, Radén!" Paroman Prabu Ungkara siga anu pohara bungahna.


Jang Aji mah ngan ukur némbalan ku unggeuk, siga anu horéam kapapanjangan.


Dina mangsa Prabu Ungkara, Ki Cakra jeung Jang Aji, katut anu séjénna keur aruplek di rohangan utama karaton, dina waktu anu sarua, Ki Patih Purwasesa ogé harita téh keur uplek di rohangan pribadina, jeung Radén Angkara nu jadi anakna.


"Hahaha.... Keun baé, paling ogé langsung ngawasa karaton Trisula Emas!" Ki Patih Purwasesa neuteup nu jadi anakna, mangsa Radén Angkara nanyakeun pasukan Darmapatih anu tacan kénéh marulang ti médan perang.


"Hmm, kinten-kintenna kumaha..., hasil moal siasatna Nyimas Pandani téh, Kangjeng Rama?" Rada dilaunkeun ayeuna mah Radén Angkara nyaritana téh.


"Pasti hasil, da pinter tur pohara saktina ari Nyimas Pandani mah. Sing percaya wé!"


Sakedapan mah Radén Angkara ngan ukur unggut-unggutan. Atra pisan aya kabungah dina paroman beungeutna.


"Tah, Nyimas Pandani geus mulang!" ceuk Ki Patih Purwasesa, kituna téh bari ungsa-angseu ngambeuan seungit pandan, anu melenghir anginan-anginan.


Radén Angkara ngan ukur unggeuk. Jung, cengkat tina tempat diukna, sarta pikeun anu saterusna mah gura-giru baé ngojéngkang ngadeukeutan panto.


"Nyimas Pandani?" ceuk Radén Angkara kalayan halon, kituna téh ari sapasang ceulina mah nepi ka ti rancung-rancung siga keur aya anu didédéngékeun.

__ADS_1


"Enya. Buka pantona!" témbal sora ti tukangeun éta panto.


Sanggeusna panto dibuka, enya wé, kasampak Nyimas Pandani keur ngajengjen deukeut lawang. Sup, Nyimas Pandani ka éta rohangan, sarta anu saterusna mah kebat baé nyampeurkeun Ki Patih Purwasesa, dituturkeun ku Radén Angkara. Gék, Nyimas Pandani diuk pahareup-hareup.


"Kumaha, Nyimas..., Trisula Emas téh geus kakawasa?" tanya Ki Patih Purwasesa, kituna téh geus henteu maké basa anu lemes deui ari ayeuna mah.


"Boro-boro kakawasa. Pasukan urang anu katétér, nepi ka kapaksa kudu kabur ti médan perang!"


"Kabur ti médan perang.... Piraku éléh ku pasukan Trisula Emas, anu jumlah prajuritna sakitu saeutikna?" Ki Patih Purwasesa siga anu teu percaya mangsa ngadéngé jawaban ti Nyimas Pandani anu samodél kitu téh.


"Saeutik sotéh prajurit anu ti bangsa manusana, ari prajurit ti bangsa jinna mah nepi ka ampir sabanding jumlah ogé jeung pasukan Darmapatih!"


"Waduh! Terus..., ari anu séjénna ka marana?"


"Di jaralan kénéh."


"Eu..., teu heureuy ieu téh, Nyimas?"


"Sugan éta..., katémpona, kaula siga keur ngajak heureuy kitu?" Nyimas Pandani rada muncereng.


"Eu..., lain kitu, Nyimas. Kapanan ari karajaan leutik samodél Trisula Emas mah, geus puguh dicarék ngabogaan pasukan ti bangsa jin!" Ki Patih Purwasesa masih kénéh kurang-kerung.


"Nya teuing ari perkara éta mah. Ngan buktina, pasukan jin ti pihak Trisula Emas téh nepi ka rébuan jumlahna ogé."


Pikeun sajongjongn mah Ki Patih Purwasesa ngan ukur kurang-kerung bari silihrérét jeung Radén Angkara.


"Jeung hiji deui.... Ti Pihak Trisula Emas téh aya pejuh anu pohara saktina!" ceuk Nyimas Pandani deui.


"Saha, Nyimas?" Teuteup Radén Angkara siga anu pinuh ku kapanasaran.


"Mun teu salah mah ngaranna téh Aji."


"Aji?"


Ki Patih Purwasesa jeung Radén Angkara, siga anu pohara rareuwaseunana mangsa ngadéngé jawaban ti Nyimas Pandani anu sarupa kitu téh.


"Enya. Anjeun duaan geus wawuh?"


"Eu..., ari disebutkeun wawuh mah henteu, Nyimas. Da can puguh éta budak anu ngaranna Aji téh minangka budak anu aya dina sangkaan kaula."


"Mémangna, ari sangkaan anjeun kumaha, Ki Patih?"


Teu diengké-engké deui, barabat wéh Ki Patih Purwasesa nyaritakeun perkara hiji budak anu ngaranna Jang Aji, minangka hiji-hijina turunan Prabu Siloka Wicakra anu masih kénéh nyésa, sarta kungsi diuber-uber ku pihak karajaan pikeun di ala patina, dina mangsa Darmapatih keur dipingpin kénéh ku Prabu Raksapada. Teu kaliwat, Ki Patih Purwasesa ogé nyaritakeun panglamanana anu kungsi ngudag-ngudag sarta nyaksian sacara langsung Jang Aji jeung indung bapana anu palastra dihakan ku buhaya, sarta anu saterusna mah dirina ogé direuwaskeun ku panggihna deui jeung Jang Aji di karaton Trisula Emas, mangsa keur ngajalankeun siasat licikna. Bagéan Nyimas Pandani anu kurang-kerung semu hulang-huleng, sanggeusna ngaregepkeun caritaan ti Ki Patih Purwasesa mah.


"Tapi keun baé, tunda heula wé perkara éta mah. Ari perkara siasat Nyimas téa, kumaha, hasil?" Teuteup Ki Patih Purwasesa siga anu pinuh ku kapanasaran.


"Tong cangcaya ceuk kaula ogé! Si Anjana geus paéh kalayan beresih. Anu hartina, dina waktu anu moal lila deui ogé, Kakang Angkara bakal jadi gagantina."


"Hahaha..., hadé pisan, Nyai. Mémang, ti saméméhna ogé kaula mah geus percaya pisan kana kamampuhan anjeun téh!" Paroman Ki Patih Purwasesa siga anu pohara bungahna.


Ari Nyimas Pandanina mah malah silirérét jeung Radén Angkara, dibarengan ku surangah-séréngéh siga anu barungah pisan.


Keur kitu, Ki Patih Purwasesa jeung Nyimas Pandani katut Radén Angkara, méh bareng patingcuringhak, mangsa hawar-hawar kadéngé sora anu raribut, anu asal sorana ti palataran hareup karaton.


"Sésa pasukan geus daratang!" Nyimas Pandani rut-rét ka Ki Patih Purwasesa jeung Radén Angkara.

__ADS_1


Anu dirérétna mah ngan ukur narémbalan unggeuk. Jung, tiluanana carengkat, sarta sagancangna patingkoloyor kaluar ti éta rohangan, pikeun saterusna mah semu gagancangan muru ka palataran hareup éta karaton.


Hanca.


__ADS_2