BANJIR GETIH DI DARMAPATIH

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH, episode 64 (Tamat)


__ADS_3

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH


(64/Pamungkas)


Perang antara Batununggal jeung pihak karajaan-karajaan leutik anu ngahiji jeung Trisula Emas, lumangsung pohara campuhna. Gugunungan nepi ka ledug alatan dipké perang ku pasukan Ki Cakra enggoning nyanghareupan pasukan jin ti pihak lawan. Sakur tatangkalan anu satadina rajeg di éta gugunungan, méh kabéh jadi rata jeung lemah, sarta sawaréh patinggeretek kahuru ku ngabebelana seuneu. Di séjén pihak, peperangan antara paraprajurit ti bangsa manusana ogé teu éléh campuhna, dua pihak teu eureun silihrangseg silihtarajang, enggoning ngabéla karajaanana séwang-séwangan.


"Hyakh...!


"Héat...!"


Swuk swuk swuk... Trang trang trang...!


Pasukan Batununggal anu pohara lobana, terus ngarangseg pasukan lawan.


Jleb..., plek plek plek!


Sababaraha pedang jeung congo tumbak ti pihak Batununggal, kareuna pisan kana sasaran. Ngan anéh, hiji ogé taya nu neurak. Ngarampul, teu béda wé jeung ngadék kikiping treuk anu pohara kandelna.


"Waduh! Garableg élmu naon prajurit musuh téh?" Prabu Dangdang pohara ngajenghokna.


"Duka, Kangjeng Prabu!" Ki Patih siga nu bingung.


Lain pihak Batununggal wungkul anu ngarasa hélok ku éta kajadian téh, dalah Prabu Ungkara jeung raja-raja anu séjénna ogé nepi ka patingpolohok mangsa nempo kitu mah.


"Ieu panginten maksadna dipiwarang guyang heula di émpang téh, nya?" Prabu Balarampa ngarérét ka Prabu Ungkara.


"Rupina mah kitu," témbal Prabu Ungkara, kituna téh ari paneuteup mah terus museur ka rébuan prajurit anu keur hut-het silihtarajang.


Tréng trang tréng trang...!


"Héakh...!


"Hyakh...!"


Séak..., crek crek..., gabres..., gabres...!


"Huakh...!"


"Hwuakh...."


Ratusan prajurit Batununggal loba anu ngagoak alatan kasabet ku pakarang lawan.


Hrrrgh...!


Hrrakh...!


Swur..., swur...!


"Awas, Kangjeng Prabu...!"


Ki Patih Batununggal pohara ngarénjagna mangsa Si Liuk jeung Si Bangkor ngahéboskeun deui seuneu anu pohara ngabebelana.


Jleng jleng jleng...!


"Huakh...!"


"Tobat..., panas...!"


Dina mangsa Prabu Dangdang jeung patihna bisa nyingkahan seuneu anu ngabebela, puluhan prajuritna mah nepi ka gugulingan bari gogoakan, alatan awakna kaduruk nepi ka nyegak bau hangitna.


"Serang...!" Ki Rajam maréntah ratusan jin pikeun narajang dua naga.


Suruwuk..., belesat, belesat...!


Ratusan jin pating belesat muru Si liuk jeung Si Bangkor.


Hrrkh...!


Hrrgh...!


Swur..., swur..., geretek...!


Si liuk jeung Si Bangkor gancang mapag ku pangbura.


"Huakh...!"


"Tobat...!"


"Hwaduh...!"


Ki Rajam nepi ka pohara ngagebegna, sabab tétéla seuneu anu dibura-burakeun ku dua naga téh neurak ka bangsa jin ogé.


"Kurang ajar...!"


Belesat...!


Teuing mamangna, atawa teuing adina Superman, tétéla Ki Rajam ogé bisaeun ngapung, ngabelesat kalayan pohara gancangna, sarta langsung baé neunggeulkeun peureupna anu dumadakan ngempur ku cahya beureum, lempeng pisan ngarah kana beuteung Si Bangkor.


Buk...!


Geus teu beunang disingkahan deui, panarajang Ki Rajam nenggel pisan kana sasaran.


Hrrkh...!


Si Bangkor ngagereng sarta ngapungna semu ngoléwéng.


Séak..., buk buk buk...!


Ki Rajam nyusul tepus ku panarajang susulan. Saking cepet gerakanana, Si Bangkor ogé nepi ka teu kaburu ngaburakeun seuneuna.


Hrrghh...!


Si Bangkor ngagereng siga nandangan kanyeri anu pohara rosana.


Set!


Sakilat Ki Rajam nyabut keris anu dumadakan ngagebur ngaluarkeun cahya beureum.


"Modar siah, cacing kremi. Héakh...!"


Swuk...!


Congo keris Ki Rajam lempeng pisan rék ngagabres kana beuteung Si Bangkor.

__ADS_1


Belesat...!


Gancang Si Bangkor ngabelesat mingkin luhur ka awang-awang, tayohna mah di sagigireun nyingkahan panarajang téh, Si Bangkor ogé hayang néangan heula lolongkrang pikeun ngabura lawan. Tapi, Ki Rajam ogé siga anu geus bisa neguh kana ketak lawan, gancang baé ngabelesat ngudag Si Bangkor.


Hrrakh...!


Suruwuk..., gep..., krauk...krauk...!


"Huakh...!"


Teu kanyahoan ti anggalna, Si Liuk nyuruwuk ti handap, sarta anu saterusna mah nyapluk tur ngagayem Ki Rajam, nepi ka kadéngé patingbeletokna sora tulang.


Prukh...!


Si Liuk ngaburakeun Ki Rajam anu awakna geus pasiksak sarta guyang getih taya nyawaan.


Kalayang..., brug!


Bugang Ki Rajam ninggang lemah.


Hrrakh...!


Si Liuk ngagereng bari pupuringkelan, sarta awakna ujug-ujug nyirorot rék ninggang rébuan prajurit anu aya di handapeunana.


"Bébép...!" Si Bangkor siga anu pohara reuwaseunana.


Suruwuk..., puringkel...!


Si Bangkor gancang néwak tur meulit awak Si Liuk, sarta anu saterusna mah dibarwa ngapung deui ka awang-awang.


Hrrgh...!


Sidik pisan ayeuna mah, tétéla dina elak-elakan Si Liuk, nanceb keris Ki Rajam nu hurung ngempur.


"Kasura, Bébép?" Si Bangkor siga anu pohara tagiwurna.


Hrrrakh...!


Sok sanajan ukuran éta keris pohara leutikna dina elak-elakan Si Liuk mah, tapi balukarna pohara rosana, Si Liuk nepi gurang-gereng sarta pupuringkelan siga keur nandangan kanyeri anu pohara rosana.


Kalayang..., swuk...!


Keur kitu, datang Nyimas Pandani, sarta anu saterusna mah gancang baé nyabut keris dina elak-elakan Si Liuk ku karémbongna.


Belewer...!


Anu saterusna mah éta keris dibalangkeun pohara jauhna.


Hrrakh...!


Tétéla, sok sanajan éta keris geus dicabut tina elak-elakanana, tapi Si Liuk mah can eureun gurang-gereng sarta pupiringkelanana.


"Gancang bawa ngeueum. Keris anu tadi ngandung racun anu pohara pisan panasna!" Nyimas Pandani méré paréntah.


Teu kungsi némbalan, harita kénéh Si Bangkor mawa Si Liuk ningalkeun éta patempatan. Ari Nyimas Pandani, geus kitu mah gancang baé nyirorot ka palebah Prabu Dangdang.


"Héakh...!"


Byar...!


Taneuh nepi ka mancawura balukar tina sabetan karémbongna Nyimas Pandani.


"Héakh...!"


"Hyakh...!"


Nempo rajana aya anu narajang, Ki Patih jeung sababaraha abdi dalemna teu cicingeun, langsung baé patinggarajleng rék ngaraponan Nyimas Pandani anu karék napakeun sukuna kana lemah.


Swuk..., siet...!


Patinggurilapna lima seuseukeut pedang, patingkolébat siga nu hayang nyacag Nyimas Pandani.


Trang trang trang...!


Dina gerakan anu pohara gesitna, Nyimas pandani nadah sakur pakarang lawan ku sabetan karémbongna.


Jleng jleng jleng jleng...!


Mingkin lila jadi mingkin loba abdi dalem anu patinggarajleng rék milu ngaraponan Nyimas Pandani. Nempo kitu, Ki Patih Sampala jeung patih-patih anu séjénna, gancang patinggarajleng, sarta anu saterusna mah jojorélatan nincak sirah-sirah prajurit anu masih kénéh hut-het enggoning nyanghareupan musuh-musuhna.


"Urang lumpuhkeun rajana!" Raja Balarampa rut-rét ka Prabu Ungkara jeung ka raja-raja anu séjénna.


Anu dirérétna ukur arunggeuk.


Jorélat..., jleng jleng jleng...!


Antukna mah Prabu Ungkara jojorélatan mapakan sirah rébuan prajurit, muru ka Prabu Dangdang anu kiwari geus dibénténg ku puluhan abdi dalem andelanana.


Der...!


Antukna mah kabéh gegedén ti unggal karajaan ogé jadi milu hut-het kalayan ngagunakeun pakarang andelan jeung kamampuhanana séwang-séwangan.


Beledag..., geleger...!


"Huakh...!"


"Aakh...!"


Di gugunungan, kadéngé aya sora anu ngageleger pohara tarikna, disusul ku sora anu patinggaroak. Loba mata anu rut-rét kana datangna sora, anu tétéla geuning, éta sora anu pohara tarikna téh dibalukarkeun ku Jang Aji, anu harita keur ngetrukkeun kamampuhanana.


"Nyaringkah...!" Jang Aji rut-rét Ka Ki Cakra jeung ka rébuan prajurit anu aya di pihakna.


Siga anu teu wani baha, gancang baé Ki Cakra jeung rébuan prajuritna malundur ngajauhan musuh-musuhna. Rob, geus kitu mah rébuan prajurit jin ti pihak Batununggal, tamplok ngagulung Jang Aji.


Burinyay..., jlep..., geleger..., byar...!


"Huakh...!"


"Aakh...!"


Sanggeusna aya ngaburinyay cahya anu pohara caangna, dumadakan aya sora anu ngageleger leuwih tarik batan saméméhna, nepi ka ngabalukarkeun rébuan jin anu keur ngagulung Jang Aji, ngaracleng siga anu dipangpéng-pangpéngkeun ku cahya bodas, sarta anu saterusna mah marusnah sapada harita.


"Masya Alloh...!"

__ADS_1


"Allohu Akbar...!"


Ki Cakra, ratusan prajuritna, Bah Goncrang jeung rébuan prajurit jin, kabéh ogé nepi ka patingpolohok bari ngadégdég, mangsa nyaksian kamampuhan jeung kakuatan Jang Aji anu pohara pisan rongkahna.


"Tong marolohok waé, angguran mah bantosan Prabu Ungkara!" Paréntahna Jang Aji pohara pisan tandesna.


Rét, Ki Cakra ka rébuan prajuritna.


"Serang...!" Langsung baé Ki Cakra ngajorowok méré paréntah.


Belesat..., swuk swuk swuk...!


Harita kénéh, Si Kumbay, Si Tangkar jeung rébuan jin anu séjénna, patingbelesat muru campuhna peperangan rébuan manusa, dituturkeun ku patingjorélatna Ki Cakra, Nyi Manik, Bah Goncrang, sarta ratusan prajurit anu kabéh geus aki-aki.


Ari Jang Aji, geus kitu mah gancang baé ngabelesat muru ka belah kulon. Bakat ku tarik ngabelesatna, nepi ka ngan ukur katémbong cahya bodasna wungkul, sarta sakur tatangkalan anu kaliwatan ogé nepi ka patingpelenoy sagala.


Dina waktu anu ngan ukur sakeudeung, antukna mah Jang Aji nepi ka hiji situ. Di sisi situ, kasampak Si Bangkor keur inghak-inghakan.


"Mana Si Liukna?" Sadatangna ka hareupeun Si Bangkor téh, langsung baé Jang Aji mah nanyakeun Si Liuk.


"Tulungan Si Bébép...!" Si Bngkor luwa-luwé bari nunjuk cai situ anu bubulukbukan.


Gajleng..., gujubar...!


Teu kungsi tatanya deui, harita kénéh Jang Aji teuleum kana éta situ.


"Bébép...!" Si Bangkor ngagukguk siga anu kanyenyerian.


Burinyay..., burinyay...!


Tina dasar situ, katémbong aya cahya bodas anu buburinyayan. Si Bangkor mah ngan ukur nempokeun bari inghak-inghakan.


Bulukbuk..., bulukbuk...!


Teu lila antarana, cai situ ngabudah sarta bubulukbukan, disusul ku ngambangna awak Si Liuk anu katempona geus heuras.


"Bébép...!"


Gejebur...!


Dina kaayaan mingkin ngagukguk, gancang baé Si Bangkor ngagabrug Si Liuk.


Teu lila antarana, Jang Aji ogé mucunghul deui kana beungeut situ. Rét, ka Si Bangkor anu keur nyeungceurikan Si liuk.


"Bébép...! Naha kur sakeudeung marengan kuring téh, Bébép...?" Cimata Si Bangkor murubut maseuhan sirah Si Liuk.


"Tong méwék Aa Bangkor, ngéwa!"


Gebeg!


Si Bangkor anu keur ceurik pohara ngagebegna, sarta anu saterusna mah curinghak neuteup Si Liuk anu geus beunta bari sura-seuri ka dirina.


"Teu tulus paéh téh, Bébép?" Paroman Si Bangkor dumadakan marahmay.


"Henteu. Untung ditulungan ku Radén Aji."


"Dén..., nuhun pis.... Radén...?"


Batan neruskeun kekecapanana, Si Bangkor malah rungah-ringeuh, sabab tétéla Jang Ajina mah geus euweuh dina tempatna.


"Ka mana Radén Aji?" Si Liuk ogé antukna mah jadi pipilueun rungah-ringeuh.


"Geus ka médan perang deui meureun."


"Enya sigana mah. Hayu, urang tumpurkeun Batunhnggal!"


Teu kungsi ngomong deui, Si Bangkor langsung ngabelesat ka awang-awang, sarta anu saterusna mah nyuruwuk muru deui ka palataran anu dijadikeun médan perang, dituturkeun ku Si Liuk.


Sanepina ka nu dijugjug, sakedapan mah Si Liuk jeung Si Bangkor ngan ukur patingpolohok, sabab tétéla perang téh geus lekasan.


"Hidup Radén Aji...!"


"Hidup...!"


"Hidup Darmapatih...!"


"Hidup...!"


"Hidup Radén Aji...!"


"Hidup...!"


Rébuan prajururit patingcelengkeung patingkeuleuweuh, siga anu hayang némbongkeun kabungahna.


"Kuburkeun layon ti pihak musuh di ieu palataran. Layon anu ti pihak urang mah kurebkeun dipamakaman anu husus pikeun pahlawan!" Ki Cakra rut-rét ka prajurit jin.


Teu talangké, harita kénéh rébuan jin ngumpulkeun layon-layon ti pihak musuh, kaasup layonna Prabu Dangdang jeung Patihna, anu kaayaanana tarutung kalayan pohara pikawatireunana. Pohara pisan lobana layon para paraprajurit anu jadi korban dina éta peperangan téh, aya kana dua rébu urangna. Ngan nyaéta, ari lolobana mah layon ti pihak musuh, ari ti pihak anu biluk jeung Trisula Emas mah, teu kungsi saratus urang-saratus urang acan, matak nepi ka pegat nyawa téh pédah wé kabeunangn ku panarajang jelema-jelema sakti anu ngagunakeun pakarang gagamanana.


Mangsa prajurit jin keur nguburkeun rébuan layon, Jang Aji, Ki Cakra, Prabu Ungkara jeung nu séjénna mah kebat baé muru ka Karaton Darmapatih, ngabringkeun Si Kumbay, Si Tangkar jeung puluhan jin anu séjénna, anu mawa layon jeung paraprajurit anu taratu.


"Hidup Darmapatih...!"


"Hidup...!"


"Hidup Radén Aji...!"


"Hidup...!"


Sanepina ka alun-alun, abringan Jang Aji dipapag ku rahayat Darmapatih kalayan siga anu barungah pisan. Kang Darman jeung Jang Imron ogé katémbong pohara jigrahna, milu jojorowokan di antara rébuan rahayat anu ngabagéakeun.


*****


Dua poé ti harita, Jang Aji langsung diangkat jadi raja. Ratusan gegedén ti unggal karajaan, kabéh ngahadiran acarana. Saréréa saruka bungah, sok sanajan kudu ditungtungan ngeclakna cimata, sabab dina mangsa beurangna Jang Aji diangkat jadi raja, dina mangsa peutingna, Ki Cakra jeung ratusan prajuritna méh bareng naringgalkeun alam dunya, kaasup Nyimas Pandani anu cenah mah sarua jeung Ki Cakra katut ratusan prajuritna, sempet ngucapkeun heula dua kalimah sahadat dina rénghapanana nu panungtungan.


Sadiangkatna Jang Aji jadi raja, dina waktu anu ngan ukur bubulanan ogé pangaruhna pohara pisan gedéna. Karaharjaan rahayat gancang pisan ngaronjatna, boh di karajaan Darmapatih anu kiwari wewengkon kakawasaanana mingkin lega nepi ka wewengkon Batunungal, pon kitu deui di karajaan-karajaan leutik anu séjénna. Rébuan jin jeung dua naga, satia babakti enggoning ngarojong kamakmuran di Darmatih.


Jang Aji jumeneng jadi raja anu dipiajrih ku jalma réa, sarta kawentar ku budiparangi jeung talajakna anu mulya, sarta gedé kanyaah ka rahayatna. Atuh perkara Nyimas Wening, sok sanajan teu langsung dijadikeun praméswari, anu alesanana mah pajar téh Jang Aji ngarasa can cukup dina perkara umur, tapi Prabu Ungkara jeung kulawargana ogé geus jarongjon, da geus meunang kapastian ti Jang Ajina sorangan, yén dimana geus pas umur mah, Nyimas Wening ogé bakal sagancangna dijadikeun praméswarina.


.......................Réngsé.......................


Rupina mung sakitu anu tiasa kapihatur, kirang sareng langkungna mundut ampun cukup lumur neda jembar pangampura. Atuh boh bilih aya anu kasabit nami, kasebat tempat sareng kajantenan, hapunten pisan ieu mah mung sakadar carita rékaan.


Wilujeng kantun, perrrmiosss!

__ADS_1


__ADS_2