BANJIR GETIH DI DARMAPATIH

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH, episode 16


__ADS_3

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH


(16)


Patingburisatna cahya bodas dina palebah embun-embunan Jang Aji, mingkin lila mingkin ngerepan, nepi ka awakna Jang Aji ngageter kalayan pohara tarikna, teu béda wé jeung anu disetrum ku kakuatan listrik anu rébuan volt gedéna. Tapi sok sanajan kitu, saeutik ogé Jang Aji mah teu incah tina tempatna, bujurna siga anu dipaku kana batu gedé anu keur dipaké diuk ku dirina.


Gelebug....


Angin di éta petempatan dumadakan nebak pohara tarikna. Cai talaga ogé dadaksakala motah, ngalambak aya budahan.


Barasat..., jelebét..., geleger...!


Bareng jeung éta, ti awang-awang ujug-ujug aya cahya kilat anu nyamber awak Jang Aji, disusul ku gelegerna sora guludug, nepi ka ngabalukarkeun eundeurna kaayaan disabudeureun éta patempatan. Kaayaan di éta patempatan dumakdakan jadi geueuman, padahal, ari saméméhna mah kaayaan langit anu mayungan éta patempatan ogé keur meujeuhna lénglang, taya pihujaneun sautik-eutik acan.


Sérépét..., burinyay..., brak..., geleger...!


Pikeun anu kadua kalina, aya deui kilat anu nyamber awak Jang Aji, kalayan leuwih rosa batan saméméhna, nepi ka ngabalukarkeun batu keur didiukan ku Jang Aji, ancur burakrakan. Ngan anéhna, ari Jang Ajina mah angger baé dina sikep nu saméméhna, peureum dina kaayaan sila, kalayan awakna anu ngalayang, kira-kira saméteran jarakna jeung lemah.


Sanggeus lumayan lila antarana, antukna mah kaayaan di éta patempatan siga bihari deui, pédah wé nyésakeun balana cai talaga ku rébuan dangdaunan anu haliber katebak angin. Ari awak Jang Aji anu keur ngalayang, kalayan teu robah siga kaayaan nu saméméhna, saeutik-saeutik turun, sarta anu saterusna mah napak kana lemah. Cahya bodas anu saméméhna buburisatan dina embun-embuanan Jang Aji ogé ayeuna mah geus teu katingali.


Lumayan anggang ti tempat mujasmédina Jang Aji, saurang aki-aki anu taya lian Ki Cakra, unggut-unggutan kalayan sorot mata anu pinuh ku kasugema.


"Hmm, teu sangka..., ngora kénéh pisan geus sanggup narima kakuatan alam. Dido'akeun pisan sing jamuga, Kasép, sangkan bisa nanjeurkeun deui bebeneran di Darmapatih!" gerendengna Ki Cakra, kalayan sorot mata anu pinuh ku pangharepan.


Reup, sakedapan mah Ki Cakara meureumkeun sapasang panonna. Nyah, beunta deui, anu saterusna mah dua leungeunna meta, kalayan neuteup seukeut ka Jang Aji anu masih kénéh can robah dina sikep awak nu sanéméhna.


Burinyay..., burinyay...!


Dumadakan aya cahya bodas anu ngabulen awakna Jang Aji.


Jorélat..., jleng jleng jleng...!


Geus kitu mah Ki Cakra jojorélatan ninggalkeun Jang Aji sosoranganan, sarta anu saterusna mah kebat baé muru ka panganjrekan dirina katut paraprajuritna. Di tempat panganjrekanana, tegesna di tepas wangunan anu sok dieusian ku dirina, kasampak Kang Atang keur ngawangkong jeung sababraha urang aki-aki, katut sababaraha jin anu ngawujud dina jirim lalaki anu kaleker tur jarangkung badag. Iwal Si Kumbay anu ngajirim dina wujud aslina téh, minangka wujud lodaya anu keur ngadakom di antara éta riungan.


"Asa seungit olahan awéwé ieu téh," ceuk Ki Cakra, mangsa kaambeu seungitna olahan, anu nyambuang nepi ka tepas imah.


"Nyimas Sekaryati nuju masak daging mencek," témbal salah saurang aki-aki.


"Wah, bakal ponyo dahar sigana ieu mah!" Paroman Ki Cakra siga anu pohara pisan bungahna.


"Dupi pun anak ka mana, Ki?" tanya Kang Atang, sanggeusna Ki Cakra milu diuk dina riungan.


"Sina bisaeun heula ngawasa dirina sorangan. Perkara lilana jeung hasilna mah gumantung kana takeran kamampuhanana kénéh, bisa taunan, bisa bubulanan, malah teu mustahil ngan ukur dina itungan welasan poé ogé, ngan juta hiji ari samodél kitu mah."

__ADS_1


"Waduh, kedah dianteuran tuangeun atuh upami kitu mah, Ki!" Kang Atang siga nu melang.


Barakatak...!


Saréréa saleuseurian, siga anu kagugu pisan mangsa ngadéngé kekecapan Kang Atang anu samodél kitu téh. Ari Kang Atangna mah malah kurang-kerung alatan teu ngarti.


"Ehehehe.... Keur mujasmédi Radén Aji téh. Keun baé teu kudu dianteuran dahareun sagala. Masing nepi ka puluhan taun ogé moal nepi ka pegat nyawa!" Saurang aki-aki nyelengkeung dibarengan ku sura-seuri.


Ari Ki Cakra mah ngan ukur musam-mésem ti tadi ogé.


Tunda heula lalakon kahirupan Kang Atang, Ki Cakra jeung rutusan prajuritna. Urang sampeur heula kaayaan di hiji karaton anu lumayan agréng, sok sanajan teu saagréng atawa sagedé karaton Karajaan Darmapatih.


Dina mangsa konéngna layung mimiti hibar di belah kulon, katémbong aya saurang aki-aki anu papakéan jeung jubahna sing sarwa kelir emas, numpakan kudana asup ka palataran hareup éta karaton. Saurang prajurit, kalayan siga nu ajrih pisan gagancangan nyampeurkeun éta aki-aki, anu saterusna mah rengkuh méré panghurmat.


"Kangjeng Prabu Ungkara, aya?" Sajrutna tina kuda téh, langsung baé éta aki-aki tumanya.


"Aya, nuju niis di taman pengker," témbal éta prajurit hormat kacida.


Geus kitu mah kebat baé éta aki-aki ngoréléng ka pipir karaton. Teu sawatara lila, katémbong ngaplakna patamanan anu raresik tandaning kaurus. Amparan jukut nu héjo ngémploh, paselang jeung patingrunggundukna kekembangan anu keur meujeuhna laligar. Éndah pisan, matak tengtrem sarta pikabetaheun.


Léngkah éta aki-aki, kebat baé muru saurang lalaki anu mamaké makuta, anu dina mangsa harita keur diuk dina bangku beusi kelir emas, anu persis pisan aya di handapeun ngaroyomna daun hiji tangkal sarupaning bungbuahan. Anu tadi ku éta aki-aki disebut Kangjeng Prabu Ungkara téa sigana mah. Rada ngora kénéh éta raja téh, dedegan awakna pohara gagahna. Kelir pakéan jeung jubahna mah teu jauh béda jeung pakéan aki-aki anu keur nyampeurkeun ka dirina, kabéh kelir emas, ngan pédah wé jubahna dipapaés ku patingborélakna inten nu warna-warni.


"Semabah pangabaktos, Kangjeng Prabu!" Éta aki-aki rengkuh pohara ajrihna.


"Ditarima, Ki Donggal. Aya kaperluan naon?" témbal Prabu Ungkara, ditungtungan ku tumanya ka éta aki-aki anu tétéla ngaranna Ki Donggal.


"Nya hensok. Dieu, diukna di dieu!" Prabu Ungkara nepakkan bangku anu keur didiukan ku dirina.


"Mmm, teu wararantun, Kangjeng Prabu!"


"Hensok diuk di dieu, ambéh tumaninah nyaritana!"


Ku sabab Prabu Ungkara terus mamaksa, antukna mah bari jeung siga nu asa-asa ogé Ki Donggal daékeun diuk dina éta bangku, méh ngréndéng jeung nu jadi rajana.


"Pék, aya tepikeuneun non, Ki Donggal?" Prabu Ungkara nalék deui.


"Mmm, kieu, Kangjeng Prabu. Noron tilu wengi, abdi téh ngimpén kasumpingan ku Kangjeng Prabu Siloka Wicakra....."


Gebeg!


Katémbong Prabu Ungkara pohara ngagebegn, sarta anu saterusna mah gancang motong omongan Ki Donggal, "Ngabéjaan yén turunanana anu boga hak nyekel Karajaan Darmapatih téh aya kénéh?"


Bagéan Ki Donggal ayeuna mah anu ngagebeg.

__ADS_1


"Leres pisan, Kangjeng Prabu. Naha geuning salira bet uninga?"


"Sabenerna mah kaula ogé ngalaman perkara anu sarua. Geus noron tilu peuting ngimpi kasumpingan aki-aki anu ngangkenkeun Prabu Siloka Wicakra, minangka raja anu munggaran ngawasa Karajaan Darmapatih. Anjeunna meredih kaula, sangkan daék mantuan éta turunanana, pikeun ngarebut deui Darmapatih ti jalma jahat anu ayeuna keur kumawasa."


"Akur pisan, Kangjeng Prabu. Berarti, ieu mah sanés mung saukur kembang saré, nanging mangrupi wangsit!"


"Enya, Ki Donggal. Jadi, saupama téa mah éta turunan Prabu Siloka Wicakra geus aya, mangka sakuat tanaga, karajaan urang kudu mantuan pikeun ngarebut deui Darmapatih, sabab jasa anjeunna ka karajaan urang téh pohara gedéna. Itung-itung males budi wé. Mun seug téa mah baheula, dina jaman karajaan urang keur dicekel ku Jenat Aki, teu ditulungan ku Prabu Siloka Wicakara mangsa rék direbut ku Karajaan Batununggal, mangka tangtuna ieu karajaan téh geus tinggal carita."


"Leres pisan, Kangjeng Prabu. Nanging, Darmapatih téh pohara kuatna, komo ayeuna mah raket pisan sareng Karajaan Batununggal, anu tangtosna ogé Karajaan Batununggal téh moal cicingeun mangsa aya anu ngaganggu Darmapatih téh. Sajabi ti éta, pan urang mah mung ukur karajaan alit, ka Karajaan Darmapatih ogé masih kénéh kedah setor upeti."


"Éta pisan alesanana mah matak kaula hayang mantuan turunan Prabu Siloka Wicakra pikeun ngarebut deui Darmapatih téh, Ki Donggal. Kaula geus jéngkél ari kudu mayar waé upeti mah. Komo beuki dieu mah ménta upetin téh mingkin naék. Rék iraha majuna Karajaan Trisula Emas téh ari harta kakayaanana saban waktu diringkid waé ku karajaan séjén mah. Jeung anu kabagéan ripuhna, saha? Geus pasti rahayat urang-urang kénéh!"


"Hmm, leres pisan, Kangjeng Prabu. Nanging...."


"Teu kudu hariwang, Ki Donggal. Kaula geus percaya pisan, ari turunan Prabu Siloka Wicakra mah geus pasti jelema bener. Sajaba ti éta, tangtuna ogé dirina téh teu nyorangan, tapi bogaeun pasukan. Ieu hiji-hijina kasempetan pikeun ngeureunan kasawenang-wenangan Karajaan Darmapatih jeung Karajaan Batununggal!" Prabu Ungkara tandes kacida.


Ki Donggal unggut-unggutan.


Sabot kitu, ngurunyung saurang wanoja anu keur meujeuhna eungkeut-eungkeut hideng. Geulis pisan éta wanoja téh, komo diwuwuh ku dangdanan anu haradé mah.


"Aéh, geuning aya Abah! Parantos lami?" Éta wanoja ngaabahkeun ka Ki Donggal téh, kituna téh bari nyolongkrong ngajak sasalaman.


Diatik tatakrama anu bener tayohna mah, salian ti rengkuh téh bari jeung nyium tonggong leungeun Ki Donggal sagala mangsa sasalamanana téh. Sok padahal, tina dangdananana ogé geus katempo, yén éta wanoja téh minangka salah sahiji kulawarga turunan raja.


"Nembé pisan, Nyimas Wening. Mingkin dieu téh mani mingkin geulis!" témbal Ki Donggal ditungtungan ku pamuji.


"Geus mimiti resep ka lalaki meureun, Ki Donggal. Éta wé, saeutik-saeutikna téh ngan dangdan wé hantem!" Prabu Ungkara nyelengkeung dibarengan ku surangah-séréngéh ka éta wanoja.


"Ih, Kangjeng Rama mah ari sasauran téh!" Katempona mingkin geulis baé mangsa éta wanoja anu tétéla bener geuning anakna Prabu Ungkara, mangsa pipina dumadakan bareureum téh.


Ari Prabu Ungakara jeung Ki Donggal mah ngan ukur patingséréngéh.


"Itu aya prajurit nyandak manggu kalandep salira, Kangjeng Rama. Badé dipangbntunkeun ka dieu?" ceuk Nyimas Wening kalayan rengkuh.


"Nya jung, pangmawakeun ka dieu!"


Sanggeusna amitan heula mah gura-giru baé Nyimas Wening ngaléos deui ninggalkeun Ki Donggal jeung nu jadi bapana.


"Perkara anu bieu diwangkongkeun, pikeun saheulaanan mah cukup urang duaan heula anu nyaho!" Prabu Ungkara neuteup aki-aki anu keur diuk di gigireunana.


"Teu langkung ari perkawis éta mah. Kumaha saén wé, Kangjeng Prabu. Ayeuna mah abdi seja amitan, parantos burit teuing."


"Hmm, nya jung!"

__ADS_1


Sanggeusna cengkat sarta rengkuh tanda mihormat mah, Ki Donggal ngaléos ninggalkeun rajana. Ari Prabu Ungkara, saléosna Ki Donggal téh malah hulang-huleng sorangan, siga keur aya nu dipikiran.


Hanca.


__ADS_2