
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
(33)
Prabu Ungkara, Ki Patih Sampala jeung kabéh anu keur ngariung di rohangan utama karaton, mingkin ngagebeg deui waé, sabab sanggeusna patingurudug puluhan prajurit anu tina dangdananana mah geus pasti paraprajuritna Darmapatih téh, norojol Ki Patih Purwasesa, anu dituturkeun ku sababaraa urang abdi dalemna.
"Ari anjeun teu kungsi diajar tatakrama pisan, Purwasesa?"Ki Patih Sampala nepi ka tutunjuk bari nulak cangkéng, siga nu langsung muncak amarahna.
"Ki Patih!" Prabu Ungkara gancang ngagebés patihna.
Ki Patih sampala langsung cicing geus digebés ku rajana mah. Ari Ki Patih Purwasesa, batan langsung némbalan mah malah siga anu pohara ngajenghokna mangsa paneuteupna eunteup ka Jang Aji, anu harita keur ngajanteng, teu jauh ti Prabu Ungkara.
"Ké ké ké..., naha geuning sia aya di dieu.... Lain geus modar sia téh?" Antukna mah bari jeung masih kénéh kebek ku kahéran ogé, Ki Patih Purwasesa nyarita dibarengan ku tutunjuk ka Jang Aji.
Bagéan Ki Ujat, Prabu Ungkara jeung anu séjénna ayeuna mah anu kurang-kerung mangsa nyaksian paripolahna Ki Patih Purwasesa anu samodél kitu téh.
"Oh, jadi...., salila ieu téh sia geus ngalejokeun aing sarta nyumputkeun éta pejuh, Ungkara?" Sorot panon Ki Patih Purwasesa éstuning silalatuan.
"Naon maksudna pangna anjeun ngomong kitu, Ki Patih?" Prabu Ungkara siga anu pohara bingungna.
"Éta pejuh ngaranna Si Aji. Hiji-hijina turunan Si Siloka Wicakara anu nyésa!"
Gebeg!
Prabu Ungkara, Ki Patih Sampala jeung anu séjénna, siga anu pohara ngagebegna mangsa ngadéngé kekecapan Ki Patih Purwasesa anu samodél kitu téh.
"Bener éta téh, Ji?" Prabu Ungkara nalék Jang Aji.
Ari Jang Aji anu ti tadi ngan ukur ngajengjen, ngan ukur némbalan ku unggeuk. Bari jeung kituna téh, tina basa awak jeung tina paroman bengeutna mah, saeutik ogé teu némbongkeun kasieun, kalem baé siga anu keur teu aya kajadian nanaon.
"Masya Alloh...!" Mangsa Jang Aji unggeuk tandaning ngaenyakeun téh, Prabu Ungkara mah nepi ka molohok méh teu ngiceup-ngiceup.
"Gusti..., geuning Dén Aji téh turunan Prabu Siloka Wicakra!"
"Euleuh..., bet teu nyangka pisan!"
Lain Prabu Ungkara wungkul anu kitu téh, dalah Ki Patih Sampala jeung anu séjénna ogé sarua ngararénjagna.
"Terus, ari kadatangan anjeun ka dieu, rék naon, Ki Patih?" Prabu Ungkara neuteup Ki Patih Purwasesa.
"Satadina, kadatangan kaula ka dieu téh rék néang anak anjeun, Nyimas Wening, rék dijadikeun permaésuri ku Radén Anjana. Tapi, ayeuna mah jadi duaan bawaeun téh jeung éta pejuh!"
"Henteu ari weureu mah sia téh, Purwasesa? Kawas kana comro waé, sangeunahna rék nyokot anak aing!" Prabu Ungkara jadi langsung naék amarahna mangsa Ki Patih Purwasesa ngomong kitu mah.
"Terus rék kumaha, sia wani ngalawan? Hahahaha...!"
"Podaran ngalunjak-ngalunjak teuing mah, euy. Tuman!" Ki Patih Sampala langsung tutunjuk ka sakabéh abdi dalem, anu ti tadi sarua geus pohara kareuheuleunana.
"Hahaha.... Pikir heula. Lamun sia wani-wani ngalawan, mangka sarua baé jeung ngajak perang!"
Dikitukeun mah Prabu Ungkara, Patih Sampala jeung nu séjénna, siga anu ambek nyedek tanaga midek, alatan bingung ku pipetaeun.
__ADS_1
"Teu kedah sieun, Kangjeng Prabu. Nincak-nincak teuing mah lawan wé, diantep malah mingkin ngalunjak! Mending hirup kajajah, atanapi maot alatan ngabajoangkeun kaadilan sareng bebeneran?" Jang Aji nyelengkeung.
"Leres pisan, Kangjeng Prabu. Abdi mah tos siap saupamina kedah korban nyawa ogé!"
"Satuju!"
"Hidup, Trisula Emas...!"
"Hidup!"
"Hidup Prabu Ungkara...!"
"Hidup...!"
"Hidup Dén Aji...!"
"Hidup...!"
Anéh, sok sanajan bijilna éta kekecapan téh ti budak satepak, tapi ari pangaruhna mah pohara pisan gedéna. Prabu Ungkara, Ki Patih Sampala jeung anu séjénna, dumadakan siga anu kahudang deui kawanina.
"Hmm, heug. Ayeuna mah kari kumaha anjeun, Purwasesa. Lamun anjeun buru-buru balik, mangka nyawa anjeun bakal salamet. Tapi, lamun anjeun keukeuh hayang nyokot anak kaula jeung ieu budak, kapaksa kaula kudu ngalawan sarta maragatkeun nyawa anjeun!" Kekecapan Prabu Ungkara pohara tandesna.
"Hidup, Prabu Ungkara...!"
"Hidup...!"
"Urang podaran kabéh, euy!"
"Kumaha, Purwasesa..., milih balik atawa paragat nyawa?" Teuteup Prabu Ungkara pohara seukeutna.
"Kurang ajar. Rasakeun siah akibatna, Ungkara!"
"Jor, béjakeun ka pamingpin sia. Ti semet ayeuna, Trisula Emas geus teu hayang deui turut tumut ka karajaan sia!"
"Kurang ajar. Dagoan siah, Ungkara!"
Diancam kitu téh ari Prabu Ungkara jeung anu séjénna mah malah patingpédéngkréng sarta patingpolotot ka Ki Patih Purwasesa jeung ka paraprajurit katut paraabdi dalem anu marenganana. Geus kitu mah satengah téténjrag, Ki Patih Purwasesa ninggalkeun éta karaton, dituturkeun ku paraprajurit jeung ku abdi-abdi dalem anu marenganana.
"Waduh..., kumaha atuh, Kangjeng Prabu?" Sigana bakal saénggalna diserang ieu karajaan urang téh!" Salah saurang abdi dalem némbongkeun kahariwangna.
"Hampura, kaula geus capé ngéléhan waé mah. Bisi anjeun teu wani nyanghareupan mah, teu nanaon rék eureun jadi abdi dalem karaton ogé!"
"Abdi mah siap korban nyawa, Kangjeng Prabu. Nanging, asa mustahil ari ngalawan Darmapatih anu pasukanana aya opat tikeleun ti karajaan urang mah."
"Ceuk kaula ogé, lamun anjeun ngarasa gimir, mangka kop baé bisi rék eureun jadi abdi dalem mah!"
Tungkul ari dikitukeun mah éta abdi dalem anu cikénéh nyarita téh.
Gaur...!
Keur kitu, kadéngé aya sora anu ngagaur. Kabéh anu araya di dinya, nepi ka patingrarénjag sarta undur-unduran, siga nu sieun mangsa nempo Si Kumbay, anu teu kanyahoan geus ngadakom dina lawang panto éta rohangan.
__ADS_1
"Tenang, moal nanaon!" Jang Aji rut-rét ka saréréa.
Si Kumbay ngalanggéor mangsa geus digupayan ku Jang Aji mah. Sok sanajan geus nyaho yén éta lodaya téh geus lindeuk ka Jang Aji, tapi ari sababaraha abdi dalem mah angger baé undur-unduran alatan kasieunan.
"Kumbay..., ayeuna, manéh mulang heula. Béjaan Ki Patih Cakra, pikeun nyiapkeun pasukan saloba-lobana. Titah kadieu sagancangn, sabab kasalametan ieu karajaan keur pohara kaancamna!" ceuk Jang Aji, mangsa Si Kumbay geus aya di hareupeunana.
"Siap, Radén."
Ki Ujat, Prabu Ungka, Ki Patih jeung nu séjénna, nepi ka marolohok mangsa éta lodaya bisaeun ngomong téh.
"Ké ké ké..., saha Si Cakra téh, Radén?" Prabu Ungkara jadi ngaradénkeun ayeuna mah ka Jang Aji téh.
Taya anu didingdingkelir disindangsilokakeun deui, barabat wéh Jang Aji nyaritakeun nu sabenerna.
"Msaya Alloh...!"
"Allohu Akbar!"
"Gusti..., bisa kitu, nya!"
Prabu Ungkara jeung nu séjénna, saurang ogé taya anu teu ngarasa hélok mangsa ngaregepkeun katerangan ti Jang Aji téh.
"Jung, geura miang, Kumbay!" Jang Aji ngarérét deui ka Si Kumbay.
"Tapi, Radén...."
"Naon deui?"
"Pan Radén téh kungsi jangji, rék ngabantuan kuring sangkan bisa mancala putra mancala putri."
"Hehehe..., kuring mah moal wani lalawora kana jangji, Kumbay. Ti saprak panggih jeung Bah Somad ogé, kuring mah sacara rerencepan geus ngubaran manéh."
"Nu bener, Dén?"
"Cobaan wé bisi teu percaya mah!"
Teu diengké-engké deui, reup, Si Kumbay meureumkeun matana.
Burinyay..., jleg!
Sanggeus aya cahya beureum nu ngaburinyay mah, wujud Si Kumbay dadaksakala robah jadi wujud aki-aki. Ki Patih Sampala jeung kabéh anu keur araya di dinya, nepi ka patingpolohok mangsa nyaksian kaahéngan anu samodél kitu téh.
"Hahaha..., heueuh, Dén, bisa ayeuna mah. Nuhun pisan, Dén!" Paroman Si Kumbay siga anu pohara bungahna.
"Enya. Jung, ayeuna mah sagancangna béjaan Ki Cakra!"
"Siap, Dén!"
Burinyay..., jleg!
Wujud Si Kumbay robah jadi jirim wanoja anu geulis tur pohara bahénolna. Kabéh anu keur araya di dinya teu sirikna nepi ka marolotot bari kumétap, teu béda wé jeung anu keur ngabuburit, mangsa nempo sirop jeung bala-bala jieunan Ceu Eha. Rét, Si Kumbay ka Ki Patih Sampala, sura-seuri bari ngiceupan. Gedig, geus kitu mah Si Kumbay leumpang semu digutak-gitek, ninggalkeun éta rohangan.
__ADS_1
Hanca.