
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
(49)
Mangsa Nyimas Pandani, Nyi Manik jeung Bah Goncrang patingkarerung nempo Jang Aji anu keur niup hatongna, ti awang-awang kadéngé sora anu ngagereng kalayan pohara pisan tarikna.
Hrrrakh.... Hrrrakh.... Hrrghhh!
Saréréa méh bareng taranggah, sarta patingjarenghok nepi ka patingcalangap, mangsa nempo hiji naga kelir emas anu rual-réol di awang-awang, sarta anu saterusna mah nyuruwuk, turun ka éta patempatan.
Hrrrakh.... Hrrrakh.... Hrrrghhh!
Pohara pisan badagna éta naga téh ari ti kadeukeutan mah, ukuranana méh dua kalieun tina nagana Nyimas Pandani. Sisitna nu kelir emas boborélakan katojo panon poé. Tandukna anu ranggaék éstuning nambahan gagah deded pangawakanana.
Hos..., hos...!
Éta naga ngaluarkeun seuneu tina irung jeung tina bahamna, dina unggal rénghapanana.
Hrrrakh.... Hrrrkh.... Hrrrghhh!
Hrrrakh.... Hrrrakh.... Hrrghhh!
Dua naga patinggarereng matak katorékan, siga anu geus teu sabar hayang geura diadu jeung anu rék jadi pilawaneunana.
'Nagana Kakang Giripala?' gerentesna Nyimas Pandani, kituna téh bari méh molohok teu ngiceup-ngiceup.
"Ari Dén Aji turunan naon, geuning bet bogaeun nu kitu?" Nyi Manik noél Bah Goncrang anu masih kénéh calangap nepi ka ngacay.
"Teuing, kami ogé teu ngarti. Da luluhurna ogé teu kabéjakeun ngukut nu kitu!" témbal Bah Goncrang, kituna téh bari jeung teu ngarérét-rérét acan, tonggoy baé neuteup naga anu keur gurang-gereng di tukangeun Jang Aji.
"Hehee.... Badé ngadu oorayan téh, Nini?" Jang Aji surangah-séréngeh ka Nyimas Padani.
"Serang...!"
Sok sanajan atra pisan aya kagimir dina paroman beungeutna, tapi siga anu geus kagok asong, langsung baé Nyimas Pandani ngajorowok méré paréntah ka nagana.
Gajleng!
Gancang Jang Aji ngagajleng ngajauhan.
Hrrrakh...!
Hrrrgh...!
Swuk..., swur...!
Naga Nyimas Pandani nagmimitian narajang, ngaburakeun seuneu anu ngabebela tina bahamna.
Siet..., jelegur...!
Siga rudal wé sugan mah, Pamiarsa. Mangsa seuneu teu keuna ka awak lawan anu jadi sasaran téh, akibatna taneuh nepi ka mancawura kalayan pohara rongkahna, alatan kakeunaan ku seuneu anu digempurkeun ku nagana Nyimas Pandani.
Hrrrakh...!
Swur...!
Naga Jang Aji ngabelesur ka awang-awang, bari sakilat males ngaburakeun seuneu tina bahamna.
Hrrrakh...!
Naga Nyimas Pandani gancang nyingcet, sarta anu saterusna mah ngabelesur nyusul naga Jang Aji ka awang-awang.
Jelegur...!
Taneuh mncawura deui.
Siet, siet..., swur..., swur...!
Dua naga suat-siet silihbura di awang-awang. Nyi Manik jeung Bah Goncrang taranggah bari patingpohok, siga anu embung tinggaleun enggoning nyaksian lumangsungna galungan antara dua naga anu pohara pisan baradagna. Nyimas Pandani ogé teu jauh béda, anteng molohok méh teu ngiceup-ngiceup.
"Resep, nya, Ni?"
Gebeg!
Nyimas Pandani mah nepi ka pohara ngarénjagna, sabab teu kanyahoan ti anggalna, Jang Aji ujug-ujug geus aya di gigireunana, anu harita keur sarua tatanggahan nempokeun galunganana antara dua naga.
"Hyakh...!"
Langsung baé Nyimas Pandani Narajang. Kukuna anu paranjang ngahiuk rék nyabet beuheung.
Lep!
Gancang Jang Aji ngelok bari sakilat ngayakeun panarajang balesan, peureupna nyuruwuk rék ngala kekemplong lawan. Tapi, kalayan dina gerakan anu pohara gesitna, Nyimas Pandani ngagiwar dibarengan ku ngayakeun panarajang susulan.
Séak..., wut wut wut..., set set set...!
Antukna mah Jang Aji jeung Nyimas Pandani het-het silihserang silihtarajang deui, dialalajoanan ku Nyi Manik jeung ku Bah Goncrang, anu teu eureun luak-lieuk ka ditu ka dieu, siga wasit badminton anu teu daék cicing sirahna.
__ADS_1
Hrrrakh...!
Swur...!
Naga Nyimas Pandani ngaburakeun deui seuneu pikeun ngaduruk lawanna. Tapi teu keuna, da naga anu Jang Aji nyingcet, sarta anu saterusna mah nyuruwuk muru kana buntut lawan.
Séak..., gep!
Naga Nyimas Pandani beunang digégél buntutna ku naga Jang Aji.
Séak..., gep. Purililit...!
Naga Nyimas Pandani ogé males ngégél awak lawan, nepi ka antukna mah dua naga silihbeulit tur silihgégél di awang-awang.
Séot...!
Dua naga anu awakna keur dina kaayaan silihbeulit, nyirorot ka palebah patempatan anu di handapeunana rajeg ku tatangkalan.
Séot..., gebrug..., gurimpal..., gulitik.... Dorok..., dorokdok...!
Rajegna tatangkalan anu katinggang sarta kagaley ku dua naga, dumadakan rata eujeung lemah.
Hrrrakh...!
Naga Nyimas Pandani pindah rék ngégél punduk. Tapi naga Jang Aji gancang ngaleupaskeun gégélanana kana buntut lawan, sarta anu saterusna mah ngagilek pikeun nyingkahan panggégél lawan.
Séak..., brug...!
Sungut naga Nyimas Pandani macok taneuh. Bareng jeung éta, gancang naga Jang Aji nyéak ngégél punduk lawan.
Gerewek!
Hrrrakh..., hrrrahkh..., hrrrgh...!
Naga Nyimas Pandani gurang-gereng siga anu pohara nyerieunana.
Gurimpal...,gulitik...!
Hrrrkh...!
Naga Nyimas Pandani gugurimpalan ka ditu ka dieu pikeun ngaleupaskeun gégélan lawan. Tapi, gégélan naga Jang Aji teu daék leupas, malah mingkin pageuh nekuk pundukna.
Dorokdok...,dorokdok..., gebrug...!
Mingkin lila mingkin loba tatangkalan anu rarungkad alatan kagaley ku dua naga. Di séjén pihak, dua jalma anu ngabogaan nagana mah, harita téh keur dina kaayaan pahareup-hareup kalayan dina jarak anu kira-kira dalapan méteran jauhna.
Nyimas Pandani ngacungkeun leungeun katuhuna. Leungeun kéncana malang dina hareupeun dada, kalayan dua sukuna dina kuda-kuda anu pohara wewegna.
Gebur...!
Dumadakan aya cahya héjo anu ngagebur, lir ngabulen dampal leungeunna. Nempo kitu téh ari Jang Aji mah lain gancang masang kuda-kuda, malah unggut-unggutan bari neuteup Nyimas Pandani anu keur ngawatek ajianana.
"Hyakh...!"
Nyimas Pandani ngajorowok pohara tarikna, mangsa ngadorongkeun leungeun katuhu anu lempeng pisan ngarah ka nu jadi lawanna.
Swuk..., belesat...!
Cahya héjo ngabelesat tina dampal leungeun Nyimas Pandani.
Gajleng..., jelegur...!
Cahya héjo anu beunang disingkahan ku Jang Aji, ngajelegur neumbrag taneuh nepi ka mancawura.
Belesat..., belesat..., jelegur..., jelegur...!
Aya kana sabaraha kalina panajarang Nyimas Pandani ngan ukur patingjelegur neumbrag taneuh, alatan kabéh panarajangna beunang disingkahan ku nu jadi lawanna.
Hyakh...!
Pikeun anu kasakitu kalina Nyimas Pandani ngajorowok deui marengan panarajangna.
Swuk..., belesat...!
Cahya héjo ngabelesat deui rék ngagempur Jang Aji.
Sanggeus pikeun anu kasakitu kalina gujlang-gajleng nyingkahan panarajang, harita mah Jang Aji ngan ukur ngajengjen dina tempatna.
Set..., belesat...!
Cahya bodas ngabelesat tina dorongan leungeun katuhu Jang Aji, mangsa cahya héjo tina gempuran Nyimas Pandani geus deukeut pisan kana awakna.
Swuk..., beledag...!
Diaduna dua cahya nepi ka ngabalukarkeun sora anu pohara tarikna.
Wer..., wer..., wrukh...!
__ADS_1
Dua cahya silihséréd nepi ka ngaguruh cirining ngandung kakuatan anu pohara rongkahna. Suku Nyimas Pandani nepi k ngabelesek semet bitisna. Ari Jang Aji mah katempona téh kalem baé, malah surangah-séréngéh ka nu jadi lawanna.
"Tuh, nya..., cekéng ogé Radén Aji mah leuwih punjul tanaga jerona!" Nyi Manik neuteup salakina.
"Heueuh. Éta malah kalem kitu geuning ari Radén Aji mah."
Jelegur..., jelegur...!
Nyi Manik jeung Bah Goncang nepi ka pohara ngararénjagna, sarta gancang ngalieuk kana sora anu patingjelegur, anu tétéla geuning dua naga geus silihgempur deui ku seuneu nu burakeunana. Tapi ngan ukur ditempo sarérét, Nyi Manik jeung Bah Goncrang mah siga anu leuwih katarik pikeun nyaksian Jang Aji anu keur diadu kakuatan jeung Nyimas Pandani.
"Hyakh...!"
Nyimas Pandani ngajorowok deui mangsa nyéréd kakuatan lawan dina tanaga jero nu sapinuhna.
Gejlig!
Suku katuhu Jang Aji ngagajlig lemah.
Suruwuk...!
Dumakadakan aya anu nyuruwuk dina jero taneuh, muru ka palebah Nyimas Pandani.
Nyimas Pandani siga anu pohara reuwaseunana. Paneuteupna jadi museur ka nu nyuruwuk ka palebah dirina. Bareng jeung éta, teu kanyahoan Jang Aji nyentokkeun leungeunna, anu saterusna mah didorongkeun satakerna. Tétéla, ari gejligan suku Jang Aji mah ngan saukur pikeun mancing sarta ngabuyarkeun pikiran lawan.
Swuk..., belesat...!
Kalayan pohara pisan gancangna, cahya bodas nyéréd cahya héjo tina gempuran Nyimas Pandani.
Jelegér...!
"Ahkh...!"
Nyimas Pandani nepi ka ngocéak maratan méga, mangsa dua cahya neumbrag pisan kana dadana.
Cleng..., gebrug..., geretek...!
Awak Nyimas Pandani ngacleng pohara jauhna, sarta antukna mah ngagedur, sanggeus leuwih tiheula awakna ngagebut ninggang lemah.
"Astagfirullohaladzim...." Jang Ngusap beungeutna.
"Horséh.... Modar, siah!"
"Hidup, Radén Aji...!"
Bah Goncrang jeung Nyi Manik mah nepi ka ajrag-ajragan siga nu bungah pisan.
Hrrrakh..., hrraagh..., hrraagk...!
Méh bareng saréréa ngarérét kana gerengna sora naga. Tétéla naga Nyimas pandani keur dilegleg ku naga anu Jang Aji.
"Waduh..., aya ku gembul éta naga!" Bah Goncrang nepi ka gogodeg.
Hrrragh...!
Naga Jang Aji eueuleugeugan neureuy buleud nu jadi lawanna. Sanggeus kateureuy kabéh mah jempé henteu kadéngé gegerengan deui. Geus nempo kitu mah gancang baé Nyi Manik jeung Bah Goncrang ngadeukeutan Jang Aji, anu harita masih kénéh ngajanteng dina tempatna.
"Dén, teu kunanaon?" Nyi Manik siga anu hariwangeun pisan.
"Alhamdulillah abdi mah teu kunanaon, Ma. Dupi Ema sareng Apa, teu kunanaon?"
"Sukur ari kitu mah, Kasép! Teu parna, mung nyeri sakedik dada Ema mah, engké ogé damang nyalira." Nyi Manik siga anu pohara bungaheunana.
"Hayu atuh, ayeuna mah urang mulih ka Trisula Emas!"
"Ka Trisula Emas?" Nyi Manik malah ngarérét ka salakina.
"Pan Ema sareng Apa téh palay biluk sareng abdi."
Pikeun sakedapan mah Nyi Manik jeung Bah Goncrang ngan ukur silihrérét bari kurang-kerung, sabab teu nyangka, sok sanajan dina mangsa keur hut-het nyanghareupan lawannna, tétéla geuning ari Jang Aji mah ngadéngéeun kana wangkonana.
"Nuhun pisan upami kersa nampi mah, Dén!" Bah Goncrang siga anu pohara bungaheunana.
Jang Aji mah ngan ukur némabalan ku unggeuk dibarengan ku seuri, sarta anu saterusna mah ngarérét ka nagana.
"Anteur mulang ka Trisula Emas!" ceuk Jang Aji.
Hrrragh...!
Éta naga ngagereng, anu saterusna mah ngaléor ka gigireun Jang Aji. Gancang Jang Aji ngagajleng kana punduk éta naga.
"Mangga geura tarumpak, Ema, Apa!" Jang Aji rut-rét Nyi Manik jeung ka Bah Goncrang.
Sanggeus silihrérét heula mah, gancang baé Nyi Manik jeung Bah Goncrang patinggarajleng kana tonggong naga.
Selepung...!
Geus kitu mah gancang baé éta naga ngapung, ninggalkeun layon Nyimas Pandani anu ngan ukur kari ruhakna.
__ADS_1
Hanca.