BANJIR GETIH DI DARMAPATIH

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH, episode 61


__ADS_3

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH


(61)


Sanepina Prabu Ungkara, tétéla di rohangan utama karaton geus loba abdi dalem anu ngariung, kaasup Ki Ujat, Nyi Manik jeung Bah Goncrang. Malah mah teu saeutik anu karék patingtorojol ogé, pada néang tur pada ngabéjaan tayohna mah.


"Badé ngabadantenkeun perkawis hasil nepangan Prabu Dangdang téa, Ki Patih Agung?" tanya Prabu Ungkara, sagékna dina korsi anu ngajajar di éta rohangan.


"Leres pisan, Kangjeng Prabu. Nanging, saéna mah urang antosan heula wé dugi ka kempel sadayana. Ki Patih Sampala sareng Radén Aji ogé teu acan sarumping geuning."


"Geus aya anu ngabéjaan Ki Patih Sampala di rohangan tabib?" Prabu Ungkara rut-rét ka nu keur aya di dinya.


"Parantos, Kangjeng Prabu," témbal saurang abdi dalem.


"Alus. Perkawis Radén Aji mah, sawios teu kedah diganggu!" ceuk Prabu Ungkara deui, kituna téh ditungtungtungan ku nyarita deui ka Ki Cakra.


"Naha, Kangjeng Prabu?" Ki Cakra rada kerung.


"Hawatos, nuju ulplek sareng pun anak."


"Beu..., nu kasép téh nuju apél?" ceuk Ki Cakra, ditungtungan ku surangah-séréngéh.


"Wah, nurub cupu atuh sareng Nyimas Wening mah!"


"Sugan wé aya jodona, ah!"


Anu keur ngriung di éta rohangan jadi loba anu patingkecewis jeung pada baturna. Ari Prabu Ungkara mah ngan ukur surangah-séréngéh dibarengan ku unggut-unggutan.


Teu lila antarana, ngurunyung Ki Patih Sampala anu dituturkeun ku Nyimas Pandani.


"Kumaha prajurit anu taratu téh, Nyimas Pandani?" tanya Prabu Ungkara, mangsa Nyimas Pandani geus diuk dina tempatna.


"Parantos dilandongan sadayana, Kangjeng Prabu."


Rada molohok Ki Cakra jeung sababaraha abdi dalem mah mangsa ngadéngé kekecapan Nyimas Pandani anu béda pisan jeung saméméhna téh. Enya, pan ari éaméméhna mah ngomongna téh sok teugeug tur garihal.


"Ke ke ke...! Lain manéh téh keur maluruh Si Puwasesa jeung nu jadi anakna?" Ki Cakra kurang-kerung neuteup Nyimas Pandani.


"Inihihi.... Parantos réngsé, Ki Cakra. Si Puwasesa sareng Si Angkara mah parantos dijajapkeun ka naraka!" Paroman Nyimas Pandani éstuning ngagambarkeun kasugema.


Ki Cakra jeung nu séjénna mah ngan bati silihrérét semu karerung. Siga nu surti, kalayan teu kungsi dipénta heula, barabat wéh Nyimas Pandani nyaritakeun pangalamanana mangsa keur adu hareupan jeung Prabu Purwasesa katut Radén Angkara.


"Tah kitu. Untung harita téh abdi ditulungan ku Radén Aji. Ku margi ngaraos kahutangan budi, anu sakaligus ngaraos kahutangan nyawa, mangka ti harita abdi jangji seja Gumati ka Radén Aji!" Nyimas Pandani mungkas caritaanana.


"Masya Alloh...!"


"Allohu Akbar!"


Teu saeutik anu nepi ka gogodeg saréngséna Nyimas Pandani nyaritakeun pangalaman anu karandapan ku dirina téh. Saréréa ogé jadi ngarti ayeuna mah, tétéla pangna sikep Nyimas Pandani robah téh, sababiahna mah aya pakuat-pakaitna jeung budak satepak anu pohara dipiajrihna ku jalma réa.


"Hmm, jadi, éta inten nu manéh téh geus dipulangkeun deui?"


"Parantos, Ki Cakra. Nanging teu kedah hariwang, ayeuna mah abdi parantos robih. Oh muhun, upami parantos rinéh, abdi téh dipiwarang ku Radén Aji kanggo nepangan salira, supados kersa ngawanohkeun ka abdi perkawis Alloh."


"Masya Alloh...! Hayang asup Islam anjeun téh, Pandani?" Ki Cakra siga anu pohara bungahna.


Nyimas Pandani ukur némbalan ku unggeuk, kalayan paroman anu daria pisan.


"Abdi sareng Bah Goncrang ogé hoyong lebet Islam, Ki Patih Agung!" Nyi Manik nyelengkeung.


"Masya Alloh...!"


"Allohu Akbar!"


Nu keur ngariung nepi ka patingpolohok. Ari Ki Cakra, batan langsung ngomong mah malah rét ka Prabu Ungkara.


"Sok we da moal nyéépekeun waktos panginten. Malih mah saé, seueur anu janten saksina!" Prabu Ungkara siga anu geus surti.


Ki Cakra ukur unggeuk. Gék, diukna pindah kana amparan karpét. Nempo kitu, saréréa ogé siga anu teu wani ngaluhuran, kalayan tanpa kudu aya anu ngomando heula, boh Prabu Ungkara, pon kitu deui jeung nu séjénna, méh paheula-heula dariuk dina amparan karpét nurutan Ki Cakra.


"Sok, belah dieu dariukna!" Ki Cakra gugupay ka Nyimas Pandani, ka Nyi Manik katut ka Bah Goncrang.


Nu tiluan gancang ngarised.


"Sakur-sakur perkara, éta aya anu nyiptana, nyatana Dzat Anu Maha Kawasa, anu murbeng sakabéh alam." Ki Cakra rut-rét ka nu tiluan, anu keur andiprek nyanghareupan dirina.

__ADS_1


"Leres pisan, Ki Patih Agung. Perkawis éta téh saleresna mah parantos lami kokolébatan waé dina émutan abdi. Mangsa niténan wanci siang anu waktosna tara mayunan wengi, mangsa niténan panon poé anu tara elat enggoning meleték sareng sumurupna, teu acan deui sareng kajantenenan-kajantenan alam anu sanésna. Unggal niténan éta kajantenan, dina diri téh sok timbul patarosan, saha anu nyiptakeunana, anu tangtosna ogé tingkatan élmuna pohara luhungna. Raja jin anu sarakti, taya nu ngangken kana perkawis éta mah, atuh ti bangsa jalmi anu sarakti ogé, taya saurang-urang acan anu ngangken sok ngatur lajuna panon poé mah." Nyi Manik nepikeun hasil tapakurna.


"Sarua geuning pamanggih urang téh, Nyai!" Bah Goncrang neuteup pamajikanna.


Prabu Ungkara jeung anu séjénna silihrérét bari unggut-unggutan. Ki Cakra mah kalayan wijaksana, siga anu ngahaja méré heula kasempetan ka Nyi Manik pikeun nepikeun pamanggihna.


"Hmm, hadé mikir téh! Mémang, perkara anu bieu disebutkeun téh sabenerna mah minangka hiji bukti anu teu bisa dipungkir deui, yén sagala perkara aya anu nyipta jeung anu ngurusna. Saha anu nyipta sareng ngurusna? Alloh, anu nyipta langit jeung bumi katut eusina." Ki Cakra teu daria pisan.


"Ari abdi mah sok niténan diri. Najan sakti, najan jembar ku pangabisa, tapi keukeuh teu tiasa nolak kana katangtosan hirup. Waktosna sepuh, nya sepuh, teu tiasa mulang ka anom deui. Dicipta janten istri, nya janten istri, teu tiasa janten pameget. Sakapeung, Sok aya anu ngolébat dina émutan abdi, yén saleresna mah éta sadaya aya anu ngaturna, sareng urang teu tiasa nolak kana éta katangtosan. Anu tangtosna ogé, perkawis anu ngaturna téh, pastina mibanda kakuatan anu taya watesna." Nyimas Pandani milu nepikeun pamanggihna.


"Masya Alloh.... Bener ogé, nya!"


"Heueuh. Teu kapikir nepi ka dinya ku kuring mah!"


"Nya geus kitu kuduna wé meureun, Nyimas Pandani mah kudu kapanggih ku sorangan."


Anu keur ngariung jadi rarécok jeung pada baturna, rada jarempé deui sotéh, pédah wé nempo Ki Cakra anu geus tatan-tatan rék nyarita.


"Alus, Pandani! Perkara éta téh minangka hiji bukti anu kuat, yén sabenerna anu kangaranan mahluk mah sajatina teu walakaya, usik malik éstuning kumaha Alloh, anu maparinan sagala ni'mat kana sakur-sakur perkara." Ki Cakra ngarandeg heula nyaritana.


Prabu Ungkara, Ki Patih Sampala jeung anu séjénna, arunggut-ungutan tandaning ngabenerkeun pisan.


"Dzat anu nyipta sagala perkara téh Alloh jenenganana, Nabi Muhammad anu janten Rosulna," ceuk Ki Cakra deui.


"Di mana ayana Alloh téh?" Nyimas Pandani pohara dariana.


"Alloh mah bénten tinu sanés, teu wanda teu rupa, nanging nyata ayana. Bukti-buktina mah pan kapanggih ku sorangan tadi ogé."


"Ari Muhammad?"


"Kangjeng Rosul mah mahluk anu dicipta pangmulyana, anu diutus pikeun nyampurnakeun ahlak manusa. Pikeun asup Islam mah cukup ku nékadkeun percaya ogé. Sok sanajan ari ka dituna mah engké ogé aya tingkatanana. Pikeun bukti ayana Rosululloh, kapanan ayeuna ogé ajaranana masih kénéh aya, sarta mingkin loba anu ngagemna, alatan mingkin loba anu kataji ku ajaran anu pohara mulyana. Cenah éta, sok sanajan urang lain hirup dina jamanna, tapi saupamina Alloh parantos ngersakeun mah, taya anu mustahil tiasa tepang sareng Rosululloh ogé!"


Sakur anu ngaregepkeun kana kekecapan Ki Cakra, kabéh arunggut-ungutan deui.


"Kumaha..., percaya kana ayana Alloh anu nyipta sagala perkara, jeung Nabi Muhammad anu dijantenkeun RosulNa?" Ki Cakra rut-rét deui ka nu tiluan.


"Percanten pisan, Ki Patih Agung."


"Abdi ogé percanten."


Nu tiluan méh patutur-tutur némbalan.


"Alus, kur sakitu saratna asup Islam mah, percaya ayana Alloh jeung Rosulna. Atuh pikeun ngapdolkeun, tuturkeun kaula ngucapkeun éta patékadan dina Basa Arab, anu disebut dua kalimah sahadat téa. Kumaha, siap?" Ki Cakra rut-rét ka nu tiluan.


Nyimas Pandani, Nyi Manik jeung Bah Goncrang gancang arunggeuk.


"Bismillahirrohmanirrohiim. Sok, tuturkeun, nya!"


Ki Cakra menerkeun heula diukna. Nu tiluan ogé milu uyak-uyek.


"Ashadu allaa ilaaha illalloh...." Ki Cakra ngamimitian nungtun ngucapkeun dua kalimah sahadat.


"Ashadu allaa i i ilaa ha illalloh...." Nu tiluan nuturkeun, bari jeung rada tagégog ogé.


"Waashadu anna Muhammadaarosuululloh...."


"Waashadu anna Muhammadasrosuululloh...."


"Alhamdulillah...!" Méh bareng saréréa ngarucap sukur.


Ari Nyi Manik jeung Bah Goncrang, teuing kunaon sababna, saréngséna ngucapkeun dua kalimah sahadat téh nepi ka ngagukguk di hareupeun Ki Cakra. Ari Nyimas Pandanu, sok sanajan henteu nepi ka ngagukguk, tapi dina panonna mah atra pisan aya anu ngalinting hérang, sarta lila-lila mah nyarakclakan, ngalémbéréh mapay pipina. Jempé, pikeun sakedapan mah taya anu nyarita, ngan ukur kadéngé inghakanana Nyi Manik jeung Bah Goncrang, sarta ingsreuk-ingsreukanana Nyimas Pandani jeung sabaraha abdi dalem anu kabawa ku kaayaan.


"Geus, teu kudu careurik. Angguran mah sukuran, matak diparengkeun ngasaan asup Islam ogé, éta téh geus jadi cicirén, yén Alloh nyaaheun ka aranjeun tiluan!" ceuk Ki Cakra, sanggeus aya kana sababaraha kedapanana. Enya ngan ukur dina biwir, da geuning ari buktina mah manéhna sorangan ogé nepi ka kabawakeun luwa-lewé.


Dina sesa-sesa ceurikna, antukna mah Nyimas Pandani, Nyi Manik jeung Bah Goncrang guk-gék deui nurutan Ki Cakra jeung nu séjénna, anu harita geus narungtutan deui diuk dina korsi.


"Kumaha perkawis hasil nepangan Prabu Dangdang téh, Ki Patih Agung?" tanya Prabu Ungkara, sanggeusna kira-kira merenah pikeun tumanya.


"Teu tebih sareng anu parantos dikira-kira ti anggalna, pihak Batununggal nolak kana pamundut ti unggal karajaan alit, sakumaha anu kaunggel dina serat téa. Saurna; heug bisi rék ngarebut deui Darmapatih ku jalan nempuh jalan peperangan mah, tapi kudu sagancangna, nyatana poé isukan kénéh. Sajabi ti éta, saurna pihak Batununggal téh pohara mihormat kana sikep satria ti ieu karajaan."


"Dinten énjing?"


"Waduh..., isukan cenah!"


"Dadakan teuing mah ripuh atuh!"

__ADS_1


"Tapi alus sakitu mah, Batununggal bisa ngajénan cara anu satria!"


Nu araya di dinya jadi rarécok sarta patingjarengjok.


"Muhun, dina dinten énjing pisan. Saupami sanés dina dinten énjing, mangka pihak urang dianggapna teu sinatria!" ceuk Ki Cakra deui, Awor jeung rarécokna puluhan abdi dalem.


"Kumaha, Ki Patih?" Prabu Ungkara neuteup patihna.


"Perkawis ieu, éstu kasempetan anu pangsaéna kanggo pihak urang. Mangka, saéna mah ayonan baé!" tembal Ki Sampala pohara tandesna.


"Sapuk...!"


"Muhun, ayonan we, Kangjeng Prabu!"


"Saé, Ki patih!"


Nu aya dina éta riungan patingjorowok patingkeuleuweuh. Ari Prabu Ungkara jeung Ki Cakra mah nempo kitu téh ngan ukur silihrérét bari unggut-unggutan.


"Heug ari kitu mah. Ki Patih, ayeuna kénéh atur-atur utusan pikeun ngiberan pihak-pihak karajaan leutik anu séjénna, sarta paréntahkeun paraponggawa, sangkan sagancangna nyiapkeun sakabéh pasukanana!" paréntahna Prabu Ungkara kalayan pohara pisan tandesna.


"Siap, Kangjeng Prabu!"


"Hidup Kangjeng Prabu...!"


"Hidup...!"


"Hidup Trisula Emas...!"


"Hidup...!"


Kayaan di éta rohangan jadi mingkin sahéng batan saméméhna. Tapi teu lila kituna téh, sabab kaburu aya saurang prajurit anu ngadeuheus ka Prabu Ungkara.


"Aya naon?" Prabu Ungkara neuteup prajurit anu rengkuh miajrih di hareupeunana.


Kabéh paneuteup jadi museur ka éta prajurit.


"Ampun, Kangjeng Prabu. Itu, aya jalmi anu hoyong tepang sareng salira."


"Utusan ti karajaan mana?"


"Kang Tarya, anu diangkat janten kuncén téa."


"Kang Tarya? Cik, bawa ka dieu!"


Teu kungsi ngomong deui, sanggeus rengkuh mah gura-giru baé éta prajurit ninggalkeun rohangan, sarta teu kungsi lila ogé geus ngurunyung deui dituturkeun ku Mang Tarya. Boh Ki Cakra, Prabu Ungkara, pon kitu deui jeung anu séjénna, bati kurang-kerung mangsa nempo Mang Tarya anu ngajingjing kalapa ngora téh. Sanggeus Mang Tarya diuk, prajurit anu tadi nganteur mah gura-giru baé ninggalkeun deui éta rohangan.


"Aya naon, Mang Tarya?" tanyana Prabu Ungkara.


"Ampun, Kangjeng Prabu. Abdi kapiwarangan nyanggakeun ieu ku Bah Somad!" témbal Mang Tarya, kituna téh bari ngasongkeun dawegan ka Prabu Ungkara.


Pikeun sakedapan sakur anu aya di dinya ngan bati silihrérét bari kurang-kerung.


"Cik ciki cik..., caritakeun sing mérélé!" Teuteup Prabu Ungkara pohara seukeutna.


"Eu..., kieu, Kangjeng Prabu. Wengi tadi, abdi sareng pun bojo téh ngimpén kasumpingan Bah Somad. Dina éta impénan, Bah Somad téh sasauran; pangmikeunkeun ieu dawegan ka Prabu Ungkara anu rék perang. Sina dibeulah éta dawegan, sarta caina banjurkeun kana émpang. Sakur prajurit anu rék milu perang, titah maseuhan heula awakna dina éta émpang. Kitu saurna téh, Kangjeng Prabu. Antawis percanten sareng henteu abdi ogé, pan karajaan urang mah henteu badé mayunan perang. Nanging nu jelas mah mangsa pasusubuh, abdi téh mendakan ieu dawegan di makamna Bah Somad!" Mang Tarya ngomongna semu hariweusweus.


Taya anu nyarita, sakedapan saréréa ngan ukur patingpolohok.


"Tos jelas ieu mah tawis asih ti Bah Somad. Laksanakeun wé, Kangjeng Prabu!" celengkeungna Ki Cakra.


"Tos uningaeun bakal perang sigana mah Bah Somad téh, nya?"


"Enya matak kitu gé."


"Dasar jalmi linuhung!"


"Bangsa Wali atuh da!"


Nu araya di dinya jadi rarécok deui.


"Mangga ari kitu mah, Ki Patih Agung. Nuhun pisan, Mang Tarya!" Antukna mah Prabu Ungkara sapuk kana kamandang Ki Cakra.


Ari Mang Tarya, sajeroning némbalan ku unggeukna téh rada hulang-huleng, tayohna mah teu ngarti kana kekecapan puluhan abdi dalem anu nyabit-nyabit perkara perang.


Hanca.

__ADS_1


__ADS_2