
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
(26)
Mangsa nempo anu ngurunyung ti jero guha, Radén Angkara mah nepi ka neureuy ciduh sarta molohok méh teu ngiceup-ngiceup, malah mah gondok lakina ogé nepi ka elok-elokan sagala. Rék teu kitu kumaha, da anu ngurunyung téh tétéla saurang awéwé anu pohara geulisna, anu ditaksir tina umurna mah moal leuwih ti dua puluh lima taunan. Pakéan ipis kelir héjo anu mungkus awak awéwé, ngalangkang némbongkeun pakulitan konéng umyang katut kasampuluran lupat-lepit jeung duklak-deklok bagéan awakna. Komo palebah pingping jeung gunung sakembaranana mah, éstuning matak éncér ciduh pikeun sakur-sakur lalaki anu nempona. Muhu, sakur pameget anu sok ngaderes ieu carios maksadna téh, da ari anu ngaréka caritana mah pohara bageurna. Anu ngaranna Nyimas Pandani téa sigana mah éta awéwé téh. Awakna nu semu lempay nyambuangkeun seungit pandan anu angin-anginan.
"Aya kaperluan naon, Purwasesa. Jeung saha deuih ari éta jajaka?" tanya Nyimas Pandani, anu tayohna mah geus wawuheun pisan ka Patih Purwasesa téh.
"Ieu anak kaula, ngarana Angkara. Kaula datang ka kieu mawa kaperluan anu pohara pentingna," témbal Ki Patih Purwasesa.
"Ihihihi..., mémang rék sanggup muruhan kaula?"
Teu langsung némbalan. Lung, Patih Purwasesa ngalungkeun kanjut kundang anu ti tadi dikeukeuweuk ku dirina. Gep, disanggap ku Nyimas Pandani.
"Éta mah ngan saukur hadiah munggaran. Pikeun ka hareupna mah tangtuna ogé hadiahna mangrupa satengah wewengkon karajaan, saluyu jeung anu dipikahayang ku anjeun salila ieu!" ceuk Ki Patih, mangsa Nyimas Pandani keur nempoan eusi kanjut kundang anu cikénéh dialungkeun ku dirina.
"Ihihihi.... Boga karajaan ti mana, dalah anjeun ogé ngan saukur jadi patih karajaan!" Nyimas Pandani semu ngalélécé.
"Gampang. Bantuan heula sangkan anak kaula jadi raja. Sanggeus anak kaula jardi raja, mangka satengahna wewengkon Karajaan Darmaptih jadi milik anjeun!"
"Pan anak manéh mah euweuh hak jadi raja, da ngan saukur anak patih?" Nyimas Pandani rada kurang-kerung.
Teu diengké-engké deui, barabat wéh Ki Patih nyaritakeun perkara Radén Anjana anu hayangeun jadi raja, nepi ka boga tékad hayangeun nelasan pati Prabu Raksapada. Nyimas Pandani unggut-unggutan ngaregepkeun.
"Tah, saupama Si Raksapada geus tiwas, tangtuna ogé Si Anjana anu jadi gagantina. Antep heula sakeudeung mah sina ngasaan jadi raja, sarta anu saterusna mah basmi siga bapana. Lamun Si Anjana geus paéh, mangka karajaan téh pikeun saheulaanan mah bakal dicekel ku kaula, da Si Raksapada mah teu bogaeun deui katurunan budak lalaki. Pikeun anu saterusna, kakawasaan kaula rék dipasraheun ka Si Angkara!" ceuk Ki Patih, siga anu geus disusun ti jauhna mula ancer-ancerna téh.
"Ihihihi.... Tétéla jelema licik anjeun téh, Purwasesa. Tapi..., heug ari buruhanana saluyu jeung kahayang kaula mah!"
"Malih mah moal satengah-satengah buruhanana ogé, Nyimas, nanging sapinuhna wewengkon Darmapatih!' Radén Angkara milu nyarita.
"Angkara!" Ki Patih langsung ngagebés mangsa anakna ngomong kitu téh.
"Maksud andika kumaha, Angkara?" Nyimas Pandani kurang-kerung siga nu panasaran.
"Nya sadayana, Nyimas. Margi, saupamina abdi janten raja, mangka salira ku abdi badé dijantenkeun permaésurina. Anu hartosna, urang duaan bakal ngawasa Darmapatih sagemblengna," témbal Radén Angkara pohara tandesna.
Sakedapan mah Nyimas Pandani ngan ukur hulang-huleng, siga anu keur nimbang-nimbang kana kamandangna Radén Angkara.
"Tah, sigana leuwih alus ari kitu mah, Nyimas! Kumaha, daék kira-kirana?" tanya Ki Patih.
"Iihihi.... Sigana mah teu salah-salah teuing. Heug ari kitu mah, asal omongan andika bisa dicekel, Angkra. Jeung andika kudu satia ka kaula!" Antukna mah Nyimas Pandani sapuk kana kamandangna Radén Angkara.
"Kantenan pisan, abdi badé satia, Nyimas. Ti kawit ningal salira, abdi mah bet langsung suka, kataji pisan ku geulisna."
"Ihihihi..., ihihihi...!" Nyimas Pandani seuseurian siga nu ngeunah pisan.
Ari Ki Patih, mangsa Nyimas Andani keur seuseurian téh, rét deui, rét deui ka Radén Angkara, kalayan némbongkeun paneuteup anu pohara reueusna.
"Pikeun saheulaanan mah, enya saupama Si Anjana geus jumeneng jadi raja, anjeun kudu siga nu bener-bener satuhu ka inyana. Ari ka kaula jeung ka Si Angkara mah sawajarna wé, sangkan teu nimbulkeun kacuriga!"
"Ihihihi.... Heug, kaula ngarti, Purwasesa!"
"Supados Si Anjana teu ngaraos kaabotan, saéna mah Nyimas teu kedah nyuhunkeun satengahna tina wewengkon Darmapatih, cekap wé nyuhunkeun kakayaan mangrupi emas sareng janten tukang sihir di karaton!" Radén Angkara nepikeun deui kamandangna.
"Murah teuing. Teu hayang ari kitu mah!" Nyimas Pandani langsung nolak.
"Éh, mung kanggo samentawis éta mah. Pan ari kapayunna mah Nyimas téh janten permaésuri abdi!"
__ADS_1
"Leres pisan, Nyimas, kalintang saéna tah kamandang pun anak téh!" Ki Patih siga anu langsung satuju kana kamandang anakna téh.
Sakedapan mah Nyimas Pandani ngan ukur hulang-huleng.
"Hmm, heug, kaula sapuk kana kamandang andika, Angkara." Antukna mah pikeun anu kadua kalina Nyimas Pandani sapuk kana kamandangna Radén Angkara.
Lumayan lila Ki Patih jeung Nyimas Pandani katut Radén Angkara neruskeun deui wangkonganana téh, malah mah nepi ka diaku heula ka jero guha.
Sanggeus mupakat itu-ieuna, antukna mah Ki Patih jeung Radén Angkara amitan, pajar téh sieun kapeutingan di jalan. Satarumpakna deui kana kuda, kebat baé Ki Patih jeung Radén Angkara muru deui ka Karajaan Darmapatih.
"Tétéla hidep téh pohara pinterna, Angkara. Sok sanajan hidep can ngajelaskeun alesan nu sabenerna pangna daék jadi salaki Nyimas Pandani, tapi Rama mah geus surti kana pipetaeun hidep nu saterusna," ceuk Ki Patih, mangsa geus liwat ti wewengkon Karajaan Batununggal, kituna téh bari ngalaunkeun laju kudana.
"Hahaha.... Teu kedah salempang. Sapertos anu parantos disaurkeun ku Kangjeng Rama, réhna Nyimas Pandani mah tos pohara sepuhna, malih mah yuswana ogé aya di saluhureun Kangjeng Rama, ngan pédah wé katingal anom sotéh, jalaran sok nyedot getih parawan. Sajabi ti éta, wios da ari kageulisanana mah mémang asli!
"Hahaha..., dasar!"
Dikitukeun mah Radén Angkara ngan ukur surangéh-séréngeh.
"Hyakh...!" Ki Patih nyentokkeun tali kuda anu keur dicekelna.
Beretek, kuda anu ditumpakan ku Ki Patih lumpat. Radén Angkara ogé siga nu embung éléh, gancang baé nyusul bapana.
Mangsa alam geus mimiti reup-reupan, Ki Patih jeung Radén Angkara geus nerepi deui ka palataran karaton. Sajrutna tina kuda téh, kebat baé Ki Patih mah muru ka rohangan utama karaton. Ari Radén Angkara mah teu milu ngadeueus ka rajana, malah gura-giru muru ka rohangan pribadina.
Sanepina ka rohangan utama karaton, kasampak Prabu Raksapada keur ngariung jeung abdi-abdi dalemna, malah mah Radén Anjana ogé aya di dinya. Sanggeus leuwih tiheula deku tanda mihormat nu jadi rajana, gek, Ki Patih di gigireun korsi anu dipaké diuk ku Radén Anjana.
"Kumaha urusan tapel wates karajaan téh, Ki Patih?" Prabu Raksapada mimiti nalék.
"Parantos réngsé, Kangjeng Prabu. Rupina mah mung lepat paham, pédah aya anu ngadugikeun pitenah. Saparantosna diyakinkeun réhna karajaan urang mah teu nyabet deui wewengkon karajaan anu sateucanna dipasrahkeun ka Batunungal, ahirna mah Prabu Dangdang ogé teu bendu deui," témbal Ki Patih. Enya, ngaréka carita sigana mah, da ari buktina mah teu unggah-unggah acan ka Karaton Batunggalna ogé.
"Duka, Kangjeng Prabu. Saurna mah badé ditalungtik saénggalna."
Wangkongan antara Prabu Raksapada jeung Ki apatih anu disaksian ku puluhan abdi dalem, lumangsung lumayan lilana. Radén Anjana mah siga anu pohara reueusna mangsa nyaksian Ki Patih, anu kalayan parigel pisan ngaréka carita enggoning ngajawab kana sakur panalék ti nu jadi rajana.
Urang tunda heula kaayaan di Karaton Darmaptih anu pinu ku kapalsuan jeung tipudaya. Urang sampeur deui lalampahan Jang Aji anu nganjrek jeung kulawarga anyarna.
Ti saprak aya Jang Aji, Ceu Omah jeung Mang Tarya mah paroman beungeutna téh teu weléh marahmay, komo sanggeusna nempo Jang Aji anu pohara rapékanana mah, kanyaahna siga nu mingkin tamplok. Siga harita, dina mangsa ngariung di tengah imah, sajeroning ngwangkongna téh ari Jang Aji mah bari anteng mocélan siki jagong keur pibiniheun.
"Tah kitu, Ji. Ti saprak kajadian harita, pamajikan Mamang téh teu bisa boga budak. Ari ceuk paraji mah pajar téh ruksak kandunganana. Nya, Nyi, nya?" Mang Tarya cacarita nguenaan musabab pamajikanna anu teu bisa boga katurunan, kituna téh ditungtungan ku ngarérét ka Ceu Omah.
Anu dirérétna mah ngan ukur unggeuk kalayan némbongkeun paroman anu dumadakan alum.
"Mmm, hawatos teuing. Dupi ayeuna, patuangan Ema sok karaos nyeri?" Jang Aji ngaréret ka Ceu Omah.
Ari Ceu Omah, batan langsung némbalan mah malah bengong mangsa ku Jang Aji disebut ema téh.
"Eu..., hapunten atuh abdi parantos kumawantun nyebat ema," ceuk Jang Aji siga nu rumasa salah.
"Éh, lain kitu, Ji. Puguh bungah pisan ari Ema mah. Ngan pédah wé asa teu percaya kana dédéngéan sorangan!" Ceu Omah gancang némpas, kituna téh bari langsung ngaemakeun ari ayeuna mah.
"Oh. Dido'akeun atuh ku Aji, supados Ema saénggalna kagungan putra deui. Abdi kénging nyebat bapa, nya?" ceuk Jang Aji, kituna téh ditungtungan ku ngarérét ka Mang Tarya.
"Haha.... Enya, kop baé kumadinya wé! Tapi, ari perkara boga katurunan deui mah geus teu mungkin, Ji. Komo ayeuna mah umur ogé geus mingkin ngolotan!" Mang Tarya mah malah nyeungseurikeun mangsa Jang Aji ngado'akeun pamajikanna téh.
"Alloh mah maha kawasa, Pa. Sajabi ti éta, Emana ogé can sepuh-sepuh teuing, pantes kénéh kagungan putra mah."
"Hmm, enya ari kitu téa mah. Ngan, sagalarupa ogé keukeuh wé teu leupas tina saréatna!"
__ADS_1
"Pan saréatna dido'akeun ku Aji."
"Hahaha.... Enya lah, kumadinya wé. Ayeuna mah pangnyokotkeun nginum, tikoro Mamang asa tuhureun!"
"Bapa!"
"Éh enya, bapa. Jung, pangyokotkeun nginum!"
"Tutah-tiah wé kabisa téh!" Ceu Omah ngadelék.
"Éh..., pan ceuk Si Ajina kénéh hayang ditutah-titah ambéh leuwih conggah. Ari embung mah nya keun baé!" Mang Tarya rada nyureng.
"Muhun wios atuh, Ma. Teu pira ngabantun cai!" ceuk Jang Aji, kituna téh bari gancang cengkat tina diukna.
"Nya kajeun ari daék mah. Sakalian deuih, Ema ogé pangmawakeun!"
"Hahaha...,teuh nya, siah!" Mang Tarya cungar-cengir bari tutunjuk ka pamajikanna.
"Ihihi..., atuh da...."
"Atuda-atuda!" Mang Tarya juba-jebi.
Ari Jang Aji mah nempo kitu téh bati surangah-séréngéh, sarta anu saterusna mah kebat baé ngoloyor ka rohangan dapur.
Sanepina ka dapur, gancang nyicikeun cai kana dua bekong. Clom, Jang Aji nganclomkeun curuk katuhuna kana bekong anu hiji. Reup, meureumkeun panonna bari kunyam-kunyem siga anu keur mapatkeun jampé pamaké. Anéh, sok sanajan henteu nepi ka mulek, cai dina bekong anu diancloman curuk ku Jang Aji, dumadakan ngepul ngaluarkeun haseup ipis. Sanggeus sawatara kedapan, antukna mah haseup ipis ogé ngaleungit, méh bareng jeung Aji anu geus nyabut deui curukna tina bekong. Geus kitu mah gura-giru baé Jang Aji ngoloyor deui ka patengahan. Song, mikeun bekong ka Mang Tarya jeung ka Ceu Omah. Siga anu hanaang pisan, cai sabekong téh béak salaligus ku Ceu Omah mah.
"Ji, isukan mah teu kudu ngarit. Mang Una pan rék panén jagong, daunna aralus kénéh. Engké ku Bapa dipangalakeun."
"Oh, teu langkung Bapa ari éta mah."
"Sakalian ménta jagongna deuih, keur beuleumeun!" Ceu Omah nyelengkeung.
"Dawuh timbalan, Nyi Ratu," témbal Mang Tarya, kituna téh dibarengan ku acong-acongan nyembah.
"Nyao, ah!" Ceu Omah nepak leungeun salakina.
Jang Aji mah nepi ka ngehkey alatan ngarasa kagugu mangsa nempo pamolah Mang Tarya jeung nu jadi pamajikanna téh. Atuh Mang Tarya jeung Ceu Omah ogé antukna mah jadi milu saleuseurian.
"Harepan geus nembongan..., mawa asih jeung kabagjaan. Titis tulis bagja diri, geus waktuna mungkas kanyeri. Cur..., mancur.... Pék geura cumarita..., singlarkeun codéka raja..., cageurkeun panyakit nagri. Hahahahaha..., hahahaha.... Mancur.... Cur..., mancur...!Hahaha..., hahaha...!" Hawar-hawar, kadéngé sora anu nembang bari keukeuleuweuhan, sarta sorana mingkin lila mingkin ngajauhan.
"Tah, Bah Somad geus jadi deui!" Mang Tarya neuteup pamajikanna.
"Ihihi.... Enya, sok angger ari keukeuleuweuhan ti peuting téh!" témbal Ceu Omah bari cungar-cengir.
Ari Jang Aji, sakedapan mah ngan ukur kurang-kerung, sabab, sora anu cikénéh nembang bari keukeuleuweuhan téh, karasana téh bet asa keur nyarita sarta ditujukeun ka dirina. Malah mah tina hawana ogé karasa béda, Jang Aji mah nepi ka ruy-rey saawak-awak.
"Saha Bah Somad téh, Ma?" Teuteup Jang Aji pinuh kapanasaran.
"Ah, jelema owah, Ji!" Malah Mang Tarya anu némbalan.
"Oh. Di mana linggihna, Pa?"
"Belah ditu, deukeut walungan. Geus lila owahna téh. Tapi henteu ari ngagangu ka batur mah."
Jang Aji unggut-unggutan semu hulang-huleng. Ari Mang Tarya jeung Ceu Omah mah ngan ukur silihrérét mangsa nempo Jang Aji anu katempona siga keur mikir téh.
Hanca.
__ADS_1