
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
(31)
Ti poé ka poé, perkara maotna Prabu Raksapada jeung perkara diangkatna Radén Anjana jadi gaganti raja, mingkin nerekab sarta sumebar nepi ka suklakna ka siklukna, kaasup ka Karajaan Trisula Emas.
"Abong jauh tina kasopanan, teu ngabéjaan-ngabéjaan acan ka karajaan urang mah!" Parabu Ungkara némbongkeun kakeuheulna, mangsa keur ngariung di rohangan utama karaton jeung abdi-abdi dalemna.
"Sanés karajaan urang wungkul ari kitu téa mah anu teu diwartosan téh, Kangjeng Prabu, dalah karajaan-karajaan anu sanésna ogé sami baé teu diwartosan ari sanés Karajaan Batununggal mah, da mémang karajaan anu pangraketna. Kituna téh siga anu tamba henteu teuing ari pihak Batu Nunggal mah, mung ukur ngintun saurang abdi dalem minangka wawakil kanggo ngahadiranana." Ki Patih nepikeun béja anu katampa ku dirina.
"Hmm, bener-bener teu boga tatakrama pisan! Ngan jadi timbul kacuriga ari pikeun kaula mah, boa jelema deukeut kénéh anu maténi Prabu Raksapada téh. Komo deui nepi ka teu ngabéjaan sacara resmi ka unggal karajaan mah, siga anu sieun katohyan, siga anu sieun ditalungtik."
"Tiasa janten, Kangjeng Prabu. Boa pihak kulawargana kénéh anu maténina mah." Salah saurang abdi dalem milu nyarita.
"Enya, éta pisan maksud kaula téh. Tapi kajeun kétang ari perkara éta mah. Ngan anu jelas mah, kaula jadi loba kasieun sanggeusna Si Anjana jadi raja mah, da geus kairong bakal leuwih goréng batan bapana!"
"Parantos jelas pisan perkawis éta mah, Kangjeng Prabu. Sigana bakal langkung sawenang-wenang dina kapamingpinanana ogé ari Si Anjana mah."
Jempé pikeun sakedapan mah, saréréa ngan ukur ngabaretem, taya anu nyoara. Prabu Ungkara hulang-huleng némbongkeun kamelang, melang kana pikahareupeun karajaan jeung nasib rahayatna, anu geus bisa kataksir ti anggalna, bakal kabagaéan pangaruh goréng, balukar tina diangkatna Radén Anjana jadi raja di Darmapatih.
Keur kitu, ngurunyung saurang prajurit, ngadeuheus ka nu jadi rajana.
"Aya naon?" tanya Prabu Ungkara, sanggeusna éta prajurit rengkuh méré panghurmat di hareupeun dirina.
"Ampun, Kangjeng Prabu. Di luar aya saurang nonoman anu palay tepang sareng salira." Kalayan pohara rengkuhna éta prajurit nepikeun laporan.
"Saha?" Prabu Ungkara tikerung-kerung neuteup éta prajurit.
"Duka, teu acan ditaros namina mah. Nanging saurna, ajeunna téh dipiwarang ku salira, kanggo damel di taman karaton."
"Oh..., enya, enya. Langsung wé bawa ka taman tukang!" Prabu Ungkara siga nu karék inget.
"Dawuh timbalan, Kangjeng Prabu."
Geus kitu mah gura-giru baé éta prajurit ninggalkeun Prabu Ungkara jeung nu séjénna.
"Sawios, éta murangkalih mah pasarahkeun ka abdi wé, Kangjeng Prabu!" ceuk Ki Patih, mangsa rajana geus cengkat tina korsi kalungguhnana.
"Keun baé ku kaula wé, Ki Patih. Bari sakalian hayang niiskeun pikir di patamanan kaula téh!" témbal Prabu Ungkara.
Teu bisa nyarék Ki Patih ogé ari kahayang rajana samodél kitu mah. Ari Prabu Ungkara, sanggeusna amitan ka Ki Patih jeung ka nu séjénna mah, kebat baé ngaléngkahkeun sukuna, muru ka patamanan. Sanepina ka taman anu perenahna aya di tukangeun karaton, kasampak geus aya saurang jajaka nu anu nunungtun domba. Anu tétéla geuning éta jajaka téh taya lian Jang Aji, jeung Si Kumbay anu keur ngawujud dina jirim domba.
"Aéh, geuning hidep. Dianteur ku saha ka dieu?" tanya Prabu Ungkara, sanggeusna aya di hareupeun Jang Aji.
"Dijajap ku Mamang, Kangjeng Prabu," tembal Jang Aji kalayan pohara pisan rengkuhna.
"Oh. Ari tahlilan Pangersa Abdusomad, geus réngsé?"
"Parantos. Wengi tadi pisan tahlilan anu pamungkas téh, Kangjeng Prabu."
"Oh. Geuning hadé ieu dombana. Resep ngadu domba?" Prabu Ungkara méngkolkeun wangkongan, kituna téh bari ngusapan sirah domba.
"Ah, tara diadu-diadu. Hawatos, Kangjeng Prabu!"
__ADS_1
"Alus ari kitu mah. Tah, di dieu tempat gawé téh, Jang. Sagawé-gawé wé, beberesih. Atawa..., lamun bisa mah nata kekembangan sangkan leuwih genaheun katempona. Batur gawé mah aya tuh Jang Ukun. Kun..., Jang Ukun...!" ceuk Prabu Ungkara, kituna téh ditungtungan ku nyalukan sarta gugupay ka saurang jajaka anu keur nyapukeun dangdaunan di patamanan.
Teu talangké, gancang baé éta jajaka anu disebut Jang Ukun, nyampeurkeun ka Prabu Ungkara. Ampir sapantaran pisan jeung Jang Aji ari nilik tina dedegna mah Jang Ukun téh, ngan pedah wé awakna rada pendék.
"Aya kaperyogian naon, Kangjeng Prabu?" tanya Jang Ukun, sanggeusna malédogkeun heula imut ka Jang Aji.
"Ieu aya pagawé anyar, panganteurkeun heula ka tempat reureuhna, sina nundaan heula babawaanana. Sakalian deuih, anteur heula ka kandang domba!"
"Unjuk sumangga, Kangjeng Prabu." Jang Ukun pohara rengkuhna.
"Jung, tuturkeun Jang Ukun. Sing betah gawé di dieu, nya!" Prabu Ungkara nepakan taktak Jang Aji.
Jang Aji ukur unggeuk, anu saterusna mah kebat baé nungtun dombana, nyusul Jang Ukun anu geus leuwih tiheula ngaléngahkeun sukuna.
'Hmm, anéh. Ah, tetempoan aing wungkul meureun bieu mah!' gerentesna Prabu Ungkara, dibarengan ku gigisik kana matana, mangsa dina panempona, sakiceupan antarana, nempo wujud domba anu keur ditungtun ku Jang Aji téh bet robah jadi wujud maung lodaya.
Ari Jang Aji, jonjon baé nuturkeun Jang Ukun, bari rurat-rérét nempoan éndahna patamanan jeung rupa-rupa wangunan anu hararadé.
"Tah, domba mah tunda dieu!" ceuk Jang Ukun, mangsa geus nepi ka hareupeun kandang domba anu kosong.
Sakedapan mah Jang Aji ngan ukur molohok mangsa nempo ratusan domba anu pohara sareseg tur sakitu lalintuna téh. Kandangna ogé pajauh pisan jeung anu biasa aya di pilemburan mah, ieu mah kandangna ogé pohara hadéna, dijieun tina kai jati sarta dipapaés ku ukiran. Ngembat siga wangunan kontrakan nu Haji Dahlan.
"Éh enya, ngaran kuring mah Ukun. Ari manéh, saha?" Jang Ukun ngasongkeun dampal leungeun.
"Kuring mah Aji," témbal Jang Aji, kituna téh dibarengan ku seuri.
"Oh. Dieu, ku kuring urang pangasupkeun dombana mah!" ceuk Jang Ukun, siga anu langsung resepeun ka Jang Aji téh.
"Rék sorangan, atawa rék duaan jeung kuring? Da loba nu kosong ari rohangan paragi pagawé mah," ceuk Jang Ukun, sanepina ka hareupeun wangunan anu ngajajar.
"Ari ceuk kuring mah mending kénéh duaan, ambéh aya batur ngawangkong."
"Enggud ari kitu mah. Hayu, atuh. Tuh, nu itu paragi reureuh kuring mah!" Jang Ukun nunjuk hiji wangunan.
Geus kitu mah Jang Ukun ngojéngkang muru wangunan anu jadi tempat pangreureuhanana.
"Hayu!" ajakana Jang Ukun, mangsa geus mukakeun panto.
Jang Aji ukur unggeuk. Geus kitu mah Jang Ukun miheulaan ngaléngkahkeun sukuna ka éta wangunan. Genaheun, sok sanajan teu pati gedé, tapi aya kamar jeung rohangan-rohangan anu séjénna. Pakakas imah ogé éstuning lengkep tur réa rupana, aya lomari, aya hawu, katél, boboko, jeung parabot anu séjénna. Anu can aya téh kompor gas jeung mesin cuci wé meureun, da bubuhan acan jamanna.
"Tah, lomari nu éta kosong, bisi rék nunda pakéan mah!" Jang Ukun nunjuk hiji lomari anu dijieun tina kai jati.
"Hébat. Meulian sorangan barang-barang téh?"
"Ih, lain meuli, geus sadiakeun ku pihak karaton! Béas jeung laukna ogé sok dikiriman. Ari duit gajih mah misah deui."
"Wah, geuning bageur, nya!"
"Mémang bageur, asal digawéna jujur wé. Bisi rék reureuh heula, tuh di kamar, kuring mah rék neruskeun gawé!"
"Lah, rék langsung milu gawé wé!"
"Moal capé?"
__ADS_1
"Moal."
"Nya hayu ari kitu mah."
Poé harita datang ka Karaton Trisula Emas, poé harita kénéh Jang Aji ngamimitian digawé. Jang Ukun mah siga nu mingkin resepeun baé, sabab tétéla Jang Aji mah digawéna kawilang jujur sarta rapékan. Sok sanajan pagawé anyar, tapi kana baranggawéna mah teu kudu ngadagoan heula ditutah-titah.
"Yeuh, bisi teu boga duit. Kuring boga milik, tadi dibéré ku Nyi Putri." Jang Ukun ngasongkeun duit, mangsa keur rareureuh heula bari ngiuhan dina iuh-iuhna tangkal anu aya di patamanan.
"Nuhun pisan, Kun. Alhamdulillah ari duit mah kuring ogé boga kénéh. Angguran mah kumpulkeun wé, ambéh mulang ka imah téh bisa ngabungahkeun kolot."
"Aya itu ogé duit keur kolot mah. Ngahaja di...."
"Keur rareureuh, Jang?"
Omongan Jang Ukun kapotong ku aki-aki anu ngaliwat ka palebah dinya. Jang Ukun jeung Jang Aji méh bareng manggut dibarengan ku imut. Teu kungsi ngomong deui, geus kitu mah kebat baé éta aki-aki neruskeun deui léngkahna, muru ka wangungan karaton.
"Dupi Kangjeng Prabu, aya?" tanya éta aki-aki, mangsa pasanggrok jeung Ki Patih, dihiji rohangan karaton.
"Aya di rohangan pribadina. Aya kaperluan naon, Ki Ujat?"
"Eu..., kieu, Ki Patih. Aki téh héran, naha bet aya lodaya dina kandang domba?"
"Lodaya.... Ah, maenya aya lodaya dina kandang domba?"
"Muhun, Ki Patih. Hayu wé urang tingal bilih teu peranten mah!"
Sakedapan mah Ki Patih ngan ukur hulang-huleng, tapi antukna mah teu burung nurut kana pangajakna éta aki-aki, anu tétéla ngaranna Ki Ujat.
Ki Ujat leumpang rada gagancangan, dituturkeun ku Ki Patih. Jang Aji jeung Jang Ukun mah ngan ukur rarengkuh mangsa Ki Ujat jeung Ki Patih ngaliwat deui ka palebah dinya téh.
"Saha éta aki-aki téh?" tanya Jang Aji, mangsa Ki Ujat jeung Ki Patih geus rada anggang ti tempat reureuhna.
"Nu itu mah patih karajaan. Jenenganana Ki Patih Sampala. Lamun anu aki-aki mah juru nujum karajaan, jenenganana Ki Ujat."
Jang Aji unggut-unggutan bari neuteup tonggong dua jalma anu mingkin ngajauhan. Ari anu keur diomongkeunana mah kebat baé méngkol ka katuhu, muru ka kandang domba.
"Tuh tingal, itu lodaya, Ki Patih!" ceuk Ki Jamblang, sanepina ka hareupeun kandang domba, anu tétéla geuning, kandang anu dipaké nunda Si Kumbay ku Jang Aji.
"Hahaha.... Domba adu disebut lodaya!" Ki Patih Sampala mah malah nyeungseurikeun, da ari dina panempo dirina mah, Si Kumbay téh mangrupa jirim domba.
"Euh..., matak ogé sing seukeut mata batin!" Ki Ujat siga nu keuheul.
Reup, puh...!
Ki Ujat niup panon Ki Patih, sanggeus pikeun sawatara kedapan meureumkeun heula sapasang panonna.
Gebeg!
Ki Patih pohara ngagebegna sanggeus panonna ditiup ku Ki Ujat mah, sabab tetempoanana dumadakan robah, domba anu satadina keur depa dina jero kandang téh ari ayeuna mah katempona jadi jirim lodaya.
Pikeun sajongjongan mah Ki Patih Sampala ngan ukur kurang-kerung bari rut-rét ka Ki Ujat, jeung ka lodaya anu keur depa dina jero kandang.
Hanca.
__ADS_1