
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
(7)
Mangsa nempo kaayaan guha anu dituduhkeun ku Si Utih, sakedapan mah Kang Atang jeung anak pamajikanna ngan ukur patingpolohok, sabab, di sagigireun gedé tur lalega téh, éta guha pohara rapih tur raresikna. Batu-batu anu aya di éta guha, siga ngahaja ditata, gedé jeung rupana badis pisan jeung pakakas imah kayaning korsi jeung méjana. Dadasar jeung témbok guhana ogé laleucir sarta rarata, ngan pédah wé ngageblang taya pipindingna pisan. Sok sanajan kitu, ari bagéan pangjerona mah teu pati sidik da rada poék, alatan teu katojo ku cahya panon poé.
"Siga aya anu ngeusian ieu mah guha téh, mani raresik tur garenaheun kieu geuning," ceuk Kang Atang, satengah ngomong ka dirina sorangan.
"Muhun, pasti aya anu ngeusian ieu mah, Kang." Nyi Yati ngabenerkeun pamanggih salakina.
Embé....!
"Ari manéh siga anu geus apal pisan kana kaayaan di sabudeureun ieu patemapatan, Tih," Jang Aji kurang-kerung neuteup dombana anu bébéréléan.
Mangsa diajak ngomong ku Jang Aji téh ari Si Utih mah ngan ukur bébéréléan deui.
"Ayeuna kedah kumaha atuh, Kang?" Nyi Yati neuteup salakina.
"Urang asup wé, sakalian ngareureuhkeun kacapé. Keun baé, bisi engké datang anu boga mah, urang sasadu wé sacara hadé."
Nyi Yati ukur unggeuk, da mémang awakna asa geus lalungsé pisan. Sok, babawaan ditarunda heula. Kang Atang mimiti ngojéngkang ngadeukeutan guha.
"Sampurasun....! Hapunten kumawantun, abdi sakulawargi téh seja ngiring ngasoh. Mugia wé ngawidian," ceuk Kang Atang, mangsa ngamimitian nincakeun sukuna ka éta guha.
Nyi Yati jeung Jang Aji semu nu asa-asa nuturkeun léngkah Kang Atang. Ari Si Utih mah ngadon ngajengjen, teu jauh tina biwir guha.
"Pa?" Jang Aji rada molohok mangsa karék sidik, geuning tétéla di éta guha téh aya rohangan-rohangan anu séjénna, teu béda wé jeung rohangan imah dina umumna.
Kang Atang jeung Nyi Yati ogé sajongjongan mah sarua patingpolohokna.
"Beu, aya kamar sagala geuning, Kang, mani sadua-dua. Itu, maké aya batu anu badis kasur sagala!" Nyi Yati mingkin molohok deui waé mangsa lunga-lengo niténan sakur rohangan di éta guha téh.
"Enya, Nyi. Itu, di rohangan dapurna ogé mani lengkep. Aya hawu, aya coét jeung mutuna, sarta pakakas anu séjénna!" Kang Atang semu hariweusweus.
Kajurung ku rasa kapanasaran, Nyi Yati gura-giru muru rohangan guha anu cikénéh dituduhkeun ku salakina. Enya wé, kaayaan rohangan dapur di éta guha, persis pisan jeung anu diomongkeun ku salakina.
"Hayu atuh urang kaluar deui, Kang, da tos jelas ieu mah guha téh aya pangeusina!" Nyi Yati neuteup salakina.
"Enya, hayu. Urang caricing di luar wé bari ngadagoan anu bogana datang!"
Nyi Yati ukur unggeuk, anu saterusna mah ngojéngkang nuturkuen salakina, anu geus leuwih tiheula ngaléngkahkeun sukuna, kaluar ti éta guha. Jang Aji ogé milu nuturkeun. Gék, saréréa dariuk dina biwir guha.
"Bawaan ka dieu barang-barangna, Ji!" Kang Atang ngarérét ka anakna.
Teu talangké, gancang Jang Aji ngagugu kana panitah nu jadi bapana.
"Ieu mah langkung saé batan bumi-bumi anu aya di lembur urang, Kang," ceuk Nyi Yati, kituna téh dibarengan ku muterkeun paneuteupna ka jero guha.
"Enya, mani garenaheun kieu."
"Ma, Aji mah hoyong ibak di ditu. Énakeun sigana!" ceuk Jang Aji, mangsa nunda barang bawaan deukeut indung bapana, kituna téh dibarengan ku nunjuk cai curug, anu deukeut pisan ti éta guha.
__ADS_1
"Jung, tiheula ari rék mandi mah, da Bapa ogé sarua hayang mandi. Teu genaheun, carepel ku késang!"
Saréngséna nundaan sakabéh babawaan mah, kebat baé Jang Aji muru ka éta curug. Si Utih nuturkeun bari bébéréléan siga nu bungah pisan, ditarempokeun ku Nyi Yati jeung ku Kang Atang.
"Pa...!" jorowokna Jang Aji sanepina ka éta curug, kituna téh sorana rada les-lesan, alatan kasilep ku ngaguruhna cai curug.
"Tempo, Kang..., bilih kumaonam!" Nyi Yati siga anu pohara reuwaseunana mangsa nempo Jang Aji anu tipolohok-polohok neuteup lintung curug téh.
Kang Atang langsung cengkat, sarta anu saterusna mah ngaderegdeg muru anakna.
"Masya Alloh..., Gusti nu agung...!" Kang Atang pipilueun molohok siga Jang Aji, mangsa nempo ratusan lauk sagédé-gedé dampal leungueun, anu patingkucipek dina lintung curug.
"Aya non, Kang?" tanya Nyi Yati anu tétéla nuturkeun, sorana ngéngkréng méh mapakan gumuruhna cai curug.
"Itu geura, tempo. Asa karék ayeuna Akang mah nempo lauk aya dina lintung curug!" témbal Kang Atang dibarengan ku tutunjuk.
"Alhamdulillah..., moal sesah milarian tuangeun ari kieu mah, Kang!"
"Ah, da nyanéh mah kana dahareun waé ingetna téh!"
"Émangna Akang teu lapar, kitu?"
"Hehee.... Enya kétang!" Kang Atang jadi kulamas-kélémés sorangan.
Nyi Yati mah ngan ukur juba-jebi sarta dulak-delék ka salakina.
Jleng..., gejebur...!
Sanggeus ngalaan bajuna mah, Jang Aji ngagejeburkeun awakna kana éta lintung. Tétéla jerona téh ngan ukur semet dada.
Jleng..., gejebur...!
Kalayan teu kungsi ucul-ucul heula pakéan, Kang Atang ogé ngagajleng nurutan anakna.
Embé...!
Si Utih dagdag-digdig bari bébéréléan. Hayang milu ancrub tayohana mah, tapi teu wanieun alatan jero teuing.
"Horséh..., abdi kénging lauk, Pa!" Jang Aji ngacungkeun lauk nu ditéwakna.
Kerelep...!
Kang Atang ogé siga nu embung éléh, gancang bé teuleum rék néwak lauk.
"Hehee....,Bapa ogé meunang, Ji!" Sanggeusna mucunghul deui téh, kalayan siga nu bungah pisan Kang Atang ngacungkeun lauk anu gedéna méh sarua.
__ADS_1
Embé...!
Si Utih ngabérélé. Nyi Yati émprak dibarengan ku sura-seuri, nempokeun anak jeung salakina.
Jauh pisan tina sangkaan, di leuweung anu kawilang hara-haraeun, Jang Aji jeung indung bapana bisa sarukabungah saleuseurian. Kasieun, kabingung sarta kasusah, dumadakan ilang sarta kaganti ku kabagjaan.
"Nyi...,moal mandi?" Kang Atang ngarérét ka pamajikanna.
"Engké wé abdi mah, Kang. Alungkeun laukna, urang beresihan!"
Lung..., lung...!
Jang Aji jeung Kang Atang méh bareng ngalungkeun laukna. Teuing lauk naon, siga beunteur rupana mah. Tawés lain, lauk paray lain. Nyi Yati siga nu bungah pisan nyokotan lauk anu kekerepekan.
"Ieu hiji deui, Nyi. Ambéh hiji séwang!" Kang Atang ngacungkeun deui lauk nu meunang néwakna.
Lung..., creb...!
"Akh...!"
Nyi Yati ngagoak awahing ku reuwas. Sabab, dina mangsa lauk anu dialungkeun ku salakina keur dina kaayaan ngalayang, teuing ti mana datangna, ujug-ujug aya anu ngabelesat sarta ngagabres kana éta lauk.
"Nyai...!"
"Ema...!"
Embé...!
Kang Atang jeung Jang Aji anu sarua pohara rareuwaseunana, teu sirikna tibuburanjat, paheula-heula nyampeurkeun ka Nyi Yati. Si Utih ogé bébéréléan kabawa riweuh.
Sanepina ka darat, pikeun sajongjongan mah boh Kang Atang, Jang Aji, pon kitu deui Nyi Yati, bati patingpolohok nempo pangpung garing anu ngagabres kana lauk anu keur kekerepekan, kalayan dina éta pangpung, palebah tungtungna aya gulungan tina sarupaning dangdaunan.
Kang Atang jeung Jang Aji gancang rut-rét sarta tatanggahan, niténan ka sabudeureun éta patempatan. Nyi Yati ogé jadi kabawakeun. Saréréa rada kurang-kerung mangsa paneuteupna eunteup ka hiji jirim anu make papakéan sing sarwa bodas, anu harita keur ngajanteng dina batu, di luhur curug. Teu sidik ari beungeutna mah, da kawantu pohara luhurna. Éta jirim anu papakéanana sing sarwa bodas, anu tina dedeganana mah geus pasti dedegan lalaki, sakedapan mah katémbong ngadadahkeun leungeun katuhuna.
Jorélat..., jleng jleng jleng...!
Geus kitu mah kalayan gerakan anu pohara gesitna, éta jirim gujlang-gajleng jojorélatan, tina dahan anu hiji kana dahan-dahan anu séjénna, nepi ka antukna mah ngiles di antara rajegna tatangkalan. Sajongjongan mah Nyi Yati jeung Kang Atang ngan ukur silihpelong.
"Saha, nya?" ceuk Kang Atang, satengah tumanya ka dirina sorangan.
Nyi Yati jeung Jang Aji ukur garideug.
Geus kitu mah kalayan pinuh ku rasa kapanasaran, Kang Atang dongko pikeun ngarongkong gulungan daun anu aya dina tungtung pangpung. Sanggeus dibébérkeun, tétéla geuning aya tulisnana, kalayan maké Aksara Sunda.
"Pék, areusian guha kuring. Sing barungah sarta bumetah! Patih Cakra Sanjaya Widarsa." Kang Atang ngagerendeng maca éta tulisan.
__ADS_1
Sajongjongan mah, boh Kang Atang, Nyi Yati, pon kitu deui Jang Aji, ngan ukur silihrérét bari kurang-kerung, kalayan sorot mata anu pinuh ku pananya.
Hanca.