BANJIR GETIH DI DARMAPATIH

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH, episode 12


__ADS_3

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH


(12)


Tilu jin anu meunang paréntah ti Prabu Raksapada, nu hiji mah misah, ngabelesat muru ka hiji pilemburan. Ari anu duaan mah babarengan muru ka pilemburan anu séjénna.


"Tuh, Si Kemplang jeung Si Burik!" ceuk jin anu hiji, sajeroning nyuruwukna di awang-awang, kituna téh bari tutunjuk ka dua jin anu jarangkung badag, anu harita keur lumampah di hiji pilemburan.


Nu diajak nyaritana mah ngan ukur némbalan ku unggeuk.


Suruwuk..., séot..., jleg!


Ngan ukur dina waktu sakeudeung éta dua jin geus ngajarega di jajalaneun anu rék diliwatan ku dua jin anu cikénéh ditunjukna.


"Rék naon ari sia, maké ngahalangan jajalaneun aing?" ceuk jin anu sakabéh pakulitan awakna pohara hurikna, kituna téh dibarengan ku tutunjuk ka dua jin anu keur patingjarega di hareupeunana.


"Aing dititah ku Kangjeng Prabu, pikeun ngajak maranéh maluruh Si Atang jeung kulawargana."


"Kapanan ieu ogé, aing jeung Si Kemplang keur maluruh Si Atang jeung anak pamajikanna!"


"Heueuh, aing ogé nyaho. Ngan aya paréntah anyar, néanganana ka kudu wewengkon pileuweungan. Néangan ka pilemburan mah bagéan Ki Patih jeung nu séjénna."


Ari geus dijelaskeun kitu mah éta dua jin arunggut-unggutan tandaning ngarti.


"Rék ngamimitian ti mana heula atuh, pan pileuweungan téh loba?" Jin anu pakulitanana hurik, anu tayohna mah anu ngaran Si Burik-Si Burik téa, rut-rét ka nu keur diajak nyaritana.


"Heueuh, kudu ngmimitian ti mana heula nya, euy?"


"Urang ti leuweung nu itu heula wé!" Si Kemplang nunjuk pileuweungan anu ngampar di handapeun pancuhna hiji gunung.


"Rék ti mana heula ogé hayu ari aing mah!"


"Heueuh, ti mana heula wé da sarua!"


Antukna mah éta opat jin meunang kasapukan pikeun maluruh kulawargana Kang Atang, kalayan ngamimitian maluruhna ti hiji pileuweungan anu ditunjukkeun ku Si Kemplang. Geus kitu mah éta opat jin patinggaredig muru ka pileuweungan. Henteu patingbelesat siga saméméhna, da bubuhan keur aya nu ditéangan.


"Ké ké ké..., itu geuning siga Ki Patih!" Si Burik nunjuk ka opat jalma anu tarumpak kuda, sarta lumampah dina jalan anu sarua.


"Heueuh, bener!" Si Kemplang milu ngéngklokan.


Ari jin anu duaan deui mah ngan ukur arunggeuk tandaning sarua ngabenerkeunana. Sanggeus pahareup-hareup, tétéla wé geuning bener, opat jalma anu tarumpak kuda téh taya lian Ki Patih, Radén Angkara jeung dua prajuritna, anu salah salah saurang prajuritna mah nyatana Si Uji, anu tiheula kungsi éléh jajatén mangsa nyanghareupan Jang Aji.


"Geus ti mana ari maranéh?" Ki Patih rut-rét ka opat jin anu keur patingbedega di hareupeun kuda anu keur ditumpakanana.


"Pan geus maluruh Si Atang jeung kulawargana, Ki Patih." Si Burik ngawakilan némbalan.


"Manggih laratan?"


"Euweuh."


"Terus, ari ayeuna rék ka marana?"


"Kaula meunang pancén ti Kangjeng Prabu, pikeun néangan ka wewengkon pileuweungan. Sabab, ari ceuk pamanggihna Kanjeng Prabu jeung juru nujum karajaan mah, Si Atang jeung kulawargana téh pasti kalabur ka leuweung." Jin anu buukna ngan ukur welasan lambar, miheulaan némbalan.


Sajongjongan mah Ki Patih ngan ukur hulang-huleng, tapi antukna unggut-unggutan.


"Bisa jadi, tah. Hayu, sakalian wé jeung aing maluruhna!" Antukna mah Ki Patih ogé jadi hayang milu néangan kulawargana Kang Atang ka pileuweungan.


"Nya hayu ari daék asruk-asrukanana mah!"

__ADS_1


"Waduh..., abdi mah moal kiat upami kedah asruk-asrukan ka pileuweungan mah, Ki Patih. Dada abdi nyeri kénéh!" Si Uji siga nu seunggah ari kudu asruk-asrukan ka pileuweunagan mah.


"Lamun manéh teu milu mah, atuh euweuh anu wawuh ka Si Atang jeung ka anak pamajikanna!" Ki Patih rada nyorongot.


"Bwhahaha..., gampang. Turun, ku aing urang ubaran heula!" Si Kemplang nyelengkeung.


Ki Patih mah asa nu meunang bongbolongan mangsa Si Kemplang daékeun ngubaran prajuritna anu keur ngalaman tatu jero dina dadana téh.


Sanggeus turun tina kudana, Si Uji dititah sila. Reup, Si Kemplang anu geus sarua sila di hareupeun Si Uji, gancang baé meureumkeun panonna. Dampal leungeun katuhuna ditapelkeun kana dada Si Uji.


Peledug!


Dumadakan aya haseup hideung anu kacida kandelna, ngabulen awak Si Uji. Ki Patih, Radén Angkara jeung anu séjénna mah ngan ukur narempokeun. Teu anéh-anéh teuing ari pikeun Ki Patih jeung Radén Angkara mah, da geus mindeng nyaksian perkara anu sarupa kitu téh.


Les!


Haseup hideung anu ngabulen awak Si Uji ngaleungit, bareng pisan jeung Si Kemplang anu narik deui leungeun katuhuna.


"Wah..., langsung cageur!" Kalayan siga nu bungah pisan Si Uji rumpu-rampa kana dadana.


"Bwahahaha.... Di sagigireun cageur téh, sia ku aing geus dibéré kakuatan anu lumayan!" Si Kemplang siga anu sugema.


"Nuhun pisan, Kang Jin!"


"Bwahaha...!"


"Meunggeus. Hayu, urang arindit!" Ki Patih rut-rét ka saréréa.


Sangeus Si Uji tumpak deui kana kudana, abringan Ki Patih anu ayeuna mah dibarengan ku opat jin, gancang baé lumampah, ngajugjug ka pileuweungan. Sanggeusna rada jauh abringan Ki Patih ninggalkeun patempatan anu bieu, saurang aki-aki anu tayohna mah ngawaskeun ti tatadi, unggut-ungutan sarta kaluar tina panyumputanana, anu saterusna mah jojorélatan ninggalkeun éta patempatan.


Ari abringan Ki Patih, sanggeus lumayan lila lumampahna mah, antukna nepi ka sisi pileuweungan. Ku sabab euweuh keur jalanna, kapaksa Ki Patih, Radén Angkara jeung dua prajuritna, tarurun tina kudana. Opat kuda dicangcang dina handapeun tangkal. Geus kitu mah saréréa nalikreuh, nyorang rémbetna kakayon di pileuweungan.


"Reureuh heula, euy, hayang nginum!" ceuk Ki Patih, mangsa manggih tempat anu rada caraang, sanggeusna lumayan lila asruk-asrukan di pileuweungan.


Si Uji teu wani ngabangkang, gancang baé ngagugu kana kahayangna Ki Patih. Gék, duanana dina catang. Si Uji gancang ngasongkeun wadah cai ka Ki Patih. Leguk, leguk, siga nu ni'mat pisan Ki Patih maseuhan tikorona.


Jleg!


Di hareupeun Ki Patih jeung Si Uji, ujug-ujug ngajelegedeg jirim Si Burik. Ki Patih jeung Si Uji rada ngarénjag alatan reuwas.


"Ari sia, sok ngareureuwas!" Ki Patih siga nu keuheul.


"Bwahaha.... Hampura, Ki Patih!"


"Malah cungar-cengir, siah!"


"Bwahaha..., enya hampura atuh, Ki Patih!"


"Hmm, pan ku aing dititah nyebar sia téh!"


"Rék laporan heula, Ki Patih. Kaula geus ngambeu getih jalma-jalma anu keur ditéangan!"


"Nu bener?" Ki Patih langsung curinghak mangsa Si Burik méré laporan anu samodél kitu mah.


"Enya. Geus rada deukeut ari kaambeuna mah."


"Gancang béjaan anak aing jeung nu séjénna, sina ka darieu!"


"Siap, Ki Patih!"

__ADS_1


Geus kitu mah gancang baé Si Burik ninggalkeun Ki Patih jeung Si Uji.


"Hahaha.... Lamun Si Atang jeung anak pamajikanna geus kacerek, mangka manéh ogé baris ngasaan hadiahna," Ki Patih ngarérét ka Si Uji.


"Nuhun pisan, Ki Patih!" Si Uji siga anu pohara bungaheunana.


Ki Patih ukur surangah-séréngéh bari unggut-unggutan.


Sanggeus rada lila antarana, kadéngé ku Ki Patih, aya sora anu patingkorosak, sarta mingkin lila mingkin ngadeukeutan ka palebah dirina, nepi ka antukna mah ngurunyung opat jin, anu dituturkeun ku Radén Angkara, jeung saurang prajurit anu marenganana.


"Ari maranéh, sarua geus ngambeu getih Si Atang jeung anak pamajikanna?" Ki Patih rut-rét ka tilu jin, mangsa geus aya di hareupeunana.


"Enya. Kaula ogé geus ngambeu getih turunan Si Siloka Wicakra."


"Sarua kaula ogé, Ki Patih."


"Enya, kaambeuna mah geus deukeut."


Tilu jin saur manuk narémbalan.


"Hahaha.... Hadé. Ulah raribut maluruhna, sangkan Si Atang jeung anak pamajikanna henteu kagareuwahkeun!" Kalayan siga nu bungah pisan Ki Patih rut-rét ka saréréa.


Anu dirérétna mah ngan ukur narémbalan ku arunggeuk.


"Si Burik sareng anu sanésna sina tipayun, Rama!" Radén Angkra neuteup bapana.


"Heueuh. Jung, maranéh opatan leumpang tiheula!" témbal Ki Patih, ditungtungan ku maréntah ka opat jin anu marengan dirina.


Opat jin ukur arunggeuk, anu saterusna mah laleumpang tiheula, kitun atéh bari teu eureun ungsa-angseu, siga keur aya nu diambeuan. Ari Ki Patih, sok sanajan karék reureuh sakeudeung, mangsa nyaho yén jelema-jelema anu keur dipaluruhna geus kasusud tapakna mah, sumangetna jadi kahudang deui, gancang baé nuturkeun léngkah opat jin, dituturkeun ku Radén Angkara jeung ku dua prajurit anu marenganana. Si Uji jeung prajurit anu saurang deui, teu kudu capé-capé mapasan rembetna kakayon anu ngahalangan ari ayeuna mh, sabab sanggeusna kagaley ku opat jin ogé, jajalaneun téh jadi dumadakan rata sarta lalega.


Sanggeus nepi ka hiji palataran anu tatangkalanana coréngcang, opat jin méh bareng ngareureunkeun léngkahna.


"Aya naon?" Ki Patih rut-rét ka opat jin.


"Geus mingkin deukeut," témbal Si Kemplang rada haharéwosan, bari teu eureun ungsa-angseu.


"Tingal itu, Kangjeng Rama!" Radén Angkara sarua haharéwosanana, kituna téh bari tutunjuk ka jauhna, mangsa ku dirina katempo aya tilu jirim anu keur dariuk dina handapeun tangkal, kalayan dina kaayaan keur rada nonggongan.


"Bener éta jelemana, Suji?" Ki Patih ngarérét ka Si Uji, kituna téh bari gancang dongko, angkeuhan mah sangkan teu katempoeun ku tilu jirim anu keur dariuk dina handapeun tangkal.


Radén Angkara jeung anu séjénna ogé gancang nurutan darongko.


"Teu patos sidik, Ki Patih," témbal Si Uji, kituna téh bari teu sirikna ngabelél-belélkeun mata.


"Hayu, urang deukeutan!" Ajakna Ki Patih ka saréréa.


Sanggeus arunggeuk mah, kalayan rada keketeyepan Ki Patih jeung nu séjénna ngadeukeutan jirim anu tiluan.


"Leres pisan, éta Si Atang sareng kulawargina, Ki Patih!" ceuk Si Uji sanggusna bener-bener sidik.


Ari salah saurang ti tilu jirim anu keur dariuk dina handapeun tangkal, anu tétéla geuning Kang Atang, bet kabeneran harita téh ngarérét ka palebah Ki Patih jeung balad-baladna. Sanggeus katémbong siga nu ngomong ka Jang Aji jeung ka pamajikanana mah, langsung baé Kang Atang jeung anak jeung pamajikanna carengkat, anu saterusna mah patingberetek lalumpatan.


"Téwak!" Gancang Ki Patih méré paréntah.


Gajleng..., derengdeng...!


Opat jin, Radén angkara jeung dua prajuritna, harita kénéh patingberetek ngudag Kang Atang jeung anak pamajikanna. Ki Patih ogé siga nu embung tinggaleun, milu ngudag di pangtukangna.


Hanca.

__ADS_1


__ADS_2