
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
(6)
Opat prajurit anu jaraga di gapura karaton, pohara rareuwaseunana mangsa nempo kaayaan dua prajurit anu kasoran mangsa geus adu hareupan jeung Jang Aji téh.
"Kunaon maranéh, geuning Si Uloh nepi ka kapiuhan kieu?" tanya salah saurang nu keur jaga gapura.
"Panjang caritana. Engké deui wé, kuring hayang nepungan heula Radén Angkara," témbal baladna prajurit Uloh, kituna téh bari pupuringisan nyekelan dadana.
"Euweuh Radén Angkara mah, keur ngadu domba di tegalan Gunung Jembring."
"Waduh, kumaha atuh? Kuring teu kuat ari kudu nyusulan ka ditu mah."
"Keun baé, kuring jeung Si Alok anu nyusulan Radén Angkara mah. Manéh mah geura uubar wé. Tapi, béjaan heula saeutik mah pasualanana, sangkan puguh dina mangsa ngabéjaan Radén Angkara."
"Tapi omat, Kangjeng Prabu Raksapada mah ulah nepi ka apaleun!"
Nu dijak nyarita ukur unggeuk.
Geus kitu mah barabat wéh baladna prajurit Uloh nyaritakeun pangalamanana kalayan singget, ngeunaan perkara anu karandapan, mangsa keur nempo domba adu ka imahna Kang Atang. Kabéh anu ngaregepkeun taya anu teu gogodeg alatan ngarasa hélok.
Sanggeus prajurit Uloh diturunkeun tina kudana mah, kalayan ati-ati pisan, gancang baé digarotong ka rohangan Ki Tabib. Ari dua prajurit anu rék ngabéjaan Radén Angkara, sanggeusna tarumpak kuda anu saméméhna dipaké ku prajurit Uloh jeung ku baladna mah, kebat baé mecut kudana ka belah kidul.
Sanggeusna nyorang lalampahan anu lumayan lila, antukna mah dua Prajurit anu rék ngabéjaan Radén Angkara, narepi ka tempat nu dijugjugna. Négla éta patempatan téh, mangrupa tegalan anu pasireunana ajeg pancuh hiji gunung, lir anu hayang némbongkeun komarana. Sababaraha kuda jeung domba adu anu dicarangcang handapeun tangkal, tonggoy ngahkanan jukut anu jadi titilam éta tegalan. Puluhan jalma ngariung, persis pisan aya di tengah-tengah éta tegalan. Saurang jajaka anu dangdananana rada béda ti nu lian, anu tétéla Radén Angkara, teuteupna museur kana dua domba anu pahareup-hareup sarta sarua keur ngawahan, tatan-tatan pikeun ngadu kakuatan.
Garagah pisan éta dua domba adu anu keur pahareup-hareup téh. Awakna sareseg turta ngareusi. Domba anu hiji, buluna hideung meles, ari anu hiji deui mah buluna bodas paselang jeung bulu anu kelir coklat.
"Sikat, Wulung...!"
"Tampol, Paser...!"
Jalma-jalma anu keur ngariung éta domba, patingjorowok patingkeuleuweuh, teu jauh béda jeung pamolah Radén Angkara dina mangsa harita.
Surudug...!
Méh bareng dua domba anu undur-unduran, patingsurudug maraju deui.
Surudug..., jebréd...!
Dua domba ngadukeun sirahna.
Ger....!
Anu lalajo sarurak euyah-euyahan, malah mah nepi ka aya anu patingsaruit sarta patingkaleprok sagala. Ari domba anu keur disurakanana, sakedapan mah gigideug semu ngahuleng, ngarasa lieur tayohna mah. Tapi teu lila kituna téh, duanana méh bareng malundur deui pikeun ngawahan.
"Dén, Si Uloh sareng Si Uji taratu parna. Si Uloh mah dugi ka kapiuhan sagala." Prajurit Alok anu geus aya di gigireun Radén Angkara, haharéwosan nepikeun béja.
"Kunaon?" Radén Angkara kurang-kerung.
Awor jeung surak sarta patingkeuleuweuhna jalma-jalma anu keur lalajo, prajurit Alok nyaritakeun musababna.
__ADS_1
"Goblog! Piraku éléh ku pejuh?" Radén Angkara siga anu pohara keuheulna.
"Meunang, Dén. Itu musuh Si Wulung nepi ka ngajehjer!" Saurang prajurit anu ti tatadi marengan Radén Angkara, nyelengkeung bari tutunjuk.
"Lain perkara Si Wulung ieu mah, koplok!" Radén Angkara nyentak.
Paneuteup jalma-jalma anu keur araya di dinya, jadi mencrong sarta kurang-kerung ka Radén Angkara.
"Hayu urang warah, tuman!" Kalayan teu maliré ka puluhan pasang mata anu keur nareuteup dirina, harita kénéh Radén Angkara ngajak indit ti éta tempat.
"Ari ieu Si Wulung, kumaha, Dén?" Prajurit anu ti tadi marengan Radén Angakara, kurang-kerung siga nu bingung.
"Urus heula ku manéh, aing mah keur aya urusan anu pohara pentingna!"
Geus ngomong kitu mah kalayan gagancangan Radén Angkara muru kudana anu dicangcang dina hadapeun tangkal. Sanggeus tali panyangcangna diudar, clak, Radén Angkara kana kudana.
"Hyakh...!"
Geus kitu mah Radén Angkara gagancangan ninggalkeun éta patempatan, dituturkeun ku dua prajurit anu saméméhna nepikeun béja.
"Di lembur mana ngajedogna anak Si Atang téh?" tanya Radén Angkara di satengahing perjlananana, kituna téh kalayan teu kungsi ngeureunkeun heula kudana.
"Hilap, teu ditaroskeun nami lemburna mah. Rurusuhan tadi téh, Dén. Engké wé taros ka Si Uloh sareng ka Si Uji!"
"Dasar koplok!" Radén Angkara siga anu pohara keuheulna.
Geus kituna Radén Angkara jeung dua prajurit anu marenganana, mingkin ngagancangkeun laju kudana.
"Kuluarkeun juda hiji deui. Maranéh mah jaraga gapura deui wé. Aing mah butuh dibarenganana ogé ku paraponggawa!" ceuk Radén Angkara, sajrutna tina tonggong kuda.
Dua prajurit ukur arunggeuk. Ari Radén Angkara geus asup ka karaton mah, gancang éta dua prajurit ngabagi-bagi pancén. Anu saurang, kabagéan nyangcangan kuda, ari anu saurang deui mah ngoréléng ka tukangeun wangunan karaton, seja nyokot kuda, nohonoan paréntah Radén Angkara.
Sanggeus lumayan lila antarana, katémbong Radén Angkara geus kaluar deui ti karaton, dituturkeun ku tiluan, anu salah saurang diantarana mah nyatana Si Uji, prajurit anu kungsi kasoran mangsa adu hareupan jeung Jang Aji. Sanggeus kabéh cluk-clak kana tonggong kuda, Si Uji pangheulana indit, dituturkeun ku Radén angkara jeung ku nu séjénna.
Teu kacatur di jalanna mah, abringan kuda anu ditumpakan ku Radén Angakara jeung nu séjénna, geus narepi ka buruan imahna Kang Atang.
"Atang.... Kaluar siah, goblog...!" Radén Angkara ngagorowok.
Simpé taya anu némabalan.
"Atang.... Kaluar, sétan!" Amarah Radén Angakara mingkin ngabebela.
Siga saméméhna, simpé taya anu némbalan.
"Dobrak!" Radén Angkara ngarérét ka dua ponggawa anu geus tarurun tina kudana.
Teu talangké, gancang éta dua ponggawa ngojéngkang ka tepas imah.
Séak..., brak...!
Ngan ukur sakali ngajejek, panto imahna Kang Atang langsung ngajeblag. Geus kitu mah gura-giru dua ponggawa arasup ka jero imah. Tapi, sanggeusna dikotéktak ka saban rohangan, tétéla kulawarga Kang Atang geus euweuh ti éta imah. Gancang laporan.
__ADS_1
"Tos teu araya, Dén. Kalabur sigana mah," ceuk salah surang ponggawa, sanggeusna aya deui di hareupeun Radén Angkara.
"Goblog. Duruk imahna!"
Teu diengké-engké deui, dua ponggawa anu meunang paréntah ti Radén Angkara, gura-giru arasup deui ka imah Kang Atang. Teu lila antarana, sanggeus dua ponggawa kaluar deui, imah Kang Atang ngageretek kahuruan. Sabaraha urang warga anu nyérangkeun ti kaanggangan, ngan ukur bisa narempokeun bari patingkecewis jeung pada baturna.
"Nyebar.... Téangan, bisi keur nyumput di imah warga!" Paréntahna deui Radén Angkara.
Geus kitu mah Radén Angkara jeung nu séjénna nyebar sarta ngotéktak unggal imah warga anu aya di lembur éta. Tapi, sanggeusna kabéh imah warga dipariksa, Kang Atang jeung kulawargana mah keukeuh henteu kapanggih.
Ari anu keur ditéanganana ku Radén Angkara jeung ku nu séjénna mah, enya Kang Atang jeung kulawargana, harita téh keur asruk-asrukan dina rembetna kakayon leuweung, kituna téh kalayan rébo ku babawaan. Kang Atang anu leumpang pangheulana, but-bet mapasan rurungkunan anu ngahalangan jalan. Di tukangeunana, Nyi Yati ngalénghoy siga anu geus pohara capéeunana, dituturkeun ku Jang Aji jeung ku Si Utih.
"Badé ka mana urang téh, Kang?" tanya Nyi Yati semu hah-héh-hoh.
"Teuing. Ka mana wé, nu penting mah aman."
"Hapunten, Ma, Pa.... Gara-gara abdi, Ema sareng Bapa janten ngiring nanggung balukarna," ceuk Jang Aji pinuh karumasa.
"Teu salah-salah teuing hidep mah, Ji. Keun wé, matak kieu ogé geus jadi jalan hirup kulawarga urang meureun." Nyi Yati siga anu karunyaeun pisan ka anakna téh.
"Enya. Keun wé, boa kahareupna mah bakal manggih kahirupan nu leuwih genah urang téh. Angguran mah sing loba ngado'a, sangkan urang saralamet sarta tinemu jeung bagja." Kang Atang milu mairan.
Embé..., embé...!
"Kunaon ari manéh, Tih?" Jang Aji neuteup dombana, anu teu eureun bébéréléan.
"Hayangeun nyatu meureun, Ji," ceuk Nyi Yati.
"Ah, ti tadi ogé bari ngagayem pupucukan, Ma!"
"Kunaon atuh manéh téh, Tih?" Kang Atang neuteup éta domba.
Embé...!
Gajleng..., surudug...!
Si Utih nyururudug norobos rembetna kakayon leuweung. Jang Aji jeung indung bapana nepi ka marolohok, sabab rembetna kakayon leuweung anu ditorobos ku Si Utih, molongpong sarta genaheun keur liliwateun.
"Hoyongeun nunjukeun jalan sigana mah, Kang," Nyi Yati neuteup salakina.
"Urang cobaan wé tuturkeun!" témbal Kang Atang.
Geus kitu mah Kang Atang jeung anak pamajikanna, nalikreuh deui nyorang molongpongna jalan, anu rurungkunanana ditorobos ku Si Utih.
Sanggeus lumayan lila nalikreuhna, antukna mah Si Utih jeung kulawargana Kang Atang, narepi ka hiji curug anu patempatan di sabudeureunana lumayan négla.
Embé...!
Si Utih ngabérélé, disusul ku ngaléngkahkeun deui sukuna, muru ka hiji gawir anu lungkawing. Kang Atang, Nyi Yati jeung Jang Aji, sakedapan mah ngan ukur silihteuteup. Tapi teu lila kituna téh, antukna mah saréréa gancang nuturkeun Si Utih anu geus ngajengjen sarta bébéréléan di hareupeun gawir anu lungkawing. Atra pisan ari geus deukeut mah, dina éta gawir aya guha anu gedé sarta lalega.
Hanca.
__ADS_1