BANJIR GETIH DI DARMAPATIH

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH, episode 54


__ADS_3

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH


(54)


Si Liuk jeung Si Bangkor, sanggeusna nempo kelemengna jirim manusa anu keur sila dina luhureun batu karang téh teu wanieun ngaganggu, alatan dicarék ku Ki Cakra, pajar téh karunya, sabab ari dititénan tina sikepna mah, éta jirim manusa anu taya lian Nyimas Pandani téh keur mulihkeun heula kakuatanana. Inget kana papagah ti Jang Aji tayohna mah, antukna Si Liuk jeung Si Bangkor ogé teu wani baha.


"Moal nanaon kira-kirana, mun ngadagoan Si Pandani nepi ka pulih deui?" Si Liuk siga anu salempang.


"Kalem wé, pan kaula ogé geus boga keur meruhkeunana."


"Tuh, geuning teu burung usik!" Si Bangkor tutunjuk.


Enya wé geuning, barang dirérét téh Nyimas Pandni keur metakeun dua leungeunna, keur nutup deui tanaga jerona sigana mah. Jung, Nyimas Pandani cengkat, sarta anu saterusna mah ngajega bari nulak cangkéngna.


Jorélat..., jleng jleng jleng..., clé!


Tétéla, sok sanajan kakuatanana tacan sampurna siga saméméhna, tapi ari niténan tina gerakanana mah Nyimas Pandani téh pohara gesitna, nepi ka ngan ukur dina sababaraha gerakan ogé geus ngajega deui di hareupeun Ki Cakra jeung dua naga.


"Nanahaonan ari sia bet mawa musuh, Liuk?" Nyimas Pandani tutunjuk bari muncereng.


"Lain kaula nu mawa, tapi kaula anu dibawa," témbal Si Liuk pohara kalemna.


Pikeun sakedapan mah Nyimas Pandani ngan ukur kurang-kerung bari rut-rét ka Ki Cakra jeung ka dua naga.


"Rék naon sia jor-jor ka dieu, aki-aki péot?" Nyimas Pandani tutunjuk ka Ki Cakra.


"Ehehehe.... Péot saha jeung diri manéh, Pandani?"


Karék inget sigana mah, yén dirina keur ngajirim dina wujud anu aslina, lamun keur dina mangsa beurang téa mah, geus pasti beungeut Nyimas Pandani katémbong pisan bareureumna.


"Kurang ajar. Podaran, Liuk!" Langsung baé Nyimas Pandani maréntah nagana.


Tapi anu dititahna mah malah gigideug.


"Liuk..., podaran éta aki-aki!" ceuk Nyimas Pandani deui, bari nyentak ayeuna mah.


Pikeun anu kadua kalina, Si Liuk mah ngan ukur némbalan ku gideug.


"Liuk!"


"Embung!"


"Koplok! Sia wani ngabangkang ka aing?" Amarah Nyimas Pandani siga anu dumadakan pohara nguntab-nguntabna.


"Embung. Ceuk aing embung, embung!"


"Kurang ajar. Disiksa siah ku aing!"


"Ehehehe.... Tong dipapaksa ari embungeun mah, Pandani!" Ki Cakra nyelengkeung bari huhah-héhéh.


"Rasakeun, siah!"


Reup, dina tungtung kecapna, langsung baé Nyimas Pandani mah meureumkeun sapasang matana. Dua dampal leungeun dirapetkeun dina hareupeun dada. Biwirna kunyam-kunyem cicirén keur mapatkeun jangjawokan, kalayan teuteupna nu seukeut mencrong ka Si Liuk anu keur aya di hareupeunana. Ari Ki Cakra jeung Si Bangkor mah ngan ukur narempokeun, siga nu panasaran kumaha pibakaleunana, sanggeusna dina diri Si Liuk geus euweuh kakuatan Nyimas Pandani.


Hrrrgh..., hrrrakh...!


Gurimpal..., gulitik...!


Teu lila antarana, Si Liuk gegerungan bari gogoréntélan, siga anu keur nandanagan kanyeri anu pohara rosana.


"Liuk!"


"Liuk?"


Ki Cakra jeung Si Bangkor pohara pisan ngagebegna, sabab tétéla Si Liuk masih kénéh beunang kapangaruhan ku kadali Nyimas Pandani.


Hrrrakh..., hrrrgh...!


"Iihihihihihi.... Matak gé tong sok wawanianan, siah. Gancang podaran musuh!" Nyimas Pandani nulak cangkéng bari tutunjuk.


Hrrrgh..., hrrrakh...!


"Liuk?"

__ADS_1


"Liuk!"


Ki Cakra jeung Si Bangkor siga anu pohara salempangeunana mangsa nempo Si Liuk anu mingkin gurang-gereng sarta gugurimpalan ka ditu ka dieu téh.


"Hahaha.... Da bobodoan kaula mah. Bwé...!" Si Liuk babarakatakan bari ngelélan sagala.


Gebeg!


Nyimas Pandani nepi ka pohara ngagebegna mangsa nyaksian pamolah Si Liuk anu samodél kitu téh. Ari Ki Cakra jeung Si Bngkor mah ngan ukur silihrérét bari patingséréngéh.


"Ehehee.... moal neurak ayeuna mah, Pandani. Sabab ieuna ogé geus aya di kaula!" ceuk Ki Cakra, kituna téh bari némbongkeun inten keir héjo dina leungeun katuhuna.


Gebeg!


Mingkin ngagebeg deui waé Nyimas Pandani mah mangsa nempo kakuatan dirina anu geus aya dina cekelan Ki Cakra téh.


"Kurang ajar. Ka dieukeun siah, koplok!" Nyimas Pandani sosorongot ka Ki Cakra.


"Ehehehe.... Cokot wé ku sorangan ari bisa mah!" Ki Cakra siga nu nangtang.


Set!


Langsung baé Nyimas Pandani masang kuda-kudana.


Hrrrkh...!


"Cicing, tong pipilueun!" Ki Cakra gancang ngahulag Si Bangkor, anu katempona geus sagajleng-gajlengeun rék narajang ka Nyimas Pandani.


"Hyakh...!"


Gajleng..., séak...!


Nyimas Pandani ngagajleng pohara luhurna, anu saterusna mah nutug kalayan leungeun katuhu anu nyuruwuk rék ngala embun-embunan sirah Ki Cakra.


Gajleng..., juralit..., juralit...!


Ki Cakra salto sababaraha juralitan, pikeun Nyingkahan panarajang sarta sakaligus ngajauhan nu jadi lawan.


Mangsa sagajleng-gajlengeun rék narajang deui, dumadakan Nyimas Pandani gugurubugan sarta seuseurian, siga keur nandangan kagéték anu pohara rosana.


Gulitik..., péréngkél...!


"Iihihihi..., iihihii..., ampun aki-aki péot..., ampun..., ihihihii...!" Nyimas Pandani nepi ka cirambayan balas seuseurian.


"Hahahaha...!"


"Hahahaha...!"


Si Liuk jeung Si Bangkor ogé jadi pipilueun seuseurian, mangsa nempo Ki Cakra anu keur neuteup seukeut ka Nyimas Pandani bari siga keur ngélékéték inten kelir héjo anu keur dikeukeuweuk ku leungeun kéncana.


"Ampun satéh, péot..., ampun.... Akh..., eugh...!" Nepi ka ticeurik-ceurik bari gugulingan ayeuna mah Nyimas Pandani téh.


Gep!


Ki Cakra nyekel inten héjo ku leungeun katuhuna Bari jeung rada diacungkeun kituna téh. Balukarna, anéh kacida, awak Nyimas Pandani ogé bet siga aya anu ngajungjungkeun, malah mah nepi ka meuleugeug siga anu eungapeun pisan, teu béda wé jeung anu keur dicekék.


"Lamun kaula hayang maténi manéh, gampang pisan, Pandani. Kari ngancurkeun atawa ngaduruk ieu inten!"


"A a a..., ampun!" Nyimas Pandani siga nu mingkin eungapeun pisan.


Kudupruk!


Awak Nyimas Pandani ngudupruk, bareng pisan jeung Ki Cakra anu geus ngendorkeun deui keupeulan leungeun kana inten anu keur dikeukeuweukna.


"Ampun..., Ki Cakra..., ampun...!" Nyimas Pandani teu sirikna acong-acongan nyembah di hareupeun Ki Cakra.


"Oh..., jadi manéh téh geus nyaho ngaran kaula?"


Nyimas Pandani ukur némbalan ku unggeuk.


"Hmm, heug, manéh ku kaula moal disiksa. Tapi aya saratna, manéh kudu mantuan Radén Aji pikeun ngarebut deui Darmapatih anu mémang geus jadi hakna!"


"Hak Si Sarji?" Nyimas Pandani rada kurang-kerung.

__ADS_1


"Émangna ka manéh euweuh nu méré nyaho, yén Radén Aji téh hiji-hijina turunan Prabu Siloka Wicakra?"


"Turunan Prabu Siloka Wicakra? Hmm, paingan pangartina ogé pohara luhungna!" Nyimas Pandani siga anu keur ngomong ka dirina sorangan.


"Ayeuna, daék teu daék, manéh kudu milu ka Trisula Emas, pikeun gumati ka Radén Aji!" Ki Cakra pohara tandesna.


"Heuh..., teu sararudi ari kudu turut tumut ka budak satepak mah!"


Krek!


Ki Cakra ngeupeul deui inten héjo, nepi ka tulang-tulang ramona disarada.


"Akh..., eu eu eugh...!" Nyimas Pandani adug lajer siga anu keur nandangan kanyeri anu pohara rosana.


"Kumaha?" tanya Ki Cakra, kituna téh bari ngendorkeun deui keupeulan leungeunna.


"Dasar aki-aki licik!"


"Kumaha pamadegan manéh ari éta mah. Rék gumati ka Radén Aji, sukur. Atuh embung ogé teu nanaon. Ngan wayahna, ku kaula rék disiksa salilana!" ceuk Ki Cakra deui, kituna téh bari mageuhkeuh deui keupeulan leungeuna.


"Heueuh, heueuh..., aing rék gumati ka Si Sarji!" Sok sanajan bari jeung siga anu kapaksa, antukna mah Nyimas pandani ogé nyanggupan kana sarat ti Ki Cakra.


"Tapi sing sopan. Kudu nyebut Radén ka Radén Aji téh!"


"Heueuh, bawél!" Nyimas Pandani siga nu ambek nyedek tanaga midek.


"Alus. Liuk..., bawa Si Pandani!" ceuk Ki Cakra, ditungtungan ku méré paréntah ka Si Liuk.


Si Liuk ukur unggeuk. Geus kitu mah gancang baé Ki Cakra ngagajleng kana punduk Si Bangkor. Teu langsung indit, siga hayang nempo heula Nyimas Pandani nepi ka tumpak kana punduk naga. Bari jeung katempona siga anu horéam ogé, antukna mah Nyimas Pandani maksakeun ngalacat kana punduk Si Liuk.


"Nam..., tiheula, Liuk!" paréntahna Ki Cakra deui.


Selepung...!


Sanggeus unggeuk heula mah langsung baé Si Liuk nyelepung mawa Nyimas Pandani ka awang-awang.


Selepung..., suruwuk...!


Si Bangkor anu ditumpakan ku Ki Cakra ogé, antukna mah nyelepung nyusul Si Liuk, anu geus rada jauh ninggalkeun éta patempatan.


"Ké heula, ké heula...! Naha di Batununggal bet ramé ku cahya obor?" Nyimas Pandani nitah Si Liuk sangkan ngalaunkeun heula laju ngapungna, mangsa di deukeut Karaton Batununggal, katémbong patingcarilakna rébuan seuneu obor.


"Pihak Batununggal rék nyerang ka Darmapatih!" ceuk Ki Cakra, anu tétéla geus aya di gigireun Nyimas Pandani.


"Rék nyerang ka Darmapatih?" Nyimas Pandani pohara kerungna.


"Engké wé di ditu ngomongna, sangkan laluasa!" témpas Ki Cakra, kituna téh ditungtungan ku nepak punduk naga anu keur ditumpakanana.


Belesat..., suruwuk...!


Si Bangkor ngabelesat ninggalkeun Nyimas Pandani. Sok sanajan bari jeung rada rada hulang-huleng kénéh, antukna mah Nyimas Pandani ogé gancang baé nepak punduk Si Liuk. Geus kitu mah Si Liuk ogé ngabelesat nyusul naga anu ditumpakan ku Ki Cakra.


Ari di alun-alun anu perenahna aya di hareupeun Karaton Batununggal, harita téh sawaréh prajurit mah keur cuh-cih ku pancénna séwang-séwangan. Aya anu ngabagikeun jamparing jeung gondéwana, aya anu ngabagikeun tumbak, taméng, pedang jeung sajabana.


"Omat, mangsa nyorang perjalanan, ulah nepi ka nimbulkeun sora. Sangkan pihak Darmapatih bener-bener kabongohan!" ceuk Prabu Dangdang ka nu jadi patihna, anu harita keur ngawaskeun rébuan prajuritna.


"Parantos didugikeun kalayan diwanti-wanti pisan ari perkawis éta mah, Kangjeng Prabu!" témbal Ki Patih tandes kacida.


"Hmm, alus! Ki Rajam..., sabaraha rébu jumlahna prajurit jin téh?" Ayeuna mah Prabu Dangdang ngarérét ka aki-aki anu pangawakanana pedék pécékrék.


"Sadayana mah tujuh rébu prajurit, Kangjeng Prabu."


"Geus karumpul kabéh?"


"Parantos, Kangjeng Prabu."


"Alus. Pokona mah kerahkeun kakuatan sapinuhna, sangkan leuwih gampang enggoning numpurkeun Darmapatih!" Prabu Dangdang rut-rét ka Ki Rajam jeung ka nu jadi patihna.


Ki Patih jeung Ki Rajam ukur arunggeuk kalayan siga nu ajrih pisan.


Dina mangsa Prabu Dangdang keur aruplek jeung Ki Rajam katut Ki Patih, hiji jirim anu tayohna mah geus ngawaskeun lumayan lila, teu sirikna salungkar-salingker sarta keketeyepan ninggalkeun éta patempatan.


Hanca.

__ADS_1


__ADS_2