BANJIR GETIH DI DARMAPATIH

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH, episode 21


__ADS_3

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH


(21)


Sahanjatna tina dasar talaga, Jang Aji jeung Ki Cakra teu gura-giru mulang ka panganjrekanana, malah guk-gék dina amparan batu anu rada kaiuhan ku ngaroyomna dandaunan.


"Tos lami ngadegna éta wangunan tempat nyimpenan kakayaan Darmapatih téh, Ki?" Jang Aji neuteup guruna.


"Ari wangunanana mah ti sateuacanna Kangjeng Prabu gumelar ogé parantos aya, Dén."


"Janten, éta wangunan téh sanés kénging ngadamel Kangjeng Prabu?"


"Sanés, éta mah warisan ti guruna Kangjeng Prabu. Kapungkur, guruna Kangjeng Prabu téh tarung patutunggalan sareng hiji naga anu badé ngiwat putrana. Di tempat ieu pisan galunganana ogé. Kawitna mah sanés talaga ieu patempatan téh, biasa wé mangrupi leuweung geledegan. Balukar tina galungan antawis guruna Kangjeng Prabu sareng éta naga anu pohara kuatna téh, dugi ka ngabalukarkeun ieu patempatan dareklok pohara jerona, sarta lami-lami mah janten talaga. Malih mah ieu talaga téh dugi ka dinamian Talaga Jogol."


"Euleuh...! Saha anu katétér, Ki?" Jang Aji nepi ka molohok mangsa ngadéngé caritaan Ki Cakra anu samodél kitu téh.


"Saparantosna tarung patutunggalan anu ampir tujuh dinten tujuh wengi lamina, antukna mah éta naga téh éléh jajatén, anu saterasna mah janten patalukan guruna Kangjeng Prabu."


"Upami kitu mah, guruna Kangjeng Prabu téh pohara saktina, Ki."


"Kantenan, Dén. Mung hanjakal ari élmuna mah teu kantos katurukeun sadayana ka Kangjeng Prabu, da guruna kabujeng ngantunkeun."


"Mmm, lebar pisan. Dupi putrana anu diiwat ku naga téa, kumaha?"


"Salamet. Mung nyaéta teu panjang umurna, dina waktos anjeunna nuju saentragan pisan sareng Radén ogé, parantos dipundut ku Nu Rahayu."


"Saha jenenganana éta guruna Kangjeng Prabu sareng putrana téh, Ki. Di mana makamna. Sareng, naha deuih éta naga téh bet badé ngiwat putra guruna Kangjeng Prabu?" Jang Aji merekpek ku pananya.


"Hiji-hiji atuh, Dén. Lieur ka Akina ogé!"


"Hehee..., muhun punten, Ki!" Jang Aji nyéréngéh.


"Hmm, guruna Kangjeng Prabu téh jenenganana mah Éyang Giripala. Upami putrana mah jenenganana Amparjaya. Perkawis musababna dugi ka éta naga badé ngiwat putrana Éyang Giripala mah Aki ogé teu terang."


"Mmm, dupi makamna di marana?"


"Teu aya nu uningaeun, Dén. Nanging, ari saurna mah dikurebkeun ku éta naga."


"Oh, janten..., éta naga mah aya kénéh?"


"Nya ari dina waktos harita mah aya kénéh, nanging duka ari ayeuna mah, Dén. Ngan anu jelas mah éta naga anu ngaraos kahutangan budi ku Éyang Giripala, pédah henteu dugi ka diparagatkeun nyawana téh, anu saterasna mah janten abdi anu satia. Malih mah, Dén, éta hatong tulang anu dipésakan ku Radén ogé, saleresna mah paragi nyalukan éta naga."


Gebeg!


Jang Aji pohara ngagebegna mangsa ngadéngé kekecapan Ki Cakra nu panungtungan téh, sabab teu nyangka sacongo buuk, geuning tétéla Ki Cakra téh nyahoeun kana kalakuan dirina.


"Ehehehe.... Badé nyandak nanaon ogé ari Aki mah moal ngaulah-ulah, Dén, da sakur-sakur anu disimpen di éta wangunan téh sadayana ogé tos janten warisan Radén!" Ki Cakra semu nyéréngéh mangsa nempo Jang Aji siga anu dumadakan samar polah téh.


"Hehee.... Eu..., kumaha cara ngagunakeunana ieu barang téh, Ki?" Kalayan siga nu éra, Jang Aji ngusiwel ngaluarkeun tulang tina pésakna.


Sanggeus disidik-sidik mah tétéla geuning éta tulang téh mangrupa hatong dina wanda nanagaan.


"Kantun niup, Dén, pan hatong namina ogé! Nanging boroning Radén, dalah Kangjeng Prabu ogé teu tiasaaeun nyalukan éta naga mah, da teu uningaeun kana koncina." ceuk Ki Cakra, mangsa Jang Aji keur nilik-nilik tulang dina keupeulan leungeunna.


"Koncina kumaha ieu téh, Ki?" Jang Aji kurang-kerung.

__ADS_1


"Saurna, ari koncina mah, nalika niup éta hatong téh kedah bari nyebat namina éta naga dina lebet manah. Tah, mung guruna Kangjeng Prabu wungkul anu uningaeun kana nami éta naga mah."


"Mmm, janten..., ari Kangjeng Prabu mah teu kantos dipasihan uninga?"


"Henteu, Dén, da kabujeng ngantunkeun guruna ogé. Éta mah dirawatan wé wungkul."


"Wah, upami Kangjeng Prabu uningaeun mah, basa Darmpatih nuju diserang téh tiasa nyalukan éta naga atuh, nya, Ki?"


Ki Cakra ukur unggeuk sababaraha kali.


"Wios teu terang koncina ogé, badé disimpen wé, Ki."


"Nya teu nanaon, étang-étang kanggo pangémut-pangémut wé éta mah, Dén."


Lumayan lila Ki Cakra jeung Jang Aji ngawangkong di sisi talaga, sagala diguar sagala dicaritakeun, pangpangna pisan mah ngeunaan sajarahna Prabu Siloka Wicakra jeung nu jadi guruna, anu aya patula-patlina jeung wangunan anu aya di dasar talaga.


Dina mangsa panon poé geus mimiti déngdék ka belah kulon, Ki Cakra jeung Jang Aji marulang deui ka panganjrekanana. Di tepas imah anu sok dieusian ku Ki Cakra, kasampak keur aya sababara urang aki-aki anu keur ngawarangkong jeung Kang Atang katut Nyi Yati. Bangsa jin mah euweuh hiji-hiji acan, teuing keur ka marana.


"Mani lami-lami teuing, Ki!" ceuk Nyi Yati, mangsa Ki Cakra jeung Jang Aji geus ngajaranteng di hareupeunana.


Teu langsung némbalan, gék, Ki Cakra dina tempat nu rada kosong. Jang Aji ogé nurutan diuk. Sabaraha urang aki-aki, rada-isedan méré tempat.


"Aya wangkongkeuneun wé, Nyimas. Kumaha, paré téh geus diala kabéh?" témbal Ki Cakra, ditungtungan ku tumanya bari rut-rét ka prajuritna.


"Teu sadayana, nu sapalih deui mah can waktosna diala." Salah saurang aki-aki ngawakilan némbalan.


Peryogi kauninga, Pamiarsa. Sanés aki-aki anu rérémpo prajurit anu satia ka Prabu Siloka Wicakra sareng ka turunanana mah, komo aki-aki tujuh mulud, aki-aki cumenos atanapi aki-aki tolohéor siga kaseuseueuranana anu ngaderes ieu carita mah. Éh, bit..., paralun! Paraprajurit anu satia ka Prabu Siloka Wicakra mah éstuning jaragjag sarta kaleker kénéh.


"Nya kumaha carana wé éta mah. Oh enya, meungpeung ngariung, kaula téh aya tepikeuneun." Ki Cakra ngarandeg heula nyaritana.


Sanggeus ngarénghap heula sakeudeung mah, barabat wéh Ki Cakra nyaritakeun perkara wangsit anu katarima ku dirina, ngeunaan Jang Aji anu kudu lumampah ka belah kidul, enggoning néangan deui guru pikeun nyampurnakeun élmu anu geus aya. Nyi Yati jeung Kang Atang mah siga anu poahara ngagebegna mangsa ngaregepkeun caritaan Ki Cakra téh.


"Waduh, tong isukan teuing atuh, Ji..., Ema mah sono kénéh. Karék kamari mah bisa kumpul deui jeung hidep téh!" Nyi Yati siga nu beurat pisan rék ditinggalkeun ku nu jadi anakna téh.


"Sing iklas, Nyai, ridokeun. Angguran mah sing reueus, budak urang mah daék ngalakonan éta wangsit téh demi pikahareupeun Darmapatih, anu kiwari kaayaan rahayatna keur katalangsara. Pan ku urang ogé karasa, matak nyelek, matak ambek nyedek tanaga midek nyaksian kasawenang-wenangan paragegedén Darmapatih dina mangsa ayeuna mah!" Kang Atang gancang ngingetan pamajikanna, sok sanajan ari kabeurat rék ditinggalkeun deui ku anakna mah, teu bisa disumput-sumput tina paroman beungeutna.


"Bener pisan, Nyimas. Angguran mah do'akeun, sangkan cita-cita hadéna Radén Aji téh sagancangna tinekanan!" Ki Cakra milu ngélingan.


Kabéh anu araya di dinya unggut-unggutan. Ari Jang Aji mah ngeluk tungkul, siga anu teu wasa mangsa nempo indungna anu dumadakan beueus ku cimata.


"Upami kénging mah, abdi badé ngaréncangan Radén Aji atuh, Ki Patih!"


"Wios ku abdi diréncanganana mah, Ki Patih!"


"Abdi ogé siap pisan upami Ki Patih masihan paréntah kanggo ngaréncangan Radén Aji mah!"


Méh kabéh prajurit anu aya di dinya, pada hayang marengan Jang Aji enggoning ngalakonan wangsit anu katarima ku Ki Cakra.


"Nuhun pisan, kasatiaan aranjeun pohara gedéna. Ngan Radén Aji geus milih sorangan pibatureunana." Ki Cakra rut-rét ka saréréa.


"Saha?" Tanya paraprajurit, méh bareng.


"Si Kumbay."


"Si Kumbay? Lah, bisaeun naon Si Éta mah!"

__ADS_1


"Muhun, Ki Patih, tos wé ku abdi réncanganana!"


"Ku Aki wé réncanganana, nya, Dén?"


Paraprajurit siga anu banget teu satujuna mangsa nganyahoankeun yén Si Kumbay anu dipilih marengan Jang Aji téh.


"Ehehehe.... Kaula nyaho, aranjeun kabéh hayang marengan Radén Aji. Tapi kaputusan teu bisa diganggu gugat, Radén Aji geus milih Si Kumbay pikeun ngabaturan ngalalakonna!"


"Lah, moal balég, Ki Patih!"


"Muhun, Ki Patih. Mending ogé diréncangan ku abdi!"


"Ku abdi, lah!"


Kaayaan dina éta riungan jadi riweuh deui ku nu patingcelengkeung patingkeuleuweuh.


"Aki..., abdi nganuhunkeun pisan kana pangrojong Aki sadayana, anu palay nyarengan abdi enggoning ngalakonan wangsit anu katampi ku Ki Cakra. Sanés teu hoyong disarengan ku Aki sadayana ari abdi mah. Nanging hapunten, abdi téh gaduh pancén munggaran kanggo Aki sadayana." Jang Aji rut-rét ka saréréa.


Anéh, dumakan jempling mangsa Jang Aji nyarita mah.


"Pancén naon, Dén? Sok, geura ngandika!" Salah saurang aki-aki siga anu geus lila ngadagoan paréntah anu kedal tina létah Jang Aji téh.


"Mangsa abdi nuju ngalakonan wangsit, Aki sadaya kedah ngempelkeun deui pasukan anu saeuseur-seueurna. Supados, dina mangsana abdi réngsé ngalakonan wangsit téh, tiasa saénggalna ngarebut deui Darmapatih!" ceuk Jang Aji, kalem tapi tatag.


"Ujuk sumangga, Radén!" Kalayan siga nu bungah pisan, paraprajurit haget nyanggupan kana paréntah Jang Aji anu munggaran.


Nyi Yati jeung Kang Atang mah ngan bati molohok mangsa kekecapan nu jadi anakna pohara pisan gedé pangaruhna téh. Ari Ki Cakra mah ngan ukur unggut-unggutan, neuteup reueus ka nu jadi muridna.


*****


Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu utama. Isukna, dina mangsa panon poé keur meujeuhna genah dipaké moyan, Jang Aji geus tatan-tatan pikeun miang. Mingkin kasép baé ari geus dangdan mah, kakasépanana salapis ipis aya di saluhureun anu ngarang ieu carita, (Protés mayar!). Sakur bebekelan geus nyaréngclé dina tonggong Si Kumbay, anu katempona téh siga anu bungaheun pisan mangsa kapilih marengan Jang Aji téh. Ratusan prajurit jeung rébuan jin geus ngajéngjréng méh minuhan palataran.


"Ema..., abdi neda pido'ana ti Ema." Jang Aji ngedeprek kana suku indungna.


"Perkara do'a mah geus teu kudu dipénta. Ema geus pasti ngadu'akeun hidep, Kasép!" Nyi Yati luwa-lewé.


Jung, Jang Aji dicengkatkeun, anu saterusna mah dirangkul, dipirig ku keclakna cimata. Ratusan prajurit jeung rébuan jin mingkin jarempling lir anu nahan réhapanana. Geus kitu mah Jang Aji amitan ka bapana jeung ka Ki Cakra nu jadi guruna.


"Mugia lungsur-langsar, Dén. Sadaya pamaksadan Radén sing tinekanan." Ki Cakra ngusapan sirah muridna, kalayan siga anu pohara pisan deudeuhna.


"Hatur nuhun pisan, Ki. Pangdo'a Aki kalintang ageung pisan ajénna."


Ki Cakra ukur unggeuk, bari jeung satékah polah siga anu hayang nahan cimatana. Rét, Jang Aji ka ratusan prajurit jeung ka rébuan jin anu keur neuteup ka dirina.


"Abdi seja amitan, sareng sakantenan nyuhunkeun pido'a ti sadayana!" ceuk Jang Aji, rada ditarikeun ngomongna téh.


Taya anu kedal ucapan, saréréa tibang unggeuk, kituna téh dibarengan ku paneuteup anu siga pohara nalangsana. Geus kitu mah kebat baé Jang Aji tumpak kana tonggong Si Kumbay anu geus depa. Ret, ka indung bapa jeung ka guruna.


"Assalamu'alaikum!"


"Waalaikumsalam." Halon pisan indung bapana Jang Aji jeung Ki Cakra mangsa némbalan salam téh, siga anu keur nahan piceurikeun anu geus mingkin nyelek dina tikorona.


Geus kitu mah Si Kumbay ngamimitian léngkahna mawa Jang Aji, dianteur ku rébuan paneuteup anu beueus ku cimata.


Hanca.

__ADS_1


__ADS_2