
BANJIR GETIH DI DARMPATIH
(55)
Jirim anu salungkar-salingker sarta keketeyepan sanggeusna ngadédéngékeun wangkongan antara Prabu Dangdang jeung nu jadi patihna, mingkin lila mingkin jauh ninggalkeun alun-alun Karaton Batununggal. Sanggeus aya di tempat nu rada negrak tur kacaangan ku cahya bulan mah, atra pisan tina dangdananana ogé, yén éta jirim anu tétéla saurang lalaki téh, minangka abdi dalem ti karajaan Darmapatih. Reg, éta abdi dalem ngeureunkeun léngkahna. Matana dipeureumkeun, biwirna kunyam-kunyem mapatkeun jangjawokan. Ramo-ramo leungeunna dianyam nangkarak dina palebah bujal, ukur ramo jempol anu dirapetkeun dina kaayaan ngacung téh.
Jleg!
Teu lila antarana, ujug-ujug ngajelegedeg jirim heulang anu pohara gedéna. Siga anu geus bisa ngarasakeun kadatanganana, mangsa di hareupeunana geus ngajelegedeg wujud heulang téh, panon éta abdi dalem ogé sagancangna dibeuntakeun deui.
"Hayu balik!" ceuk éta abdi dalem, anu tangtuna ogé ngomongn téh rada dilaunkeun.
Brek, éta heulang langsung depa. Kalacat, abdi dalem naék kana tonggongna.
Gajleng..., garapak..., geleber...!!
Geus kitu mah heulang anu ditumpakan ku salah saurang abdi dalem Darmapatih téh kebat baé ninggalkeun éta patempatan.
Mingkin lila, hiberna éta heulang mingkin tarik tur mingkin ngajauhan wewengkon Karajaan Batununggal, sarta sanggeusna nyorang lalampahan anu lumayan lilana mah, éta heulang mimiti asup ka wewengkon Karajaan Darmapatih. Jelas pisan anu dijugjugna téh, nyatana wangunan karaton, anu ti jauhna kénéh ogé geus katembong ngajenggléngna.
Séot...!
Antukna mah éta heulang nyirorot, sanggeusna persis pisan aya di luhureun gapura, anu dijaga ku opat prajurit anu geus rada narundutan. Dumadakan baruncelik deui panon opat prajurit anu keur jaraga ogé, mangsa éta heulang geus aya di hareupeunana mah. Opat prajurit gancang rarengkuh, méré panghurmat ka abdi dalem anu harita geus turun tina tonggong heulang.
"Manéh opatan, béjaan sakabéh prajurit, sina kumpul alun-alun karaton!" Sanepina ka hareupeun anu keur jaraga téh, langsung baé éta abdi dalem méré paréntah.
"Aya naon, Juragan?" tanya salah saurang prajurit kalayan pinuh ku kapanasaran.
"Pihak Batununggal rék nyerang ka karajaan urang."
"Batunggal badé nyerang ka karajaan urang?" Prajurit anu cikénéh nanya, nepi ka pohara ngagebegna, teu jauh béda jeung nu séjénna.
"Montong loba tatanya. Gancang kumpulkeun sakabéh prajurit!" Éta abdi dalem rada nyentak.
Sieun tayohna mah, taya nu wani tatanya deui, gancang baé opat prajurit bur-ber seja nohonan paréntah. Geus kitu mah kalayan semu gagancangan éta abdi dalem muru ka rohangan karaton, sarta anu saterusna mah kebat baé muru ka rohangan pribadi paragi kulawarga raja.
"Kangjeng Prabu parantos kulem?" Éta abdi dalem rut-rét ka dua prajurit anu keur jaga di hareupeun panto utama rohangan paragi raja.
Tétéla, sanggeusna indung jeung adina Radén Anjana palastra téh, éta rohangan langsung dieusian ku Prabu Purwasesa.
"Parantos sigana mah, da ti tadi ogé parantos jarempling," témbal salah saurang prajurit anu keur jaga.
"Aya urusan anu teu bisa ditunda-tunda. Sok wé gedoran!" paréntahna éta abdi dalem.
"Teu wantun, Juragan!" Prajurit anu keur jaga rada murengked.
Teu ngomong deui, gancang baé éta abdi dalem ngojéngkang ngadeukeutan panto. Dua prajurit anu keur jaraga mah langsung nyalinggray.
"Kangjeng Prabu.... Kanjeng Prabu Purawasesa...!" jorowokna éta abdi dalem, dibarengan ku gegedor.
Simpé pikeun sakedapan mah, taya sora anu némbalan.
"Kangjeng Prabu...!" Abdi dalem nyalukan sarta gegedor deui, kalayan leuwih tarik batan saméméhna.
Sok sanajan taya anu némbalan, tapi ayeuna mah kadéngé aya sora léngkah suku anu mingkin lila mingkin ngadeukeutan. Teu kungsi lila, kulutrak, kadéngé aya anu nyorolokkeun selot panto, disusul ku ngarekétna sora panto anu dibukakeun. Tétéla anu ngurunyung téh Prabu Purwasesa pisan.
"Aya naon, koplok..., na teu nyaho aing keur saré?" Prabu Purwasesa siga anu pohara keuheuleunana.
"Ampun, Kangjeng Prabu. Aya perkawis penting anu teu tiasa diengké-engké deui!" Éta abdi dalem teu sirikna sujud, sigana mah bakat ku sieun.
__ADS_1
"Mémangna aya naon?"
"Pihak Batununggal badé nyerang ka karajaan urang, Kangjeng Prabu!"
Gebeg!
Pohara ngarénjagna Prabu Purwasesa mah mangsa ngadéngé kekecapan ti abdi dalemna anu samodél kitu téh. Dua prajurit anu keur jaraga mah bati patingpolohok sarta silihrérét jeung nu jadi baladna.
"Nu bener, kéhéd! Lain rék nyerang Trisula Emas ari Batununggal mah?" Teuteup Prabu Ungkara pohara seukeutna.
"Saéna mah di lebet baé nyariosna, Kangjeng Prabu!" ceuk éta abdi dalem, kituna téh ditungtungan ku rut-rét ka dua prajurit anu keur jaraga, siga nu seunggah pikeun nepikeun béja ari dihareupeun anu séjén mah.
Surti sigana mah. Teu ngomong deui, kebat baé Prabu Purwasesa asup deui ka rohanganana, dituturkeun ku abdi dalem anu rék nepikeun béja. Sieun aya anu ngadéngékeun tayohna mah, pantona ogé nepi ka diréképkeun sarta ditulakan deui ti jero. Dua prajurit mah ngan ukur kurang-kerung deui baé bari silirrérét deui jeung nu jadi baladna.
Gék, sanggeusn nepi ka hiji rohngan mah, Prabu Purawasesa jeung adbi dalemna diuk pahareup-pahareup dina korsi anu dipisahkeun ku hiji méja.
"Kumaha ieu téh..., naha pihak Batununggal malah bet rék nyerang ka karajaan urang?" Teu kungsi basa-basi deui, sagékna dina korsi téh, langsung baé Prabu Purwasesa mah nalék kana perkara puseur pamasalahanana.
"Rupina mah aya anu ngabocorkeun, Kangjeng Prabu. Perkawis pihak urang anu ngamangpaatkeun Batununggal kanggo numpes Trisula Emas téh, parantos dugi iberna ka Prabu Dangdang," témbal éta abdi dalem, anu tayohna mah milu nyekel kana rusiahna Prabu Purwasesa salila ieu.
Gebeg!
Prabu Purwasesa mah siga anu pohara reuwaseunana. Tapi, acan mah Prabu Purwasesa kedal kecap, abdi dalem geus neruskeun deui caritanana, "Sajabi ti éta, perkawis palastrana dua raja sareng kulawargina ogé, parantos dugi iberna ka pihak Batununggal téh. Nya, dua perkawis éta pisan anu janten musababna mah, matak dugi ka pihak Batunggal bendu sareng palay ngawasa karajaan urang téh."
"Goblog! Na saha mangkelukna anu geus kumawani nepikeun éta béja téh?" Prabu Purwasesa nepi ka neumbrag méja sagala.
"Duka ari perkawis éta mah, Kangjeng Prabu. Nanging, saéna mah saénggalna nyiapkeun pasukan, kanggo mayunan pasukan Batununggal."
"Kira-kirana, geus moal bisa dibadamikeun deui?"
"Rupina mah parantos mustahil pisan, Kangjeng Prabu. Prabu Dangdang parantos pohara pisan benduna. Malih mah rébuan prajuritna ogé parantos disiapkeun, anu saurna mah badé miang dina wanci pasusubuh."
Nempo kitu mah abdi dalem teu wanieun langsung nyarita deui.
"Rék kumaha baé balukarna, siapkeun kabéh prajurit pikeun nyanghareupan pasukan Batununggal. Jeung béjaan deuih sakabéh abdi dalem, sangkan karumpul di rohangan utama!" Antukna mah Prabu Purwasesa nékad rék nyanghareupan pasukan Batununggal, sok sanajan rék kumaha baé balukarna.
"Perkawis ngawartosan paraprajurit mah, abdi parantos miwarang ka opat prajurit anu jaraga di gapura, Kangjeng Prabu!"
"Alus mun kitu mah. Ayeuna mah, gancang béjaan kabéh abdi dalem, pikeun ngayakeun gempungan di rohangan utama!"
"Unjuk sumangga, Kangjeng Prabu!" Éta abdi dalem haget pisan nyanggupan.
Teu kungsi diengké-engké deui, sanggeusna amitan mah gura-giru baé éta abdi dalem ninggalkeun nu jadi rajana. Ari Prabu Ungkara, sanggeusna ngarawél jubah kalungguhanana mah, kebat baé ningaglkeun rohangan pribadina. Tapi teu langsung muru ka rohangan utama, malah méngkol heula ka hiji rohangan anu saméméhna ditempatan ku dirina.
"Angkara...!" Prabu Puwasesa gegedor sanggeusna aya di hareupeun panto.
Tétéla geuning, ari Radén Angkara mah masih kénéh ngeusian éta rohangan.
"Angkara..., hudang...!" Prabu Purwasesa gegedor deui siga anu teu sabar.
Sanggeus sababara kali digedoran, antukna mah panto aya nu muka, disusul ku ngurunyungna Radén Angkara.
"Aya pikersaen naon, Kangjeng Rama?" Radén Angkara gigisik ditungtungan ku heuay.
Teu langsung némbalan, gancang baé Prabu Purwasesa ngajéwang leungeun anakna, sangkan asup deui ka jero rohangan. Sanggeus panto diréképkeun sarta ditulakan mah, gancang baé Prabu Purwasesa muru korsi anu aya di hiji rohangan, dituturkeun ku Radén Angkara anu kurang-kerung sarta siga anu lulungu kénéh.
"Bahaya, Angkara. Pihak Batununggal rék nyerang ka karajaan urang!" ceuk Prabu Purwasesa, sanggeusna anakna diuk pahareup-hareup jeung dirina.
"Batununggal badé nyerang urang?" Radén Angkara pohara ngagebegna.
__ADS_1
"Enya. Siasat jeung rusiah urang geus kanyahoan ku pihak Batununggal."
"Saur saha éta téh, Kangjeng Rama?" Radén Angkara siga anu teu percaya.
Teu diengké-engké deui, barabat wéh Prabu Purwasesa nyaritakeun deui laporan anu katarima ti abdi dalemna, anu mémang ngahaja dititah pikeun nalungtik kaayaan di Batununggal. Reuwas lain di kieuna pikeun Radén Angkara mah mangsa ngadéngé naon-naon anu ditepikeun ku nu jadi bapana téh.
"Teras, ketak urang kedah kumaha atuh, Kangjeng Rama?" Radén Angkara siga anu pohara tagiwurna.
"Taya deui jalan, kapaksa kudu disanghareupan. Gancang ayakeun musawala, pikeun nyusun siasat perang!"
"Waduh..., jaba Nyimas Pandani duka ka mana deuih ieu téh, Kangjeng Rama!" Radén Angkara siga nu mingkin tagiwur.
"Na ka mana atuh? Ari sugan téh geus mulang!"
"Tacan aya ngelol-ngelol ti kawit kajantenan palastrana Nyi Praméswari ogé, Kangjeng Rama."
"Heuh..., aing mah. Gancang wé nyusun siasat pikeun nyanghareupan Batununggal. Geus samporét pisan waktuna ayeuna mah!"
Dikitukeun Radén Angkara ngan ukur unggeuk, sarta anu saterusna mah kebat baé amitan, pajar téh rék salin heula pakéan. Ari Parabu Purwasesa mah teu kungsi ngadaoan, gura-giru baé ngagedig muru ka rohangan utama karaton.
"Di mana atuh anjeun téh, Nyimas Pandani?" gerendengna Radén Angkara, sajeroning pak-pik-pek milihan pakéan dina lamarina.
Ari anu keur pohara diarep-arep pisan ku Radén Angkarana mah, enya Nyimas Pandani, harita téh keur pada ngariung sarta pada nalék di ku Prabu Ungkara, ku Ki Cakra, sarta ku nu séjénna.
"Hmm, jadi..., Prabu Raksapada jeung kabéh kulawargana téh, bener, ditumpes ku anjeun?" Teuteup Prabu Ungkara pohara seukeutna.
"Enya. Kaula ogé dititah Ku Kakang Angkara."
"Ahahaha..., mani siga nu reueus kitu éta ngabasakeun kakang ka Si Angkara!" Ki Ujat mah nepi ka ngagakgak.
Nyimas Pandani nepi ka muncereng asa geuhgeuykeun. Gancang Prabu Ungkara méré isarat ka Ki Ujat, sangkan teu ngageuhgeuykeun waé Nyimas Pandani. Cicing Ki Ujat ogé ari geus dicarék ku nu jadi rajana mah.
"Dibibitaan ku naon pangna anjeun daék ngagugu kana sagala paréntahna Si Angkara téh?" Prabu Ungkara neruskeun deui panalékna.
"Kaula rék dijadikeun Praméswarina!" témbal Nyimas Pandani pohara pisan tandesna.
"Ahhahaha.... Hahaha.... Hahahaha...!"
"Ki Ujat!"
Prabu Ungkara langsung nyentak mangsa Ki Ujat nepi ka babarkatakan deui sanggeusna ngadéngé jawaban ti Nyimas Pandani anu samodél kitu téh.
"Ahaha..., hapunten, pisan, Kangjeng Prabu! Ieuh, Pandani.... Bisi ajeun hayang nyaho, kaula mah kungsi ngintip kana wangkongan antara Si Angkara jeng nu jadi bapana. Anjeun téh sabenerna mah ngan ukur dimangpaatkeun wungkul. Geus euweuh mangpaatna mah bakal paéh ku jalan diracun."
"Tong ngomong sambarangan, koplok. Kakang Angkara mah geus pohara nyaaheunana ka kaula téh!" Nyimas Pandani nyorongot.
"Leres pisan anu disaurkeun ku kersana Ki Ujat téh, Nyimas. Abdi ogé kantos nguping nyalira perkawis éta mah. Ngan nya kitu téa, badé didugikeun téh bilih salira lepat nampina." Nyi Manik nyelengkeung.
Sakedapan mah Nyimas Pandani ngan ukur hulang-huleng.
"Bener éta téh, Manik?" Nyimas Pandani siga anu can yakin.
"Leres pisan, Nyimas."
"Kurang ajar. Awas siah, Angkara.... Sia ogé..., awas siah, Purwasesa!" Amarah Nyimas Pandani siga anu dumadakan pohara nguntab-nguntabna.
Ari Ki Cakra, Prabu Ungkara, Ki Ujat jeung nu séjénna, nempo kitu téh ngan ukur silihrérét, dibarengan ku arunggut-unggutan.
Hanca.
__ADS_1