BANJIR GETIH DI DARMAPATIH

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH, episode 05


__ADS_3

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH


(5)


Sanggeusna tatanya ka sakur warga anu pasanggrok di pasampangan, antukna mah dua prajurit narepi ka buruan imahna Kang Atang. Sajrutna dua prajurit tina kudana téh, boh Kang Diman, Nyi Yati, pon kitu deui jeung anu séjénna anu harita masih kénéh ngawarangkong di tepas imah, gancang baé nyampeurkeun ka buruan, sarta anu saterusna mah rarengkuh méré panghurmat.


"Bener, ieu téh imahna Kang Atang?" tanya salah saurang prajurit, kituna téh bari rut-rét ka Kang Atang jeung ka Kang Diman, tayohna mah can nyaho, anu mana anu ngaranna Atang.


"Leres pisan, Dén, wasta abdi Atang. Kupa mah parantos dicandak. Tadi, Radén Angkara sareng dua pangawalna ka darieu," témbal Kang Atang, anu sangkaanana mah éta dua prajurit téh rék néang kupa.


"Oh, jadi anjeun anu ngarnna Atang téh? Lain, lain rék néang kupa kuring mah."


"Aya kaperyogian atuh, Dén? Asa rareuwas." Kang Atang pohara rengkuhna.


"Kuring meunang béja, yén anak anjeun boga domba adu anu bulu jeung tandukna bodas kabéh."


Gebeg!


Saréréa siga anu pohara reuwaseunana mangsa salah saurang prajurit ngomong kitu téh. Ukur Jang Imron anu katempona kalem téh, da mémang teu nyahoeun kana itu-ieuna.


"Teu gaduheun domba adu pun anak mah, Dén. Aya ogé domba biasa."


"Nu bener?"


"Leres, Dén," témbal Kang Atang bari tungkul, siga anu sieun kanyahoan tina paroman beungeutna, yén dirina keur ngaréka carita.


"Cik nempo, di mana kandangna?"


"Dititipkeun di batur, Dén."


Sakedapan mah éta prajurit malah neuteup semu kurang-kerung, siga anu curiga yén Kang Atang henteu jujur nyaritana.


"Cik, tempo ka pipir!" Éta prajurit neuteup baladna.


"Domba biasa anu di pipir mah, Dén!" Kang Atang gancang ngahalangan léngkah prajurit anu rék ngaléngkahkeun sukuna ka pipir imah.


"Teuh nya, kapanggih ngawadulna téh. Cenah ari bieu mah dipihapékeun di batur. Gancang tempo!" Prajurit mingkin curiga.


Salah saurang prajurit gancang ngaléngkahkeun sukuna ka pipir imah. Kang Atang, Jang aji jeung nu séjénna, rampang-reumpeung siga nu samar polah. Teu lila antarana prajurit anu geus ti pipir nempo domba, nyampeurkeun deui ka baladna.


"Kumaha?"


"Aya. Dombana alus pisan!"


"Koplok...,ngawadul, siah!" Prajurit nyorongot sarta tutunjuk ka Kang Atang, kalayan siga nu keuheul pisan.


"Ampun, Dén. Karunya ka pun anak abdi mah. Pun anak mah tos nyaaheun pisan kana dombana téh!" Kang Atang nepi ka acong-acongan nyembah.


Satengah teu maliré kana omongan Kang Atang, kebat baé éta prajurit ngoréléng ka pipir, pikeun ngabuktikeun omongan nu jadi baladna. Kang Atang, Jang Aji, Kang Diman jeung nu séjénna, kaasup baladna éta prajurit, naluturkeun ka pipir imah.


"Bener, alus domba téh. Pasti Radén Angkara bakal méré buruhan anu gedé ieu mah!" Prajurit anu keur nelek-nelek domba, siga nu pohara pisan bungaheunana.


"Domba Aji tong dicandak!" Jang Aji luwa-luwé.


"Da rék dibayar ieuh, Jang. Tenang, duitna ogé bakal gedé ari dombana alus mah!" ceuk prajurit anu nuturkeun ka pipir imah deui, siga neundeun rasa karunya mangsa nempo Jang Aji téh.


"Masing badé dibayar sabaraha ogé, moal diical!"


"Lah, éléh ku budak. Gancang kaluarkeun!"


Teu talangké, prajurit anu dititah, gancang mukakeun panto kandang. Domba Jang Aji ditalian dina palebah beuheungna. Si Utih teu eureun bébéréléan. Ari Kang Atang jeung Nyi Yati, gancang baé ngarangkul Jang Aji anu rék nyelenteng pikeun ngahalangan prajurit anu rék ngaluarkeun domba tina kandangna.


"Pa..., Si Utih, Pa...!" Jang Aji ceurik ngageubig-ngagebig leungeun bapana.

__ADS_1


"Iklaskeun, Kasép..., keun wé, engké duitna beulikeun deui kana domba!" Kang Atang anu sadar yén éta dua prajurit téh lawaneun, ngan ukur bisa ngabeberah anakna kalayan pinuh ku rasa karunya.


"Enya, Ji..., ridokeun wé. Engké ku Mamang dipangnéangankeun domba nu alus!" Kang Diman milu ngabeberah.


"Embung..., Aji mah hayang Si Utih!" Jang Aji teterejelan bari ceurik.


Nyi Yati mah nepi ka ngeclak cipanon nempo anakna kitu téh.


"Ieu domba, ku kuring rék bawa. Perkara duitna, tong hariwang, engké ku kuring dianteurkeun!" Salah saurang prajurit nyarita ka Kang Atang.


"Domba aing tong dibawa, koplok!" Jang Aji nyorongot ka éta prajurit.


"Ji..., ieuh..., tong kitu, Kasép!" Kang Atang siga anu kasieunan pisan mangsa Jang Aji ngadat ka éta prajurit téh.


Ari éta prajurit, teu maliré, kebat baé ngaléngkahkeun sukuna, dituturkeun ku baladna anu satengah ngagugusur dombana Jang Aji, alatan merod embungeun dibawa.


"Prajurit sétan, siah.... Gelut jeung aing siah, anjing!" Jang Aji ngeuleuweuh dibarengan ku murubutna cimata.


"Aji..., ieuh..., istighfar, Kasép!" Nyi Yati rambisak ngagebig-geibig anakna.


Ari dua prajurit, kebat baé ngalengkeun suku, muru kudana. Si Utih mingkin tarik bébéréléan.


"Hiakh...!" Jang Aji baruntak bari ngejetkeun dua leungeunna.


Jengkang...!


Kang Atang, Nyi Yati jeung Kang Diman anu keur nyarekelan Jang Aji, nepi ka ngajarengkang kaaclengkeun. Kang Diman jeung Kang Atang, sakedapan mah bati patingpolohok, sabab tanagana Jang Aji jadi pohara pisan bedasna. Ari Jang Aji, saleupasna tina cekelan Kang Diman jeung nu jadi kolotna téh, gancang baé ngaderegded ngudag dua prajurit anu geus rék tarumpak kana kudana. Kang Atang, Kang Diman, Nyi Yati jeung Jang Imron, gancang nyarusul, alatan melangeun ka Jang Aji.


"Kadieukeun domba aing, prajurit sétan!" Jang Aji ngajega kalayan pohara pisan gagahna, kituna téh bari sabeulah leungeunna dipaké nulak cangkeng, ari leungeun nu hiji deui mah dipaké tutunjuk ka dua prajurit anu aya di hareupeunana.


"Naon, bebenyit..., hayang diképrét ku aing?" Prajurit anu ti tadi nahan amarahna alatan disentak sengor ku Jang Aji, ayeuna mah béak wates kasabaranana.


"Engeus tong saruana, piraning budak!" Baladna ngahalangan.


Salah saurang pajurit geus teu bisa dihalangan deui, langsung baé ngojéngkang sarta nyabok Jang Aji.


Lep!


Jang Aji gancang ngelok. Mébérna dampal leungeun prajurit, ngeplos ngan ukur nyabok tempat kosong.


Swuk..., habek...!


Bareng jeung ngeplosna panyabok prajurit, sakilat Jang Aji nonjokkeun peureupna kana gado lawan, anu harita awakna keur semu dongko. Nenggel pisan kana sasaran.


"Huakh....!"


Anéh, sok sanajan peureup Jang Aji kawilang leutik, tapi balukarna pohara rosana, prajurit anu kabeunangan gadona nepi ka ngajengakang sarta ngagoak pohara tarikna.


Gebut!


Awak prajurit ngagebut ninggang lemah, sarta anu saterusna mah pupuringisan bari pepelengkingan. Baladna éta prajurit, Kang Atang, Kang Diman jeung nu séjénna, nepi ka marolohok mangsa nyaksian éta kajadian téh.


"Kurang ajar! Wani ngalawan ka pihak karajaan sia téh, koplok?" Baladna prajurit gancang ngaleupaskeun tali domba anu keur dicekelna, sarta anu saterusna mah ngojéngkang nyampeurkeun Jang Aji.


"Aji...!" Nyi Yati siga anu banget melangeunana.


Swuk...!


Lain nyabok deui ayeuna mah. Prajurit langsung baé neunggeulkeun peureupna, lempeng pisan rék ngarah sirah Jang Aji.


"Aji..., awas...!" Nyi Yati siga anu pohara pisan melangeunana.


Lep..., plos...!

__ADS_1


Jang Aji gancang ngelok. Peureup prajurit anu ngahiuk bangbabaraan, antukna mah ngan ukur nonjok tempat kosong.


Swuk..., jekuk...!


Kalayan pohara pisan cepetna peureup Jang Aji ujug-ujug geus nyayang dina dada lawan.


"Hwadaw...!" Prajurit ngagoak pohara tarikna, disusul ku awakna anu ngajengkang sarta ngagebut ninggang lemah.


"Masya Alloh...!"


"Waduh...!"


"Aji?"


Boh Kang Diman, boh Kang Atang, pon kitu deui Nyi Yati, mingkin ngajarenghok deui waé mangsa nyaksian éta kajadian téh. Komo Jang Imron mah nepi ka ngareclak cai acay tina biwirna.


Konéal....


Prajurit anu kasoran pangheulana, maksakeun cengkat deui bari pupuringisan.


Surudug...!


Acan mah ajeg nangtungna. Si Utih nyurudug sarta neunggar bujur éta prajurit.


Jebréd..., cleng...!


"Huakh...!"


Prajurit anu ditubruk ku Si Utih, ngagoak pohara tarikna. Awakna ngacleng, aya nepi ka lima méterna.


Kalayang..., gebut...!


Awak prajurit ngalayang, sarta anu saterusna mah ngagebut ninggang lemah. Ngajoprak teu ojah deui.


"Astaghfirullohaladzim...!"


"Allohu Akbar...!"


Kang Atang jeung Kang Diman mingkin ngagebeg deui waé mangsa nyaksian éta kajadian téh. Komo Jang Imron mah nepi nyuruluk cai acayna, mun seug ditandéan téa mah, cukup meureun keur kuah baso mah.


Sanggeusna nubruk prajurit anu hiji, sorot mata Si Utih buringas neuteup prajurit anu saurang deui, anu harita keur jajaligjeugan maksakeun hudang.


"Enggeus, Tih. Cukup sakitu ogé ngawarah mah!" Jang Aji gancang ngahulag.


Nurut pisan. Si Utih langsung cicing.


"Balik, siah. Bawa babaturan manéh!" Jang Aji sesentak ka prajurit anu masih kénéh jajaligjeugan bari pupuringisan.


Teu kungsi ngomong deui, éta prajurit rumanggieung ngadeukeutan baladna. Tétéla geuning baladna téh kapiuhan. Sanggeus hésé béléké naékkeun baturna kana tonggong kuda, kebat baé éta prajurit ngaléos ninggalkeun buruan imah Kang Atang, kituna téh bari nungtun kuda anu keur ditumpakan ku baladna nu kapiuhan.


"Aji..., teu kunanaon, Kasép?" Nyi Yati hariweusweus nyidik-nyidik kaayaan anakna.


"Aji..., ari manéh kasurupan ku naon?" Kang Atang pipilueun ngadeukeutan Jang Aji.


"Bahaya ieu mah, kudu sagancangna nyaringkah ti ieu tempat, sabab Radén Angkara pasti bakal ngayakeun balitungan!" Kang Diman rut-rét ka saréréa.


"Heueuh. Tapi kudu ka mana atuh?" Kang Atang siga anu pohara pisan bingungna.


"Nya ka mana wé, ka leuweung sugan. Nu penting mah aman!"


Sakedapan mah Kang Atang jeung Nyi Yati ngan ukur patingharuleng siga anu pohara pisan bingungeunana.


Ari dua prajurit anu kasoran mangsa nyanghareupan budak satepak, kebat baé muru ka Karaton. Sanggeus lumayan lila nyorang lalampahan, antukna mah dua prajurit nepi ogé ka hareupeun karaton anu kacida gedé tur pohara agréngna. Dina gapura anu aya di hareupeun éta karaton, ngajeblag tulisan Aksara Sunda, anu unina Karaton Karajaan Darmapatih.

__ADS_1


Hanca.


__ADS_2