
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
(8)
"Jadi..., sumpahna Ki Cakra téh bener-bener jadi kanyataan?" Antara percaya jeung henteu, Kang Atang neuteup pamajikanna.
"Rupina mah kitu, Kang."
"Maksadna kumaha ieu téh, Ma, Pa?" Jang Aji kurang-kerung neuteup indung bapana.
Rét, Kang Atang ka pamajikanna.
"Hmm, sigana mah geus waktuna muka rusiah ka Si Aji, sangkan nyahoeun rundayan kulawarga nu sabenerna." Kang Atang daria pisan.
Nyi Yati ukur unggeuk. Ari Jang Aji mah mingkin kurang-kerung neuteup indung bapana, lir anu hayang neuleuman kana eusi haté dua kolotna.
"Heug ari kitu mah, ku Bapa rék dijéntrékeun sacéréwéléna, tapi engké wé lamun geus rinéh. Ayeuna mah mending ogé urang bebenah heula. Jeung geus asa lapar pisan deuih ieu téh Bapa mah. Ari béas mah mekel, nya, Nyi?" Kang Atang rut-rét ka anak pamajikanna.
Nyi Yati ukur unggeuk. Ari Jang Aji, teu bisa maksa sarta ngaburu-buru, sok sanajan kapanasaran haté pohara gedéna. Antukna mah Jang Aji unggeuk nurutan indungna.
Sabab geus meunang idin ti nu bogana, anu ngakukeun Patih Cakra Sanjaya Widarsa, kalayan geus teu asa-asa deui Kang Atang jeung anak pamajikanna arasup ka jero guha. Kang Atang jeung Jang Aji gesrat-gesrut bebenah itu-ieuna. Ari Nyi Yati sibuk ngurus lauk jeung popolah anu séjénna. Si Utih mah anteng baé ngahakanan pucuk-pucuk rurungkunan.
Wanci terus nyérélék, kaayaan alam geus mimiti poék. Hawa peuting di jero pileuweungan anu nampeu pisan kana curug, pantesna mah hawana tiis kacida. Tapi anéh, karasana ku kulawarga Kang Atang mah biasa baé, teu béda jeung kaayaan hawa di lemburna, malah mah asa leuwih haneut kaayan di dinya, Si Utih ogé nepi ka tibra, depa deukeut biwir guha.
Dina wanci anu sarua, dina remeng-remengna kaayan guha anu ngan ukur kacaangan ku obor anu seuneuna semu kakalicesan alatan katebak angin, Kang Atang jeung anak pamajikanna harita téh keur uplek ngawarangkong, bari dariuk dina batu.
"Nya sukuran heula wé nu aya. Keun, da mahi meureun ari semet tilu poéan deui mah. Dina geus béak béasna ogé moal kalaparan teuing, da bisa kénéh meuleum lauk," ceuk Kang Atang, mangsa Nyi Yati ngangluh, sabab béas anu dibekelna ngan ukur saeutik.
Jempé sakedapan mah, ngan ukur kadéngé sora cihcir jeung sora sasatoan leuweung, anu awor jeung ngauruhna cai curug.
"Mmm, pan Bapa téh badé nyarioskeun perkawis Ki Cakra sareng rundayan kulawarga téa." Jang Aji neuteup bapana. Teu bisa poho tayohna mah, ngan pédah wé ngadagoan mangsa anu hadé.
__ADS_1
Sakedapan mah Kang Atang ngarérét heula jeung pamajikanna. Nyi Yati unggeuk, Kang Atang ogé pipilueun unggeuk.
"Mmm, Kieu, Ji. Sabenerna, indung hidep téh turunan kulawarga karaton, tegesna mah incu raja."
Gebeg!
Karék nepi ka dinya, Jang Aji pohara ngagebegna.
"Ti kulawarga karaton Karajaan Darmapatih?" Teuteup Jang Aji pinuh kapanasaran.
Kang Atang jeung Nyi Yati ukur patingarunggeuk.
"Ari Bapa?"
"Bapa mah rahayat biasa."
"Oh, janten Ema téh kabur ti karaton bakat ku bogoh pisan ka Bapa?" Jang Aji rut-rét ka indung bapana.
"Hehee.... Lain kitu, Ji. Matak ogé regepkeun heula!"
"Baheula, kurang leuwih saratus taun anu geus kalarung, Karajaan Darmapatih téh dipingpin ku hiji raja anu kawentar gedé kanyaah tur wijaksana. Jenenganana mah Kangjeng Prabu Siloka Wicakra. Dina kaayaan Karajaan Darmapatih keur meujeuhna ngaronjat dina widang itu-ieuna, aya karajaan séjén anu ngaranna Karajaan Jalaparna, hayangeun ngawasa wewengkon karajaan urang."
"Teras, Karajaan Jalaparna jeung Darmpatih téh perang, Pa?"
"Bener pisan. Tapi, sok sanajan Karajaan Jalaparna leuwih gedé, anu tangtuna ogé prajuritna leuwih loba, beunang diperuhkeun ari ku Darmapatih mah. Sabab, dina mangsa harita, Karajaan Darmapatih téh bogaeun patih anu pohara pisan luhung élmuna."
"Patih Cakra téa?"
"Enya. Pikeun panginget-nginget kana jasana éta patih, karajaan ogé nepi ka diganti ngaran, jadi Karajaan Darmapatih. Perkara pihartieunana mah kira-kira wé ku sorangan!"
"Ari asalna karajaan naon, Pa?"
__ADS_1
"Asalna mah ngaranna téh Karajaan Saluyu. Tah, sangeusna éléh perang, Karajaan Jalaparna téh ngahiji jeung Karajaan Batununggal, anu sarua hayangeun ngawasa Darmapatih. Geus ngahiji mah der wéh nyerang deui. Ku sabab prajuritna leuwih dua tikeleun ti saméméhna, antukna mah sok sanajan ngabogaan patih anu luhung élmuna ogé, Darmapatih beunang dikawasa. Kulawarga raja, kabéh diala nyawana. Ari Indungna indung hidep anu harita keur kakandungan, enya nini hidep meureun kasebutna, alhamdulillah bisa kabur, anu saterusna mah nyumput di imah kolot Bapa. Keur orok kénéh harita mah Bapa ogé."
"Kurang ajar!" Jang Aji siga anu pohara keuheulna.
"Kéla, can réngsé!" Kang Atang rada nyureng.
Jang Aji cicing deui pikeun ngaregepkeun.
"Dina mangsa indung hidep karék nincak umur dua taun jalan, nini hidep kacerek mangsa indit ka pasar. Anu saterusna mah sarua, dipaténi ku pihak karajaan."
"Teras, ari Ki Cakra, kumaha?"
"Ki Patih Cakra jeung ratusan sésa prajuritna mah dijarebloskeun kana karangkéng, sabab arembungeun babakti ka karajaan. Tapi da sarakti téa, Ki Patih Cakra jeung ratusan prajuritna, antukna mah bisaeun kalabur. Ngan saméméh kaburna, Ki Cakra jeung ratusan prajuritna téh kungsi sarumpah heula, yén moal waka maraot, satungtung can bisa ngarebut deui Darmapatih."
"Hmmm, berarti..., Kangjeng Raja Raksapada anu ayeuna kumawasa mah, turunan raja anu kapungkurna ngajajah karajaan Darmapatih téa?"
"Bener pisan. Ti saprak dikawasa, Darmapatih dipingpin ku raja anu asalna ngawasa Karajaan Jalaparna. Ari Karajaan Jalaparna mah dibagi dua, sabeulah asup ka Karajaan Batununggal, sabeulah deui asup ka Darmapatih. Sanggeus maot, kakawasaan diteruskeun ku raja anu ayeuna."
Sakedapan mah Jang Aji ngan ukur hulang-huleng. Sok sanajan kitu, ari tina sorot matana mah atra pisan aya seuneu amarah nu ngabebela. Ari Nyi Yati, ti tadi ogé ngan ukur ngabetem teu milu nyarita.
"Teras deui, pihak karajaan téh teu apaleun ari ka Ema mah, Pa?" tanya Jang Aji deui.
"Henteu, taya anu apaleun. Tah, ku sabab unggal poé pagilinggisik, tur dibéré nyaho yén Ema jeung Bapa téh henteu saturunan, antukna mah Ema jeung Bapa téh pada-pada tumuwuh rasa tresna, nepi ka antukna dikawinkeun ku kolot Bapa."
"Hmm, upami Aji luhung élmu mah badé sakuat tanaga ngarebut deui Darmapatih, Pa!" Jang Aji tandes kacida. Kitun téh ari perkara kawin antara indung jeung bapana mah satengah teu diregepkeun.
"Geus pirang-pirang boga kahayangna wungkul ogé, Ji. Sok sanajan ari dina kanyatanana mah moal mungkin."
"Euweuh anu teu mungkin!" ceuk hiji sora, pohara tandesna.
Gebeg!
__ADS_1
Kang Atang, Jang Aji jeung Nyi Yati pohara ngagebegna, sarta méh bareng tiluanana ngalieuk kana datangna sora.
Hanca.