BANJIR GETIH DI DARMAPATIH

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH, episode 44


__ADS_3

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH


(44)


Sanggeusna disentak sengor ku Ki Cakra téh Prabu Ungkara mah teu belik atawa pundung, malah gura-giru ménta hampura, pajar téh rumasa dirina lemah. Tapi lain hartina lebar ku pati pikeun nanjeurkeun bebeneran, nu jadi sababna mah taya deui, alatan melang kana kasalametan anu jadi rahayatna.


"Abdi ogé nyuhunkeun dihapunten, parantos kumawantun nyeukseukan salira," ceuk Ki Cakra, kalayan némbongkeun kahanjakalna.


"Salira mah teu lepat, Ki Patih Agung. Matak kitu ogé bakat ku béla kana nasib rahayat di ieu karajaan."


Ki Patih Sampala jeung puluhan abdi dalem anu keur araya di dinya, méh kabéh arunggut-unggutan némbongkeun kareueus tur siga anu pohara katajina ku dua gegedén anu gedé pisan kanyaahna ka jalma réa.


"Ki Patih..., Siapkeun surat keur lima karajaan. Atur-atur wé ku sorangan perkara anu rék nganteurkeunana mah. Ari ka Karajaan Balarampa mah keun baé, rék langsung ku kaula ngomongna!" Prabu Ungkara ngarérét ka Ki Patih Sampala.


"Dawuh timbalan, Kangjeng Prabu!"


Léos, geus kitu mah kalayan semu gura-giru Ki Patih Sampala ninggalkeun éta rohangan, seja nohonan paréntah ti nu jadi rajana.


"Gundira..., siapkeun dua belas kuda anu baredas tanagana. Urang kudu sagancang bagerak enggoning umajak ka karajaan-karajaan leutik anu séjénna!" ceuk Prabu Ungkara ka salah saurang abdi dalemna.


"Unjuk sumangga, Kangjeng Prabu!"


"Teu perlu nyiapkeun kuda!" Ki Cakra nyelengkeung.


"Naha, Ki Patih Agung?" Prabu Ungkara kurang-kerung.


"Langkung saé ngamangpaatkeun prajurit abdi baé, supados teu lami teuing enggoning nyorang lalampahanana."


"Hmm, langkung saé atuh upami kitu mah, Ki Patih Agung."


Ki Cakra ukur unggeuk. Reup, meureumkeun sapasang matana. Prabu Ungkara jeung anu séjénna mah ngan ukur narempokeun kana pamolah Ki Cakra anu samodél kitu téh. Sanggeus aya kana sababaraha kedapanana, nyah, Ki Cakra beunta deui.


"Kumaha, Ki Patih Agung?" tanya Prabu Ungkara.


"Antosan wé sakedap."


Burinyay..., burinyay..., jleg jleg jleg...!


Karék mah biwir Ki Cakra rapet deui, di éta rohangan ujug-ujug patingburinyay sababaraha cahya, sarta disusul ku patingjénggélékna sabelas prajurit jin anu rupa-rupa wujudna. Anu dua di antarana mah tétéla geuning Si Tangkar jeung Si Kumbay. Pikeun sakedapan mah Prabu Ungkara jeung nu séjénna nepi ka patingrarénjag alatan reuwas.


"Aya naon, Ki Patih?" Si Tangkar neuteup Ki Cakra.


"Kaula boga pancén keur maranéh kabéh. Tapi..., ké ké ké..., ari Si Guntar ka mana?"


"Si Guntar mah teuing geus sabaraha poé nganteur Ki Ujat," celengkeungna hiji jin anu wujudna badis gagak, ngan pédah ari sukuna mah teu jauh béda jeung suku jelema.


"Nganteur Ki Ujat ka mana? Paingan tara ngurunyung pisan Ki Ujat téh!" Prabu Ungkara gancang tumanya.


"Teuing. Da basa harita, mangsa pasukan Darmapatih malangprét téh, Ki Ujat mah langsung indit tumpak Si Guntar."


Pikeun sakedapan mah Prabu Ungkara ngarérét ka Ki Cakra, kalayan paneuteup anu pinuh ku pananya. Ari anu dirérétna mah langsung baé ngangkatkeut taktakna, tandaning sarua teu nyahona.


"Eu..., dupi ieu..., naha seueur-seueur teuing ngangkir prajurit téh, Ki Patih Agung?" Prabu Ungkara méngkolkeun jalanna wangkongan.


"Puguh kirang hiji, Kangjeng Prabu. Kawitna mah dua belas sareng Si Guntar anu dicalukan téh. Maksadna, duaan-duaan anu nepangan ka unggal karajaan téh. Supados aya réncangna wé."


"Oh...." Prabu Ungkara unggut-unggutan ari Ki Cakra geus ngajelaskeun mah.


"Ari, kitu..., rék ka karajaan mana, Ki Patih?" Si Tangkar tumanya deui.


Barabat wéh Ki Cakra nepikeun pamaksudanana, pangna nyalukan Si Tangkar jeung nu séjénna. Ari geus dijelaskeun mah Si Tangkar, Si Kumbay jeung nu séjénna ogé arunggut-unggutan tandaning ngarti kana pancén anu kudu dilaksanakeunana.


"Kumbay..., Tangkar..., maranéh mah anteur kaula jeung Kangjeng Prabu ka Karajaan Balarampa!" Ki Cakra rut-rét ka Si Tangkar jeung ka Si Kumbay.


"Siap, Ki Patih!"


Gaur...!


Mangsa Si Tanggkar haget nyanggupan paméntana Ki Cakra téh, ari Si Kumbay mah ngan ukur ngagaur.

__ADS_1


Keur kitu, panto utama éta rohangan aya nu muka, dituturkeun ku ngurunyungna saurang aki-aki, anu tétéla geuning Ki Ujat, minangka juru nujum di éta karajaan. Di tukangeun Ki Ujat, dugla-digleu hiji jin dina wujud heulang.


"Geus ti mana ari anjeun, Ki Ujat?" Langsung baé Prabu Ungkara ngabagéakeun ku pananya, sanggeusna Ki Ujat rengkuh méré panghurmat.


"Hapunten teu wawartos sareng neda widi heula, Kangjeng Prabu. Abdi téh kalintang panasaranana ku wanoja anu harita aya di pihak Darmapatih téa."


"Mmm, sok sok sok, dariuk heula!" Prabu Ungkara rut-rét ka Ki Ujat jeung ka welasan jin anu narangtung kénéh.


Mangsa Ki Ujat diuk dina korsi, ari welasan jin mah guk-gék dina lanté éta rohangan da bubuhan béakeun korsi keur pangdiukan.


"Jadi..., Ki Ujat téh geus nalungtik éta wanoja?" Teuteup Prabu Ungkara pohara seukeutna.


Ki Ujat gancang unggeuk.


"Terus, saha sabenerna éta wanoja téh?"


"Sanés wanoja ari aslina mah, Kangjeng Prabu. Nini-nini!"


"Nini-nini?"


Prabu Ungkara jeung nu séjénna pohara pisan ngajarenghokna. Ari Ki Cakra mah ngan ukur kurang-kerung.


"Muhun, Kangjeng Prabu. Aslina mah nini-nini. Nanging, saparantosna nyeuseup getih parawan, wujudna robih janten wanoja geulis sareng pohara bahénolna."


"Teu kudu dicaritakeun perkara bahénolna mah!" Prabu Ungkara langsung ngagebés.


Barakatak...!


Sapangeusi éta rohangan méh bareng patingbarakatak siga nu ngeunah pisan. Asa kagugu tayohna mah. Ki Cakra wé anu katémbongna ngan ukur musam-mésem téh.


"Saha ngaranna éta wanoja téh?" tanyana Prabu Ungkara deui, sanggeus rada rerep anu sareuri.


"Saparantosna teras-terasan ditalungtik mah, jenenganana téh Nyimas Pandani. Tingkatan élmuna pohara pisan luhungna. Komo saparantosna nyeuseup geutih parawan mah."


"Diseuseup dikenyot atawa dicokcrok, maksudna téh?" Ki Cakra karék milu nyarita.


"Sanés. Diseueup wé siga nyedot angin. Ngan anéhna korbanna téh dugi ka garing taya getihan.


"Terus, na teu bahaya nalungtik Darmapatih téh?"


"Perkawis bahaya mah nya bahaya. Kaleresan wé harita mah kaayaan di Darmapatihna nuju paciweuh kénéh."


Prabu Ungkara, Ki Cakara jeung nu séjénna arunggut-unggutan.


"Sareng hiji deui, Kangjeng Prabu!" Ki Ujat eureun heula nyaritana, siga anu hayang ngondang kapanasaran.


Jeung enyana, ari tina paneuteupna mah, boh Prabu Ungkara, Ki Cakra, pon kitu deui jeung nu séjénna, siga anu gedé pisan rasa kapanasaranana.


"Saparantosna ditalungtik, tétéla Nyimas Pandani téh ngemban pancén ti Si Purwasesa, kanggo numpes Prabu Raksapada sareng kulawargina. Margi, Si Purwasesa téh gaduh cita-cita, palay ngajantenkeun Radén Angkara janten raja di Darmapatih. Mulus pisan ngajalankeun siasatna téh. Ayeuna, Si Purwasesa tos janten raja. Kantun saléngkah deui panginten, kantun ngangkat Si Angkra janten raja."


"Waduh..., bener-bener jahat tah Si Purwasesa téh!"


"Heueuh. Teu nyangka pisan kuring mah!"


"Hmm, baruk kitu kalakuan ka rajana sorangan ogé, nya!"


"Sabodo teuing lah. Antep wé sina silihpaéhan!"


Mangsa puluhan abdi dalem keur rarécok jeung pada baturna, ari Ki Cakra mah ngadon unggut-unggutan.


'Hmmm, jadi bener, mangsa éta wanoja siga rék narajang ka aing ku jamparing téh, ari maksud nu sabenerna mah rék narajang Si Anjana!' gerentesna haté Ki Patih.


"Danget ayeuna, sateuacanna ngangkat Si Angkara janten raja téh, Si Purwasésa nuju nyusun heula siasat kanggo numpes heula kulawarga Prabu Raksapada nu masih kénéh nyarésa. Sajabi ti éta, pihak urang sareng pihak Batununggal ogé saleresna mah nuju diadu dombakeun ku siasat licikna Si Purwasesa. Angkeuhanana mah supados teu hésé capé enggoning numpes karajaan urang." Ki Ujat nyaritakeun deui hasil panalungtikanana.


"Hmmm, bener-bener kurang ajar pisan jelema téh!"


"Dasar jelema licik!"


"Goblog!"

__ADS_1


Anu keur araya di dinya nepi ka patingkekerot siga anu pohara arambekna.


"Upami tos kieu, kumaha, Ki Patih Agung?" Prabu Ungkara neuteup Ki Cakra.


"Perkawis umajak ka karajaan-karajaan anu sanésna mah teraskeun wé, Kangjeng Prabu!" témbal Ki Cakra pohara tandesna.


"Umajak ka karajaan nu sanés?" Ki Ujat siga nu bingung.


Barabat wéh Prabu Ungkara nyaritakeun itu-ieuna ka Ki Ujat. Ari geus dijelaskeun mah Ki Ujat ogé siga anu pohara sapukna kana paniatan Prabu Ungkara anu rék umajak ka karajaan-karajaan leutik pikeun baruntak ka pihak Batununggal jeung Darmapatih téh.


"Eu..., dupi Radén Aji ka mana?" tanya Ki Ujat, siga nu karék sadar yén di éta rohangan euweuh Jang Aji.


"Nuju sosonoan sareng sepuhna," témbalna Prabu Ungkara.


"Tos araya di dieu?"


"Enya. Jung, bisi hayang nepungan mah, di rohangan kaula. Sakalian deuih pangbéjakeun, kaula mah keur aya kaperluan heula, kituh!"


Siga nu bungah pisan mangsa dijurungkeun kitu ku Prabu Ungkara téh. Sanggeus amitan mah gura-giru baé Ki Ujat ninggalkeun éta rohangan.


Méh bareng jeung ngaléosna Ki Ujat, Ki Patih Sampala ogé ngurunyung deui dina kaayaan nananggeuy sababaraha gulungan surat anu bahanna tina kulit sabangsaning sasatoan.


"Geus siap?" Prabu Ungkara neuteup patihna.


Ki Patih Sampala gancang unggeuk. Rét, Prabu Ungkara ka Ki Cakra. Ki Cakra langsung unggeuk siga anu geus surti.


"Tangkar..., Kumbay..., hayu!" Ki Cakra rut-rét ka Si Tangkar jeung ka Si Kumbay.


Si Tangkar jeung Si Kumbay mah ukur unggeuk bari langsung carengkat.


"Ki Patih..., atur-atur wé perkara saha-sahana anu rék nepikeun surat mah, nya. Kaula mah rék indit tiheula!" Prabu Ungkara ngarérét ka patih satiana.


"Unjuk sumangga, Kangjeng Prabu!"


Geus kitu mah gura-giru baé Prabu Ungkara jeung Ki Cakra ninggalkeun éta rohangan, dituturkeun ku Si Kumbay jeung ku Si Tangkar.


"Kangjeng Prabu mah sareng Si Tangkar wé, nya!" ceuk Ki Cakra, sanggeusna aya di palataran hareup karaton.


"Teu langkung, Ki Patih Agung."


Geus kitu mah Si Tangkar ogé teu kungsi ngadagoan dititah deui, gancang baé depa di hareupeun Prabu Ungkara.


Clak, geleber...!


Sanggeus Prabu Ungkara anjeucleu dina tonggongna mah, harita kénéh Si Tangkar hiber ninggalkeun éta patempatan.


"Ari manéh malah ngajedog. Hayu, Kumbay!" Ki Cakra neuteup Si Kumbay anu malah nempokeun Si Tangkar anu hiberna mingkin lila mingkin ngajauhan.


Teu kungsi ngomong. Langgéor, brek, Si Kumbay depa di hareupeun Ki Cakra.


Burinyay..., jleg!


Jirim Si Kumbay robah wujud jadi awéwé anu geulis tur pohara bahénolna, dina keur kaayaan nonggéng tangtuna ogé, kituna téh bari ngagutak-gitek bujurna sagala.


Jekuk..., goréntél...!


Bujur Si Kumbay dijejek ku Ki Cakra nepi ka gogoréntélan.


"Sing balég, koplok!" Ki Cakra muncereng.


Si Kumbay mah malah surangah-séréngéh bari ngonéal hudang.


Burinyay..., jleg!


Jirim Si Kumbay robah deui kana wujud lodaya. Geus kitu mah Ki Cakra ogé daékeun numpak.


Gaur..., selepung...!


Geus kitu mah gancang baé Si Kumbay hiber mawa Ki Cakra, seja nyusul Si Tangkar anu ditumpakan ku Prabu Ungkara.

__ADS_1


Hanca.


__ADS_2