BANJIR GETIH DI DARMAPATIH

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH, episode 10


__ADS_3

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH


(10)


Saluyu jeung paréntahna Prabu Raksapada anu ngarasa kaancam ku ayana béja ti sababraha urang juru nujumna, yén turunan Prabu Siloka Wicakra aya kénéh anu nyésa, isukna, sakabéh abdi dalem karajaan, bur-ber ka ditu ka dieu, seja maluruh Kang Atang jeung anak pamajikanna. Sarumanget pisan, da bubuhan diiming-iming ku hadiah ti raja anu pohara gedéna.


Teu béda jeung Ki Patih katut Radén Angkara nu jadi anakna, isuk-isuk kénéh duanana geus miang ninggalkeun karaton, dituturkeun ku dua prajurit anu marenganana.


Sanggeus nyorang perjalanan anu lumayan lila, antukna mah Ki Patih, Radén Angkara jeung dua urang prajuritna, aranjog ka hiji pilemburan anu masih kénéh kaasup kana wewengkon Karajaan Darmapatih. Reg, saréréa ngareureunkeun kudana di hareupeun hiji imah, anu kabeneran pisan, harita téh anu boga imahna keur ngawarangkong di tepasna. Senempona aya Ki Patih jeung nu séjénna, gancang saréréa nyampeurkeun ka buruan, anu saterusna mah dareku sarta acong-acongan nyembah, di hareupeun kuda anu keur ditumpakan ku Ki Patih jeung ku Radén Angkara.


"Sembah baktos, Ki Patih Purwasésa!" Lalaki nu pangkolotna, acong-acongan nyembah Ki Patih, anu tétéla geuning ngaranna Ki Patih téh, Purwasesa.


"Hulubalang.... Kaula jeung sakabéh abdi dalem karajaan, dititah néangan kulawargana Si Atang. Manéh nyaho, di mana ayana éta Si Atang jeung anak pamajikanna?" Ki Patih neuteup lalaki anu geus rada kolot, anu tétéla geunig saurang hulubalang. Enya pamingpin pilemburan lamun dina jaman kiwari mah, siga anu keur viral ménta hampura ka Pa Eko, sanggeusna ngajorag sarta peupeuleukeuk leuwih tiheula.


"Aya, Ki Patih. Nembé ogé pun bojo tos ti warungna, ngagaleuh gula beureum."


"Lain Si Atang urang dieu, koplok! Si Atang urang Lembur Cisugri ieu mah. Ngaran anakna Si Aji, pamajikanna...."


"Si Yati." Radén Angkara nyelengkeung, mangsa nempo bapana rada hulang-huleng, siga nu poho kana ngaran pamajikan Kang Atang.


"Tah éta! Ngaran pamajikanna téh Si Yati. Kalabur ti Cisugri, alatan boga kasalahan anu pohara gedéna."


"Eu..., duka atuh ari éta mah abdi ogé teu terang."


"Ayeuna mah wayahna wé, imah manéh digaradah pikeun mastikeun!"


"Sumangga, Ki Patih."


Geus kitu mah Ki Patih rut-rét ka Radén Angkara katut ka dua prajuritna. Nu rérétna ukur arungguk. Sanggeus jrat-jrut tina kuda mah, gancang baé tiluanana ngagaradah imah pupuhu lembur. Tapi, sanggeusna kabéh rohangan imah dikotéktak, anu ditéanganana mah henteu kapanggih.


"Kaula rék neruskeun maluruh kulawargana Si Atang. Lamun manéh pareng manggihan, béjaan kaula. Engké ku kaula dibéré hadiah anu gedé!" ceuk Ki Patih, sanggeusna Radén Angkara jeung dua prajurit aranjeucleu deui dina kudana.


Nu diajak nyaritana unggeuk-unggeukan sumuhun dawuh. Geus kitu mah kuda-kuda anu ditumpakan ku Ki Patih sabalad-sabalad, patingkotoplak ninggalkeun éta patempatan.


"Tanyakeun ka warung nu itu!" ceuk Ki Patih, mangsa manggihan hiji warung di sisi jalan, anu rada kaiuhan ku gomplokna daun hiji tangkal.


Katémbong di éta warung, aya sababaraha urang lalaki anu keur barangdahar. Sanepina Ki Patih jeung nu séjénna ka hareupeun éta warung téh, cul inumeun cul dahareun, saréréa gancang nyampeurkeun sarta dareku bari acong-acongan nyembah.


"Aya anu nempoan Si Atang urang Cisugri jeung kulawargana?" Ki Patih rut-rét ka sababarha urang jalma anu keur sarujud di hareupeunana.


"Duka atuh, Ki Patih, teu kenal-kenal acan abdi mah," témbal saurang lalaki, anu sigana mah nu boga warung.


"Ari maranéh?" Ki Patih rut-rét ka nu séjénna.


"Teu terang, Ki Patih." Saréréa méh bareng némbalan.


"Hmm, hayu!" Sanggeus meunang jawaban anu samodél kitu mah, langsung baé Ki Patih ngajak Radén Angkara jeung dua prajuritna, pikeun neruskeun deui lalampahanana.

__ADS_1


"Aya naon, nya?" tanya saurang lalaki ka baturna, sanggeusna abringan Ki patih rada jauh ninggalkeun éta patempatan.


"Nya teuing atuh, boga kasalahan wé meureun. Éta wé geuning, mangsa keur nyebut ngaran Atangna ogé siga nu keuheuleun pisan."


"Enya sigana mah."


Geleber...!


Méh bareng jeung sababaraha urang jalma anu ngaléngkahkeun deui sukuna ka tepas warung, manuk piit anu ti tadi eunteup dina dahan tangkal, ngageleber ninggalkeun éta patempatan, sarta anu saterusna mah hiberna mingkin lila mingkin jauh, nepi ka antukna asup ka wewengkon pileuweungan.


Séot..., jleg!


Sanggeusna nyirorot di jero pileuweungan, manuk piit robah jirim jadi wujud saurang lalaki anu jangkung badag tur pohara gagahna. Reup, éta lalaki meureumkeun matana. Katémbong biwirna kunyam-kunyem siga anu keur mapatkeun jampé pamakéna.


Bréh!


Méh bareng jeung mukakeun deui mata, dumakan ujug-ujug aya gapura di hareupeunana. Geus kitu mah kebat baé éta lalaki anu jangkung badag téh ngaléngkahkeun sukuna ngaliwatan gapura. Geus aya di jero mah katémbong aya puluhan wangunan imah anu baradag tur pohara tohagana. Palataran di éta patempatan pohara lega tur kacida pisan raresikna, kalayan sisi-sisina anu dikurilingan ku bébénténg sarupaning cahya.


Léngkah éta lalaki kebat baé muru hiji imah anu pangbadgana. Sanggeus uluk salam jeung sababaraha kali keketrok kana panto, antukna mah panto imah aya muka, disusul ku ngurunyungna saurang aki-aki.


"Aéh, geuning anjeun, Tangkar. Hiyap ka jero!" Aki- aki siga anu geus wawuheun pisan ka éta lalaki anu tétéla ngaranna Tangkar téh.


"Ki Patihna, aya?"


"Aya. Hayu ka jero!"


"Aya naon, Tangkar?" tanya Ki Darsa.


"Ampun, Ki Cakra. Kaula datang seja nepikeun béja. Tadi, kaula nempoan patih Karajaan Darmapati keur mapayan saban imah di pilemburan, anu cenah mah keur néangan jalma anu ngaranna Atang jeung kulawargana," ceuk Si Tangkar ka Ki Darsa, anu tétéla geuning Ki Darsa téh alias Ki Patih Cakra, saluyu pisan jeung anu kungsi diomongkeun ku Si Galingging ka Jang Aji jeung ka indung bapana.


"Hmm, sukur anjeun geus méré laporan anu pohara pentingna. Jung, ayeuna mah téang Radén Aji jeung indung bapana, sangkan leuwih aman ari cicing di dieu mah. Da geus pasti Si Raksapada ogé bakal ngeprak bangsa jin pikeun néangan Radén Aji jeung indung bapana nepi ka leuweung-leuweung!"


"Siap, Ki Patih!" Si Tangkar haget nyanggupan.


Burinyay..., belesat...!


Si Tangkar anu geus robah wujud jadi cahya beureum, harita kénéh ngabelesat ninggalkeun éta riungan.


"Tingkatkeun kawaspadaan, hijikeun kakuatan pikeun ngandelan bébénténg goib di ieu patempatan. Ulah nepi ka urang saréréa kasusud sarta bobor karahayuan dina mangsa cita-cita can tinekanan!" Ki Cakra rut-rét ka nu araya di dinya.


"Siap, Ki Patih!" Kalayan sumanget pisan saréréa némbalan.


Ki Cakara unggut-unggutan siga anu sugema pisan.


Ari Si Tangkar anu diutus pikeun néang Jang Aji jeung indung bapana, harita téh geus nepi ka tempat anu dijugjugna. Sajongjongan mah Kang Atang jeung anak pamajikanna anu harita keur maroyankeun awakna di palataran anu teu jauh tina biwir guha, siga anu kurang percaya mangsa Si Tangkar ngakukeun utusan Ki Cakra, sarta nepikeun pamaksudanana pangna nepungan dirina téh. Tapi, sanggeusna Si Kumbay ngaku wawuh sarta ngabenerkeun kana pangakuanana Si Tangkar, antukna mah Kang Atang, Nyi Yati katut Jang Aji, percaya sagemblengna.


"Padahal, ari abdi mah tos betah pisan di dieu téh. Tempatna raoseun." Kang Atang neuteup Si Tangkar anu sarua keur nangtung di hareupeunana.

__ADS_1


"Muhun. Resep di dieu mah seueur lauk." Nyi Yati milu ngéngklokan.


"Puguh ari Aji mah hoyong ngalih ka ditu, Pa. Supados tiasa diajar ka Ki Cakra." Jang Aji mah béda pamadegan.


"Matak Ki Patih nitah pindah ka ditu téh, di dieu mah bahaya." Si Tangkar rut-rét ka saréréa.


"Bahaya kumaha?" Kang Atang rada kerung.


Barabat wéh Si Tangkar nyaritakeun sagala alesanana. Mangsa Si Tangkar cacarita téh, Si Kumbay, Jang Aji jeung indung bapana mah nepi ka patingjarenghok siga anu pohara rareuwaseunana.


"Tah, ku sabab kitu, wayahna wé sing daraék pindah. Genah di ditu geura ari geus pindah mah!" ceuk Si Tangkar dina pungkasan caritana.


"Hmmm, nya ari kitu mah kumaha saéna wé atuh." Antukna mah Kang Atang éléh déét.


Geus kitu mah Jang Aji jeung indung bapana gagancangan arasup ka jero guha, sarta anu saterusna mah gesrat-gesrut mérésan barang-barang anu rék dibawana. Ari Si Tangkar jeung Si Kumbay mah sajeroning ngadagoan di luarna téh, bari galécok sagala diwangkongkeun.


"Kur sakitu babawaanana?" tanya Si Tangkar, mangsa nempo Jang Aji jeung indung bapana anu geus nyampeurkeun deui ka palebah dirina.


"Muhun, mung sakieu. Béas anu sakarung mah moal dibantun da abot." Kang Atang anu némbalan.


"Lah, maké jeung beurat, piraning sakarung!" témpas Si Tangkar, kituna téh bari gura-giru asup ka jero guha.


Teu lila antarana, Si Tangkar geus ngurunyung deui dina kaayaan mamanggul karung. Si Kumbay gancang depa siga anu geus ngarti. Sok, karung béas ditunda dina tonggong Si Kumbay.


"Sok naék, Dén. Cekelan karungna!" Si Tangkar ngarérét ka Jang Aji.


Jang Aji gancang nérékél kana tonggong Si Kumbay.


"Nyimas jeung Radén mah inditna jeung kaula!" Si Tangkar ngarérét ka Kang Atang jeung ka Nyi Yati.


Burinyay..., jleg!


Tanpa ngadagoan jawaban ti Kang Atang jeung ti Nyi Yati, jirim Si Tangkar robah wujud jadi manuk sarupaning heulang anu pohara badagna. Batan buru-buru naék kana tonggong éta manuk, sajongjongan mah Kang Atang jeung Nyi Yati malah patingpolohok.


"Hayu atuh, rék naék moal?" Si Tangkar rut-rét ka Kang Atang jeung ka Nyi Yati.


Geus kitu mah kalayan siga nu asa-asa Nyi Yati jeung Kang Atang patingkalacat kana tonggong Si Tangkar, anu keur ngajirim dina wujud manuk anu pohara badagna.


"Nyarekelan sing pageuh!" ceuk Si Tangkar deui.


Kang Atang tipepereket nyekelan bulu dina punduk éta manuk, ari Nyi Yati anu diukna di tukangeun Atang, tipepereketna téh malah kana cangkéng salakina.


"Brangkat...!" Si Tangkar nyelengkeung.


Gaur..., belesat...!


Si Kumbay miheulaan ngabelesat mawa Jang Aji, dituturkeun ku Si Tangkar anu mawa Kang Atang jeung Nyi Yati.

__ADS_1


Hanca.


__ADS_2