BANJIR GETIH DI DARMAPATIH

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH, episode 27


__ADS_3

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH


(27)


Hayam jago kongkorongok patémabalan jeung pada baturna, lir anu keur mumuji kana kawasaning Gusti ku carana. Nu bikangna keketok nyukuran ni'mat rejeki jeung welas asih indung, ku jalan nyalukan anak-anakna anu riab patingcariak, sarta méh paheula-heula parebut hakaneun anu kapanggih ku dirina.


Éndah, éstuning éndah welas asih Gusti anu diwuwuhkeun ka saban mahlukna, sok sanajan ka pantar sato. Geus puguhning ari ka bangsa manusa anu dicipta minangka mahluk anu pangsampurnana di antara mahluk-mahluk anu séjénna mah. Enya, sok sanajan lain ka anak sorangan, pan ari manusa mah bisa miwelas tur miasih ka nu séjénna, kari kumaha kaayaan nu boga haténa.


Siga Mang Tarya jeung Ceu Omah wé meureun, sok sanajan kasebutna lain ka anak pituin ogé, katempona siga anu pohara nyaaheunana ka Jang Aji téh. Siga dina mangsa harita, dina poéan anu geus anyar deui, isuk-isuk kénéh Ceu Omah geus kaprak-keprek di dapurna, nyayagikeun sangu goréng kaserepna Jang Aji. Ukur sapiringeun, éstuning ngahaja nyieun keur Jang Aji wungkul, da ari Mang Tarya jeung Ceu Omahna mah teu pati resepeun.


Siga anu ngahaja dingeunah-ngeunah deuih nyieun sangu goréng téh, endog éntog anu ngahaja meunang ngagantian Mang Tarya ti kawawuhanana, digalokeun kana sangu, teu kaliwat jeung bawang daunna. Seungitna ogé nepi ka nyambuang ka saban rohangan, matak ngélékéték irung sarta ngahudangkeun rasa lapar pikeun Jang Aji katut Mang Tarya, anu harita keur aruplek di patengahan.


"Ari di walungan aya laukan, Pa?" Jang Aji neuteup Mang Tarya anu geus dianggapna bapa.


"Aya wé ari karék beunteur jeung jelér-jelér waé mah. Ngan nya éta, hésé ari diuseup mah!" témbal Mang Tarya, bélaan nunda heula nyundut udud daun kawungna.


"Asa hoyong nguseup abdi mah, Pa. Ameng wé, bari étang-étang mikawanoh kaayaan di ieu lembur."


"Nya jung waé, da mun teu salah mah jeujeurna ogé aya, di goah."


"Nu leres, Pa?"


"Enya. Tapi teuing kétang, teuing aya kénéh teuing henteu, tanyakeun heula wé ka indung manéh!" Mang Tarya siga anu geus bener-bener nganggap anak ka Jang Aji téh.


"Mamanawian wé atuh aya kénéh. Ari eupanna ku naon, Pa?"


"Ku pésmol daging hayam, atawa ku semur jéngkol."


"Ah, Bapa mah!"


"Hahaha.... Atuh da di mana-mana ogé ari eupan nguseup mah ku cacing, maké tatanya sagala!"


"Hehee..., muhun, nya. Naging, da sok aya anu eupanna ku lukut ogé, Pa."


"Nu eupanna ku lukut mah di balong atawa di émpang."


"Oh. Badé naroskeun jeujeurna ah, ka Ema!" ceuk Jang Aji, kituna téh bari gura-giru cengkat tina diukna.


Tapi, karék mah Jang Aji cengkat, kaburu ngurunyung Ceu Omah anu mawa boboko jeung piringna. Sok, di tunda di hareupeun Jang Aji jeung Mang Tarya. Jang Aji ogé jadi diuk deui.


"Nyi..., ari jeujeur anu diselapkeun di goah, aya kénéh weuh?" Mang Tarya neuteup pamajikanna.


"Aya. Rék nguseup..., ongkoh rék ménta daun jagong?"


"Lain keur Akang, Si Aji hayangeun nguseup ka walungan, cenah!"


"Oh. Ah, euweuh laukan, Ji. Bapa manéh ogé paling banter meunang bogo dua siki!"

__ADS_1


"Wios, Ma. Étang-étang hoyong mikawanoh kaayaan di ieu lembur wé ari Aji mah."


"Nya sabodo ari kitu mah, asal ulah ampleng-amplengan teuing wé!"


"Moal dugi ka Lohor-Lohor acan, Ma."


"Nya kop téh teuing. Geura dahar wé heula ayeuna mah. Tuh, sangu goréngna geus dipiringan di dapur. Sakalian pangmawakeun kérécék jaatna ka dieu!"


Jang Aji ukur unggeuk, anu saterusna mah ngoloyor ka rohangan dapur, kalayan teu kungsi lila ogé geus ngurunyung deui dina kaayaan barangbawa. Geus kitu mah, brak, saréréa dalahar, nepi ka cacaleuhakan siga nu ni'mat pisan.


Saréngséna dahar, sanggeus salin heula pakéan mah Mang Tarya indit ka kebonna. Atuh teu lila antarana, Jang Aji ogé amitan rék nguseup ka walungan.


"Mawa cai keur nginum atuh!" ceuk Ceu Omah, mangsa Jang Aji geus ngaléngkahkeun sukuna ka tepas imah.


"Di walungan ogé seueur cai mah, Ma."


"Ihihi..., nya pék baé ari rék nurutan beunteur mah!"


Jang Aji ngan ukur seuri, anu saterusna mah kebat baé ninggalkeun éta imah. Ari Ceu Omah mah ngan bati gogodeg.


Siga anu sumanget pisan katempona téh, léngkah Jang Aji semu gagancangan muru ka walungan. Geus apal tempatna tayohna mah, da bubuhan éta walungan téh sok kaliwatan ku nu rék arindit ka karebon ogé. Jadi, Jang ogé teu kungsi tatanya heula lebah-lebahna. Ngan anéhna, ongkoh caritana mah rék nguseup, tapi ari Jang Aji mah teu kungsi ngala cacing-cacingna acan.


Sanepina ka nu dijugjug, Jang Aji lumampah mapay-mapay sisi walungan, sarta mingkin lila mingkin ka hilir. Ari jeujeurna mah tonggoy baé ngadaplok dina tonggongna, anu gagang jeujeurna diselapkeun kana calana dina palebah bujurna. Raridu meureun ari dijingjing mah, jaba useupna sok tikakarait kana daun rurungkunan.


"Oh, ieu meureun imahna Bah Somad téh. Na teu sieuneun aya caah, kitu?" gerengdengna Jang Aji, mangsa nempo hiji wangunan imah anu pohara basajanna, kalayan perenahna nampeu pisan kana beungeut walungan.


Jang Aji anu tayohna mah bébéja nguseupna téh ngan sakadar néangan alesan sangkan bisa nalungtik sarta nepungan Bah Somad, kebat baé muru ka éta imah. Leuwih pantes disebut saung sigana mah éta wangunan téh, da ukuranana ogé pohara leutikna. Sanepina ka hareupeun éta imah, Jang Aji mah malah ngajengjen.


"Sampurasun...!" Jang Aji uluksalam, mangsa sora aki-aki nu tetembangan geus jempé deui.


"Hahaha..., hahaha...!" Batan némbalan salam, malah seuseurian anu di jero imah mah.


Teu lila antarana, panto imah aya nu muka, disusul ku ngurunyungna saurang dedegan aki-aki anu geus bongkok sarta maké papakéan anu geus saroék tur pohara lecekna. Buukna éta aki-aki anu gondrong, semu gimbal cicirén geus lila tara dianggir. Pakulitanana ogé pohara kucelna. Pikeun sajongjongan mah Jang Aji ngan ukur neuteup siga anu keur nelek-nelek éta aki-aki.


"Nepangkeun, wasta abdi Aji, Ki." Jang Aji nyolongkrong ngajak sasalaman, mangsa éta aki-aki geus aya di buruan.


Batan ditarima mah leungeun Jang Aji malah ditepak ku éta aki-aki téh. Tapi teu katémbong ambek ari Jang Aji mah.


"Dupi Aki téh, leres anu jenenganana Bah Somad?" tanya Jang Aji kalayan leuleuy.


Batan némbalan, éta aki-aki malah molototan.


"Ki...."


"Heueuh. Rék naon nyanéh nepungan kuwing?" tanyana éta aki-aki anu tétéla bener, Bah Somad, kituna téh bari angger molototan.


"Mmm, mamanawian wé Aki kersa nyampurnakeun élmu anu parantos aya di abdi," témbal Jang Aji kalayan teu kungsi basa-basa deui.

__ADS_1


"Sampurnaning élmu ku pangalaman.... Linuhung..., mangsa ajén inten geus sajajar..., geus sajajar jeung kikisik. Taya hadé taya goréng, taya hina taya mulya, kabéhna sarua baé..., kabéhna..., sarua baé.... Nu ngalalakon butuh saksi, euweuhna gé teu matak rugi. Duh..., Jungjunan.... Hahaha.... Kabéhna...., sarua baé.... Hahaha...!" Bah Somad malah tetembangan deui, bari kituna téh ari sapasang panonna mah neuteup ka mana boa.


Anéh karasana ku Jang Aji mah, sok sanajan kekecapan dina tembangna B Somad téh teu kaharti, tapi bet asa langsung nembus kana ati, nepi ka teu karasa cimata Jang Aji dumadakan merebey, anu saterusna mah murubut sarta patingkareclak maseuhan lemah.


"Duh..., Jungjunan.... Éndah naker tetempoan. Cimata anu rumasa, gumilang nyaangan sukma. Duh..., Jungjunan...!"


Ari Jang Aji mah mangsa Bah Somad nembang deui téh, malah tungkul bari mingkin murubutkeun cai matana.


"Ba." Bah Somad nyebut hiji hurup hijaiyah, kituna téh bari ngantelkeun curukna kana embun-embuanan Jang Aji, anu harita masih kénéh murubutkeun cai mata.


Belesat...!


Mangsa embun-embunanana diantelan curuk ku Bah Somad téh, karasana ku Jang Aji mah, dirina asa ngabelesat sarta ujug-ujug aya di tengah sagara anu ngampar taya tungtungna.


Wer..., wer..., wer...!


Dumadakan bulan jeung panon poé, muter ngurilingan dirina, siga anu keur silihudag, silihélédan.


Bus!


Panon poé jeung bulan anu sakitu gedéna téh, bet bisa asup kana awakna.


Bray...!


Dumadakan Jang Aji nempo hiji gapura. Atra pisan aya tulisanana.


"Ashadu alla ilaaha illalloh. Waashadu..., anna..., Alloh..., Muhammad. Lailaha illalloh, Muhammadurosuululloh." Rada ngahuleng Jang Aji mah mangsa maca éta tulisan dina gapura téh, sabab karasana aya nu béda.


Belesat...!


Sabot Jang Aji keur hulang-huleng, karasa dirina asa aya anu ngadudut deui, sarta ngan ukur dina sakiceup mata ogé, geus aya deui di tempat nangtung nu saméméhna.


"Aki?" Jang Aji pohara reuwaseunana mangsa nempo Bah Somad anu ujug-ujug geus ngajoprak di hareupeunana téh.


Dina kaayaan ingsreuk-ingsreukan, gancang baé Jang Aji ngadeukeutan sarta ngarangkul Bah Somad.


"Ari Aki kunaon?" Jang Aji rawah-riwih.


Kalayan lalaunan Bah Somad ngadeukeutkeun biwirna kana ceuli Jang Aji. Sakedapan mah Jang Aji ngan ukur kurang-kerung bari unggut-unggutan.


"Janten..., Eu..., Ki..., Aki...?" Kalayan siga nu reuwas pisan Jang Aji ngageubig-geubig awak Bah Somad anu geus ngulahék.


Gancang Jang Aji mariksa urat beuheung Bah Somad.


"Innalillahi wainna ilaihirojiun. Aki...!"


Segruk!

__ADS_1


Geus teu bisa ditahan-tahan, antukna mah Jang Aji ngagukguk deui murubutkeun cimatana, kalayan leuwih rosa batan saméméhna.


Hanca.


__ADS_2