BANJIR GETIH DI DARMAPATIH

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH, episode 51


__ADS_3

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH


(51)


"Kumaha ari parantos kieu, Ki Patih Agung?" tanyana Prabu Ungkara, sanggeusna Jang Aji kaluar ti éta rohangan.


"Kanggo saabdieun mah percanten pisan, Radén Aji mah kasauranana kénging dicepeng. Nanging, kanggo ngabuktoskeun mah taya lepatna ngintun utusan kanggo nalungtik langsung ka Batununggal ogé."


Sakedapan mah Prabu Ungkara ngan ukur unggut-unggutan. Rét, ka patihna.


"Ki Patih..., kumaha kira-kirana..., daék nalungtik kaayaan di Batununggal?"


"Unjuk sumangga, Kangjeng Prabu!"


"Abdi ngiring, Ki Patih!" Bah Goncrang nyelengkeung.


"Kapanan, ari anjeun mah tatu dina dada ogé cageurna can sampurna. Cicing wé lanan!"


"Kiat ari mung nalungtik wungkul mah, da sanés galungan, Ki Patih."


Teu langsung némbal deui, Ki Patih malah ngarérét ka nu jadi rajana. Prabu Ungkara mah ngan ukur unggeuk.


"Nya hayu ari daék mah!" Antukna mah Ki Patih daékeun dibaturan.


Sanggeus amitan ka saréréa, harita kénéh Ki Patih jeung Bah Goncrang naringgalkeun éta rohangan. Sanepina ka palataran hareup karaton, reup, Bah Goncrang meureumkeun panon. Biwirna kunyam-kunyem mapatkeun jangjawokanana.


Burinyay..., jleg, jleg!


Di hareupeun Bah goncrang ujug-ujug patingjanggélék dua ékék anu pohara baradagna. Rét, Bah Goncrang ka Ki Patih, anu réretna ngan ukur unggeuk. Geus kitu mah gancang baé duanana patingkalacat kana tonggong ékék anu geus darepa.


Garapak..., geleber...!


Kéak..., kéak...!


Dua ékék haliber mawa Ki Patih jeung Bah Goncrang, sarta mingkin lila hiberna mingkin jauh ninggalkeun karaton Trisula Emas.


"Lamun enya téa mah Batununggal nepi ka nyerang Darmapatih, naon sababna, nya, Bah?" ceuk Ki Patih, mangsa hiberna dua ékék ampir réréndéngan.


"Duka, Ki patih. Nanging..., sapertosna mah aya sangkut pautna sareng Radén Aji."


"Maksudna..., matak Batunggal nepi ka merangan Darmapatih téh alatan aya tindakan ti Radén Aji?"


"Rupina mah kitu pisan, Ki Patih," témbal Bah Goncrang, kituna téh dibarengan ku nyuay-nyuaykeun tungtung buuk anu ngahalangan kana panempona.


Ki Patih mah ngan ukur unggut-unggutan bari neuteup remeng-remengna daun-daun tatangkalan anu patingjarumpluk di handapeunana, kacaangan ku cahya bulan anu geus mimiti ngarayap ka mangsa purnama.


Mingkin lila, dua ékék anu ditumpakan ku Ki Patih jeung ku Bah Goncrang, mingkin jauh kaluar ti wewengkon Trisula Emas.


Masih kénéh dina waktu anu sarua, Jang Aji anu cenah mah amitanana téh alatan geus teu kuat hayang saré, ari kanyataanana mah dina mangsa harita téh manéhna keur jojorélatan tina dahan anu hiji kana dahan-dahan tatangkalan anu séjénna, dina mongkléngna kaayaan peuting di peuleuweungan.


Jorélat..., jleng jleng jleng..., kalayang..., clé!


Kalayan dina gerakan anu kacida hampangna, antukna mah Jang Aji napakeun sukuna kana lemah, di hiji palataran leuweung anu upluk-aplak pohara legana. Rada caang di éta patempatan mah, kawantu bulan laluasa enggoning nebarkeun cahyana. Rét, Jang Aji kana jentulna batu anu pohara badagna, anu méh persis pisan aya di tengah-tengah éta palataran.


Jorélat..., jleng jleng jleng..., clé!


Ngan ukur dina sababara gerakan, Jang Aji geus nangtung dina luhur éta batu. Gék, Jang Aji sila ipis, sarta pikeun sakedapan mah muterkeun heula paneuteupna ka sabubudeureun éta patempatan. Rét, ka luhur, nempoan éndahna wiati anu dipapaés ku patingkaretipna rébuan béntang.


"Masya Alloh..., kacida kawasana Salira mah, Gusti!" Teuteup jeung paroman Jang Aji éstuning kebek ku pamuji.


Gap, Jang Aji rumpa-rampa kana jeroeun bajuna. Kusiwel, ngaluarkeun hatong tulang dina wanda nanagaan, sarta anu saterusna mah éta hatong ditiup nepi ka ngaluarkeun sora anu pohara ngajelengéngna.


Selepung..., suruwuk...!


Teu lila antarana, katémbong aya anu patingsuruwuk sarta kakalayangan di awang-awang, anu tétéla geuning Si Liuk jeung nagana Jang Aji.


Suruwuk..., séot...!


Éta dua naga nyirorot, persis pisan muru ka palebah batu anu keur didiukan ku Jang Aji.


Kalayang..., clé!

__ADS_1


Antukna mah dua naga narapakeun sukuna kana lemah. Siga nu hampang pisan, méh-méhan henteu nimbulkeun sora.


"Kasép geuning ari geus mandi mah, Liuk!" Dina kaayaan keur sila kénéh Jang Aji neuteup Si Liuk.


"Hahahaha.... Kaula mah bikang, Radén!" Si Liuk ngagakgak siga nu ngeunah pisan.


"Euleuh..., ari sugan téh jalu! Éta wé gening bet aya tandukan?"


"Hahahaha.... Masihna ogé domba, bisa didibédakeun tina tandukna!"


"Adeuy.... Berarti..., manéh aya batur kikieuan meureun ayeuna mah, nya!" Jang Aji surangah-séréngéh ka nagana, kituna téh dibarengan ku ngadu-ngadu dua tungtung leungeunna anu dicomotkeun.


"Geus seubeuh, Radén. Mamayu meureun Si Bangkor téh, awak kuring ogé nepi ka asa pasiksak kieu!" celengkeungna Si Liuk, kituna téh bari ngarérét ka naga Jang Aji, anu tétéla geuning ngaranna téh Si Bangkor.


"Hahahahaha...!" Si Bangkor mah ngan ukur ngagakgak bari rada ngabalieur siga nu éra.


"Tapi..., ké ké ké...! Naha geuning anjeun bet ngabéjakeun ngaran, Bangkor? Ongkor pantrang!" Jang Aji kurang-kerung neuteup nagana.


"Pantrang sotéh baheula, Radén, Mangsa keur aya kénéh Juragan Giripala."


"Oh. Naha nepi ka dipantrang nyebutkeun ngaran sagala?"


"Lah, geus wé perkara éta mah teu kudu diguar deui! Sok asa kasuat-suat kaula mah mun ras inget ka Juragan Giripala téh. Kanyaahna teu jauh béda jeung Radén ayeuna."


Sok sanajan bari jeung rada kurang-kerung ogé, antukna mah Jang Aji unggut-unggutan, kalayan teu kungsi tetelepék deui.


"Kaula rék meredih, Radén. Tulungan Si Liuk, sangkan bisa leupas tina kungkungan Si Pandani kalayan salamet. Kaula ogé sarua butuh batur hirup. Kaula bakal pohara nalangsana saupama Si Liuk nepi ka kudu palastra, sangeusna dipisahkeun kakuatan Si Pandani tina awakna." Paroman Si Bangkor pohara dariana.


Pikeun sajongjongan mah Jang Aji teu langsung ngomong, malah rut-rét ka dua naga anu keur aya di hareupeunana.


"Mmm, pikeun ngaleupaskeun kakuatan Nyimas Pandani mah teu hésé. Anu héséna mah kumaha carana sangkan leupasna sacara sampurna."


"Ari ceuk Juragan Giripala mah aya carana, Radén."


"Kumaha carana.... Jeung naha deuih Éyang Giripala bet uningaeun?"


Pikeun sakedapan mah Si Bangkor ngan ukur ngarérét ka Si Liuk. Anu dirérétna mah ngan ukur unggeuk.


"Atuh geus kolot pisan ana kitu mah Nyimas Pandani téh!"


"Nya kitu pisan. Samalah, baheulana mah Si Pandani téh kungsi kagégéloan ku Juragan Giripala, ngan Juraganna teu daékeun waé da geus boga anak jeung pamajikan. Ti dinya Si Pandani mimiti jahatna téh, anakna Juragan Giripala ogé nepi ka diala nyawana, mangsa keur bongoh tina panalingaan kaula."


"Beu..., nepi ka kituna éta téh?" Jang Aji nepi ka molohok.


Si Bangkor ngan ukur némbalan ku unggeuk, kalayan némbongkeun paroman anu damadakan alum.


"Nya geus wé perkara éta mah teu kudu diguar, bisi anjeun kasuat-suat deui. Ayeuna mah urang balik deui kana perkara Si Liuk. Kumaha carana pikeun ngaleupaskeun kakuatan Nyimas Pandani kalayan sampurna téh?" Jang Aji siga nu surti


"Kudu maké hiji pusaka. Pusakana Prabu Siloka Wicakra anu ngahaja dijieun ku Juragan Giripala."


"Pusaka mangrupa naon, pedang atawa kujang?"


"Kangkalung. Ngan teuing di mana ayana mah."


Leng, sakedapan mah Jang Aji ngan ukur hulang-huleng. Ras, kana kangkalung paméré ti Ki Cakra, anu nepi ka harita tara lésot tina beuheungna.


'Hmm, boa ieu pusaka anu dimaksud ku Si Bangkor téh. Da karasana ogé bet asa béda ti saprak maké ieu kangkalung mah!' gerentesna Jang Aji.


"Ayeuna mah meungpeung aya kénéh waktu nepi ka mangsana datang purnama, hadéna urang sagancangna téangan éta pusaka ka Darmapatih!" Si Bangkor siga anu pohara sumangetna.


Jang Aji mah teu némbalan, malah gancang baé ngalaan kangkalung anu keur dipakéna.


"Ieu?" Jang Aji némbongkeun kangkalungna ka Si Bangkor.


Pohara curinghakna Si Bangkor mah mangsa nempo kangkalung anu ditémbongkeun ku Jang Aji téh.


"Bener pisan. Bener éta, Dén!" Si Bangkor siga anu pohara bungaheunana.


Lain Si Bangkor Wungkul anu kitu téh, dalah Si liuk mah leuwih-leuwih marahmayna.


"Dikumahakeun carana ieu téh?"

__ADS_1


"Teuing, ari carana mah kaula ogé teu nyaho." Paroman Si Bangkor dumadakan alum deui, teu jauh béda jeung paroman Si Liuk.


Pikeun sajongjongan mah Jang Aji ngan ukur hulang-huleng. Si Liuk jeung Si Bangkor ogé ngabaretem teu nyoara. Reup Jang Aji meureumkeun panonna. Kangkalung anu tétéla pusaka Prabu Siloka Wicakra, dikeupeul ku dua leungeunna.


Burinyay..., gebur...!


Dumakan éta kangakalung ngaluarkeun cahya bodas anu pohara ngempurna, nepi ka matak silo pikeun sakur-sakur anu nempona.


Pes!


Antukna mah éta kangkalung siga bihari deui, cahya nu ngempurna ilang teuing ka mana. Nyah, Jang Aji mukakeun panonna. Rét, ka Si Liuk, dibarengan ku unggut-unggutan.


Gajleng!


Jang Aji ngagajleng kana sirah Si Liuk. Si Liuk jeung Si Bangkor mah ngan ukur kurang-kerung.


"Bismillaahirrohmaanirrohiim...."


Sanggeus aya dina sirah Si Liuk mah, gancang baé Jang Aji ngagantungkeun kangkalung kana tanduk Si Liuk anu katuhu.


Gebur.... Wer..., wer..., wer...!


Dumadakan éta kangkalung ngagebur deui, sarta muter kalayan pohara tarikna dina tanduk Si Liuk.


Ter...!


Sirah Si Liuk nepi ka ngageter pohara tarikna.


"Tahan, Liuk!" Jang Aji ngingetan.


Si Liuk nepi ka ti pepereket nahan geteran anu dibalukarkeun ku muterna kangkalung dina tanduk katuhuna.


Burinyay..., gebur...!


Tina tungtung tanduk Si Liuk dumadakan kaluar cahya héjo, anu kabulen ku cahya bodas anu ngempur tina kangkalung.


Belesat.... Wer..., wer..., wer...!


Kangkalung Jang Aji anu ngabulen cahya héjo anu kaluar tina tanduk Si Liuk, ngabelesat sarta muter di awang-awang. Sirah Si Liuk ogé dadak sakala eureun ngageterna sanggeusna aya cahya héjo anu kaluar tina tandukna mah.


Boh Jang Aji, Si Liuk, pon kitu deui Si Bangkor, nepi ka careuleumeut mangsa nyaksian éta kajadian téh.


Wer..., wer..., wer..., pes..., pluk, pluk!


Sanggeus eureun muterna mah, cahya kangkalung jeung cahya anu héjo langsung parareum, sarta anu saterusna mah plak-pluk kana lemah.


"Bangkor..., kaula hirup kénéh. Nuhun pisan, Radén!" Si Liuk nepi ngagukguk, dibarengan ku cimatana anu plak-pluk.


"Nuhun pisan, Dén!" Si Bangkor ogé jadi milu nunuhunan.


"Enya. Tapi tong méwék kitu, ngéwa. Ka dieukeun tah kangkalung kaulana!" Jang Aji mah siga nu apilain mangsa dua naga keur patingkedeprek sarta ticeurik-ceurik mangsa nunuhunan ka dirina téh.


Kalayan masih kénéh dina kaayaan plak-pluk cimata, gancang baé Si Bangkor ngarongkong kangkalung, jeung cahya héjo anu kiwari geus robah wujud jadi inten, anu kira-kira sagedé tungtung jempol kolot ukuranana. Sok, éta kangkalung jeung inten kelir héjo dipasrahkeun ka Jang Aji.


"Ka dieukeun éta intenna mah, Dén. Urang duruk sina musnah!" Si Liuk ranggah.


"Ulah. Can waktuna!"


"Rék ngadagoan naon deui, Dén?" Si Bangkor rada kerung.


"Lah, henjung wé geura kikieuan deui aranjeun mah!" témbal Jang Aji, kituna téh dibarengan ku sura-seuri, bari ngadu-ngadu dua tutung leungeunna anu dicomotkeun.


"Hahahaha...!" Si Bangkor jadi ngagakgak deui ayeuna mah.


Ari Si Liuk mah ngan ukur nyéréngéh. Rét, ka Si Bangkor. Anu dirérétna mah ngan ukur némbalan ku unggeuk.


Selepung..., suruwuk...!


Geus kitu mah teu kungsi amitan-amitan acan, langsung baé éta dua naga patingselepung ka awang-awang, ninggalkeun Jang Aji anu bati gogodeg bari surangah-séréngéh marahmay pisan.


Hanca.

__ADS_1


__ADS_2